Alung Boyong
Sakapeung mah hawa di pilemburan teh sok kacida tirisna. Pikeun nyieuhkeun katiris tea barudak sok arulin di buruan anu rada lega. Kaulinanana nu rada enteng tapi ngaluarkeun tanaga nepi ka awak jadi haneut, nyaeta boyong gandong. Jajauheun ari matak juuh kesang mah. Ieu mah sakadar ulah ngahodhod kawas anu kabulusan we.
Samemeh prung budak anu jadi luluguna nyieun balbalan heula ku lamak butut. Dibuleud-buleud tuluy dibakutet ku tali malar pageuh teu babari udar. Baladna dibagi dua jajar. Balad jajaran kahiji ngajrengjreng di beulah kidul, balad kadua di beulah kaler, pahareup-hareup jeung balad kahiji. Sukuna narincak kana kalang nu anyar digurat. Kabeneran anu arulin teh aya sapuluh urang, jangkep. Jadi sabaladna opat-opatan kalima lulugu.
"Uing hayang ka Epon! Uing hayang ka Epon!" cek sawatara barudak paribut bari maruru nangkeup Epon anu anggeus nyieun bal-balanana.
"Ih, ke lanan!" cek Epon. "Ulah licik pada hayang jadi balad uing kabeh. Engke bisi moal puguh!"
"Heueuh, ambeh teu beurat sabeulah!" cek Enoy, pilulugueun nu kadua. "Mending urang tunjukan bari dikawihan. Anu katunjuk lebah "teung" eta balad uing, nya?"
"Pek bae, kitu oge!" cek Epon, bari metakeun baturna rada ngariung.
Pok Enoy ngawih bari nunjukan.
Tok tar taliung tali eunteung,
tai kotok dina gantar,
diriung ku adi beuteung!
"Ijah ka uing!" cek Enoy bari nungtun Ijah sina nangtung di tukangeunana. Pok deui ngawih bari nunjukan nepi ka opat balikan malar beunang balad opatan. Nu jadi balad Enoy nyaeta, Ijah, Tarsih, Uen, jeung Ibuy. Ari balad Epon nyaeta, Euis, Imon, Iyut, jeung Ipah.
"Adil kieu mah nya, teu galede sabeulah teu leutik sabeulah. Nu gedena duaan-duaan nu leutikna nya kitu keneh!" cek Epon.
"Heeh, kawas beunang ngahaja!" tembal Enoy. "Cig geura ngajajar dina kalang beulah kaler!" Enoy nitah ka Epon jeung baladna.
Balad Epon ngajajar beulah kaler, dina kalang tea. Balad Enoy dina kalang beulah kidul. Sanggeus pahareup-hareup, tuluy luluguna suten.
"Hiji, dua, tilu!" cek Epon, ngaluarkeun cinggirna ari Enoy indung leungeunna.
"Uing nu meunang, sabab gajah mah eleh ku sireum!" ceuk Epon jigrah.
Ari ceuk Enoy, "Har, apan indung leungeun mah gajah, moal enya eleh ku sireum, cinggir?"
Epon, "His, indung leungeun mah gajah, elehna ku sireum, cinggir. Sireum elehna ku jelema, nya eta curuk, engke jelema kakara ku gajah apan!"
"Aeh enya nya," jawab Enoy bari seuri.
Belenyeng Epon lumpat ka tungtung kalang baladna beulah katuhu.
"Uing nu ti heula ngalung balna. Maneh nu nampan, nya!" cek Epon ka Enoy.
"Heueuh!" tembal Enoy bari indit kana tungtung kalang kencaeun baladna, nyanghareup Epon anu anggangna aya kana 8 meterna.
"Awas urang mimitian, yeuh tampanan balna!" cek Epon bari ngalungkeun balbalan ka Enoy, ku Enoy kasanggap, ber dialungkeun deui ka balad Epon. Ku Iyut disanggap, ber dialungkeun ka Ijah, lawanna. Ijah kurang tapis, balna teu katewak, lasut.
"Horeh, urang boyong! Uing gandong!" cek balad Epon raeng bari alajrag-ajragan pedah meunang.
Balad Enoy kapaksa kudu ngaboyong, salayanna-salayanna digandong dipindahkeun tina kalang beulah kaler ka beulah kidul. Balad Enoy diandih tempatna ku balad Epon.
Geus kitu prak deui silih alung silih sanggap balbalanana. Angger, saha-saha anu teu bisa nampanan bal jadi kudu ngagandong balad musuhna.
Sanggeus meunang 9 - 10 balikan karasaeun capena, kakara ulinna arenggeusan, diluluguan ku Enoy bari lumpat, "Beungbeung euy, beungbeung!"
"Beung kahiji jadi haji," cek Epon bari nepakan hariguna balas ngagandong Enoy nu gembrot.
"Beung kadua jadi raja!" cek Ijah.
"Beung katilu jadi ratu!" tembal Euis.
"Beung kaopat jadi menak!" cek baturna, bari buriak lalumpatan rek baralik ka saimah-imahna. (*)
Akub Sumarna