Basa Mamah Jadi Caleg

Ngapalkeun teh kaganggu pisan. Ka imah jul-jol tamu. Leuheung mun sakeudeung, da ieu mah aya nu nepi ka sapoe jeput, malah aya nu nepi ka peuting, bari rame ngobrol. Komo ka nu godegan mah teu resep pisan, ngomongna cowong.

Carita Pondok

Mimiti mah teu kaharti na aya naon atuh di imah teh, ngan ngarobrol we. Aya nu nyebutkeun rapat cenah. Naha enya? Pan biasana Mamah jeung Apa mah tara rapat, komo mun aya kumpulan warga di RT, da tara pisan. Cetek cenah urusan di RT mah. Eta we mun aya giliran pangajian di imah, ti kumpulan pangajian di RT, Mamah sok luh-lah. Mimindengna nyieun alesan ambeh teu katempatan. Alesan sejen, cenah haroream masak keur susuguh. Aya deui alesanana teh majarkeun horoream ngamparkeun samak. Asa teu asup akal alesanana teh. Maenya ngamparkeun samak we jadi alesan. Padahal di tengah imah teh teu lega-lega teuing, paling ge cukup keur tilu puluh jelema mah. Mun ngamparkeun samak teh da moal hese. Geus puguh ari nyebutkeun sibuk di kantor mah, alesan biasa eta mah.

Loba tamu nu ngarobrol, tapi teu kaharti naon nu diobrolkeunana. Aya nu nyebutkeun taktik jeung strategi, aya nu ngobrolkeun hasil survey, aya nu ngobrolkeun pengerahan massa, aya nu ngobrolkeun saingan, aya nu ngobrolkeun partey, aya nu ngobrolkeun sabaraha biayana, jeung rupa-rupa deui.

Najan kuring api lain ge, da tetep we obrolanana teh kadenge. Najan panto kamar geus ditutupkeun, angger we kadenge. Najan kamar kuring aya di loteng ge, angger we kadenge.

Kadengena Mamah loba tatanya. Kadengena Mamah loba menta data. Kadengena Mamah loba menta pangrojong. Kadengena Mamah loba nitah.

Unggal tamu nu datang sok disuguhan. Aya kueh, aya opak, aya bubuahan. Dina meja makan, sangu saboboko metung, lengkep jeung deungeunna. Geus puguh ari cai kopi mah tara eureun. Nu karunya Bi Siti, nu babantu di imah kuring, di dapur teh teu eureun gawe. Nyangu, ngagoreng cau, ngagoreng ulen, nyieun cikopi, mangmeulikeun roko, kukumbah piring, kukumbah gelas, ngepel, sasapu. Terus kitu ti isuk nepi ka peuting.

Nu aneh, Mamah loba meuli buku jeung loba ngalanggan koran. Mamah jadi rajin maca koran, Mamah jadi rajin maca buku, Mamah jadi rajin ngadengekeun warta berita tina televisi, tina radio, jeung mindeng muka internet.

Buku nu dibacana lolobana buku politik, buku sual kakawasaan jeung buku sual tata nagara. Disebut aneh teh pedah we biasana mah tara katingali rajin maca. Biasana maca koran ge ukur saliwat-saliwat. Ari ieu mah mani telik. Loba nu dikliping jeung ditandaan sagala, penting cenah. Jeung ongkoh deuih nu dibacana buku sual politik, pan biasana mah mun meuli buku ge sual busana atawa kuliner. Ti iraha nya Mamah popolitikan?

Kaharti soteh sanggeus aya rapat kulawarga. Duka rapat duka naon disebutna, pokona ngumpul we kulawarga teh. Aya Ua Uyuh ti Cimahi, aya Mang Dana ti Sukasari, aya Aki Sanusi jeung Nini Hodijah ti Ciawi, aya Bi Iyang ti Lembang. Tamu nu sejen mah euweuh saurang-urang acan, sigana teu meunang hadir ku Mamah ari lain kulawarga mah.

Rapat kulawarga teh isuk-isuk, poe Minggu. Cek Mamah ambeh loba nu hadir ari poe pere mah. Sabenerna horoream ngilu rapat teh, da eta pan ari Minggu mah sok aya filem kartun nu rame dina televisi. Tapi Mamah keukeuh kuring kudu milu. Horoream-horoream ge kapaksa ngilu masamoan. Kuring mah diuk we di juru deukeut Aa. Aa teh lanceuk kuring, mahasiswa, semester ka lima. Rada jauh umur kuring jeung Aa teh, ganjor genep taun, ari kuring kakara kelas dalapan.

Nu ngamimitian biantara teh Apa, biasa we eusina biantara mah, nganuhunkeun kasumpinaganana ka baraya nu hadir. Tuluy ditema ku Mamah. Tah Mamah nu ngajelaskeun sagala rupana mah. Geuning Mamah teh rek nyalonkeun diri jadi anggota legislatif. Euleuh Mamah teh rek jadi kontestan pemilu. Ajaib, cek gerentes hate kuring. Paingan Mamah rajin meuli buku sual politik, paingan rajin maca koran, paingan rajin ngadengekeun radio, paingan rajin lalajo warta berita dina televisi.

Cek Mamah, "Kitu pamaksadan teh, mugi sadayana baraya nu hadir tiasa ngarojong tur nyuhunkeun du'ana nu ihlas, supados kalaksanakeun sadayana pamaksadan."

Kabeh nu hadir ngabigeu, sigana jauh tina panyangka, lantaran euweuh pisan iber ti anggalna. Geus rada leler terus Ua Uyuh nyarita, "Ieu teh geus gilig?"

"Insya Allah tos gilig, malih parantos daftar ka KPUD Propinsi," kitu jawab Mamah.

Oh Mamah teh rek jadi calon anggota legislatif tingkat propinsi, kitu gerentes hate kuring.

"Sukur atuh ari geus gilig mah, hartina geus panceg dina paniatan," saur Ua Uyuh. Nu garo-garo teu ateul teh Aa, elekesekeng, duka kunaon.

"Asa kakara ieu teh aya nu rek ancrub dina popolitikan di kulawarga urang," cek Bi Iyang. Bi Iyang teh adina Mamah. Cek dongeng Nini Hodijah mah, antara Mamah jeung Bi Iyang sok jadi saingan, sok silih elehkeun. Mamah jeung Bi Iyang teh umurna teu sabaraha beda, ngan beda dua taun. Mun beda pamadegan sok adu argumentasi nepi ka silih gebrag, tapi sabalikna mun papada satuju sok silih bela.

"Alus tah, sugan we kulawarga urang tambah komara, pan reueus di kulawarga aya nu jadi anggota legislatif," cek Bi Iyang. Sigana Bi Iyang sapamadegan jeung Mamah, pasti bakal silih bela.

"Teu, teu satuju Aa mah," cek Aa tarik. Nu sejen ngalalieuk ka Aa. Kabeh jempling. Aa teu neruskeun omonganana, siga nu ngadagoan reaksi ti Mamah. Celengkeung teh Bi Iyang nu nanya ka Aa, "Naon alesanana pangna teu satuju?"

"Politikus sajati mah teu kieu carana," cek Aa.

"Politisi!" cek Mamah teu eleh tarik. "Geuleuh Mamah mah disebut politikus teh, ditikuskeun pisan atuh da, memangna Mamah teh beurit."

"Keun we, da sarua keneh hartina mah," cek Ua Uyuh.

"Enya naon alesanana?" Bi Iyang nanya deui ka Aa semu maksa.

"Kahiji, Mamah tos ngalanggar hak menyatakan pendapat ti Aa sareng ti Rere." Rere teh nenehna kuring. "Margi Mamah teu ngawartosan Aa sareng Rere sateuacan daptar ka KPUD. Mamah tos ngagunakeun kakawasaan kanggo maksa atanapi ngagolkeun kahoyong nyalira. Mamah tos cidra tina ajen demokrasi di kulawarga." Aa nyaritana antare, siga nu hayang dilenyepan ku nu hadir, tuluy ngarawel cai keur nginum dina gelas pelastik.

"Kadua, Mamah bakal janten politikus karbitan." Aa keukeuh nyebut politikus. "Margi Mamah teu gaduh pangalaman dina organisasi politik, kaahlian Mamah dina organisasi sosial. Sagala rupi ge ari karbitan mah sok asak kapaksa, moal waras sareng moal leres. Cau ge nu asak dikarbit mah tara amis".

"Katilu, naha Mamah apal kana kaayaan daerah nu bakal diwakilan ku Mamah? Pan Mamah mah langkung apal kana kuliner sareng busana."

"Aya keneh kaopatna?" Bi Iyang nanya ka Aa.

"Aya, mung cekap sakitu we heula, hoyong terang heula hujah ti Mamah," tembal Aa.

"Tah kitu Ceu, mangga kumaha waleranana," cek Bi Iyang bari ngareret ka Mamah. Bi Iyang rarasaan teh siga jadi panumbu catur acara talk show dina televisi.

"Keheula Bi, Rere can ditaros," cek Aa. "Kumaha Re, satuju?"

Kuring gideug, tanda teu satuju. Alesanana mah tangtu Mamah bakal leuwih sibuk, pasti sagala rupa pagawean di imah bakal diteumbleuhkeun ka Bi Siti. Iraha atuh kuring dipepende ku Mamah, iraha atuh kuring ngobrol jeung Mamah, piraku curhat kudu ka Bi Siti? Mamah kerung kuring ngomong kitu teh.

Mamah ngablamblam ngajawab sakabeh kateupanujuan boh ti Aa boh ti kuring. Jawaban keur Aa nu panjang teh, ari jawaban keur kuring mah Mamah ukur nyarita, "Moal atuh Re, da Mamah ge apal kana manajemen waktu." Apa mah ukur nyerengeh ngabandungan kana jawaban ti Mamah teh.

"Tuh pan, sadayana waleran Mamah sanes dina logika politik tapi langkung dina logika sosial," cek Aa. Tuluy Aa ngaguar kalemahan jawaban Mamah, kuring mah cicing we da teu ngarti, nu kumaha logika politik teh.

Sigana Apa surti lamun ieu adu renyom diteruskeun bakal kamana-mendi. Cek Apa, "Salaku imam, salaku kapala kulawarga, ayeuna mah urang silih hargaan we kana kahayang sewang-sewangan, ulah nepi ka kulawarga teh ilang dangiang gara-gara teu silih hargaan."

Aa nempas, "Muhun Pa, mung ulah dugi ka biaya kanggo kuliah, biaya Rere sakola, kaceot ka partey we."

Na atuh barakatak teh Ua Uyuh seuri mani ngagakgak bari nyarita, "Tah geuning betus, enas-enasna tina teu kapanujuan Aa teh alesanana kitu."

Aa nyela cariosan Ua Uyuh, "Da leres Ua, geura sabaraha kedah setor artos ka partey, sabaraha biaya kampanye, sabaraha biaya meser kaos, sabaraha biaya nyitak selebaran, nyitak baner, milari dukungan, biaya kanggo tim sukses."

"Moal atuh Aa, da partey ieu mah partey nu alus, partey nu jujur," cek Mamah.

"Naha aya kitu partey nu sae, naha aya partey nu jujur?" tempas Aa.

"Geus, geus, sual partey mah, sarerea ge geus pada nyaho. Sual biaya, eta mah urang pasrahkeun we kana kawijaksanaan kapala kulawarga nu ngaturna," saur Ua Uyuh bari ngareret ka Apa. Apa ukur unggut-unggutan.

"Kulawarga jaman ayeuna mah indung jeung anak teh pacental-cental, debat, alus ari kituna mah," cek Ua uyuh deui semu ngagerendeng.

Pas Bi Iyang rek nutup acara kumpulan kulawarga, Aa nyela heula, "Interupsi Bi, patarosan ka Mamah, naha Mamah tos siap upami eleh, upami teu aya nu milih?"

"Siap!" tembal Mamah tandes pisan.

Acara kumpulan teh ditutup ku du’a, digalantangkeun ku Aki Sanusi dina basa Arab, du'a salamet. Dina du'a teh teu nyabit-nyabit pamaksudan Mamah.

-=oOo=-

Sababaraha minggu samemeh kampanye, Mamah mindeng uah-aeh ka tatangga. Mamah jadi darehdeh. Mamah mindeng ngider nepungan tatangga. Pangajian RT ge dihiap-hiap di imah. Pangajian RT nu tadina sabulan sakali, dirobah jadi saminggu sakali, tempatna di imah. Kitu deui ka tukang beca nu sok mangkal di tungtung jalan, Mamah ngabagi kaos. Najan indit ka tatangga nu anggangna teu jauh ge sok ngahaja nyalukan tukang beca, ongkosna sok ditambahan jadi gede.

Tamu nu godegan tea, beuki mindeng datang ka imah. Tamu beuki loba. Sigana nu godegan teh ketua tim sukses Mamah. Di imah beuki rame teu puguh. Tong boro bisa ngapalkeun nu tenang, dalah sare ge teu tibra. Nu babantu di imah ditambahan ku dulurna Bi Siti, da kawalahan ku sorangan mah. Bi Iyang kungsi datang sababaraha kali, mantuan Mamah.

Di imah ngabugbrug selebaran jeung baner make gambar Mamah, ditulisan "mohon doa restu". Cek Aa, "Kawas Mamah sok ngadu'akeun batur we." Duka naon maksudna Aa ngomong kitu teh. Aa mah siga nu sinis ka Mamah teh. Aya deui nu nyayeud teh, bandera partey, ditilepan da tina lawon. Di buruan aya leunjeuran awi ngabugbrug, sigana keur tihang bandera jeung tulisan lianna. Duka timana duitna keur ngabiayaan nu kararitu teh, da meureun lain duit saeutik. Matak pantes mun Aa meupeujeuhkeun ulah ngaganggu duit keur biaya sakola.

Nu aneh deui, dina koran aya artikel beunang Mamah. Wah hebat artikel beunang Mamah bisa dimuat. Tapi iraha nulisna nya, pan sakitu sibukna. Aa ku kuring dibejaan aya artikel beunang Mamah dina koran. Aa batuk nepi ka ongkek, teuing ongkek enyaan teuing ongkek bohong, ngan cek Aa eta nu nulisna ghost writer. Beu teu nyaho deui bae naon hartina ghost writer teh.

Dina mangsana kampanye, Mamah leuwih sibuk, angkag-ingkig ka ditu ka dieu. Nu karunya mah Apa, terus-terusan marengan Mamah, kababawa sibuk. Kungsi Mamah menta dibarengan ku Aa. Aa kalah jejebris, bari ngomong, "Urang silih hargaan kana pamadegan sewang-sewangan we, Mah!" Mamah teu bisa majar kumaha. Kuring ge sarua jeung Aa, haroream. Males pokona mah. Nu kieu kitu nu disebut manajemen waktu teh? Ngan aya reueusna ka Mamah teh, Mamah jadi siga beuki pinter. Pinter pidato, pinter debat. Ngan mun didenge-denge, nu mindeng diucapkeun teh ukur jangji. Cek Aa, mana aya nu pidato atawa debat dina kampanye dumasar kana program.

Eta gambar Mamah, napel dina tatangkalan, napel dina tihang listrik, napel dina tembok benteng, napel dina pager imah batur, napel dina tonggong batur. "Ih rujit ningalina ge, siga nu teu boga aturan," cek Aa. Ari kuring mah asa era ningali kitu teh, komo basa babaturan sakola nanya, kuring teu ngajawab ukur unggeuk kapaksa. Pangna era teh, kumaha mun mamah eleh, euweuh nu milih, disebutna looser, pacundang. Pan matak wirang kulawarga. Meureun batur teh ngajebian bari nyebut, "Looser, looser...!"

Saminggu sanggeus poe pamilihan, Mamah kaciri rada alum. Tamu nu sok jul-jol mimiti lus-les. Komo nu godegan mah tara katingali pisan. Di imah jadi karasa tiiseun. Bi Siti ge rajeun kaciri gegelehean. Kuring ge jadi betah deui. Bisa ngadengekeun lagu tina radio, bisa lalajo televisi, bisa maca buku, bisa gegelehean dina korsi. Ngapalkeun teh karasa tumaninah. Cek Aa bari rada ngaharewos, "Mamah eleh, tong loba omong, jempling we!" Kuring rada ngeleper ngadenge beja kitu teh. Looser?

Naha engke Mamah bakal tetep darehdeh ka tatangga? Naha engke pangajian RT bakal di imah deui? Naha bakal bijil deui alesan haroream ngamparkeun samak? Naha engke tulisan artikel Mamah bakal dimuat deui dina koran?

Ti kamar kadenge oho-oho Mamah gohgoy, oho-oho Mamah muriang. (*)


Mamat Sasmita (Tribun Jabar, Salasa, 6 September 2011)
Basa Mamah Jadi Caleg Basa Mamah Jadi Caleg Reviewed by Rupa Sundapura on 18.07 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.