Si Dirun

Basa keur indungna jumeneng keneh, Si Dirun kabejakeun budak nu kacida bangorna. Indit ka sakola mindeng teu nepi. Geus karuhan ari ngabohong mah. Bebeja butuh duit keur meuli patlot, kalahka dipake jajan. Duit keur bayaran oge kalahka dipake ngadu, nepi ka ludes jeung erlojina sagala rupa. Gelut mah geus lain caturkeuneun deui. Mindeng diseukseukan ku guru lantaran guntreng wae jeung baturna. Atuh lamun kaparengan aya lalajoaneun, tara nepi inget ka waktu, kamalinaan.

Dongeng Buhun

Nya kitu deui, basa hiji mangsa Si Dirun ngadon susumpit ka tegalan, nepi ka poho balik awahing resep teh. Geus burit can jebul keneh. Indungna geus cilingcingcat. Saterusna Si Dirun diteangan, mangkaning di dapur keur mirun seuneu. Lantaran ditinggalkeun, imah Si Dirun kahuruan. Ambu Dirun reuwas kacida. Bet tuluy ras kana cengcenglengan. Maksakeun dicokot najan seuneu keur nguntab-nguntab. Tungtungna mah Ambu Dirun maot.

Sanggeus indungna maot, Si Dirun terus cicing jeung uwana nu kasohor meditna. Si Dirun ukur dititah digawe. Dahar jeung pakena mah diantep bae. Ari pagaweanana teh ngangon munding, da uwana loba munding.

Hiji poe, basa Si Dirun keur ngangon, kalahka kasarean di saung ranggon. Make jeung ngimpi sagala rupa, nganjang ka hiji nagara nu pangeusina resepeun kana sora suling. Si Dirun terus nyuling di sisi jalan, diriung, nepi ka dibawa ka karaton. Ku kabeneran, putri raja harita keur nandangan kasakit. Ngadenge sora suling Si Dirun, dadak sakala nu keur gering teh cageur sapada harita. Atuh raja bungah kacida. Minangka buruhna, Si Dirun baris dikawinkeun ka putri. Basa keur lumangsung pesta kawinan, beledag teh sora mariem.

Si Dirun nyaring. Horeng keur hujan gede. Citarum caah. Si Dirun rurat-reret neangan munding. Jrut kana cai, nyieun rakit, maksud mah rek nulungan munding. Tapi cai kacida tarikna. Si Dirun kabawa palid, angkleung-angkleungan di walungan Citarum. Eling-eling soteh geus aya di tengah laut. Untungna aya nu nulungan. Si Dirun salamet.

Ti saprak kajadian harita, Si Dirun babalik pikir. Ayeuna mah henteu bangor deui. (*)


Samsudi
Si Dirun Si Dirun Reviewed by Rupa Sundapura on 12.12 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.