Ngawihan Tetenggek
"Ijah! Ijah! Asuh budak yeuh, Ema rek ka cai!" cek indungna.
Si Ijah lumpat ti pipir imah, geuwat nyampeurkeun indungna bari nanya, "Naha rek ka mana kitu ari Ema, bet nitah ngasuh?"
"Har apan itu seuseuheun sakitu ngahunyudna. Kudu buru-buru diseuseuhan bisi euweuh pikeun salin!" tembal indungna.
"Yeuh budak ais, bebenjokeun sing anteng, da Ema tangtu lila di caina. Bawa ka mana bae budak mah, bebenjokeun malar anteng!" Bari morosotkeun budak tina aisanana, dipindahkeun ka Si Ijah.
Budak teh kalah ceurik, bari teterejelan hayangeun ka indungna deui anu geus ngaleos ka dapur, rek ngaringkid wadah kumbaheun jeung seuseuheun.
"Yu urang tuturkeun Ema nya bageur, urang milu ka lebak!" cek Ijah bari ngadeungdeung-deungdeung adina anu ceurik dina aisanana, tuluy nuturkeun Emana anu rek indit ka cai.
Kawantu di pilemburan, tampian teh anggang ti imah, kudu nyorang tanjakan atawa pudunan, galengan sawah, atawa kebon jeung sajabana. Indungna geus nurugtug ka lebak dina pupudunan ka tampian tea. Ari Ijah mah ngan ukur nepi kana sisi kebon boled anu di sisi-sisina loba tangkal jarong, saliara, hareuga, sintrong jeung sajabana anu masih keneh ciibunan, ngadago murag atawa kasorot ku cahaya giwangkara dina wayah haneut poyan.
"Geus urang pegat di dieu bae nya Ucu, Ema mah!" cek Ijah ngabangbalerkeun adina. "Tuh urang ka kebon bae, nyampeurkeun batur, keur naraon geura mani tingalacreug, ujlang-ajleng!"
"Ka dieu Ijah!" cek Uti ti lebah kebon beh lebak. "Teu kabita ngala tetenggek, keur ngabebenjokeun budak leweh, heug urang adukeun geura pahideng-hideng!"
"Tah heueuh, urang ngala tetenggek cara batur, nya Ucu!" cek Ijah bari ngeplok-ngeplok bujur adina, anu masih eueuriheun, can repeh bae.
"Eh...eh...,” cenah cek budak, siga nu ngarti kana caritaan lanceukna. Jep jempe ceurikna, sarta tuluy tutunjuk nuduhkeun ka batur anu keur neangan tetenggek.
"Geus meunang loba Uti tetenggekna?" cek Ijah ngagero ti kotakan pasir.
"Wah karek tilu siki," tembal Uti ti lebak.
"Loba-loba teuing atuh, uing menta hiji!"
"His, moal, neangan bae kadinyah, tah lebah dapuran saliara, piraku euweuh nu keur moyan, atawa nu keur ngarayap oge!" tembal Uti.
"Ih, ari si pedit!" cek Ijah rada keuheuleun.
"Tah aya mani gede, meunang uing oge hiji!" cek Ijah.
"Rada lobaan atuh ngalana, urang adukeun. Urang kawihan, anu saha atawa anu mana nu panghidengna!" cek Uti bari nerekel ka pasir nyampeurkeun Ijah.
"Yu ah, urang bawa ka buruan, di buruan bae ngawihanana oge!" cek Uti.
"Heug, hayu, uing ge ngan meunang tilu, sugan harideng sakieu oge," cek Ijah.
Ijah jeung Uti tuluy haranjat ka pasir rek ka buruan imah, dituturkeun ku batur-baturna nu sejen aya kana opatanana, anu sarua leungeunna ranggeum nyarekelan tetenggek.
Barang nepi ka buruan, pok Ijah nanya, "Saha nu rek ti heula ngadukeunana?"
"Uing ti heula, ngalayan jeung Ito," cek Titi.
"Pek atuh cekel tetenggekna, acungkeun!"
"Titin jeung Ito nyarekelan tetenggek diacungkeun bari pok dikawihan, bagilir patembalan, mimitina Titin ti heula ngawihan.
Tetenggek...tetenggek...
kuda Persi keur anakan!
Tetenggek...tetenggek...
kuda Persi keur anakan!
"Wah ngedul euy, keur ngalulungkut, molor keneh meureun tetenggek maneh mah, sakieu geus moncorong panon poe. Mumul bijil, ngahekok bae di jero imah!" cek Ito ngajejeleh Titin anu tetenggekna teu daek bijil najan geus dikawihan oge.
"Geura nu uing mah yeuh," cek Ito tuluy ngawih.
Tetenggek...tetenggek...
kuda lumping rarawisan!
Tetenggek...tetenggek
kuda lumping rarawisan!
Tetenggek Ito oge angger teu daekeun bijil, ngelol ti imahna.
"Euh bareuki molor, karebluk nu maraneh mah!" cek Uti. "Geura yeuh tenjokeun nu kami!" Bari pok ngawihan tetenggekna nu diacungkeun.
Tetenggek...tetenggek...
panganten keur didangdanan!
Tetenggek...tetenggek...
panganten keur didangdanan!
"Hoyah bijil nu kami mah!" cek Uti mani atoh. Tetenggekna ngelolkeun huluna, tuluy beuheungna beuki lila beuki rada panjang sarta tandukna oge duanana rarancung siga diutak-utek, resepeun dikawihan ku Uti.
"Ke kari kami atuh, ulah beger sorangan!" cek Ijah sieun eleh ku batur, pok ngawihan tetenggek nu manehna.
Tetenggek...tetenggek...
panganten kembang goyangan!
Tetenggek...tetenggek...
panganten kembang goyangan!
Pecenghul hulu tetenggek nu diacungkeun ku Ijah oge bijil, tandukna utak-utek lir anu igel-igelan, resepeun ku dikawihan.
"Meunang nu kami oge nya lah. Sok saha deui nu rek nandingan!" cek Ijah.
Breng barudak teh ngarawihan tetenggekna babarengan. Adi-adina anu keur diasuh teh aranteng da kabebenjokeun. (*)
Akub Sumarna