Jeket Kulit

Ti bareto hayangeun boga jeket kulit kieu teh. Kari-kari kaalaman. Jeket ti Bandung. Hade keneh pisan cacak meunang meuli ti Toko Babe alias loak. Hargana kaitung murah. Nya kitu, terus we ditatap. Diusap. Rap diajaran. Salila-lila, ngalegeg hareupeun eunteung. Ragag-rigig. Jalang-jeleng. Awak rengkung asa beuki ngabadagan. Beuki lila, beuki gandang karasana. Pangaruh jeket. Jeket kulit hideung. Jeket kulit potongan jas.

Carita Pondok

Ret kana HP. Jam tilu!

Geus teu sabar. Geus hayang incah ti imah. Hayang sagok-gokeun jeung Neng Welas putra Pa Kuwu. Unggal poe Saptu kieu, biasana bada Asar, Neng Welas sok ngalatih tari di ditu, di bale desa. Bari sakalian rek pamer jeket ka babaturan. Da pasti ngagembrong, maridang pagandang-gandang, ngadon nyarinting penari jeung pelatihna.

"Hayang nu kawas Neng Welas Ema mah boga minantu teh, Asep! Geulis ka hate-hatena! Jaba pinter bari singer! Teu gede hulu kawas Neng Leli!" Mindeng naker indungna nyarita kitu.

Paribasa Si Ema mah! Saha teuing atuh manusana nu teu palay ka Neng Welas? Kacapangan pamuda sakacamatan! Bakal kumaha teuing Neng Welas lamun ningali uing make ieu jeket kulit? ceuk hatena sabot muru warung Mang Sarja. Sajajalan, nu paamprok teu weleh pating rareret kana jeketna.

Umat-imut sajajalan. Leumpang beuki ngadangahan. Warung Mang Sarja keur sepi. Manehna rada hanjelu.

"Walah, na aya hade eta jeket! Meunang meuli ti mana, Jang Asep?" ceuk Mang Sarja bari mencrong kana jeket, semu anu ngembang kadu.

"Ti Bandung, Mang!" tembalna bari nampanan roko jeung pamulangan.

"Nyaan, kalinglap, Jang! Asa tepung jeung Sahruk Kan!" Mang Sarja gogodeg, katenjo bangun hookeun.

Sahrukh Khan? Manehna ngahuleng. Kerung.

"Sahruk tea! Panggagahna saalam dunya!" Mang Sarja terus nelek-nelek.

Manehna nyerengeh deui.

"Rokona sabungkus deui, Mang!" pokna bari ngasongkeun duit pamulangan.

"Kacipta we Neng Welas mun ningali Jang Asep! Beuki kapelet lah!"

"Angsulna kana coklatkeun we, Mang! Sadayana!" manehna terus nyerengeh, meh soeh pipi.

Sahrukh Khan! Sahrukh Khan! Kadenge bae. Sajajalan kapikiran. Lila-lila asa enya. Teu kaop manggih jandela kaca, leumpangna sok ngalaunan. Ngadon ngeunteung. Leungeunna ngahaja dijerebebengkeun. Awak rengkung teh asa beuki sembada naker. Panggagahna saalam dunya! Neng Welas beuki kapelet! Omong-omongan Mang Sarja ngaweuhan deui.

"Bogoheun Neng Welas teh ka Jang Asep mah! Beda reretna!" Mang Sarja mindeng ngaharewos kitu.

Komo mun ningali ieu jeket, ceuk hatena.

Asa beuki gede hate. Geus hayang song, hayang song bae mere coklat ka jinisna. Tapi da ti bareto ge teu daek sok ieuh. Sok kalah dibeakkeun ku sorangan. Arera. Padahal da lain ceuk Mang Sarja wungkul Neng Welas neundeun hate teh. Ceuk sasaha. Ngan nya kitu, bet teu weleh asa-asa, teu daek pok ngedalkeun kereteg hate. Jaba rea saingan deuih. Rea pisan. Tapi da nu pangbeuratna mah ukur Ang Dadang.

"Kang Asep, salam ti Teh Welas!" barudak mani raeng.

Nu leumpang ka bale desa beuki ngapeng, ngawang-ngawang. Harampang lengkah. Hampang ka hate-hatena. Dada beuki ngalegaan. Ramo ngodok saku jeket, nyekel coklat satilu-tilu. Neng Welas na biwir mata. Socana. Pangambungna. Lambeyna. Imutna nu kareueut. Soantenna nu halimpu, estu matak dedengeeun. Lamun ngibing, sadesa kasirep kabeh. Deungdeuleueun.

Kudu, ayeuna mah kudu jadi mere coklat teh, ceuk hatena.

"Jiiih, geuning Kang Asep? Ari sugan Anjasmara!" Nyi Acah nyorowok.

Serengehna beuki meber kana ceuli. Tadi Sahrukh. Cikeneh Anjasmara. Tetela, rea nu kabedil langit gara-gara jeketna. Jeket kulit hideung. Jeket kulit potongan jas. Teu salah milih. Barang breh ge ujug-ujug cop kana lelembutan. Teu panasaran nyoceng satengah honor bulanan, ladang magang di kantor kacamatan.

HP disada. SMS ti Si Deden. 'gcng k dieu! nng wlas gs aya. nnykn mneh. smph!!!!'

Nu leumpang tisusuruntul. Rusuh, da Neng Welas bisi kaburu ngalatih. Hayang ngobrol heula sakeudeung-keudeungeun mah. Beuki deukeut ka bale desa, dada beuki dulugdugdag. Breh, babaturan keur dariuk dina teras bale desa. Nu rek latihan, nu ngalatihna, keur dirariung-riung ku pamuda sapantaran.

Beuki deukeut, tembong aya nu ngalieuk. Si Deden. Si eta mencrong sajongjongan, tuluy nepakan batur. Obrolan bangun kapegat. Tinglalieuk. Pasti kabaredil langit, ceuk hatena sabot sarangah-serengeh. Beuki deukeut beuki yakin. Yakin kacida, pasti bakal rea nu hokcay ku ieu jeket. Direret ku juru mata, Neng Welas oge keur rut-ret, tina jeket kana beungeut.

"Wah, pangling, Sep! Jadi inget ka Pa Eri, pamaen orgen tunggal urang Banjaran! Kieu pisan, yeuh, jeketna teh!" ceuk Ang Dadang bari ngusapan jeket.

Nu sejen arimut kanjut. Manehna badis nu diketig punduk. Serengehna dumadak leungit.

"Beken pisan di ditu mah! Katelahna ge Eri Garo!" omong Ang Dadang.

"Naha disebat Eri Garo, Ang?" ceuk Neng Welas bari imut.

"Eksim, Neng, dina panangan sareng dina pundukna! Pami maen sok pakepuk, da bari gegetret!" tembal Ang Dadang.

Nu sejen sareuri. Manehna tuluy ngajubleg.

"Cilaka, Sep! Tadina mah uing ge kabita! Asa hayang meuli! Sumpah! Tapi teu cios ah ari matak eksim mah! Teu kiat!" Si Didon nyelengkeung.

Nu sareuri beuki tarik. Beuki nyeuit.

"Engke teh jadi Asep Garo atuh? Asa rada pantes, tah, gelar teh! Tinggal meuli orgenna, Sep!" ceuk Si Wahyu.

Nu sejen tingbarakatak. Manehna badis nu ditongtak ti alakpaul. Ngoleang. Lelenyapan. Kareret, Neng Welas bangun kagugu, milu nyerengeh. Puguh we, beungeut beuki karasa panasna. Euceuy, sari-sari geuneuk. Asa diuk. Asa nangtung. Asa beurang. Asa peuting.

"Mun di Cirebon mah jeket kieu teh sok dipake ku bos sandiwara Masres! Aki-aki beberenjen!" Si Sarwoto nyambungan, bari nepakan taktak, logatna ngajawakowẻk. "Buukna digalingan, dicet beureum! Huntu emas! Beurang peuting make kacapanon hideung! Ka mamana dikakaleng ku ABG!"

Beuki arakey-akeyan. Teu kaampeuh, Neng Welas milu ngagikgik. Tarik naker. Manehna ngadegdeg tuluy peureum. Hayang ngamuk nguwak-ngawik. Hayang mabur ka mana boa. Tapi bet asa rek ngalenggerek deuih. Nu sareuri teu eureun-eureun. Si Didon mah seurina ge bari ngoseh, nyekel beuteung, teu malire kana beungeut nu geus kawas pulas kupa.

Duka kumaha tuluyna wiwirang di bale desa teh, da geus puguh kabur pangacian tea. Mongkleng. Ngahuleng salila-lila. Ngalamun sajajalan. Jol ka imah, jeket gancang dibalangkeun kana korsi panjang. Tuluy ngadon ngaringkeb karep di kamar. Ang Dadang, Si Didon, Si Wahyu, pating kolebat. Sora Si Sarwoto nu cempreng tuluy-tuluyan nongtoreng. Neng Welas. Gusti. Karek nenjo Neng Welas akey-akeyan kitu. Timpuh naker apan biasana mah.

"Sep! Asep! Geus sare?" indungna ngetrokan panto kamar. "Buka heula!"

Hoream. Tapi teu burung nguniang. Muka konci panto kamar.

"Gular-goler di mana wae! Yeuh!" Indungna ngasongkeun jeket.

Manehna ngarahuh. Jeket ditampanan, semu dijiwir bari rada sisiakan. Bale desa nembongan deui. Rey, kesang saawak-awak. Bayeungyang dadak-dadakan. Gek dina sisi ranjang. Jeket dipencrong bari nguat-nguat karep. Kalah beuki ngesang bae. Bruh-breh. Orgen garo. Eksim nahun. Buuk dikreul jaba beureum. Huntu emas. Kacapanon. Kumalangkang. Piligenti. Gusti.

HP disada. SMS ti Si Wahyu.

Pa kabar, Asep Garo? Gimana jeket kulitmu? Apa masih tetap lalay badot?

Jeket dibantingkeun kana dingding. Ngoleab. Jeket ngalumbruk dina ubin, badis bugang kalong hideung. Bluk nangkuban. Blak nangkarak kana lalangit. Neng Welas beuki kacipta. Lenggakna bari nutupan pameunteu. Taktakna endag-endagan. Cisocana. Neng Welas. Manehna ngarahuh. Sirahna ditungkup bantal, kalah mireng sora Neng Welas ngagikgik, beuki lila beuki tarik.

Isukna. Pabeubeurang. Manehna ngencling ka warung Mang Sarja. Gilig. Jeket dibungkus ku koran. Dikekelek.

"Resep kana jeket kulit abdi, Mang?" pokna sanggeus ngajejentul, nungguan batur marulang.

"Jih, Puguh we! Karek nenjo aya jeket hade kitu!" walon Mang Sarja.

"Bade diical da," pok deui bari rada asa-asa. "Galeuh we, Mang! Mirah ieuh!"

Mang Sarja kerung.

"Saratus we! Satengah ti pangaosna!" Manehna lah-lahan, ngasongkeun bungkusan jeket.

"Rebu? Jih, duit ti endi teuing!" Mang Sarja godeg.

"Percanten lah! Ari nyaan resep mah pasti ditebak!" Bungkusan disodor-sodor.

"Piraku aki-aki dijejeket kulit kitu? Lain bandar domba Emang mah, Jang!" Mang Sarja teu kireum-kireum, bari mundur bangun soak ku bungkusan.

Meg teh. Tapi da dagang mah cenah kudu sabar tea.

"Tos we lima puluh ka Emang mah! Ngangge jeket ieu mah abdi ge siga Sahruk Kan, sanes?"

"Lah, dipercaya teuing, Jang Asep!" Bi Rasmi, pamajikan Mang Sarja, ujug-ujug norojol, terus nyoroscos. "Kawas nu teu apal ka Bapa Budak! Ka sasaha teu weleh nyebut siga Sahruk Kan! Ngarah dibareulian eta teh, Ujang! Ka Cep Dadang paribasa salam sono ti Neng Welas! Ka Cep Didon kitu deuih! Ka Si Engking! Kumaha mun tuluy garelut, geura? Sok dicarek ku Ibi ge! Tapi..."

Mug-meg. Mentegeg ku dua ku tilu. Tuluy lung-leng. Bi Rasmi terus nyoroscos. Manehna ngaleos. Rampohpoy. Ngelek bungkusan. Jeket karasa nereptep. Panas, semu ateul, badis nu ngelek caruluk. Leumpang jadi rundag-randeg. Teu kaur balas ngahuleng. Hual-hiul. Anjog ka buruanana, koreleng ka pipir imah. Bungkusan diperong bari kekerot, semu ngadegdeg.

Keleweng. Bungkusan dibalangkeun ka jarian.

Sup ka kamar. Teu kaluar-luar. SMS terus murudul. Teuing ti saha bae. Da rea nu teu wawuh nomerna. Lalandian Asep Garo gancang naker narekabna. Tatalepa tina HP kana HP. Aya SMS nu nawaran kacapanon hideung. Aya oge nu rek mere orgen cocooan adina. Lumayan kanggo latihan! Sateuacan gaduh nu enyaanana, cenah. Perkara jeket nu teu payu dijual oge, teu wudu jadi bukur catur batur. Beja nu gancang naker narekabna Moal salah, Mang Sarja nu nguar-nguar. Tungtungna, HP dipareuman. Dikonci dina laci meja tulis.

Dua poe dua peuting nu guligah meh teu kaluar ti imah. Ka kantor bebeja gering. Numpi. Ukur ngalong tina jandela tepas atawa jandela kamarna. Kitu ge sok gancang nyempod mun aya jalma ngaliwat. Ngahephep. Ngarep-ngarep Neng Welas ngalalar, da sok ngadon balanja ka Warung Sarja. Lebeng. Teg weh. Pasti jadi linghas deui! Pasti geus teu hayangeun wawuh, ceuk hatena.

Dina poe nu katilu, indungna hariweusweus ti dapur keneh.

"Jeket, yeuh! Kabina-bina teuing limpeuran teh, Asep! Bet aya di kolong kandang hayam. Keur digarulung ku anak anjing Si Ihung. Teu kira-kira. Abong anjing. Maneh deui atuh!" Indungna ngasongkeun jeket.

Jeket dialak-ilik. Gusti. Jeket geus teu puguh rupa. Tereh pisan guladigna. Kacipta. Jeket diparebutkeun. Digarugunyeng. Digalugusur ku anak anjing kumincir. Jeket daradas. Tapak ngoetan atawa boa balas digegelan anjing. Bungkusna boa di mana. Jeket dikebat-kebut. Tinggarayam sireum beureum tina sakuna. Dirampa. Coklat leeh. Coklat nu digembrong sireum. Coklat keur Neng Welas tea. Satilu tilu.

Kadenge aya sora motor ngaliwat. Breh. Neng Welas dibonceng teuing ku saha. Teu ngareret-reret acan geuning. Teu kitu biasana mah. Mun ngaliwat teh sok bari rada ngalieukan imah. Kalan-kalan rundag-randeg. Bangun nu hayang diandeg.

Tetela, Neng Welas geus api lain, ceuk hatena.

"Neng Welas! Beuki geulis wae budak teh!" Kapireng sora indungna.

Manehna ngarahuh, semu nu humarurung. Lalaunan, ramo nyasar jeket kulit nu daradas, nu baroleksek, nu kulitna gurat-gurit bleg tapak raheut. Nyanyautan kana hate. Deudeuh teuing. Jeket kulit meunang hayang. Meunang nyongsrong. Geus boga kalah ku anjing. Kalah rangsak. Abong anjing. Si Anjing! Si Anjing Dadang! Si Anjing Didon! Si Anjing Wahyu!

"Jadi ka Cep Dadang, geura ge! Geus layeut pisan! Bieu ge dibonceng!" Kapireng deui sora indungna.

Manehna tuluy ngaheruk bari nangkeup jeket kulit. Jeket nu geus teu puguh bauna. Jeket kameumeut nu ujug-ujug lalayu. Bet ngahelas. Jadi watir. Watir ku jeket nu goreng milik. Watir ka diri sorangan. Rap. Jeket dipake. Jeket nu raca. Bleg tatu saawak-awak. Awakna. Seresetna karasa nyeuit jajantung, nyugak dina tungtung hegak. Ngeyembeng juru panonna, sabot ngusapan jeket nu rawek lebah dadana.

Tengah peuting. Rumanggieung muru walungan Ciburih. Gilig.

Bulan ngebrak. Simpe naker sajajalan. Anjog ka nu dijugjug. Manehna ngadon ngajanteng di tengah sasak. Susur-sasar kana jeket nu dipake. Tatanggahan nyawang bulan. Hatena bet beuki mongkleng. Tungkul deui, nenjokeun walungan nu nyeah da puguh keur rada beukah, nu caina tinggurilap katojo bulan, bari mili cipanonna. Hate beuki nyanyautan bae. Enya. Nya di dieu pisan, di sasak walungan Ciburih ieu, manehna kungsi uplek jeung Neng Welas. Harita.

Manehna nyegruk. Nyuuh kana palang sasak. Cengkat deui. Lalaunan muka jeket. Jeket ditangkeup bari tuluy ngagukguk salila-lila. Tapi kapeurih teu kapalidkeun ku cimatana. Bari nginghak, jeket diantelkeun kana beungeut, dipake ngusap cipanon. Jeket diteuteup, tuluy dipuragkeun ka walungan. Koleang. Asa kabawa ngoleang. Jeket ngoleab badis hatena nu rangsak, kokoleaban dina cai nu tingborelak. Palid.

Rebun-rebun, tilu poe ti tas numpi di sasak Ciburih tea, indungna geus wahwar-wehwer, ngagugubrag nu keur tibra.

"Itu aya tamu moher! Gancang tepungan, Asep!" Indungna ngarurusuh.

Poho dinanaon. Satengah lumpat ka tepas. Breh. Neng Welas. Manehna tuluy ngajengjen. Kasima. Lulungu keneh ongkoh deuih. Barang jejeg pangacian, karek inget kana wiwirang di bale desa. Rampang-reumpeung. Tungtungna, manehna teu burung diuk lalaunan, nyanghareupan tamu nu teu weleh umat-imut.

"Ngaganggu nu nuju kulem, nya? Hapunten, Kang!" ceuk Neng Welas bari imut leleb naker.

Manehna ngan tiba ngunyem.

"Eta, Kang, di bale desa tea, abdi kalah ngiring nyeungseurikeun Kang Asep! Rumaos kalepasan! Tangtos Kang Asep bendu. Hapunten abdi, nya?" Imut Neng Welas beuki leleb karasana.

Manehna unggeuk. Males imut bari ngeluk. Harepan ngolebat deui.

"Sareng ieu deuih..." Neng Welas nunda kantong keresek badag dina meja.

Manehna cengkat, neuteup Neng Welas nu keur muka babawaan.

"Kaheurap ku Pun Bapa ti Ciburih!" ceuk Neng Welas.

Breh. Gebeg. Gusti...!

Jeket. Jeketna. Jeket kulit nu geus teu puguh patutna. Leuwih-leuwih ti guladig. Malah geus semu aduy. Meledek. Bau nanahaon boa. Leuwih mabek manan bugang. Jeket nampuyak dina meja, bleg kulit kebo nu kakara meunang nyisit. (*)


Godi Suwarna
Jeket Kulit Jeket Kulit Reviewed by Rupa Sundapura on 13.18 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.