Jurig Jero Beuteung

"Itoh, kawasna na jero beuteung Akang aya jurigan," ceuk Kusmin ka Itoh, pamajikanana.

"Ah, sok aya-aya bae."

"Ieu geura, rampa. Kukurubukan bae ti isuk. Kawasna jurig na beuteung Akang keur nguras peujit. Teu daek eureun."

"Nu kitu mah tandana hayang dieusian. Dahar mah cageur geura."

Carita Pondok

"Cikan atuh sanguna sayagikeun. Akang sieun ieu jurig leuwih motah. Kumaha lamun beres nguras terus ngagorogotan peujit, tuluy nyaliara, ngarayap kana jantung, kana paru-paru. Mangkaning euweuh rumah sakit nu bisaeun ngusir jurig."

"Dukun bisaeun. Bagianana nu kitu mah."

"Eh...?" Kusmin giak cengkat. Ceg kana pigeulang Itoh. "Itoh percaya dina beuteung Akang aya jurigan?"

"Teu...!" Itoh ngagadeud. Ngepeskeun cekelan Kusmin.

"Ah, Itoh mah. Teu paruguh." Kusmin semu kuciwa. Padahal hayang pisan manehna ngadenge Itoh ngamuhunkeun kana panyakit ‘jurig’ nu karasa ku manehna.

Jurig, sakainget Kusmin, ngancik dina beuteungna ti saprak manehna naek pangkat jadi kapala bagian di Kantor Pemda. Sering pisan beuteungna ngurubuk menta eusi. Yakin nu nyababkeun beuteungna lapar bae teh pasti jurig. Bisa jadi jurig teh betaheunana dina beuteung anu baroga jabatan ti kabag ka luhur, da buktina basa manehna jadi pagawe handap MAH can kungsi kaserang jurig beuteung.

Lian ti mangaruhan beuteung, jurig teh mangaruhan pikiran. Tina rasa lapar, langsung kana pikiran kudu nyumponan kahayang jurig. Kuruwuk, kuruwuk. Dahar. Cageur. Tapi kituna teh teu lila, ngendek sababaraha menit geus lapar deui.

Basa Kusmin jadi pagawe handap keneh, nu kasebut ngere beuteung teh hal anu kacida biasa. Puasa nyenen-kemis biasa. Beuteung kosong biasa. Ongkoh ngere beuteung teh harita mah ngahaja. Nyenen-kemis diniatan. Ngurangan dahar, lain pedah poho. Mun teu ngere padaharan, puasa, atawa ngurangan dahar, duit gajih teh moal cumpon. Ngalobaan barangdahar hartina kudu ngaluarkeun waragad badag. Acan kudu nyumponan pangabutuh lianna, kayaning pangabutuh dapur, bekel sakola pleus bayaranana, katambah kudu udud, bayar listrik, bayar cai...sagala kudu kacumponan ku gajih anu ukur sesana wungkul. Sesa potongan koperasi, hutang bank, iuran rutin, jeung sajabana. Ku gajih saeutik, bet teu kapikir kudu barangdahar leuwih ti porsi kamampuhna.

"Aya keneh deungeun sangu nu tadi isuk, Toh?" Rada ngagorowok da Itoh geus aya di dapur.

"Aya!" Itoh nembal, sarua rada tarik. "Yeuh...!"

Kusmin ngojengkang. Gap kana piring. Habek bae didahar saseubeuhna.

"Karek ge tadi dahar teh Akang, mani gembul," ceuk Itoh.

"Keun bae, tibatan peujit Akang ruksak dikorowokan jurig, sok...," Kusmin nembalna ngosom, sungut samutut ku sangu.

Jurig teh jep bae jempe ari diparaban mah. Kusmin jadi asa boga ingon-ingon anu saban waktu kudu ditalingakeun, pangpangna ditalingakeun dahareunana. Nagihna lain ngaharewos lain nyarita, tapi ngababukan peujitna. Teuing make pakakas naon. Karasana lamun teu nyelekit peurih, mules lain dikieuna. Mun geus karasa kitu, dina kaayaan kumaha bae, Kusmin kudu gancang neang dahareun. Sering pisan malah karasana lamun manehna keur sibuk di kantor. Mun geus kitu, kapaksa ka luar heula jajan ka kantin.

Mimitina, Itoh asa kaganggu ku kabiasaan anyar salakina. Manehna sok rajeun makruh lamun salakina nagih menta dahareun. Memehna, salakina teu kawas kieu-kieu teuing. Dahar saayana, malah dina euweuhna sangu atawa dahareun, tara pirajineun menta, sok komo bari ngarenghik. Ayeuna bet alahbatan budak leutik. Lebay, ceuk basa budak ngora mah. Leuheung lamun ngora keneh, meureun lucu. Ieu mah umur geus tunggang gunung, mun ngarenghik teh apan kawas bebegig menta dibabuk.

"Itoh ulah hariwang ku kabiasaan anyar Akang ayeuna. Ceuk Akang mah ieu teh takdir nu teu beunang diingkahan. Mungkir ge pamohalan," ceuk Kusmin hiji waktu, sanggeus marab jurig na beuteungna. Kituna teh bari eureuleu-eureuleu, teurab.

"Enya, tapi Itoh jadi ripuh ku resiko balanja. Ayeuna mah sasadiaan teh kudu dua tilu kali lipet ti biasana. Acan jajan barudak, Si Acam jeung Si Usman."

"Ceuk Akang ge ulah hariwang, Itoh. Yeuh!" Kusmin nyodorkeun duit dua ratus rebu.

Kawas nu keuna hipnotis, disodoran duit teh langsung ditampanan. Ketang memang sakuduna salaki mah mere, komo ayeuna kaperluan undak ti biasana. Malah mun diukur-ukur, duit sakitu mah kurang keneh. Dua ratus rebu tibang opat kali balanjaeun. Eta teh dina itungan anu kacida ngiritna.

"Maenya ngan sakieu, Kang?" cenah. Nu diprotes ukur imut.

"Tenang, Itoh. Eta mah keur dua poeeun. Ayeuna, jeung isukan. Pageto ditambahan deui."

"Oh...!"

Itoh anu tadina risi ku jurig na jero beuteung salakina, laun-laun jadi biasa. Kadieunakeun, Itoh miharep sangkan jurig teh angger ngagorogotan beuteung Kusmin. Unggal jurig motah, salakina nyongcloan duit. Tibang balanja dahareun, naon susahna, kari ngoloyong ka warung. Ngarah dahareun rada rekah, nu dibeuli teh asakeuneun, nguprek olah di dapur. Pan kabagian sarerea, boh salaki, budak, jeung manehna sorangan, malah ayeuna mah bisa nyengcelengan ladang leuleuwihan balanja.

Jurig na jero beuteung Kusmin memang euweuh tanda-tanda rek ingkah. Beuki dieu beuki mahabu. Tingaradug patarik-tarik nyiwitan peujit. Nu pangkarasana palebah hulu angen, teu kaop telat maraban, karasana seueul lain lumayan. Lian ti seueul, kana sirah oge jangar. Basa nyobaan dipariksa, dokter netelakeun yen Kusmin sehat wal apiat. Satadina bisi panyakit maag. Horeng lain. Nu matak beuki yakin yen nu ngancik na jero beuteungna teh jurig, sabab ku dokter oge teu kadeteksi.

Itoh teu ngamasalahkeun jurig nu ngancik na jero beuteung salakina. Malah mun bisa rek dibuni-buni, ulah aya nu nyaho. Dalah anak-anakna sorangan euweuh nu dibere nyaho. Cukup manehna jeung salaki. Inggis, mun diucah-aceh kalah ngabalukarkeun si jurig teh ingkah. Sedengkeun Itoh geus ngarasa pisan untung ku ayana jurig na beuteung Kusmin. Pangpangna duit balanja jadi nambahan. Nu tadina ukur dua ratus rebu sakali mere, ayeuna mah geus nepi ka sajuta, tiap dua poe sakali. Puguh, Itoh mah bungah nu aya. Malah aya nu aneh ngaganggu pikiranana, ngorehan lulurung uteukna, nepi ka ahirna nimbulkeun pikiran anyar, hayang nyobaan hal-hal anu can kungsi karandapan. Contona dahar di restoran, piknik ka sisi laut, meuting di hotel, atawa meuli barang perhiasan.

Satadina eta kahayang ukur disidem na jero angen, lila-lila teu tahan ngabendungna. Kapaksa Itoh balaka.

"Kang, daharna di luar bae nya. Hayang mecakan dahar di restoran Itoh mah."

Memeh ngajawab, Kusmin neuteup pamajikanana anteb pisan. Bari imut pok ngajawab.

"Puguh ti bareto Akang hayang ngajak Itoh dahar di luar teh, ngan bisi Itoh teu panuju."

"Di restoran nya, Kang!"

"Ajak barudak sakalian. Urang ka restoran nu sisi laut Juntinyuat di Indramayu."

"Balikna balanja ka Gerage Cirebon nya, Kang!"

Kusmin unggeuk. Unggeuk anu kacida engeuhna kana nyumponan pameredih jurig beuteung. Jurig anu kacida engeuhna kana kasugemaan pikeun beuteung, sumawonna pikeun pikiran. Jadi, antara manehna jeung jurig nu ngancik na jero beuteung teh satemenna silih agehan kasugemaan. Pikeun Kusmin, wanoh jeung jurig teh kacida nguntungkeunana. Euweuh niat saeutik oge pikeun ngusir pun jurig nu saban waktu ngarangsadan rasa lapar jeung pikiran lempeng uteukna. Geura, saha nu percaya, alatan wanoh jeung jurig dina jero beuteung, genep bulan manehna geus boga imah jeung mobil mewah. Lain munjung ka jurig, sabab Kusmin teu kungsi indit ka dukun atawa ka tempat-tempat pamujaan. Ieu mah dalah jurig nu datang sorangan. Cindekna milik weh.

Obrolan jeung Itoh nu geus reunceum ku perhiasan geus undak kana perkara mewah anu samemehna pamohalan kalakonan. Gaul ge itoh geus undak ka tingkat luhur, kayaning arisan jeung ibu-ibu sasama pajabat, senam aerobik jeung kelompokna, atawa ngabring shopping jeung batur-batur saihwan, mapay-mapay supermarket, ngamonyah-monyah duit anu kacida babari ngalana.

Itoh teu ngarasa perlu ti mana salakina meunang rejeki. Asa teu pantes ngaguliksek ti mana Kusmin ngali piduiteun. Jabatan salakina anu ayeuna jadi saurang kapala dinas di kantor pamarentahan kabupaten geus mere jawaban. Jabatan kapala dinas tangtu gede gajihna, ngan sakitu anu kapikir ku Itoh. Leuwih jauh mikiran pangala salakina anu geus manglipet-lipet batan basa kawin bareto kalah nimbulkeun prasangka goreng. Itoh embung ngaruksak suasana kagumbiraan rumah tangga anu geus kahontal. Puguh ieu anu dipiharep ti bareto. Teu paduli salakina kaancikan jurig atawa naon. Malah teu paduli lamun jurig anu ngancik dina diri salakina tepa ka manehna. Ah, boa geus tepa...? Duli ah, gerentesna.

Kusmin sorangan percaya pisan, yen jurig dina dirina geus nungtun manehna kana kahirupan anu nyata. Nya pun jurig pisan anu nuduhkeun jalan pikeun ngahontal sagala rupa kahayang kalayan babari. Awalna memang tina beuteung, terus ngarereyang pikiran, nepi ka jinek jadi patekadan pikeun ngarobah jalan kahirupan.

Kusmin gede hate, sabab geuning anu kaancikan jurig teh lain ukur dirina. Loba batur-baturna anu sarua kaancikan, malah aya anu di dampal suku nepi ka embun-embunan, lain dina beuteung cara manehna. Katohyan tina sapopoe, lian ti dahar, nyandang ngabeubeunghar diri teh geus jadi sabaju. Jeungna, di antara nu karancikan jurig ieu, teu aya nu silih ganggu. Kabeh pada-pada surti. Di antara maranehna geus kabeungkeut ku hiji sistem anu teu bisa dipukahkeun. Norma jeung etika bisa digulak-gilek ukur sacewir keretas laporan administrasi, beres. Komo jabatan dina posisi jadi dunungan, tinggal mere parentah ka bawahan.

Ras Kusmin kana papatah kolotna baheula, yen hirup teh kudu siger tengah. Ieu babasan bisa dihartikeun nempatkeun diri di antara opat madhab sisimpangan lampah, ngidul ngetan ngulon ngaler, kitu deui ka luhur jeung ka handap. Ka mana geusan ngalengkah moal matak bingung, sabab geus dibeuweung diutahkeun, geus ditimbang pibalukareunana. Eta papatah ayeuna keur diaplikasikeun ku manehna dina kahirupan. Ka saluhureun kantun nyebat muhun, ka sahandapeun kari nyebat nya. Ka nu di gigir teu kudu gimir, sumawonna ka nu di hareup jeung ka nu di tukang, cindekna ulah hariwang. Dapon neundeun kapercayaan, sagala rupa bisa ngarupa.

"Kade Min, sing ati-ati!" Hiji mangsa aya nu ngaharewos. Lain jurig, sabab ieu mah sorana leuwih kapireng wijaksana.

"Ati-ati kumaha?" manehna kerung.

"Ulah ngalajur teuing lapar. Distop anggur. Soalna maneh geus loba teuing balanja nu teu puguh juntrung laporanana."

"Teu puguh kumaha? Administrasi beres, laporan okeh!"

"Ah, maneh mah teu beunang dielingan!" Nu ngaharewos kuciwa.

Sabot kitu pun jurig na jero beuteungna motah. Rasa lapar datang tingjuringkang. Teu mikir panjang, Kusmin geuwat ngojengkang muru restoran pangdeukeutna. Sorangan we, soalna ieu mah lapar darurat. Lamun salse, tangtu ngajak pamajikan jeung anak-anakna. Keun bae, da maranehna oge boga kasibukan sewang-sewangan. Bisa jadi Itoh jeung barudak keur dahar di tempat sejen, atawa keur balanja, atawa keur kokojayan di kolam renang. Keun bae.

Anjog di restoran, Kusmin rada hareugeueun, sabab sabagian tempat gede geus kaeusian ku batur. Untungna aya hiji nu kosong, di juru beulah katuhu. Kawas nu ngahaja disayagikeun keur manehna. Pelayan langsung nuduhkeun tempat diuk bari terus nyodorkeun menu pasakan. Sop gurame, sangu tutug, jeung udang saos tiram. Eta teh menu jam memeh istirahat, mangsana istirahat beda deui. Nu pangmewahna menu mulang kantor jam opat engke. Jurig ku euweuh kaseubeuhan. Ngajak dahar teh nepi ka opat kali dina sapoe.

Tibang opat kali sapoe bari ukur sorangan, teu matak karasa beurat. Duit nu metet dina sakuna siap pikeun mayar dahareun leuwih ti sapuluh urangeun. Duit babari ieuh, kari ngiceupan bendahara, solongkrong bae saamplop. Teu paduli nyoceng tina anggaran balanja kantor, nu penting rengkol pengeluaran pararuguh. Salila ieu euweuh masalah nanaon, jeung bendahara silih kanyahokeun pangabutuh.

Jongjon ngalimed sangu tutug, bari sakapeung nyuruput cisop gurame. Teu luak teu lieuk, asa euweuh perluna nawaran ngahuap ka nu keur papada ngahuap. Teu engeuh yen nu minuhan rohangan restoran teh kabeh ge manehna wawuh. Sadar soteh dumeh aya nu dedeheman ti meja nu pangdeukeutna. Asa wawuh kana ieu dehem. Direret. Beu! Horeng bupati. Dahar sameja jeung sekda. Ret ka meja sejen. Euleuh, geuning para pajabat satingkat manehna. Naha bet kawas ngahaja dahar bareng. Marengan bupati?

Kusmin reuwas lain dikieuna. Naha da tadi mah teu ilik batur 'sapemda' karumpul di dieu. Geuning maranehna ge sarua dalahar memeh jam istirahat. Mangsana ngantor! Lamun maranehna di darieu, meureun nu aya di kantor teh anak buah wungkul. Kitu oge lamun anak buah satia caricing di kantor, kumaha lamun maranehna sarua ka luar ti kantor ku angkeuhan euweuh dunungan. Lamun kitu, saha nu ngurus kantor?

Jurig dina jero beuteung Kusmin motah. Lain menta dahar, da geus seubeuheun. Ki jurig motah lantaran nempo baturna papada jurig tingjaligrah dina beuteung para pajabat nu keur sarukan-sukan barangdahar. Horeng jurig teh ngancikna lain di beuteung Kusmin bae, dina beuteung para pajabat sejen oge aya jurigan. Paingan sering arindit-inditan ngayakeun pesta dahar. Sering bupati ngajak nguseup terus curak-curak meuleum lauk sisi balong. Lamun bupati ngajak, apan euweuh nu bisa baha. Sadaya kedah manut. Kaasup Kusmin. Apan upami bupati ngajak nguseup teh, atanapi ngajak ka mana bae, unggal kapala dinas teh rereongan udunan modal. Mun teu kompak dicirian, tandaning teu satia. Urusan bakal ribed, komo lamun dipakaitkeun jeung partai kandaraan bupati. Numawi Kusmin mah milih salamet. Rereongan okeh. Pilakadar make duit kantor. Bae da nu mentana oge dunungan.

"Ehem...!" Sakali deui bupati dedehem.

Kusmin kerung, naha eta dehem teh ditujukeun ka manehna, atawa memang dina tikoro bupati aya nu nyelek. Tapi geuning teu katingal riuk-riuk bupati ngadeheman ka manehna. Anjeunna jongjon ngalimed tuang. Kitu deui nu sejen, Sekda, Asda, atawa batur-baturna sasama pajabat kabupaten, anteng nyanghareupan kasibukan, ngurah-ngareh dahareun. Aya nu ku ramo, aya nu ku sendok, tuluy ngahuap bangun anu narari'mat pisan. Dalaharna antare, ma'lum ngahuap para pajabat luhur, diatur dibarengan ku etika. Teu cara ngahuap somah, dapon gede jeung dapon seubeuh.

Kusmin cengkat. Sabil, antara nanya jeung ulah ka juragan bupati. Rek nanya, sieun malik disasalah, naha dina mangsa jam ngantor aya di restoran. Arek teu nanya, piraku aya dunungan di hareupeun teu ditoel-toel acan. Nanging anu dipisabil ku manehna mah angger jongjon barangtuang. Keduk deui, keduk deui, kana sangu sapertos nu teu aya kawareg. Nu sejen oge sarua, barangdahar bangun can deukeut ka anggeus.

Antukna Kusmin seuri sorangan. Na jero hatena nyieun kacindekan, yen jurig nu ngancik dina beuteung maranehna leuwih parna alahbatan nu aya dina beuteungna. Buktina dalahar teu eureun-eureun, hartina si jurig bareuki pisan cacapluk. Komo eta juragan bupati, sapertos nu kalaparan. Boa anjeunna disarengan ku emutan: teu mayar sorangan ieuh! Nu mawi tuang ge pangseueurna.

Teu ngadagoan ditanya atawa nanya tiheula, Kusmin ngojengkang ka tempat kasir. Mayar soranganeun. Gejlig bae ninggalkeun restoran.

Sabot balik deui muru kantor, Kusmin narima dua SMS. Nu kahiji ti sekretarisna di kantor, nu hiji deui ti pamajikanana. SMS ti sekretaris ungelna kieu, "Tabuh 09.00 tadi KPK marios ka kantor. Bapa dihaturanan sumping ka kantor KPK ayeuna pisan."

SMS nu ti Itoh kieu, "Bapa, tadi aya nu ti kapulisian. Saurna Bapa kedah lapor ayeuna. Ulah dienjingkeun!"

Eta dua SMS teh teu aya nu dijawab. Kalawan tenang, Kusmin mencetan nomer HP Itoh. Pok nyarita, "Mah, ayeuna urang nginep di tempat anu can kasorang ku urang."

"Barudak candak sakantenan ulah?" Itoh nanya ti beulah ditu.

"Ulah. Titipkeun bae di Nini. Urang bae duaan, sabab ngan urang duaan nu pantes nginep di tempat eta."

"Ari pulisi bade ditepangan moal?"

"Keun bae, engke oge panggih di ditu."

"Di hotel mana nginepna, Kang?"

"Di penjara, Itoh. Di penjara!"

Ti beulah ditu teu aya nu nembal. Ukur kapireng sora, brug...! Boa Itoh tibeubeut alatan reuwas sabada mireng kecap penjara.

Beuteung Kusmin ujug-ujug karasa musial. Asa mules. Asa nyelekit. Horeng jurig nu ngancik na beuteung Kusmin keur roroesan neangan jalan ka luar. Si jurig tayohna geus terus rasa, yen di penjara mah manehna moal kapiara. (*)


Asikin Hidayat
Jurig Jero Beuteung Jurig Jero Beuteung Reviewed by Rupa Sundapura on 21.45 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.