Toekang Gambar

Roesdi djeung Misnem

Sabada isa indoeng bapa Roesdi djeung pamanna ngawarangkong di tengah imah. Ari noe ditjaritakeun taja lian, ngan kabangoran Roesdi djeung Misněm. Eta doea boedak ngan hahah-heheh bae seuseurian. Si Roesdi gagambaran koe apoe dina panto. Ari si Misněm milang doedoeitan siki asěm toekangeun indoengna.

Roesdi djeung Misnem

Kira-kira poekoel salapan baroedak teh laloempatan ka ěnggon, toeloej harees. Gagambaran Roesdi dina panto katendjo koe pamanna.

"Aeh-aeh si Roesdi teh koetan bisa ngagambar! Naha sok laladjo wajang? Geuning itoe geus bisa ngagambar wajang!"

Tembal bapa Roesdi, "Kapan kamari koe Akang tas di bawa ti noe kariaan, ari di dinja nanggap wajang."

"Paingan atoeh ari kitoe mah," tjeuk pamanna Roesdi.

"Rasa koering ieu boedak pipintěreun, da tapakna geus tembong. Geura sakolakeun bae atoeh, Kang!"

"Har, kapan ěnggeus dibawa ka sakola desa, tapi saoer Goeroe, atjan tjoekoep oemoerna, koedoe ěngke taoen hareup," tembal Pa Roesdi.

Neng, neng, neng, neng, neng, neng, neng, neng, neng, neng, neng!

"Euleuh! geuning geus peuting, hajoe oerang marondok, bisi isoek kabeurangan ka sawah."

Indoeng Roesdi toeloej merenkeun oeroetna ngaropi. Sanggeus kitoe, toeloej doeg sarare, talibra pisan. Harita di imah djěmpling tiiseun, kawas gaang katintjak bae. Noe kadenge sora beurit tingtjaroeit, tingkoeroetak, nareangan kahakanan. (*)

Toekang Gambar Toekang Gambar Reviewed by Rupa Sundapura on 11.43 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.