Wanci Pasini

Teu kagambarkeun rurupaan jeung adeg pangadeg semah nu datangna tumorojog tanpa larapan teh. Ngan ku sareretan ge, nenjo sorot panonna, teu meunang henteu kuring kudu nyebutkeun pikagimireun. Memang kitu pisan, luyu jeung karepna pangna nepungan.

Carita Pondok

"Naha atuh bet teu ngiberan heula ti anggalna?" pok teh maksakeun nanya.

"Wah, tong disaruakeun jeung urusan dines kantoran atuh!" tembalna semu ngece. "Jeung deui, ceuk saha teu ngiberan heula!"

"Sing ngarti bae lebah dinyana mah! Pan goreng-goreng oge di dieu teh jelema aya kasebutna!"

"Na teu cukup ku galingging jeung panas tiris teh? Teu dibongohan sabot leumpang ge untung, Jalu!"

Padu tinggal padu omong, taya hartina deui pikeun wanci ieu mah. Wanci pasini nu geus dipastikeun. Tur salah kuring sorangan deuih, teu engeuh kitu kieu. Panyana hareeng saeutik wae mah isuk pageto ge cageur deui. Horeng ieu teh totonde.

"Teu meunang tempo deui, nyah?" kuring nu nyoba-nyoba nawar.

"Teu bisa! Kami mah lain tukang dagang, lain tukang nganjuk, lain tukang aras-urus nu waktuna bisa diulur-ulur!

"Na enya?" Bari kerung kuring nginget-nginget ngaran semah. Asa wawuh, tapi teu wanoh. Asa inget tapi poho pisan. Keur budak mah baheula sigana kungsi apal.

"Sok! Geus tepi kana dihin pinasti, kudrat iradat ti ajali. Dina menit ieu anjeun kudu pasrah pikeun dibawa mulang ka kalanggengan!"

Lek...dada ngahanju. Karasa nyentug ngadurudud. Nyeri alah batan ti nyeri. Hayang calawak, bororaah, teu bisa engab-engab acan. Kuring ukur bisa ngutruk teu puguh. Teu sopan! Teu tarapti! Telenges! Kejem! Taya rasrasan!

"Uuuuuh...! Huh...! Huh...panas halabhab!"

Nu ngarariung di gigireun, di tunjangeun, kapelong kabeh carelong, carindul. Tapi kabeh ge taya nu bisa nulungan. Taya nu bisa mantuan bangbaluh nu keur sakieu beuratna nindihan. Taya nu kawasa mere pitulung batan sakieu diri keur diayun ambing antara alam samar jeung alam nyata. Antara wujud jeung gaib. Kabeh ukur ngabaretem. Kabeh ukur ngabarigeu. Taya nu lemek taya nu muni.

Lek...kerelek! Les...!

"Emh, geus tuluy geuning, geus tuluy!" Nu midangdam tinggarauk nyeungceurikan jasad nu geus kosong. Bugang nu geus teu daya teu upaya.

Ah, teu hayang teu sing nitenan polah jalma-jalma nu keur cuh-cih ngarasanan jasad kuring. Dititenan kalawan imeut, nu haat ngagulang-gaper teh horeng jalma-jalma nu bareto teu pati kacorogoh, jalma-jalma nu malah rereana mah tara diropea najan enya ge kuring mindeng patepung, mindeng paamprok. Sedeng ari batur-batur urut sagulung-sagalang mah kabeh oge dariuk di luar. Sawareh ukur ting tarempo kana beungeut kuring nu geus euweuh getihan bari jeung hatena mah ngarocoblak ngomong, rada-rada ngagogoreng.

"Keur hirup anjeun pada mikaajrih pada mikaserab teh! Geus kieu mah deuleu, naon hartina!"

Karek semet kitu. Komo kaengkenakeun, biheung kumaha omong jelema teh. Jelema waktu keur hirup raket-ruket babarengan.

Jol lalaki tegep dijas hideung, mawa karangan kembang.

"Tawis bela sungkawa ka almarhum!" cek eta lalaki, nu taya lian salah saurang koleha kuring nu pangdeukeutna, ka ahli waris kuring.

"Katampi!" tembal nu nampanan. "Sareng mugi-mugi..."

"Mugi-mugi almarhum kenging rahmat kubur!" Koleha kuring megat kalimah. Riuk beungeutna kateguh, yen ngomong kituna teh tamba henteu ngomong bae. Eces sora hatena mah lain kitu. Kadenge pisan kawas nanya, tapi sari-sari ngahina, "Naha perkara ngagelapkeun duit batur teh bakal kapanggih sanggeus anjeun maot? Tur lamun kitu, bakal jadi dosa gede eta teh kitu? Sing ati-ati we ah pikeun hujahna! Kade ulah mawa-mawa ka sayah!"

Wungkul kamunapekan nu puguh mah. Matak bosen nenjokeunana.

Jol deui saurang nyerenkeun karangan kembang. Koleha kuring keneh dina usaha sejen, basa keur hirup di alam dunya.

"Mugi-mugi..." kitu ngomongna teh. Kuring geregeteun deui nenjo pepetaanana jiga nu heueuh milu sedih ku kaayaan kuring nu geus nepi kana wanci pasini kieu. Padahal hate leutikna mah surak mani ngaguruh, 'Sukur bae anjeun indit ti heula. Pangkat anjeun, meureun kuring nu ngagantina! Mun anjeun aya keneh mah, cadu mungkuk haram dempak kuring bisa ngalindih, bisa nyingkahkeun posisi anjeun. Kuring seunggah nyanghareupan beking-beking bayaran anjeun, koneksi-koneksi anjeun, jeung sajabana pancaraken kiwari!'

Jol deui nu sejen.

"Bapa ngantunkeun. Mugi-mugi...," ngomongna teh bari nyurucud cipanon. Eta teh usung-esang kuring jaman kawasa. Heueuh sedihna mah sedih ditinggalkeun ku kuring teh. Tapi lain sedih lantaran kuring ninggalkeun, sedihna ku perkara sejen deui. Perkara kahirupanana pikahareupeun. Lantaran manehna sausik malikna teh estuning ngandelkeun kuring bae. Purah diutuh-etah dapon gede buruh.

"Daek neangan pakta yen Si Polan rek pura-pura jujur?"

"Sanggem! Nanging alesanana naon?" manehna giak pisan.

"Alesanana...ngabahayakeun posisi urang. Manehna teu jujur sarua jeung urang. Ayeuna rek api-api jujur, kumaha? Beres lah buruhna mah!"

"Sanggem!"

Ayeuna kuring euweuh. Manehna tangtu leungiteun pakasaban.

Sagala geus beres. Ahli waris kuring ngitung-ngitung hutang jeung pihutangeun, bisi matak beurat engkena

"Hutang ka Bang Jaed sakitu ratus rewu, ka Mas Odoh sakitu puluh rewu, jeung rea-rea deui. Ieu tanggungan urang mayaran, memeh asup duit nu dihutangkeun ku almarhum. Di Bung Ace sakitu puluh rewu ditambah rentenna. Di Kang Dede saanu ratus rewu acan kaitung rentenna."

"Naon deui?"

"Euweuh deui!"

"Beres?"

"Beres!"

Jasad kuring digotong dina pasaran. Dipayungan. Diiringkeun ku jelema loba. Dicaleungceurikan. Didaro'akeun.

Emh, nalangsa aya ngenes aya nyeueung pitempateun ngancik sabada raga pisah jeung nyawa. Tuman cicing di tempat nu matak betah tumaninah, nu resik tur rapih, kari-kari ayeuna ukur disayagikeun lahan salogak sakieu heureutna, jaba engke teh dirimbunan ku taneuh. Diitung padung nu aya di dinya, ngan sawelas siki, kai lalawora pisan. Kai teu boga kelas. Sakali nyeget ku rinyuh ge bakal koropok. Teu cara keur hirup, keur kumawasa, cicing di tempat pilihan. Dahar diladenan, sare dingeunah-ngeunah. Kasur hipu kulambu sutra. Tempat tidur ranjang beusi atawa risbang jati nomer hiji. Na ari ayeuna, bororaah ka dianggelan dikasuran, teu ditilaman-tilaman acan. Dogoledagkeun bae dina taneuh. Awak ukur kabulen ku boeh kaen balacu. Kaen kelas pielapeun. Mana simbut ewol nu weuteuh keneh? Mana batur sare nu donto keneh?

Ieung, kieu geuningan!

Bru, bru taneuh beureum saeutik-saeutik dipake minuhan lombang. Dipake ngaruang kuring. Kuring disingkurkeun ka hiji lahan nu nenggang pikakeueungeun. Kuring ditunda di hiji lahan nu werit pikaketireun.

Beres eta disambung ku piduta-pidato. Mun rarasaan kuring acan robah, meureun milu unggeuk-unggeukan mairan kecap-kecap pamuji nu karareuna kana mamaras rasa, najan ari kanyatanana mah papalingpang pisan. Geus hideng deui da sirah teh unggeuk, biwir imut mun pareng kuring ka ditu ka dieu. Sabab geus dibiasakeun, memeh nanaon teh sok disampakkeun pamapag mangrupa kecap-kecap nu parelem, nu ngareunah.

Tapi ayeuna mah naon hartina? Da hate kuring geus teu beunang kaoolo, geus teu beunang dipuji-puji, dipunjung diagung-agung. Bareto keur di dunya, bisa kuring narima. Tur teu kitu bae narima teh deuih. Aya timbal babalikna. Anu bebeakan muji, apan ku kuring dibantu pikeun ngahontal kahayang. Hayang jeneng tea. Hayang logor usaha tea. Hayang kitu tea, kieu tea. Kuring bisa mulang tarima.

Ayeuna mah kakobet jero-jerona nu nyarita teh. Geura tah.

"Almarhum teh seueur pisan kasaeanana, ageung pisan jasana..."

Heueuh gede soteh jasa, loba soteh kahadean, meureun wae aya nu dipamrih. Kuring nyieun jasa mere jalan ka nu hayang logor usaha, apan pamales budi tea ge ngagebro harita keneh.

Ceuk kuring bareto, "Hayang boga pangkat?"

"Hayang!" cek nu hayang teh

"Saanu puluh rewu!" Kuring ngahargakeun.

Tapi hih diaranggapna teh kahadean. Ku kuring pribadi geus puguheun ku ituna mah.

Tah geus pok deui, "Anjeunna teh jalmi sopan, ngahormat, tur ngahargaan ka koleha-kolehana!"

Pikasebeleun! Pan manehna teh nyahoeun kumaha adat kuring nu sabenerna. Mun bisa mah hayang kuring nunjuk rorek ka nu ayeuna araya ngariung patempatan kuring anu anyar. Kuring geus teu hayang dicaritakeun kalawan make basa-basi sangkan genah kadengena. Asa disungkun. Leuwih hade togmol. Mun kuring bisa, kuring rek nyarita sabalakana, "Yeuh, anu masih keneh harirup, teu nyaho yen kuring teh jelema adigung? Lantaran mandang ka sasama manusa teh diukur ku kalungguhanana, ku pangkatna, ku kabogana. Mun enya mah handap asor, moal teuing kuring nganggap hina ka jalma-jalma masakat, ka jalma-jalma katalangsara! Mun tea mah kuring ngahormat sasama, meureun jalma-jalma nu harkat dunyana sahandapeun teh disambat diuah-aeh, diaku sakumaha kuring ngaku ka jelema-jelema nu kaayaanana sapantar atawa saluhureun! Na teu nyaraho, kuring mah hormat teh ka nu bisa mere kasenangan saharitaeun wungkul, lain ka nu butuh ngarewong atawa nu taya deuleueunana!"

Keun! Dengekeun deui, tah!

"Kalakuanana sae, pamadeganana panceg, picontoeun urang sadayana nu baris neraskeun hanca anjeunna!"

Heuheuy deuh! Teu nyarahoeun kitu, atawa memangna disumputsalindungkeun? Da ati sanubari mah teu bisa dibobodo, kalah kumaha oge. Kalakuan kuring sae? Bisa jadi mun ukuran moral di dunya waktu ieu geus dirobah mah! Jelema nu teu bisa hirup sosial, nu api-api nyieun kahadean keur balarea, padahal kanyataanana mah ukur omong wungkul, jelema nu resep leletak, nu bisa ngajual kajujuran kana duit panyogok jeung sajabana geus dianggap kalakuan hade – saeutikna lumrah! Ari su'al pamadegan mah, memang kuring boga prinsip. Prinsip biluk ka nu nguntungkeun! Tur eta teh dipageuhan pisan manrupa hiji kayakinan nu teu meunang henteu kudu dilaksanakeun di mana perlu. Nu matak kuring mah sapanjang hirup di dunya, beunang disebutkeun salamet can kungsi nyorang cilaka, da boga prinsip tea - prinsip biluk ka nu nguntungkeun!

Tunjuk ti luhur kitu, milu kitu! Ceuk ti katuhu ka ditu, leok ka ditu! Ceuk ti kenca ka dinya, geuwat ka dinya! Ngan pamenta ti handap nu asa tara pati digugu teh!

Rupa-rupa deui omongan-omongan teh. Rea-rea deui kekecapan. Nepi ka lekasanana, nu ngariung baralik. Aya nu udud, aya nu seuseurian, aya nu ngawangkong. Teu sakara-kara. Teu ingeteun deui ka kuring mah meureun sangkilang mani ngaringkuk kieu dina sedong heureut. Keueung jeung ketir.

"Geus nepi ka wancina, he ahli kubur!" Aya sora ti tukangeun. Tarik tanding gelap saleser. Kuring ngorejat reuwas jeung sieun. Ieu meureun nu rek nakonan teh. Ieu!

"Geus nepi kana wancina anjeun dipariksa," cek nu daratang teh.

Tuh da enya! Bisa kitu mun rugal-rigel ekol kawas di dunya ari rek dipariksa pagawean? Atawa...ah pan kuring teu mawa duit sapeser-peser acan! Jeung barina oge nenjo keureutan parangi kitu mah jiga moal leeh ku lambaran-lambaran hejo. Moal riuk ku pangolo.

Beuki dareukeut tah nu daratang teh. Kuring teu kuat mencrong. Teu wani lumah-lameh mere semu nyeueung pasemon sakitu pikagilaeunana. Nu puguh mah ngadon muriang panas tiris, awak ngahodhod. Percumah sangkilang di dunya geus hatam ge elmu basilat, da ari srog mah ka dieu, poho sama sakali. Teu kapikir tah carana nipu teh! Teu inget tah kana carana ngalicikan batur teh, carana ngabobodo balarea teh. Butek jeung poek. Bureng teu nyaho nanaon.

"Cilaka...! Cilaka...!" batin jejeritan. Beuki tarik humalengis, beuki ngerik, beuki nalangsa.

"Geus nepi kana wancina!" Beledag deui sora tanding gelap. Kuring kapiuhan. Ngajengjehe taya tangan pangawasa. Bororaah aya nu nulungan. Sepi...! Sepi...! Sepi jeung keueung cuang-cieung. (*)


Tina Jiad Ajengan (Usep Romli H.M.)
Wanci Pasini Wanci Pasini Reviewed by Rupa Sundapura on 11.06 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.