Nginum Racun

Barakatak

Kacaritakeun Mang Otib keur putus asa. Gawena ngan saukur huleng jentul di jero bar bari nempoken inumeunana dina gelas. Keur kitu torojol aya preman datang terus langsung nguyup eta cai nu aya dina gelas Mang Otib nepi ka beak. Nempo kitu Mang Otib langsung ceurik ngagukguk.

"Heyy...ulah ceurik kitu atuh. Aing ngan sakadar heureuy tadi. Ke ku aing di beulikeun deui inumeun jang ngagantian nu tadi!" Si preman coba ngahibur.

"Ulah...bae ulah...! Poe ieu ngarupakeun poe paling naas dina kahirupan kuring. Kahiji, tadi kuring telat asup kantor. Bos kuring ambek-ambekan, terus kuring di pecat. Pas rek balik, mobil kuring aya nu maok, dicokot batur. Terus pas kuring naek taksi, singhoreng dompet jeung kartu kredit kuring tinggaleun dina taksi. Nepi imah kasampak pamajikan kuring salingkuh jeung tukang kebon. Ahirna kuring indit ninggalkeun imah, terus datang ka bar ieu. Maksud teh rek maehan karep ku jalan nginum racun, ari heg kalah datang maneh terus nginum cai kuring anu aya racunan nepi ka beak."

Ngadenge Mang Otib ngomong kitu, si preman langsung ngerekeb gelas. (*)

Nginum Racun Nginum Racun Reviewed by Rupa Sundapura on 11.37 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.