Imah Baheula

Fiksi Mini Basa Sunda

Saprak ditinggalkeun ku salaki nu teu puguh raratanana, kuring nyicingan imah baheula warisan ti mitoha. Saban peuting aya wae kajadian nu aneh. Sora nu ceurik ngabanginging, sakapeung rame ku sora gamelan. Nu ngabaturan awewe tuwah-tuwuh titinggal mitoha. Gawena sare na dipan dapur. Lain teu dipernahkeun, mung kahayangna kitu.

Hiuk...angin neumbrag punduk. Kolebat nu ngolebat lebah lawang ka dapur. Disampeurkeun. Karek salengkah, goloprak! sora nu murag di kamer hareup. Ngarandeg, ngalieuk ka tukang. Hordeng kamer oyag-oyagan. Rek dilengkahkeun suku aya nu ngewat, gebut. Awak tibeubeut, sirah tidagor kana tembok. Leng...

Teu kungsi lila korejat kuring hudang.

"Mana nu sok ngaganggu teh?" Sora bet jadi robah jeung pinuh kukawani. Luak–lieuk, nu katempo ting beretek teu puguh rupa. Ret kanu aya di dipan, manehna keur emok ngacungkeun jempol bari seuri nembongkeun huntuna nu ranggeteng. Ret deui kanu keur ngagoler na tembok, hate ngaleketey. (*)


Nandang Sofyan Priatna
Imah Baheula Imah Baheula Reviewed by Rupa Sundapura on 11.17 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.