Eusi Koper
Terminal Banjar kabeurangnakeun beuki bayeungyang. Jelema balawiri satujuan-satujuanana. Nu rek indit nu rek mulang piligenti milih tunggangan.
Kenek jeung calo ciweuh minuhan mobil hancenganana. Teu kaop aya nu ngalalar, komo bari rebo babawaan mah, raong ditaranya kawas heueuh arakuan. Dihiap-hiap dititah unggah. Babawaan nu hampang hideng dipangjingjingkeun, nu beurat dipangmanggulkeun, dibebenah dipernahkeun di jero mobil. Geus beres roes, namprak menta upah.
Tukang dagang asong cocorowokan nanawarkeun daganganana. Sorana silih heumpik jeung sora kendaraan nu balawiri. Saheng teu puguh dengekeunana.
Kitu meureun lumrahna ari di terminal mah, moal heueuh tiiseun cara di kuburan onaman. Kandaraan sawareh ngabagug nandean penumpang, ngajajar puguh madhabna. Mobil nu ka Rancah ngadangong pangakalerna. Sakitu geus pinuh ge teu jiga-jiga tereh indit.
"Ka mana ieu teh supirna? Lain geura indit atuh, teu kuat hareudang," ceuk nu diuk pangtukangna gugulunu. Beungeutna asak, diukna elekesekeng teu daek cicing. Munasabah katembong pangripuhna teh da unggahna ge pangheulana. Jaba ngalalahun koper nya beurat nya gagarubang.
"Geuraheun teuing, Bapa! Angkutan jaman kiwari, can mudal mah can waka indit. Bade teras ka mana kitu?" cek nu diuk gigireunana. Ret deui ret deui kana koper nu keur dilahun.
"Ka Cigintung."
"Tebih atuh."
"Muhun, hanas gura-giru ti rorompok teh, hoyong enjing keneh dongkap ka Rancahna."
"Lah, kitu tea atuh. Kana bagasikeun wae koperna supados teu hareurin."
"Eu...wios bade dilahun wae."
"Oh punten, eta kaca tiasa diageungan. Panas-panas teuing ieu teh!" cenah ka nu diuk pangsisina. Tuluy ugal-ugil ngaluarkeun carecet tina saku calanana. Ledak-ledak nyusut kesang nu ngagarajag dina pipina. Teu kaur disusut, brey deui brey deui.
"Mani ngelekeb kieu. Lalawora pisan ngungkeb jelema teh, kumaha lamun sakalor kapanasan," ceuk nu diuk pangsisina. Sorosod nyurungkeun kaca. Lol wae ngadon nyangheuy nandean angin. "Ngahaja diseupan meureun urang teh, disaruakeun jeung hui."
"Hui mah teu aya, Pa! Ieu wae da haneut keneh. Bade?" cek nu ti luar bari ngasongkeun tanggeuyan. Nu ditawaranana tanggah neuleu beungeut.
"Kira-kira wae atuh, Jang! Sakieu hareudangna kudu ngahakan ulen panas mah. Moal! Itu wae tuh! Hey...hey cendol ka dieu! Sapalastikna sabaraha duit ieu teh?"
"Lima ratus."
"Na mahal-mahal teuing?" cenah bari ngasongkeun receh.
"Awis ti dituna ge, abdi mah mung ngabantun saratus rupia," tembal nu dagang cendol.
"Tuda sanes cendol samanea eta mah, buatan Ma Asih ti Patroman," cek tukang ulen milu nembrong. "Karaos amis legitna. Bapa uninga teu Ma Asih?"
"Henteu, saha kitu Ma Asih teh?"
"Hih, Bapa mah kolot-kolot teu aya kauninga. Pan Ma Asih teh nini-nini, umurna nembe dalapan welas taun!" tembal tukang asong nyengir.
"Can ngasaan dibakekeng, nya! Ka dieu siah sing deukeut! Sakieu keur hareudangna teh ngadon ngaheureuyan mangkeluk teh," cenah merong tukang ulen nu jicir ngajauhan.
Nu di jero mobil luh-lah teu kuat nandangan hawa. Nu gugulunu kutuk gendeng teu kurang.
"Na mana pilotna ieu teh, rek indit moal cenah?" cek saurang lunga-lengo ka luar.
"Heueuh, ari lila keneh rek pindah da rea ieuh mobil ka Banjarsari mah!" cek aki-aki tengah tuwuh nu diukna nyelempet di tengah.
"Haaar, ari aki bade ka mana kitu?" cek nu sejen heran.
"Rek ka Banjarsari aki mah, rek ngalongok Si Sudin."
"Hih, lepat naek atuh. Tuh palih ditu mobil nu ka Banjarsari mah."
"Hor, na ieu mobil nu ka mana kitu?" tembal aki-aki bengong.
"Ka Rancah!"
"Baruk, lain nu ka Banjarsari ieu mah nyah? Hanas ngajedog titatadi," cenah kukulutus. Jrut turun, leos ka tempat mobil panuduhan. Panumpang sejen mesem. Watirna aya hayang seurina aya ka nu salah unggah teh.
"Kuring mah karunya ka Si Sudin, boa keur ngalelengkur wae sisi jalan ngadagoan bapana."
"Kenal kitu?"
"Henteu, eta wae rek nyebutkeun rek ngalongok Si Sudin. Teuing anakna teuing incuna. Lah, hanjakal teu talete tadi teh," tembalna garo-garo teu ateul.
"Kuya, hanas dibandungan. Euweuh nu sahulueun ning jelema di terminal mah," cek nu tos balanja cendol baeud.
"Tuda teu dibawa banyol mah matak owah teu pupuguh. Hey...hey...! Kenek, rek indit moal ieu teh. Didenge-denge teh ti tatadi ngan dua deui dua deui wae, ari indit mah henteu siah!"
"Sakedap, Pa! Milarian heula supirna," tembal kenek rada miris pada mentog teh. Deregdeg lumpat ka warung sangu.
"Baruk euweuh supiran mobil teh? Sok teu pararuguh ieu teh, nepi ka oray buluan ge moal daek maju atuh ari euweuh supiran mah."
Teu sawatara lila kurunyung kenek nu tadi pada mentog teh ngiringkeun nu dikongkoyong anduk leutik nu geus teu puguh rupana. Clak kana tukangeun setir. Palias nu riuk-riuk gableg dosa sakitu panumpang gugulunu ge. Nyenghel wae bangun nu geus tuman.
"Panasaran tuda hoyong terang nu boga dosana?" cek supir bari nyetarter mobil.
"Aya naon kitu?" cek saurang panasaran. Nu sejen patingraringeuh sarua panasaran.
"Hih, pan tukang kupat tahu nu sok icalan di juru pasar aya nu maehan."
"Iraha..? Tukang kupat tahu eta nya, mangkaning kuring mah sok ngadon ka dinya."
"Duka ari iraha-irahana mah. Duka wengi duka janari, da kapendakna mah enjing-enjing. Kapendak awakna wungkul."
"Ari kitu?"
"Dipeuncit disapatkeun sirahna. Duka teras dicandak ka mana sirahna mah."
"Deeeng...! Jelema tega-tega teuing nya. Kuring mah sakalieun meuncit hayam ge sok baluas. Kahayang teh ngagarong mah ngagarong wae ulah jeung dipaehan sagala."
"Ah, da sanes ngagarong jigana mah, artos sareng perhiasan mah teu dicandak. Moal salah alatan dendam saur nu nyararios mah."
"Boga musuh meureun. Boa nu sirik pedah manehna mah usahana katembong ngabeukahan."
"Ngabeukahan timana horeng, saumur-umur dagang kupat tahu di dinya," ceuk saurang jebi. "Beak pake rucah ladang usahana teh. Nyaho soteh pedah wae kungsi ngaheroan tatangga kuring."
"Malah ngadenge mah kungsi ngiwat pamajikan batur sagala, urang Kiarapayung. Salakina ngontrog, nepi ka galungan sagala bejana mah."
"Meujeuhna atuh ari kitu mah, cilaka ku polah sorangan."
"Awewena deuih saruana make jeung daek dibabawa ku lalaki sejen."
"Ngadenge nu dipaehan diala sirahna asa jaman bareto, pake wadal lamun nyieun wawangunan tingkat."
"Meureun kitu eta ge, butuh sirahna wungkul," ceuk salah saurang ngabirigidig.
"Budak sakola rek dibawa, Kang?" cek kenek ngagorowok bari ngagebugan bujur mobil.
"Mana? Bawa, pamali ulah nampik rejeki!"
"Hey...hey...! Sok naraek eneng-eneng nu gareulis, Ema bisi milarian. Kamarana uihna nu gareulis teh?"
"Nya ka bumi atuh, maenya ka kuburan mah," tembal budak sakola jebi.
"Sok atuh geura naraek!"
"Embung ah, bongan sok dihijikeun jeung embe badot!"
"Ti mana horeng, da teu aya embe badot," tembal kenek bari lenga-lengo ka jero.
"Ari eta...!" cek budak sakola raong bari nunjuk ka kenek.
"Bedul teh! Teu kira-kira sakasep-kasep disaruakeun jeung embe badot. Moal naek mah moal naek wae atuh ulah diembohan ku ngahina sagala. Tarik, piiir...!" cek kenek kukulutus.
"Meujeuhna tuda sia mah, Uce!" cek supir ngabarakatak.
"Naon tea, Kang?"
"Heueuh disarebut embe badot ge da maneh mah mandina ge bareng jeung pusaka Cigondewah, samulud sakali!"
"Ah, eta mah sirik wae, pedah bogoheun ngan ku uingna teu dilayanan. Rancah...! Rancah...! Nyodok! Kiri piiir, sewa di katuhu!" cek kenek. Deregdeg nyampeurkeun nu ngajengjen tunggon kardus peuntaseun jalan.
"Bade ka mana, Teh?"
"Ka Bekasih."
"Leuh tebih atuh ka Bekasih mah, ongkosna ge salawe rebu. Mending ka Rancah wae nu caket," cek kenek teu pupuguh. Deregdeg balik deui. Nu tunggon kardus ngabalieus, katembong beungeutna baeud.
Memeh pom bengsin, aya lalaki mamake topi laken dikacamata hideung ngacungkeun leungeun. Pakean perlente teu matut jeung wayah. Setelan bedahan waena burahay numpang pisan jeung pakulitan nu sarimbag jeung bujur seeng. Calana godombrang warna koneng moronyoy. Lamun seug dirarangkenan tali pangenyed mah nyeples bebegig sawah mabal.
"Punten...punten, pasihan palawangan! Aeh, pasihan jalan!" Kenek ciweuh merenahkeun nu rek unggah. "Ieu rincang saha? Euh, muhun kagungan Bu Haji. Tah, mangga ka lebet. Punten atuh, lahun ku Bu Haji!"
"Ah, maenya...?" cek nu rek unggah bengong ngadon magol dina lawang.
"Naon kitu...? Hih, eta soteh nu dilahun mah rincang balanjaan!" Kenek keuheul. Panumpang sejen nungkup piseurieun, kagugu ka nu salah tapsir.
"Oh, sugan teh kuring nu dilahun ku Bu Haji. Punten, Eneng tiasa ngeser sakedik. Aduh, punten sampean saha ieu teh kadampal? Euh...!" cenah gutak-gitek merenahkeun bujur.
Mobil maju deui. Palebah simpangan Cisaga leok mengkol ngatuhu. Kakara mimiti eundeur diuk teh. Jalan nu disorangna renjul, galituk ku batu nu ngambul kahalodoan. Keur nu teu tuman pulang-anting ka Rancah mah matak sangsara lahir batin teh lain omong bohong. Kitu saendengna jalan ka Rancah mah kawas nu dikumakarepkeun ku nu kagungan jalanna. Ti jaman bareto, atung eneh atung eneh ae jalan ka Rancah mah. Walungan saat teh lain omong bohong. Mumul mayar pajeg sugan urang Rancah mah matak diantep wae ge.
Aya untungna ketang jalan sina renjul teh, sangkan supir henteu sangeunahna teuing ngalumpatkeun kandaraan. Buktina angkutan nu ka Rancahkeun teh teu kaur nyemprung. Ngadurutdut wae lalaunan. Sakapeung mah nepi ka ngarandegna pisan. Lamun cara jelema mah bingung milih tincakeun.
Ngaliwat kebon karet rada mendingan, bisa lumpat meueusan. Ngan edas mobil teh teu kaur anteng, luak-leok nyorang pengkolan mararites. Panumpang edeg teu daek cicing. Sakapeung ngenca, sakapeung ngatuhu nuturkeun leokna mobil. Keur nu teu paya beuteung mah sabaraha keresekkeun boa eusi peujit nu mudal teh. Kilang kitu, tetela panumpang teh teu marudah. Najan nyorang jalan renjul ge nu ngadon nundutan mah teu kurang.
Di sisimpangan ka Cibarengkok, nu diuk pangjuruna turun. Lalaki perlente pindah diukna ka tukang, gigireun nu ngalahun koper. Nu diuk kencaeunana ngiceupan kawas nu mere kode ka si perlente. Teu lila pok ngomong ngegerendengan, ngajak nyarita ka nu ngalahun koper. Sorana teu pati eces semu dipegeg. Tuluy sora dalukdek kawas nu keur jogol. Jep simpe teu kadenge nanaon deui. Rahuh wae nu ngalahun koper teh narik napas panjang.
Awakna semu leuleus ngadayagdag kana panyarandean. Beungeutna sepa kesangna renung minuhan tarang. Panumpang nu sejen teu pati mirosea, jongjon narundutan. Ongkoh palebah dinya mah jalanna renjul pisan. Aya nu abrug-abrugan di jok tukang teh disangka mobil meneran nincak jalan renjul.
Palebah kantor Polsek Rancah rajeg pulisi megat di jajalaneun. Supir olohok tuluy kudat-kudet ngaluarkeun susuratan. Panumpang patingraringeuh. Nu nundutan ngulisik kagareuwahkeun. Tuluy kokotetengan neangan babawaan.
"Langsung pengkolkeun ka kantor!" cek nu megat.
"Aya naon kitu, Pa?" tembal supir sepa. Leungeunna ngabanting setir, kaciri rada ngadaregdeg. Mobil asup ka pakarangan kantor polsek. Panumpang beuki heran basa dititah turun saurang-saurang. Silih tanya aya naon aya naon. Hemeng teu pupuguh ngadon diturunkeun di pakarangan kantor pulisi.
Nu pangpandeurina kaluar nu ngalahun koper. Leungeunna geus meunang ngabangkol, digondeng ku nu tadi diuk gigireunana. Ngeluk wae sajeroning leumpang teh. Lalaki perlente nu make pakean teu matut nuturkeun tukangeunana. Kakara sidik ayeuna mah pestol nyolegreng dina cangkengna.
Blus ka jero kantor. Nu ngagimbung di pakarangan kantor carolohok nenjo nu digiringkeun ka jero teh. Teu lila torojol pulisi duaan ngadeukeutan mobil. Regeyeng mangku koper. Digotong dibawa ka jero kantor.
"Naon cenah Pa, eusi koperna teh?" cek saurang ngawanikeun nanya.
"Sirah jelema...!" (*)
A. Budiman