Malati Beureum (Bagian 1)
"Eeeehhrrgg...!!!"
Awak teterejel hayang ojah. Leungeun jeung suku dibarengkos tambang dadung. Biwir dibekem ku karembong. Ukur panon anu bisa meletet, neges-neges ka unggal beungeut anu keur ngaraponan, sok sanajan teu pati jelas. Sedengkeun, ti jero lembur jelema reang ting jorowok.
Lampu senter nyorot kana beungeut.
"Ngaku siahh!!!" Nu diteregos hideung nyentak.
"Eeemmrrgghhh!!!"
Habek! Peureup buleud nenggel kana hulu angen. "Dek ngaku moal?!"
"Kawas nu teu eling!"
Mureleng.
"Tenang, Bah! Moal bisa ngajawab atuh, pan biwirna ge dibekem keneh!"
Nu diteregos hideung ngareret ka nu saurang deui. Nu direret surti, buru-buru ngudar karembong.
"Naon salah kuring?" Ngajorowok sanggeus karembong leupas tina biwir.
Jedak! Tobaaatt! Sirah didegungkeun, ngabeledag neunggar dapuran haur. Duh!
"Kula teu butuh pananya, tapi butuh jawaban!"
Boro-boro hayang ngajawab. Sirah katurelengan, asa beulah. Dina enyana ge kudu ngajawab, naon nu kudu dijawab? Kabeh nu dituduhkeun teu kungsi ngalaman. Teu! Saeutik ge teu rumasa.
Ti kajauhan sora kohkol ditihtirkeun. Nu jojorowokan beuki ngadeukeutan.
"Beresan! Samemeh datang masa."
"Heh!!!"
Nu direret deui-deui surti. Regeyeng awak kuring dibawa ka lebah biwir jurang. Saterusna, keleweng.
"Aaahhhrrrrggg!!!" Ajol-ajolan hayang leupas.
Hegkk!!!
Gustiiii...! Naon deui ieu? Nyampa tarang, linu tapak tigeledug.
Beuki teu kaharti bae ngimpi teh! Noron, geus dua minggu ti saprak jadi satpam di pabrik anyar, teu beurang teu peuting teu weleh ngimpi goreng.
Komo mangkukna mah ngimpi teh bet teu pupuguh keur nyumput dina hiji rungkun, nyerangkeun ka palebah hiji imah nenggang duduk jandela. Reyem-reyem. Di hareupeun panto katingali hiji lalaki jangkung gede jiga nu keur amitan ka pamajikanana. Tiluan tukangeunana. Katingali lebah beungeutna hurung keur ngaroko. Euweuh nu aneh. Ngan, sanggeus eta lalaki jeung baturna jauh ti dinya, si awewena - anu kacirina mah budak keneh teh - ujug-ujug ngareret ka lebah panyumputan, ngadelek maledogkeun imut. Anehna deui, kuring tuluy ngahuit jiga nyieun tanda. Bari sasalingkeran panon manco kana jandela. Teu lila jol melenge. Di jero kamar aya nu dehem, kawas ngajawab tanda ti kuring. Lakadalah!
Culang-cileung heula. Barang rek cengkat, ceuli rancung. Kadenge sora kohkol nu ngaronda, atuh teu jadi.
Terus kamari, ngimpi teh kalah keur guley ngeukeupan awewe. Awewena nu eta keneh. Awakna melenghir seungit malati. Keur jongjon ngalambangsari, panto kamar aya nu najong satarikna.
Ngajorowok bari mesat bedog, "Sia mangkelukna hah?!" Duuuhhh, sakilat luncat ka juru kamar bari taki-taki. Sabot si awewe ngagabrug ngahalangan salakina, buru-buru nubruk jandela. Jleng!
Ngan orokaya, di luar geus loba jelema. Senter brut-brot nojo kana awak.
"Cangkalak euy, tuman jelema tukang rucah mah!" Seuseukeut bedog ting kolebat katojo senter, teuing sabaraha puluh nu muru kana awak.
Tobaatt!!! Murungkut bakating ku soak.
Nya ahirna kawas bieu deui, ujug-ujug geus aya di handap, murag tina kasur bari awak dibeulit ku simbut. Kesang tiis ngagarajag, pareurih saawak-awak.
Duuuhh...! Na saha cenah eta awewe teh?
Terus, saha deuih mangkelukna anu jadi kuring teh? Laahhh aingah! Geus riwan deui wae.
Tapi, mun enya riwan, atawa mun ukur impian nu euweuh hartina, naha atuh unggal ngimpi jiga nu nyambung. Jiga nu ngahaja nyieun hiji carita. Ngan edas we dina itungan teh bet jadi owah-owah. Tukang rucah jeung awewe nu geus boga salaki.
Treeettt!! Treeett!!! Treeeerrr!!!
Buru-buru dirawel.
"Halow, aya naon Bro?"
"Ditunggu ku uing di warung nu biasa!"
"Okeh!"
Klik!
"Ndriii...!!!" Sora nu boga kosan nyelengkeung di luar.
Muka panto. "Aya naon, Teh?"
"Henteu sih, ngan tadi si Uwa ka dieu, katingalina mah jiga nu serius pisan."
"Aya naon cenah?"
"Meneketehe."
"Ohhh..."
Hape dialungkeun kana kasur. Ngarawel anduk, muru ka cai.
Awak nu karasa pasiksak minggu-minggu ieu asa kaubaran ku nyecepna cai. Seger kacida.
Aneh. Sok padahal nyareri awak teh lain ku cape-cape teuing digawe, atawa pas gawe kabagean piket. Tapi nyareri awak teh ti saprak remen ngimpi. Malahan mah mun dina impian nyeri dada, tah geus hudang ge sarua nu nyeri teh dada. Bingung mikiranana ge.
-=oOo=-
"Kopi Mocha genep. Gorpis sareng gehu, tabuh 8 anteurkeun ka pos nya, Teh!"
"Mangga jang Andri, ke ku Kang Warman dianteurkeun."
"Sip!"
"Bagean piket, Jang Andri?"
"Sumuhun, Teh. Mangga!"
"Muhun mangga!" Imut ngagelenyu. Biwir handap digegel saeutik.Babaturan kontan nyiku.
"Naon ari maneh?" Ngaharewos.
"Uing karek ningali Teh Eva seurina kawas kitu ka maneh. Bibirnya itu loohhh."
"Kumaha kitu?" Bari ngareret ka tukang. Nu direret geuning keur nempokeun keneh bari imut. Deg! Aya nu nenggel kana dada.
"Lah kawas nu teu ngarti wae!" Babaturan nyiku deui.
"Huss! Dosa siah, pamajikan batur eta teh!"
Naha nya? Tara-tara ti sasari Teh Eva kitu peta. Pan geus biasa nongkrong di warungna teh, naha nu bieu kaalaman mah bet beda. Teu kaharti.
Babaturan noel.
"Naon deui atuh?!" Nyureng.
Panonna ditojokeun ka hareup.
Barang direret.
"Eeehh. Uwa? Mang Warman?" Manggut ka ditu ka dieu.
Hareupeun, si Uwa teu riuk-riuk. Komo males seuri mah. Kalah mencrong. Teuteupna seukeut jiga nu keur nalek.
Duuhh, naon deui ieu. Padahal saapal uing si Uwa teh kolot anu kacida someahna. Pan biasa ge kitu. Mun panggih sok nanya, terus sasalam. Nawaran roko. Ngobrol ngaler-ngidul. Ari ayeuna teu gugur teu angin bet ngahalangan jajalaneun. Jeung Mang Warman deuih.
Si Uwa nyipitkeun panonna. Luk, kuring tungkul.
"A...aya na...naon, Wa?"
"Da nyaneh nu kitu peta teh, Warman!" Mureleng ka mang Warman.
"Ha...hampura, Wa. Uing teu aya niat." Rampang-reumpeung.
Rurusuhan Mang Warman meuntas bari metot si Uwa.
Di peuntaseun, si Uwa katingali keur tutunjuk ka Mang Warman.
"Boga salah naon maneh ka si Uwa? Kade ah urang mah tamu di dieu teh."
"Rarasaan mah asa teu boga dosa da. Apal sorangan, uing mah tara ka mamana. Kaluar teh mun digawe, ka Alfamart, atawa ka warung Teh Eva. Atawa...?"
"Naon?"
"Aya teu nya hubunganana kajadian bieu jeung kalakuan aneh Teh Eva tadi?"
"Hahay, otak uing butek dititah mikir nu kieu mah eung..."
-=oOo=-
Jam nunjukkeun pukul 8 leuwih saeutik.
Opatan keur ngontrol. Di pos tinggal kuring jeung babaturan anu keur tibra, sabot nunggu giliran.
Lalajo tipi bari hate mah teu pararuguh. Teu genah cicing. Pikiran kumalayang, kabayang deui imutna jeung dilakna Teh Eva tadi sore. Jeung sawangan-sawangan endah nu lainna. Lamun mah...lamun seug mah...! Laahh.
Teu kungsi lila.
"Jang...! Jang Andri..., ieu Eteh!" Lebah panto gerbang aya nu nyelengkeung.
Hag siah! Naha bet jiga sora Teh Eva?
Antara reuwas jeung atoh buru-buru muka konci gerbang. "Ning bet ku Eteh, pan biasa ge sok dianteurkeun ku si Emang."
"Iihh...na teu suka kitu pami Eteh nyalira anu nganteurkeunana?" Ngajanggilek, ogo.
Seoorrr. jajantung jol ratug. Duuhh.
"Wios ku abdi!" Ngasongkeun leungeun rek nampanan.
"Wios...hawatos teuing, wios ku Eteh disimpenna!" Buru-buru ngalacat ka jero pos.
Hiuukkk. hiliwir ambung malati nebak irung.
Jajantung beuki ratug.
"Ku Eteh disimpen caket tipi, nya!"
"Mu...muhun Teh. Euu....ieu artosna!" Buru-buru nyokot duit dina luhur meja anu ti tatadi geus disiapkeun keur mayarna. Song dibikeun.
"Nanaon ieu?" Duit teu ditampanan, ramona nyurungkeun leungeun kuring anu keur nyekel duit.
Tapi hasilna jadi lain. Ramona kalah ngarames ramo kuring. Da duitna mah kalah murag.
"Kang...! Kakang Dipa...!" Sorana lalaunan semu ngageter.
Puringkak.
Kontan biwir runya-renyu. Jiga aya nu maksa kudu untab.
"Ratimaya?!" Haroshos.
Gebeg!
Naha?! Saha Dipa? Saha Ratimaya? Pan kuring mah Andri, pan hareupeun kuring mah Teh Eva.
Di luar sangkaan, jug gabrug. Leungeunna meulit pageuh kana cangkeng. Geugeut, jiga kabogoh nu lawas teu patepung.
Ukur ngajengjen. Tapi teu nampik basa dada karasa haneut ditangkeup ku Teh Eva, sok sanajan hate leutik mah loba karempan.
Kaambeu deui hiliwir seungit malati. Buukna nu ngarumbay ngadupakkan kana beungeut.
Sajongjongan ngahuleng. Lelembutan ngalayang ka mana boa.
Asa-asa, leungeun nurutan dek nangkeup. Tapi..., ret ka babaturan nu keur kerek. Diturunkeun deui. Diangkat deui. Ret deui. Lalaunan leungeun kawas aya nu mawa. Pel, kana cangkengna.
Angot, selengseng seungit malati beuki rosa.
"Lami, teu nohonan jangji!" Eta nu teu pupuguh ka luar tina biwir kuring.
Gebeg! Naha?
"Kakang!" Teh Eva tanggah. Imut kayungyun. Biwirna muka, teuteupna neundeun lahar anu kacida panasna.
Beungeutna geulis sok sanajan geus rada kolot, kusabab peuting ieu mah dangdan, nya beuki tembong kageulisanana.
Gunung nu puluhan taun teu aktif, tungtungna bitu. Lahar panas nu ngagolak, mancawura ka papat madhab.
Di luar, angin jol ting saleor ngeundeuk-ngeundeuk pos. Kaca kuat ka ngageber. Panto gerbang seng nu luhurna dua meteran ting golombrang ting dorodod. Lalangit asa muter, asa ujug-ujug pindah ka gigir. Pindah ka handap, terus pindah deui ka luhur.
Seungit malati beuki rongkah. Beuki nyambuang. Ampir-ampiran teu bisa narimana ieu irung bakating ku seungit kacida. Tungtungna, les. Mabok aambeuan.
Barang bray., bet keur aya di sisi talaga. Leungeun Ratimaya kesangan nyekel pageuh kana pigeulang. Paromanna ngemu kahariwang. Sarua jiga kuring. Sarua ngemu kahariwang anu pohara. Leumpang rurusuhan. Sakapeung sok bareng ngareret ka tukang. Sagala kasieun tumplek museur ka beh ditu. Asa lewang. Asa ringrang.
Gorobas! Gorobas! Lebah rungkun.
Kolebat! Jedak aya nu nenggel kana tarang. Jengkang...! (*)
Nyambung ka Bagian 2 |
Cucu Rahmat