Nu Can Kungsi Kalisankeun
Sora degung ngungkung, mapag wisudawan nu sakeudeung deui bakal arasup ka jero rohangan, tempat acara wisuda diayakeun, di gedong Sabuga. Ti awal keneh kuring diuk dina korsi nu disadiakeun ku panitia. Cacak datang asa pangisukna, bet kabagean teh na korsi jajaran pangluhurna, pangtukangna. Tapi keun weh, demi anak. Teu karasa cape ieuh sanajan ti barang datang oge geus kudu ngesang.
Neangan tempat parkir nu merenah hese naker. Budak mah geus elekesekeng sieun kabeurangan. Kaning manehna teh meunang dangdan ka salon, make samping kabaya sapuratina. Leumpangna rada aced-acedan da gejed.
Ras ka indungna, hate make kagagas sagala. Geus teu aya dikieuna. Mana teuing bagjaeunana mun kungsi ngabandungan mah. Tapi hate teh gancang dibangbalerkeun. Da geus puguh nu mulang mah, anging Alloh nu nangtayunganana, teu kudu dipikamelang deui, kari ngadua'keun. Ninggalkeunana teh ngan sawatara waktu saentas ngalahirkeun, duapuluh dua taun katukang.
Geus meunang badami ti samemehna baheula teh, budak mun lahir awewe rek dingaranan Ratih Sekar Kinanti. Ngarah jadi wanoja kembang kanyaah nu pinuh wirahma saperti tembang kinanti, dinamis jeung pinuh kaasih. Cekeng ka pamajikan teh.
Sabenerna pikeun kuring sasoranganeun mah aya kasang tukangna pangna hayang ngangaranan kitu teh. Tapi harita mah teu kungsi dicaritakeun ka indungna Kinan, kitu ngabasakeunana budak teh geus gede mah.
Puguh, ngaran eta pisan nu ku kuring dipapaes na jero hate teh. Ngaran hiji wanoja batur kuliah baheula.
Tapi mungguhing jodo, prukna mah ka baraya. Lantaran wanoja nu ngaran Ratih Kinanti teh kaburu meunang beasiswa ka nagri deungeun, ngahontal S2 na. Malah meunang beja ti sobatna, cenah tepi ka S3 na di ditu teh.
Acara geus dimimitian. Sambutan ti rektor pangheulana sanggeus bubuka. Kalawan reueus manehna nyaritakeun yen taun ieu ti unggal jurusan loba mahasiswa nu lulus cum laude.
Sorangan kaasup anu kasinugrahan bagja, anak kuring kaasup diantara nu lulus kalawan nyongcolang ti jurusanana, Fakultas Tehnik Lingkungan. Budak mah geus bebeja ti kamarina oge, lantaran harita keneh sanggeus beres sidang, langsung hariweusweus nelepon, teu cukup ku nga-SMS.
"Alhamdulillah Pah, Kinan lulus cum laude!" cenah bari semu dareuda. Kuring keur di kantor keneh harita teh. Gancang nelepon ka indung sorangan, ninina Kinan. Ngabejaan ngarah anjeunna bingaheun.
Sanajan kuring boga pamajikan deui ti saprak ditinggalkeun ku nu tiheula, indung teu ngawidian budak dibawa. Nya jeung anjeunna weh, tepi ka ayeuna. Hadena sakota keneh, teu hese ngalongokan.
Poe ieu teh pamajikan mah teu bisa ngilu ngistrenan, da meunang tugas ngabingbing mahasiswana nu keur panalungtikan ka NTB. Panalungtikan sual tambang-mineral ti fakultas tempat manehna ngajar. Sanajan sabenerna mah kacida hayangeunana ngahadiran, tapi waktuna kabeneran mareng pisan.
Diuk teh sorangan bari rada cuang-cieung, tapi paningali mah nguriling ka sabudeureun. Tatamu nu hadir, sarua we jeung kuring, ngabandungan nu biantara teh loba nu bari ngareretan sakurilingeunana. Lamun prok paadu tingal, unggeuk bari imut. Sarerea nu aya di dinya tangtu keur papada bungah. Ngaluuhan wisuda salah saurang anak atawa kulawargana. Alhamdulillah, beunang hese cape teh budak lulus nyugemakeun.
Kabagean diuk di jajaran luhur pangtukangna tea, da kabeurangan jolna. Tapi malah kabeneran, genaheun. Bisa nyawang ka mamana ti kajauhan. Biantara nu munggaran geus anggeus, asup kana acara satuluyna jeung satuluyna. Diselang ku rampak sekar barudak Lingkung Seni Sunda nu matak reueus. Anjog ka acara panungtung nu dianti-anti, wisudawan disebut saurang-saurang dina runtuyan acara fakultasna masing masing. Make ratug sagala hate teh. Celengkeung ngaran anak disebut, "Ratih Sekar Kinanti, S1 Tehnik Lingkungan duaribu tiga, cum laude!" cenah.
Teu karasa cipanon juuh, reueus jeung bungah. Katambahan ku ras inget ka indungna. Buru-buru disinglarkeun, sieun paningali kahalangan ku cianon, mangkaning apan hayang ningali anak leumpang muru podium nampanan pangwilujeng ti rektorna. Dina layar TV gede nu dipasang di hareup oge geus katingali Kinan leumpang lalaunan dina antayan wisudawan sejenna.
Rengse acara ngistrenan, barudak mah can diidinan kaluar tina acara, dititah kumpul heula di fakultas masing masing. Kolot-kolotna kabeh dipandu ku panitia fakultas, dihaturanan lebet ka ruangan jurusan, cenah. Disuguhan. Kuring mah angger luak-lieuk neangan budak. Sabot kitu ngobrol jeung nu diuk beulah kenca jeung katuhueun. Teu kungsi lila HP disada. Horeng SMS ti budak.
"Pah, mangga we teraskeun acara ortu, Kinan masih aya keneh acara. Pami atos rengse ku Kinan diwartosan, hoyong direncangan ku Papah nepangan bu dosen pembimbing," cenah. Panjang SMS-na teh.
"OK!" kuring ngajawab SMS-na
Suasana kampus geus robah, teu siga baheula jaman kuring kuliah. Ayeuna mah leuwih 'meriah'. Barudak mahasiswa katingal leuwih bebas ngaekspresikeun sagala rupa anu jadi pamikiran atawa kamotekaranana. Matak reueus jeung kayungyun.
Aya anu tacan robah oge. Tatangkalan gede nu jadi iuh-iuh kampus. Umurna tangtu geus aya nu saratus taun, boa leuwih. Tatangkalan nu geus kungsi nyakseni generasi bangsa lahir di kampus nu kajojo saantero lemah cai. Kampus nu ngalahirkeun pamingpin-pamingpin bangsa sanggeus merdeka. Muga-muga Pamingpin anu brolna ti kampus mah beresih, muga-muga nu lahir ti dieu teh taya nu kalibet korupsi.
Bari nungguan budak nga-SMS, beres disuguhan, sorangan leuleumpangan di sabudeureun fakultas, ngawawaas maneh. Baheula sok sempal guyon teh di ditu tuh, bari nungguan jam kuliah, di nu ayeuna geus jadi lapangan pentas acara. Tatangkalanana mah angger keneh. Mun jangjian panggih jeung manehna, nya di dinya, atawa dina kagiatan organisasi. Henteu safakultas, tapi karesep mah sarua, di antarana milu icikibung di Lingkung Seni Sunda. Numatak basa tadi disuguhan sora degung teh, hate mah nyoreang puluhan taun katukang. Manehna jeung kuring sok mindeng mentas bareng dina acara pamapag karesmen. Manehna pisan deuih nu ku kuring ngaranna dipake pikeun mere ngaran anak sorangan. Keun weh, ngalap berkah ku pinterna. Matak manehna meunang beasiswa kamamana ge, da pinunjul wae. Kateuing dimana ayeuna. Kinan mah can kungsi kadongengan sual ieu teh. Ah, barina oge da ieu mah sual hate lalaki, kitu oge baheula dina mangsa harita. Ayeuna mah geus kolot, ngan ukur inget wungkul.
Tapi teuing ketang, ieu hate ti saprak Kinan rek diwisuda, ngan inget wae ka alam harita. Asa aya keneh kapanasaran. Aya lalakon nu can kacaritakeun. Aya sasebet rasa nu harita can kakedalkeun, yen kuring teh resep, kayungyun, nyaah, jeung deudeuh ka manehna. Wancina baheula papisah, teu kungsi boga kasempetan ngedalkeun. Sok sanajan dina polah tingkah jeung paneuteupna, kuring boga kayakinan gede hate, yen manehna sarua, boga rasa asih. Ge-er meureun ceuk barudak ayeuna mah.
Sababaraha waktu sanggeus papada lulus, manehna mapay. Harita cenah keur aya di nagri Sakura. Ibu anu nampi telepon teh, cenah manehna nanyakeun. Ah keun wae sanajan manehna teu boga rasa nu sarua oge, da kuring mah nyaah. Kanyaah nu kungsi diteundeun di handeuleum hieum. Can karuhan kateang deui.
Hape disada, buru buru dibuka bisi ti budak. Enya we.
"Diantosan di teras ruang A!" cenah. Gura giru kuring ka dinya. Nyampak teh Kinan geus ngajengjen nangtung deukeut tihang teras. Leungeunna ranggah ti kajauhan kawas budak nu hayangeun dipangku.
"Pah...!" cenah ngagero bari ngarangkul.
"Urang dipoto tea sareng Bu Ratih, buat ngucapin terima kasih," Kinan ngaharewos.
"Bu Ratih?" Kuring heran, da salila ieu mah tara nyebut ngaran eta. Kinan unggeuk.
"Muhun, dosen pembimbing tea," cenah teu riuk-riuk.
"Tuh, tos ngantosan!" Kinan nunjuk ka jero rohangan.
Di jero bangun keur riweuh loba nu kaluar asup bari jaligrah. Lolobana wisudawan da marake keneh toga.
Sup ka rohangan. Nu dituduhkeun ku Kinan keur papahareup jeung tamu sejen bari aya nu diobrolkeun meureun. Teu kungsi lila tuluy sarasalaman. Paromanna marahmay. Ibu dosen teh malik ka kuring, jol deg weh jajantung teh asa rek eureun ketegna. Nu disebut Bu Ratih ku Kinan imut bari ngabageakeun someah pisan.
"Geuning...?" cenah teu kebat, kalah song silih asongkeun leungeun, sasalaman.
"Wilujeng, Kang! Kinanti sae pisan prestasina. Teu sangki tepang deui nya?" cenah.
"Mu...mu...hun, hatur nuhun. Bu Ratih teh...?" Maksud mah, Bu Ratih teh Ratih Kinanti tea, babaturan kuring baheula? Manehna kaburu unggeuk, surti. Ampir tilupuluh taun kaliwat meureun, geus lila pisan.
Kalangkang Ratih baheula nembongan deui, camperenik, geulis. Ayeuna ge, meh teu aya robahna. Angger we langsing, seger. Bedana, paneuteupna leuwih liuh, aya karisma nu matak ajrih. Sanajan kitu geterna hate kuring bet angger can aya bedana, teu bisa kasumputkeun. Kuring jadi kalah samar polah.
"Pun anak teu nyanggemkeun rehna Bu Ratih teh...," cekeng bari angger neuteup, neangan jawaban dina heherang panonna. Kuring ngagebeg, ningali aya nu ngembeng di dinya. Manehna unggeuk.
"Abdi mah tos nyangki Kinan teh leres putra Akang, da nami ramana sami sareng nami Akang," sorana halon bangun nu embung kadengeeun ku Kinan, anak kuring.
Sorangan teu bisa nembalan, era katohyan make ngaran manehna pikeun anak sorangan. Gembleng deuih, kabeh ngaranna dipake. Teu kungsi menta idin deuih, dalah ka almarhum indungna Kinan oge teu kungsi balaka naon alesan nu sabenerna iwal ti pedah alus.
Nu cenah rek dipoto jeung Bu Ratih teh, Kinan kalah kalibet ngobrol jeung babaturanana nu ngawilujengkeun. Atuh kuring jeung manehna kalah papada tungkul sajongjongan, bari paheneng-heneng. Ari tanggah deui paneuteup paamprok bari biwir papada engab, arek ngucapkeun kalimah nu sarua.
"Lami pisan nya, teu aya wartos!" Meh bareng.
"Muhun...!" Bareng deuih. Manehna imut. Buru buru nuluykeun caritaanana. "Hapunten Kang, waktos nguping wartos geureuha Akang ngantunkeun, abdi teu tiasa ta'ziah," pokna.
"Kawartosan ku saha?" cekeng.
"Tangtosna ge dikukupingkeun we ku abdi berita Akang mah, da panasaran sok hoyong terang," tembalna.
"Aeh muhun...!" cekeng asa dosa. Rumasa ari lalaki mah teu bisa satuhu kana rasa, teu kateuleuman jerona hate manehna, padahal manehna teh apan nu dipicinta.
"Bu Diana iraha uihna ti NTB?" Manehna nanya. Sorangan reuwas. Diana teh pamajikan nu ayeuna tea.
"Geuning uninga?"
"Nya muhun atuh Kang, maenya we sami-sami ngajar di kampus ieu, teu kenal onaman," tembalna.
"Tara naroskeun kabar Akang ka bu Diana mah, da sok nelepon we ka tuang ibu, janten terang sadaya." Manehna siga nu nerangkeun bari nyeukeukeuk seuri halon bangun nu sugema.
"Paingan...!" cekeng.
Kuring beuki samar polah, rarasaan asa keur ditalek hakim mun enggeus mah.
"Hapunten nya, Rat!" pok teh nyebut Ratih jiga basa baheula.
Manehna unggeuk. Sorangan teu ngarti, naon sababna make kudu ngucapkeun menta dihampura, jeung manehna ge jol unggeuk, teu nanyakaeun lantaran naon kuring menta dihampura.
Ah, Ratih, geuning Akang mah bet teu kongang balaka, cek hate. Manehna mah meureun teu engeuheun, yen dina ieu jero hate aya rasa nu can kungsi kalisankeun. (*)
Tety S. Nataprawira