Misteri Gedong Sigrong (Bagian 12)

Nu disangka jauh teh teu sabaraha, da ngan dua jam geus tepi ka hiji daerah. Jalanna alus tur teu pati rame ku patalimarga. Kuring tepi ka hiji imah anu kacida legana. Babakuna buruanana, pinuh ku tatangkalan. Mobil langsung diparkir di jero buruan. Teuing kumaha, kawas nu geus dibadamian, da panto ujug-ujug muka, can ge diketrok. Kuring nempo hiji lalaki jangkung gede. Kumisna hideung meles ngajepat luhureun bahamna. Kawas nu geus teu kawawa, anjeunna ngarangkul kuring, terus diangkat, dipangku kawas ka budak leutik. Amah jeung Tanteu Angrumi dihaturanan linggih ku pembantu nu rajol aya opatna. Babawaan Amah diakutan ku maranehna.

Carita Nyambung

"Saha ieu teh wastana, Juragan?" saurna ka Amah sabada sarerea dariuk.

"Umyang Yelownita," tembal kuring.

"Ah, naha kawas ngaran Enon?" saurna bari gumujeng ngahahah. Teu beda jeung di imah.

Amah jeung Tanteu Angrumi nerangkeun ku basa Walanda. Da meureun ngarah kuring teu ngartieun. Anjeunna terus we seuri.

"Ti abdi mah da dinamian Ganinten," pokna.

"

Ganinten? Lah geus aneh deui wae ngaran teh," cek hate.

"Agan Inten," pokna deui.

Kuring dicarek balik harita. Ari Amah jeung Tanteu Angrumi mah mangga wae cenah rek mulih mah, kuring engke dianteurkeun. Eleh ku nu maksa, tungtungna Tanteu Angrumi mulih ti payun. Kuring jeung Amah ditahan. Tapi nu majar ukur sapoe dua poe teh, kanyataanana mah saminggu kuring di ditu teh. Unggal poe diajakan ngurilingan lembur. Kana delman kuring jeung anjeunna ngadongdon sababaraha kebon. Malah sawah nu legana satungtung deuleu teh cenah nu anjeunna. Kuring neges-neges rarayna. Horeng ti anjeunna kuring boga irung mancung, buuk gomplok hideung, jeung panon cureuleuk teh.

Awak jangkung jeung kulit umyang ge ti Rama, da Mamih mah ngadaun seureuh. Make atoh boga bapa gayana kitu. Sapopoe teh ngan ngaroris kakayaan wae. Tuh cokot itu bawa ieu, anjeunna paparentah ka pakacar-pakacarna. Taya saurang ge nu wani neuteup rarayna. Sarerea tungkul mun pahareup-hareup jeung Rama teh. Atuda rek tumpak kuda ge teu nincak nanaon, langsung ngajleng. Kacida. Tapi kuring resep. Nu biasana teu resep ka nu sombong teh, ari ka bapa sorangan mah kalahka reueus.

Basa tutas ningalian balong, sawah, kebon, jeung ingon-ingon sapi, kuda, jeung domba, anjeunna nyarios.

"Ieu teh kabeh ge keur Agan!" saurna.

"Na teu aya keluarga Rama kitu?"

"Enya ngan Agan Inten hiji-hijina. Rama anak tunggal. Agan ge anak tunggal. Jadi keur saha deui? Matak ayeuna mah geus aya widi nepungan Rama, sing mindeng ngendong di dieu. Kudu apal kana kakayaan Rama, da kabeh ge keur Agan," saurna deui.

Kuring ngahuleng. Jadi nu beunghar teh, cek hate soteh. Ras kana dongeng Remi. Basa kuring mulang, anjeunna mekelan duit sagepok. Dipasihkeun we ka Amah kabeh ge. Balik teh dijajap ku Mang Bungsu, supir Rama Kangjeng. Ti harita imah kuring teh aya tilu. Sakapeung di Mamih, sakapeung di Amah, sakapeung di Rama Kangjeng. Kitu deui ngaran. Mun di Mamih sok disebut Yelow ku Papih. Mun di Amah ngaran teh angger Umyang. Ari di Rama sok disarebut Agan. Basa kuring nepak dada hareupeun Amah, nyebut Umyang Kaya Raya, anjeunna imut mani manis, bangun kayungyun.

"Nepangkeun Umyang Yelownita Ganinten, jalmi beunghar!" cek kuring heureuy.

"Teu ngewa nya ayeuna mah ka nu sombong teh?" saur Amah. Kuring seuri asa disindiran. Make jeung ngabelaan ka Rama teh. Enya ge sombong, tapi berehan.

Hiji mangsa kuring keur kabagian ngendong di anjeunna. Biasa ari ngobrol teh tara di imah. Aya di kebon, di balong, atawa di kandang domba. Harita mah keur kabeneran anjeunna resep ngajak kuring ka kebon jeruk. Di dinya ge teuing sakumaha legana, da mani satungtung deuleu tangkal jeruk teh. Sakali deui anjeunna nataan kabeungharanana.

"Ke mun geus lulus ti SMA, ku Rama dipangmeserkeun mobil. Hoyong nu kumaha?" saurna. Kuring nembalan, matak naon mun ayeuna. Saurna ulah, budak keneh pisan, can sawawa pikeun nyetiran mobil sorangan. Lamun kuring geus kawin cenah, kabeh rek disertipikatkeun ngaran kuring, tapi moal waka dibikeun. Saurna jaga mun Rama geus bosen hirup, kop kabeh ge keur Agan. Kuring loba nanya. Da anjeunna mah geuning teu siga nu sejen, sagala ge dicaritakeun we. Tara aya nu didingding kelir.

Sakali mangsa mah Rama ngajakan kuring neang balong. Bebekelan kecrik sagala, malah ngarawu duit kencring, diwadahan kana baskom gede. Teu kakantun tas jadul tina kulit, cenah dieusi catetan. Biasa kana delman, ngan teu jeung kusir, da Rama nu nyepeng kadali kudana. Mani salse pisan ngobrol ge.

Memeh maju teh Rama niup piriwit. Teuing naon maksudna.

"Ari Rama kapungkur bogoh ka Mamih?" cek kuring sanggeus tepi ka jalan nu rada gede. Ras kana dongeng Amah. Saurna Mamih mah sasat kapaksa nikah ka Rama teh da kabogohna pupus. Naha ari bapa kuring sarua kitu kawin kapaksa.

"Puguh we," saurna.

"Naha atuh nganggo pirak?"

"Mamih Agan nu hayang pirak mah. Rama mah tepi ka ayeuna ge bogoh keneh."

Anjeunna gumujeng. Kuring seuri. Naha matak naon atuh nikah deui we. Menak beunghar, saha nu alim ka Rama. Saurna can manggih nu geulisna siga Mamih.

"Atos eta ge. Tos dua kali Rama nikah deui teh. Tapi aya-aya wae kacawadna teh. Nu ngawitan mah nyuhunkeun bagean tina kakayaan Rama. Can ge nanaon tos palay dibumian, dimobilan. Puguh teu ngiring berjuang teu naon. Cek Rama teh ieu mah harta kakayaan teh warisan ti pun biang sareng pun bapa. Ari nu hiji deui mah, ujug-ujug menta pegat basa disanggemkeun yen ieu rajakaya teh sadayana keur anak tunggal Rama, nya hidep, Agan. Ti harita unggal deudeukeutan jeung istri, sarua, sadayana ge hoyong kabeungharan Rama."

"Pan cenah Rama teh menak. Maenya teu aya istri nu tunduk."

"Ulah nyebut menak. Rama mah bulu taneuh, lain turunan Raden."

"Cenah turunan raden," cek kuring.

"Wah kapungkur gelar raden mah. Isin lah, tos teu usum," saurna bari mecut kuda, alon. Anjeunna gumujeng, tapi bangun terus ngahuleng.

Delman ku anjeunna dieureunkeun. Reg hareupeun balong nu kacida legana. Kuring mah nyebutna ge danau. Geus loba nu nungguan sihoreng. Barudak mani ngaronyok. Kabeh marawa paragi ngala lauk. Aya nu ayakan, aya nu mawa kobokan, rantang, baskom leutik, jeung rupa-rupa deui. Basa kuring datang teh ger sarerea surak. Rama niup piriwit. Rob barudak teh ngaronyok.

"Siap...!" saur Rama bari ngalungkeun kecrik ka balong.

"Siaaap...!!!" saur manuk.

"Nu bisa meunangkeun lauk emas panggedena, hadiahna duit sagepok. Nu teu bisa meunangkeun nanaon ge dibere hadiah, duit kencring," saur anjeunna. Piriwit ditiup deui. Brus barudak teh arasup ka balong. Rupa rupa pamolahna. Kuring colohok. Teu lila jol aya bapa-bapa opatan, mani tibengkung-bengkung nyampeurkeun. Mani rengkuh, nu saurang laporan. Tapi teu diperhatikeun.

"Loba kamari teh ngeusian balongna?" saur Rama.

"Kantenan, Juragan. Aya opatpuluh kilo."

Jadi Rama teh ngahaja ngeusian balong ku lauk sakitu lobana ukur keur cokoteun barudak? Aya sapagodos jeung ieu hate. Bagja boga bapa teh.

"Heueuh, alus. Sok barudak sing jongjon. Geus beunang lauk nu gede, laporan ka Si Abah. Engke hadiahna ti dewek. Terus bedahkeun balongna. Pek ala laukna tepi ka beak. Bikeun ka Ema maraneh, keur gorengeun."

Sarerea surak. Kuring jeung Rama neruskeun perjalanan, sanggeus papatah ka nu opatan. Sok Rama masihkeun artos receh nu tadi dicandak. Anjeunna kalawan jentre miwarang eta artos bagikeun ka barudak alit nu teu beubeunangan.

Hate ngaleketey. Ras ka sobat mangsa di gowok keneh. Emh mun araya di dieu, tada teuing. Bagja hate kuring, boga bapa nyaah ka masarakat leutik.

"Ayeuna urang ka kantor Rama!" saurna.

Nu disebut kantor teh ukur sasaungan tina bilik, tapi hateupna kenteng. Di jerona ukur dipalester tapi bareresih. Geus hempak ngariung di dieu ge. Ngan ieu mah kolot wungkul. Langsung marunjungan basa Rama jeung kuring geus turun tina delman. Di dieu mah kabandungan pisan ku kuring, Rama teh ngabsen nu araya di dinya. Maranehna teh ngawakilan anak-anakna, nu meunang bantuan ti Rama. Laporan naon wae anu dipikabutuh keur taun pelajaran anyar anak-anakna. Rupa-rupa. Aya nu imahna kudu diomean, aya nu pamajikanana gering, aya nu anakna kudu mayar sakola, jeung rupa-rupa deui. Kabeh dicatet ku juru tulis anu make baju bodas-bodas.

"Engke bawa ka dewek, laporanana!" saur Rama sabada sarerea laporan. Terus kuring diajak deui kana delman, neruskeun perjalanan.

Teu papanjangan nyarita basa mulangna mah. Geus di imah, kakara kapikir. Kuring heran, jelema sakitu beungharna teu boga buku tabungan. Na di mana nyimpen artosna.

Kuring diajakan ka kamar hareup. Di dinya teh aya sababaraha peti tina beusi. Di dinya saurna anjeunna nyimpen artos teh. Ah enyaan, nyentrik boga bapa teh. Make kacida reueusna kuring teh ku aadatan pamake Rama.

"Teu sieun aya nu maok, Ma?" Cek kuring.

"Ah nya kop bae ari rejeki bangsat mah, bawa. Tepi ka ayeuna mah, boro boro aya nu maok, nu wani ngulampreng ka imah Rama ge euweuh."

Kuring enyaan ngarasa sugema boga bapa ka Kangjeng teh. Loba prinsip hirupna anu cocok jeung kuring. Ari Papih sakaresep kana maen bal. Mun tina radio teh babarengan ngadengekeun pertandingan bola. Ari Rama resep luntang-lantung, ngajajal alam. Jeung sakaresep kana wayang golek. Ka Mamih nyaah ku apikna, ka Amah nyaah ku ludeungna. Kabeh kolot ge ku kuring dipikanyaah. Tengtrem ayeuna mah hate teh. Sugan teh kuring anak jadah, atawa beunang mulung ti jarian. Nu pangbagjana jadi anak nu beunghar teh, ngalaman saperti nu dicaritakeun ku Amah basa di gowok. Saurna leuwih bungah mere batan menta mah.

Da atuh enyaan. Kuring mindeng dipentaan tulung ku babaturan. Aya nu teu bisa mayar iuran sakola. Aya nu teu boga seragam. Malah aya nu nginjeum duit keur mayar kontrakan imah sagala. Kabeh ge taya nu dipersabenan. Duit tinggal ngarawuan di Rama Kangjeng. Enyaan bungah pisan bisa nulungan batur teh.

Ti Rama kuring meunang katerangan, nitip ka Amah teh beunang mikiran. Da saur Rama, Amah mah jelema berehan, jujur, jeung wijaksana. Nyaah ka nu leutik jeung tara itungan. Estu loba pujieunana cenah Amah teh.

"Pan eta kabeh ge raina. Alona disakolakeun ku Amahna Agan. Amah teh bareto teh beunghar pisan. Sarerea baraya muntangna teh ka Amah. Tapi ari geus jareneng mah euweuh nu inget. Amah mah teu balitungan. Rama percaya pisan ka anjeunna. Geus jangji mun Agan geus ageung rek dibawa ka dieu. Alhamdulillah ayeuna laksana," saurna.

Kuring kakara ngarti, paingan atuh Amah mani apal yen kuring bakal jadi jelema beunghar. Da geus dibejaan ku Rama yen sagala kakayaanana teh keur kuring.

Ti harita kuring geus teu wawuh deui jeung kasangsaraan. Hayang naon wae tinggal nyarita. Euweuh kahayang anu dipungpang. Jadi ayeuna mah kuring loba mere ka babaturan. Mamih jeung Papih beunghar, nyaaheun ka kuring. Kitu deui Amah jeung Tanteu Angrumi. Tapi kuring tara menta duit ka aranjeunna. Komo saur Rama, ulah menta deui artos ka aranjeunna. Ayeuna mah Agan geus boga bapa. Menta ka bapa sorangan wae. Duit kari ngarawuan. Malah geus apal lomari mana wadah receh, lomari mana tempat duit galabag.

Hiji mangsa kuring balik ti Rama, terus ka bumi Tanteu Angrumi. Geus sono ka Amah. Teu ngahaja rek ngintip. Keketeyepan soteh sieun keur karulem. Pembantu nu duaan keur jongjon dina pagaweanana. Tapi basa tepi ka kamar Tanteu Angrumi, kuring ngadenge sora Amah gumujeng. Panasaran ceuli diantelkeun.

"Teu salah ku Seus diajak cicing di gowok, Umyang teh," saurna, tapi teu kebat. Geus kolot kaharti soteh. Kuring jadi nyaho kana kahirupan jelema-jelema anu sangsara, jadi moal sombong, kitu meureunan. Da eta ge katangkep saeutik.

"Mun teu nyaho di kasangsaraan mah moal bina siga baraya-baraya bapana. Sarombong. Enya ari Kangjeng mah da beunghar jeung menak. Ari nu sejen, ukur kahieuman bangkong. Legegna mah moal eleh ku nu beunghar. Umyang mah geus kawarah, bakal nyaah ka nu leutik. Da ku Seus disina wawuh jeung kasangsaraan," saurna.

Sakitu anu kacatet dina hirup kuring mangsa budak. Babakuna anu parenting.

Dina sajarah hirup sakitupuluh taun ka tukang, loba lalakon sejenna oge, tapi taya pakuat-pakaitna jeung saha ari kuring, jeung kumaha rusiah gedong sigrong nu pinuh ku pepedut jeung halimun teh. (*)

Sambungan ti Bagian 11 Episode #1 tos rengse. Antosan episode #2

Aam Amilia
Misteri Gedong Sigrong (Bagian 12) Misteri Gedong Sigrong (Bagian 12) Reviewed by Rupa Sundapura on 10.15 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.