Halimun Peuting

Bulan teh teu caang ngempray, kapulas ku mega bodas. Halimun peuting geus mimiti ngarey, ngayapak kasiring ku angin gunung, ngarungkupan pilemburan, ngarungkupan tatangkalan, dipapay sajumpluk-sajumpluk. Bumi alam beuki alum, haleungheum, sepa, jiga pameunteu mojang gering ngareunggeuy. Peuting beuki simpe.

Carita Pondok

Nu tarunggu jagong geus teu kadenge heuyah-heuyahna deui, kari sora kokoprakna. Kitu ge kapeung-kapeung, teu patempasan jiga tadi. Durukanana mah ngarelun keneh, pating peledug ti unggal saung, arancal-ancalan di unggal mumungang pasir. Tayohna mah nu tarunggu teh geus ngararingkuk. Atawa mun ngajarentul keneh pasti geus lelenggutan hareupeun seuneu durukan.

Kardana bangun rengkag-rengkog ayeuna mah leumpangna teh. Sakeudeung deui kudu ngaliwatan lembur. Malah geus katingali runggunukna, najan ngalamuk keneh. Imah Bah Iding tea eta teh, saanak minantu. Lain lembur gede da ukur lima genep suhunan. Teu kudu dipiwegah saenyana mah, da ku dua tilu renghap ge moal burung parat meuntas lembur sagede kitu mah. Tapi tayohna teh manehna ingeteun keneh, yen Bah Iding teh miara anjing. Liwat kadinya mah tong boroning wayah kitu, Magrib keneh ge tara elat digogog. Ana anjing geus kadenge manting, Bah Iding teh tara elat turun, bari ngambang-ngamang bedog ruyung. Da manehna mah sarena teh tara di jero. Mun teu di tepas - tukangeun saroja - tangtu luhureun kandang munding.

Kasieun Kardana ge kitu jigana. Sabab mun ku itu tuluy disahakeun, manehna geus tangtu kudu gancang nembal. Kateuteuri susulumputan ge ari geus kitu mah. Da saurang geus nyaho mah tangtuna ge tuluy pabeja-beja, yen manehna geus balik deui. Tapi mun teu diwaro, alamat dibetahkeun, da ka nu ngulampreng keneh tengah peuting mah saha nu teu curiga. Rek nguriling, nguriling ka mana. Kukurubutan mipir-mipir lamping mah komo, moal aya nu nyangka jalma bener.

Tapi sajeroning rengkag-rengkog kitu dak dumadak Kardana diberean caang pikir. Ceuk ingetanana, sieun teuing digareuwahkeun anjing, da anjing mah ngaranna ge anjing. Saratus kali satia ge ka dunungan ari keur ceuyah usum jagong kieu mah piraku ngaringkuk wae di golodog. Ninggang nu boga bongoh mah tangtu maling-maling da anjing mah kabeukina ge jagong ngora.

Teteg deui Kardana teh sanggeus boga pikiran kitu mah. Leumpangna ngingkig deui jiga tadi. Teu rarat-reret. Sup ka lembur. Reup poek, da kalingkup deui ku tatangkalan. Blig, blig sora lengkahna asa malik ngagebrigan ka sorangan. Ambekna dipengkek. Angen rantug. Hiliwir angin lirih meuntas lembur. Tatangkalan ngadak-ngadak maroyeg, pating rarigrig jiga jurig ngigel. Keresek, keresek, sada sandal meuntas luhureun kalakay garing. Kardana ngenca ngatuhu ku juru panonna. Ukur remeng-remeng. Uhu, uhu sora batuk lilir, ti imah nu itu. Lenyap angen Kardana teh. Ratug, tariking ku reuwas, asa dihoyahkeun ti nu poek. Dengkek deui sora budak ceurik, kawas nu kalesotan susu indung, atawa katindihan lanceukna.

Gedig, gedig, bray rada caang deui. Plong weh pikiranana ngemplong, bari ngaleupas ambekan. Ngalengkahna beuki kerep. Solendang tasna digilirkeun kana taktak belah katuhu, bari dicekel, ngarah teu ngagokan lengkah.

Geus moal manggih deui lembur ayeuna mah. Leumapng dangah ge moal sieun ringkang da kenca-katuhueun teh poek ku kebon jagong. Kadangkala paselang jeung huma, kebon hiris, sampeu, atawa kebon jeruk. Turug-turug panon teh moal leupas awas, ukur bisa wewelasan lengkah, da halimun teh beuki kandel, ka lengkob ka mumunggang.

Tapi palebah tangkal randu mah manehna teh ngarengkog deui. Curinghak. Lengkahna diancaan, malah tungtungna mah tuluy ngarandeg. Ti kajauhan kadenge sora nu beluk, hawar-hawar. Sorana kendor tarikan, kasawur ku angin peuting. Ngalaeu, melang-melung, mulas-melis kawas hayang dibaturan keueung.

Kardana sirikna teu dengdek-dengdek wae ngadengekeunana teh, bangun hayang teges ka nu boga sora. Geus apaleun mah manehna teh meuni ngareketek. Jul-jol lalakon bareto, nyeuit-nyeuit deui kanyerianana. Hate ngenes nu geus pepes, ngadak-ngadak ruhay deui. Leungeuna ngarayap ngarampaan tasna. Porosot cantelna dibuka hiji, tuluy dikodok. Lol hulu balati, disarungan ku perelak bodas. Geus dipaut tuluy diselapkeun kana cangkengna, jeroeun kameja.

"Jadi ayeuna mah," ceuk gerentes hatena. "Moal deuk dipangejatkeun. Teu panasaran aing nepi ka kudu ngajolor di jalan ge ari pada-pada dikencar mah!"

Teu mencog sangkaanana, memang enya Sasmita nu keur ngalaeu beluk teh. Kulisi desa. Matuh saban peuting ana ngontrol teh manehna mah sok ngelemet. Ana pareng bijil bulan, nya kitu sok bari hahaleuangan. Geus arapaleun sarerea ge. Tayohna liar peuting teh ari dibarengan caang peuting mah sok nyiptakeun alam lamunan. Bangun mawa waas, mawa kelar. Ngamplang sagara katineung. Rus-ras kana laku lampah diri. Lalakon bareto asa kamari, baheula asa ayeuna, saliwat-saliwat jiga dina pangimpian. Nenjo langit ngalanglaung, alam teu tinemu tungtung, kuciplak mulang ka diri. Malikan lampah kamari. Boa enya boa lain. Hirup ukur wawayangan. Ana umur tinemu tuntung, jog anjog ka bale pulang, ngalalakon tanceb kayon, carita kari tulisan. Cacap raga, kari kalangkang.

Sasmita ge enya kitu celak-celukna teh. Melas-melis bangun kahudang ku guguritan. Cenah, "...hirup katungkul ku pati, paeh teu nyaho dimangsa..."

Beuki peuting sorana sok beuki peuyeuh.

Ari ayeuna melang-melungna teh tereh ngarubuhkeun, kari tilu padalisan deui, "...ana kasasar nya lampah, napsu nu matak kaduhung, badan anu katempuhan."

Kakara ge maju tilu lengkah, Kardana teh ngarengkog deui, bangun mendag mayong. Napsu nu geus mimiti hurung ngadak-ngadak lempes deui. Kawas aya panoel nu gaib nitah mulak-malik mikir. Bisina terus narutus, kaasup pangajak setan.

Enya ari enyana mah manehna kungsi meunang kateungeunah ku kulisi desa teh. Bareto teh basa Kardana geus ditambalung ku reserseu, Sasmita kungsi nyacampah bebeakan, bari nunjuk-nunjuk hareupeun jalma di bale desa. Pokna, "Sia teh rek ngacowkeun daerah aing? Sia teh rek ngajago? Hayang ngajajal Si Sasmita? Sok! Ku aing moal burung ditande."

Caritaan kitu ninggang kana hate nu keur meujeuhna digerihan, nya puguh teurak pisan. Da harita, pangna Kardana luas mahala jelema ge taya lian tariking ku nyeri, pedah boga pamajikan anu kaacida dipikanyaahna kasampak keur digadabah batur.

Tapi da eta mah bareto.

Ayeuna mah Kardana teh loba deui rus-rasna. Ras ka ditu, ras ka diri sorangan. Mun tea mah peuting ieu Sasmita nu kudu bobor karahayuan, sok tada teuing anak-anakna. Mangkaning sagenep-genep, turta laleutik keneh. Pantesna teh reang careurik, nenjo bapana digarotong geus jadi layon. Sabalikna, mun manehna nu ninggang di apes. Atuh sasat-sasat jauh panjang gagang. Pangna daek ngulampreng nincak deui lemburna ge apan tariking ku hayang tepung jeung nu jadi anak. Hayang ngarawu, hayang mangku, tina sakitu kalilaan di pangbuangan teu bisa nyacapkeun kasono. Kari-kari ayeuna, sasat kari sagokeun hayoh rek kaolo ku panggosok setan.

Ingetan kitu nu ngalantarankeun manehna mendag mayong teh.

Malah geus katingali pengkolan mah, manehna teh sup ka jero kebon, nyalingker tukangeun tangkal muncang. Ceuk pikiranana, diteruskeun mah moal henteu geus tangtu amprok jeung Sasmita teh. Panona seukeut ka palebah pidatangeun nu rek liwat.

Nya bener itunganana teh, da teu kungsi lila, jebul Sasmita ti beulah ditu, make baju sarwa hideung. Iketna dibudedkeun, nuruban daun ceuli. Teu sidik beungeutna mah da puguh haleungheum. Ngan bedogna we nu kaciri teh, mani ngangsar.

Jeung kawas nu terus rasa manehna teh. Leumpangna beuki lila beuki ngendoran, luak-liuk ngenca ngatuhu, siga nu sieun kabongohan. Malah tuluyna mah reg eureun di pengkolan pisan. Hulang-huleng rada lila, bangun bari mikir-mikir, naha mending tuluy mudun, ka kidul, atawa mending mengkol nyimpang ka lembur Lebaksaat.

Nya mengkol tulusna mah.

Ungkuy-ungkuy, les leungit kahalangan pager hirup. Teu kungsi lila ngong deui ngahaleuang lagu liwung. Melas-melis. Tayohna ngarah nu tarunggu hui beulah ditu kahudangkeun. Rek milu siduru, bari nyoro bubuy boled.

Kardana gancang kaluar tina panyalingkeranana.

Teu rengkag teu rengkog ayeuna mah leumpangna teh. Ngungkug cepet ngaler. Anakna geus kokolebatan wae. Hatena mah geus miheulaan nepi. Ngarawu mangku, ngagalentoran anakna nu keur meujeuhna cooeun.

Nu diburu-buru teh imah indungna. Tapi ari geus nepi imahna mah kalah tuluy ngajanteng di buruan. Ngahuleng pirang-pirang lila. Titingalianana asa sagala geus barobah. Bangun anjog ka lembur anyar pinanggih, sarta bingung nya pilampaheun. Karasaeunana asa narikolot. Reup manehna peureum. Cipanonna murubut teu kaampeuh. Batin-batinna mah sasambat ka Nu Ngayuga, awor jeung rasa bungah, dikadarkeun bisa deui nincak bali geusan ngajadi, buruann pangabetah pangulinan ti bubudak.

"Ma...! Ma...!" pokna haroshos, bari ngetrokan panto lalaunana.

Kulutrak. Bray panto muka. Breh paeunteung-eunteung.

"Ya Allah! Anak aing! Anak Ema!" Indungna mehmeh ngajerit, bari ngagabrug. Kardana dipuntel bari diceungceurikan.

"Ujang! Anaking! Anak Ema!" pokna, pok deui pok deui, kawas nu euweuh deui pikecapeun.

Kardana ngarumpuyuk. Sampoyong. Brek diuk dina korsi, satengah meubeutkeun maneh. Ngeluk bari ngarahuh. Indungna ge brek tapak deku, kunyam-kunyem, acong-acongan nyembah ka Gusti bari tipepereket mengkek piceurikeun. Karepna mah hayang aluk-alukan ngarah puas, tariking ku nyeri pabaur jeung rasa bungah. Tapi kapikireun, mun kitu teh kuriak matak gareuwah ka tatangga. Da ngadenge nu jejeritan tengah peuting mah tada teuing guyurna salembur.

Keur paungku-ungku kitu, kadenge sada nu keketrok ti luar, kana jandela.

"Bi...! Bi...! Bi Rahmi...!" pokna. Sora lalaki, rada dipegeg.

"Saha? Amung?"

"Enya!" walon ti luar semu gugup. "Kade Bi ulah sare teuing. Aya jelema!"

"Jelema...? Kamana leosna?"

"Ka dieu, ka lembur urang! Katangenna mah ti kidul keneh, ku Bah Iding, tuluy ngabejaan ka saung. Tapi lebah astana leungiteun cenah!"

"Heug, keun atuh!"

"Kade, Bi! Kuring rek nyusul Mang Kulisi, bisi manehna tuluy ngidul," obrol ti luar deui haroshos. Blig, blig sora lengkahna.

Kardana ngarahuh deui. Ngaheruk, bangun cape kabina-bina. Tapi barang ngadenge sora nu lilir ti kamar, manehna teges meni ngaranjug. Jung nangtung, serelek nyingraykeun hordeng. Breh anakna keur sare bangun tibra.

Rek dirawu, kaburu dihulag ku indungna.

"Keun heulaanan, Jang!" pokna ngaharewos. "Karunya, kakara reup pisan. Ti sore keneh rungsing wae, teu puguh kahayangna."

Kardana nguat-nguat maneh, tungtungna gek diuk tunjangeun anakna. Pek budak teh diteuteup. Mani camihmil. Parangina marahmay, bangun nu keur genah hate.

"Deudeuh teuing, Geulis!" pokna dumareuda. "Ieu Apa datang, Cu. Moal ayeuna mah, ku Apa moal ditinggal-tinggalkeun deui."

Pek embun-embunanana diusapan. Belenyeh budak teh imut, bari tuluy leungeunna dicamplangkeun, nyekel guguling kenca-katuhu, kawas nu ulah dipisahkeun.

Kolesad kardana ka tengah imah deui. Teu kungsi lila sup deui ka kamar bari mawa tas. Eusina dikodokkan sarupa-sarupa, sok digoler-golerkeun gigireun anakna. Biskuit sabungkus, roti sabungkus, jeung bonbon karesep budak. Panungtungannana, baju sasetel jeung sapatuna. Pek diukur-ukur, meujeuhna. Sok deui gigireunana. Gulipak budak teh malik, siga nu ngahaja rek ngarawu kikiriman bapana.

Bray lampu tempel di tengah imah digedean.

Indungna katembong barintit keneh. Kardana ge can pulang deui dayana, diuk nyangsaya bari ngaheneng. Sor diasongkeun citeh tiis.

"Wegahna mah nataku, Ma, nincak deui lembur teh," pokna. "Ngan Si Nyai kokolebatan wae, teu beunang dibangbalerkeun."

Indungna ngeluk, murubut deui cipanonna.

"Ema ge sok ngarakacak puguh, Jang, ari ngeus ngadenge budak Apa-apaan teh. Asa kaseuit-seuit. Komo ayeuna geus capetang, ana ceurik teh tara elat sasambat, hayang ka Apa, hayang ka Apa, cenah. Tungtungna mah Ema ge sok milu ceurik. Pantes mun di ditu maneh sok mindeng gegebegan ge."

Kardana ngeluk deui, bari mengkek deui cipanon.

"Asa moal manggih deui siksaan nu leuwih beurat batan kudu papisah jeung anak. Manteng we paneda teh beurang peuting. Sok sieun dikadarkeun bobor karahayon di pangbuangan. Ceuk ingetan teh, mati-mati pondok umur ge hayang diparengkeun bisa tepung heula jeung nu jadi anak. Ayeuna diijabah."

"Ema mah ngahelasna teh ari ningali budak pareng keur diuk di tepas, sore-sore. Ngalangeu wae cara budak gede, bangun nu jarauh panineungan. Pantesna teh nalangsa, asa teu tuah teu dosa pada naringgalkeun. Ku indung dijauhan. Ngarep-ngarep bapa teu weleh datang. Teu beda ti budak pahatu lalis. Mun katingali kitu teh ku Ema sok gancang dirawu, dibangbalerkeun."

"Nya indungna nu haramjadah tea mah!"

"Enya, memang salah indungna. Tapi budak mah da puguh budak, teu nyaho nanaon, ana pareng inget mah keukeuh we sok nanyakeun indung."

"Nya eta sabisa-bisa mah ulah, Ma! Ulah nepi ka aya pijalaneun inget ka indung!"

Indung Kardana tungkul teu ngawalon.

"Eta ge kitu," pokna deui. "Ema teh nurut we sakumaha papatah hidep bareto. Malah harita keneh budak teh tuluy dicokot ku Ema, teu ngingetkeun nyusu keneh. Sirikna teu pabedol-bedol jeung Nyi Atikah teh, da keukeuh teu mikeun mimitina mah. Najan disungkal ku halu tujuh ge, moal cenah ari kudu pukah jeung anak mah. Ngan ku Ema dihantem dileuleuyan. Nya lila-lila mah teu burung ngelehan manehna teh. Budak teh dibikeun dibawa. Rumasa cenah awak geus bau. Kuriak wae mawa sangar ka nu jadi anak. Ngan aya pamentana Atikah teh. Cenah, heug dipasrahkeun, asal meunang ngalongokan. Kaduana hayang ditepungkeun heula jeung hidep, Kar! Ku Ema gancang disanggupan, dapon Mia kabawa. Malah kungsi dianteur ka Banceuy harita teh, tapi hidepna kaburu manten diiangkeun ka Nusakambangan."

"Siga nu heueuh nyaah ka anak. Kuring mah teu! Teu hayang nenjo kalangkang-kalangkangna acan. Paralun ulah nepi ka diparengkeun tepung deui jeung Si Atikah teh!"

Indungna teu nempas.

"Pantes rek mindeng inget ka indung atuh ari sok ditembongan wae mah!" Kardana rada nyereng, bangun nu keuheul ka indungna.

"Nya eta salah Ema, Jang, da tadina kaburu ragrag sanggup tea. Jeung teu tega gegedena mah. Budak teh teu sirikna muntel ari geus tepung jeung indung teh, puguh tara daek pukah. Bangun sieun ditinggalkeun deui."

"Enya ari ningali kituna mah. Tapi Ema teh kudu inget, apan pangna kuring nepi ka kieu teh, nepi ka kudu ngalaman di bui, taya lian alatan laku lampah Si Atikah!"

"Kaharti ku Ema ge, tapi...tapi kahayang Ema mah nu enggeus mah enggeus we, Jang, da moal aya anggeusna. Tong diinget-inget wae, bisi jadi matak deui!"

"Nya rek kuma bisa poho!" Kardana beuki nyereng, bangun kahudang deui napsuna. Dirasa-rasa, ray poe-ray poe teh bet asa beuki nyeri. Beuki ngenes. Taya bangsana ijid dipangnircakeun ku pamajikan mah. Disertu tujuhkali ge asa moal kakumbah. Komo ieu digeugeuleuh ku lalaki pantar Si Kardayat. Dipisobat kalah ngala bongoh. Saha nu teu cua. Gemes. Can nepi ka nyasaak mah rarasaan teh can suka ati.

Indungna teu waka ngomong deui, sieuneun anakna katutuluyan kahudang amarah. Ceuk pamikirna, kanyerian ku pamajikan mah da memang euweuh ubarna. Ana geus poek, teu beda ti seuneu hurung dicemplangan minyak bensin. Pudigdig napsu ngagugudug. Matak pantes Kardana nepi ka kapoekan ge. Keur mah balik cape harita teh, nyampak pamajikan busik, urut make batur.

"Tapi da napsu mah puguh napsu," kitu ceuk gerentes indungna. Moal puas ku diumbar. Nu dumuk mah matak nalikung ka diri. Da buktina tina alatan mahala Kardayat teh, Kardana nepi ka kudu ngasaan siksa panjara. Ari ayeuna, can keneh puas wae.

Indung jeung anak tuluy paheneng-heneng, nganteur lamunan sorangan.

Di luar, kadenge angin peuting ngaliwat deui. Beuki lila beuki tarik, ngagelebug. Plak-plek-plok nebakan daun cau, kawas nu kekeprok bari liwat. Guprak kenteng murag. Beretek domba patingkorejat di kandang, kawas nu disampeurkeun ajag. Cungungung sora anjing babaung di lemburan peuntas ditu. Ditema ku sora kohkol, hawar-hawar ti bale desa.

Jep deui angin teh leler.

Kardana diuk sila tutug, bari mencetan tarang ku leungeun kencana.

"Kutan wani ngulampreng keneh di urang Si Atikah teh!" pokna. "Kandel kuli beungeut!"

"Nya eta karunya ningali kituna mah ka manehna teh, Kar!" omong indungna leuleuy. "Da sanggeus nampa surat talak ti maneh teh Atikah tuluy balik ka lemburna. Tapi ku indung bapana teu ditampa. Heunteu ari disapa-sapa teu diaku anak mah. Ngan teu meunang nete-nete deui, cenah, bongan ngawiwirang kolot. Nya tuluy disambat ku lanceukna, di Lebakngampar, tapi teu lila, da bejana di ditu teh ngadon direremokeun ka dulur dahuanana. Atikah teu daekeun. Tuluyna ayeuna teh di bibina, bari usaha ngaput."

"Na sanes teras oleng panganten sareng Si Gejul, cenah!"

"Kateuing. Tapi da Kardayat ge geus teu aya di urang ayeuna mah. Balik ti rumah sakit teh teu kungsi nincak heula lemburna."

"Ari eta make hayang tepung jeung kuring. Rek naon cenah lelewa Si Atikah teh?"

"Duka! Ari nyaritana ka Ema mah ngan hayang tepung heula we cenah, rek menta dihampura. Pedah bareto meureun teu kaburu nyarita."

"Kateuteuri. Awewe kitu mah geus euweuh hampuraeunana!"

"Ih ulah ngaleuleuwihi Nu Maha Suci, anaking!" Indungna lumengis. "Keun wae ari moal ngahampura mah, da itu ge moal maksa meureun. Omat urang ulah boga rasa bener aing ti batur. Da puguh jalma mah bener soteh ari keur bener, ninggang nincak di salah mah tara bener. Urang ge nya kitu. Matak disebut lautan hampura ge nya eta meureun nyirikeun yen hirup teh rea pohona."

"Ah, asa can punah kuring mah!"

"Taya bayana, Kar. Tapi nya muga-muga we, cenah ti urang teu meunang pangampura, atuh mugi-mugi ti Gusti-na. Da Anjeunna mah Maha Murah, turta langkung tingali."

Kardana ngaheruk, semu lungse.

"Kuring ge lain teu hayang ngahampura, Ma!" omong Kardana, laun. "Tapi hate teh keukeuh wae teu daek merean."

"Nya keun wae ceuk Ema ge. Perkara eta mah peun, nyanggakeun ka Gusti Nu Maha Suci. Bobot pangayon timbang tarajuan mah kari kuma Anjeunna. Da ku saayeuna ge katingalina mah manehna teh geus mehmehan teu tahan, balukar tina boga talajak kitu teh. Ray poe-ray poe, siga nu teu kendat diganggayong."

Kardana teu nempas deui, kalah nyangsaya bari peupeureuman. Pok deui indungna, "Mani geus ragas awakna teh. Nguluwut tayohna. Unggal ka dieu tara elat sumegruk bari nyuuh kana lahunan Ema. Ngageugeuri saban tepung ge. Cenah batin-batina mah geus teu werat kumelendang, tariking ku era. Rungkang-ringkang, luwat-liwat asa napak asa henteu. Ana tepung jeung nu wawuh, cenah mani asa teu beungeutan. Kadieu ge sok poek keneh datangna teh. Balik-balik mun geus magrib."

Indungna ngarandeg heula.

"Sakapeung mah manehna teh bangun geus pondok harepan. Cenah, batan diganggayong kieu mah asa leuwih hade puput umur. Panjang ge ngangandar wirang, hirup geus taya pangaji. Tapi ana ras ka anak, meureun sok leler deui ngagerina teh."

"Nya bongan sorangan," Kardana nempas. "Ulah meubeut meulit ka nu lian."

"Rumasaeun eta ge," omong indungna deui rada tatag. "Malah tungtungna mah nya kitu nyarita teh. Cenah da geus dumuk teu cageur ku handeueul, ayeuna mah kari ngadago-dago salaki, sugan meunang keneh panghampura. Atuh dina henteuna, cenah ari geus kadenge ku sorangan mah teu panasaran. Gantung tinggi buang jauh pasrah lilah, tarima dikasalahan. Dina dug di mangsa teh moal jadi angen-angen wae."

"Kuring mah lain nanaon, nyaram ditepungan teh nya eta ngingetkeun pikahareupeun nu jadi anak. Mangkaning budak teh awewe, geura. Sok tada teuing eraeunana mun jaga teh - pareng Mia geus sawawa - cew aya beja kaemper-emper, yen pangna kolotna pepegatan bareto teh cenah meureun, pedah indungna kitu-kitu jeung si anu. Pisakumahaeun teuing ngarakacakna hate nu jadi anak. Nanggung wirang saumur-umur alatan perbuatan indung. Piraku teu hareudang hate kuring. Nu matak taya deui jalan iwal ti kudu disapih, ulah nepi ka nyaho dirupa indung!"

Indung Kardana nganjug deui ngadenge caritaan kitu teh. Teu nyangka anakna bakal matok dina gurat batu. Tapi ari pokna mah, "Sukur atuh ari hidep geus ngeunteung kahareup mah. Ema moal kudu hese papatah."

Kardana unggeuk.

"Ema mah peupeujeunh teh, Kar, poma hidep sing rikip nyamunikeun rasiah, mangka wijaksana nyaritana, da najan diulah-ulah ge, sakali mangsa mah manehna tinangtu bakal nalengteng, nanyakeun indung. Sarebu kali dipinding-pinding, sarebu kali dibuni-buni, awal ahir mah tinangtu tepung. Da puguh aya paribasana, pancuran mah tara poho ka tampian. Tah lebah dieuna mangka wijaksana di urangna!"

"Nyaeta nu matak rek dibawa ge!"

"Dibawa...?!" Indung Kardana kaciri ngagebegna.

"Enya, rek dibawa!"

Nenjo indungna ceuleumeut, Kardana gancang neruskeun. Cenah, da geus aya bulanna kaluar ti pangbuangan teh. Sararak-siruruk di kota. Ayeuna geus meunang gawe, di bengkel. Jeung geus boga panyewaan. Niatna geus gilig deuih. Nincak deui lembur teh ngan ukur rek nyokot budak. Ti dinya mah paralun, ulah diparengkeun nete-nete deui. Teu kaduga cenah ari kudu deui pagilinggisik jeung nu wawuh mah. Da sahenteuna geus pada nyaho. Kuriak pada nanggap, jadi bahan gogonjakan. Mana mending nyelongkeun maneh di nu rame. Teu ditembongan mah piraku teu paroho.

Indungna sirik teu nyembah-nyembah, bari ngahinghing.

"Ulah, Jang! Ulah,,,!" pokna. "Jeung saha atuh Ema ari Si Nyai dibawa mah! Sing karunya ka..."

Teu didenge tayohna. Da sanggeus ngagayuh ka janari mah regeyeng wae budak nu keur tibra sare teh dirawu ku Kardana. Awakna dibulen ku simbut kandel.

Nenjo kitu indungna bati rampang-reumpeung. Ngok budak teh diciuman bari diusapan. Hulang-huleng teu puguh cabak. Tungtungna top kana boneka, pek ditangkeupkeun ka budak nu keur lulungu teh.

"Bismillah...! doakeun Ma!" omong Kardana.

Jrut ka buruan. Bulan ngempray, belenong. Halimun peuting nyingray kasingkirkeun angin lirih. Alam dunya ngemplang, teu usak-teu usik, cara nu keur sare tibra.

Kardana ngungkug sajeroning mudun. Leungeun nu kencana dipake nahan tonggong anakna, bisi ngalenggak teu katande.

Tapi lila-lila mah budak teh lilir. Ret kana beungeut bapana, neges-neges.

"Apa, Cu!" omong Kardana. Ngok dicium.

Leungeun budak teh tuluy meulit kana beuheung bapana bangun pohara sonona. Pek tatanggahan. Panonna nu cureuleuk mureleng mencrong bulan.

"Apa, bulan teh nutur-nutur wae."

"Muhun!"

"Alim dikantunkeun, nya!"

"Muhun!"

"Mia ge alim dikantunkeun deui," omongna bari nangkeup, beuki pageuh.

"Moal, Geulis!" Ngok dicium.

"Saur Mamah, Apa nuju angkat. Bade lami pisan..."

Teu nembal.

"Tapi Mamah ge angkatna lami pisan. Mia bobona sok sareng Nini wae."

"Muhun!"

"Mia mah bobona hoyong di bumi urang deui. Alim di bumi Nini mah."

"Muhun!"

"Di bumi Nini mah Apa teu aya. Mamah teu aya."

"Muhun. Mia nyaah ka Apa?"

"Nyaah. Ka Mamah oge nyaah. Apa oge ka mamah nyaah?"

Teu nembal.

"Apa oge ka Mamah nyaah?"

Unggeuk.

Budak teh ngagenggehe kana taktak bapana, ngaramesan kameja, bangun sugema.

"Saur Nini Mamah teu damang."

Teu nembal.

"Ayeuna mah tos damang?"

"Atos!"

"Mia mah bobona hoyong sareng Mamah deui."

Teu nembal.

"Engke bobona bade di bumi urang deui?"

Teu nembal.

"Ayeuna Mamah nuju ngantosan?"

Teu nembal.

Budak nu keur meujeuhna tetelepak teh ari teu diwaro mah tuluy jempe. Pek cengkat, bari neuteup, neges-neges beungeut bapana.

"Naha Apa nangis?" pokna, halimpu.

Kardana sirikna teu ngarumpuyuk. Budak teh ditangkeup, bari digalentor. Anakna ge malik nangkeup, bari nyusup. Pokna, "Mia ge nyaah ka Apa. Ka Mamah ge nyaah." (*)


Iskandarwassid
Halimun Peuting Halimun Peuting Reviewed by Rupa Sundapura on 22.08 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.