Nu Dicindung Beureum

Sanajan pagawean kantor ngahunyud, kuring merlukeun indit. Pedah we cenah nu nyunatan di pengkolan teh nanggap wayang. Barang langka nu nanggap wayang jaman ayeuna mah. Ongkoh karesep ti bubudak. Ka indung budak mah pupulih rek ka babaturan ngadon catur. Bebeja lalajo wayang mah kuriak henteu diidinan.

Carita Sunda Misteri

Hara-haraeun nu nanggap wayang teh bet malem Jumaah. Teuing pedah ngaruat teuing pedah meunang ngitung wae meureun. Teu poho nyakuan duit, bisi aya nanaon.

Can pati loba nu lalajo teh, da wayangna ge can prung. Kuring seselendep neangan tempat diuk. Gek wae dina korsi nu tukang. Teu kungsi lila jul-jol nu lalajo.

Beuki peuting nu lalajo mimiti moyeg. Kawasna hayang pada awas, marindahkeun pangdiukanana ka hareup. Teu karasa diuk teh bet jadi pangsisina.

Panon neuteup kana wayang-wayang nu diigelkeun. Lalakonna teu wudu rame. Lalakon Cuminalaya. Pinter naker dalang ngigelkeun wayang, mani hirup. Jleg wae jelema enyaan. Teu kanyahoan aya nu nyedekkeun ti gigireun. Dilieuk teh mojang. Hate degdegan. Bray beungeut indung budak. Nya gendut, nya bebeng. Ari ieu nu anyar datang, mani lenjang. Disamping latar bodas, kabaya semu beureum. Puguh, panon lalaki mana nu teu ngacleng nenjo barang kieu.

"Ngiring nyalik," cenah semu ngirung. Kuring ngised. Beungeutna ditutupan ku cindungna. Bulao cindungna teh. Seleksek bau nu teu pararuguh. Moal salah budak nu ditukang hitut. Barudak tea sok resep nyieun onar di nu rame.

Hadena nu diuk gigireun cengkat. Teuing rek balik, teuing rek ka cai. Geuwat we diandih. Si Lenjang dibere tempat urut kuring. Dihaja sina di sisi, ngarah henteu diheroan batur.

"Nyalira?" ceuk kuring.

"Uhun," cenah meh teu kadenge.

"Dimana bumi?"

"Nyaket," tembalna.

Eraeun kawasna, beungeutna teh teu weleh ditutupan ku cindungna. Cidung bulao, bangun lemes nutupan sirahna.

Gap teh leungeunna kana leungeun kuring. Cep tiis. Meureun perbawa tiisna peuting. Ret teh, mani bodas ngeplak, leungeunna teh. Jauh we jeung leungeun nu di imah. Keur sasanggaleun teh, cakeutreuk deuih. Loba teuing nyeuseuh jeung kukumbah meureun. Karunya kituna mah. Tapi keun bae, da heurey ieuh. Teu jeung hate jikan, sing percaya.

Leungeun nu lalencop, beuki mahabu, ngarames leungeun kuring. Hate beuki ratug tutunggulan. Panon taki-taki nenjo sakurilingna, rancingeus, bisi aya nu nangenan.

Duh, leungeun sakieu lemesna. Sok komo deui beungeutna. Sok komo deui pipina. Tada teuing ngageleserna lamun dirampa. Mun teu rea jelema mah geus kumaha boa.

"Nyalira?" ceuk kuring taya picaritaeun.

"Sareng Apa, ngan dikantun," tembalna. Bentes ayeuna mah nyaritana, da cindungna henteu dicekel. Ku hayang mukakeun cindung bulao teh. Hayang neuteup beungeutna. Hayang ngaragap pipina. Hayang ngambung, hayang sagala rupa we.

"Engke uih sareng saha?" cek kuring.

"Nyalira," tembalna, sada ngirung deui.

"Kersa dijajap?

"Ngga," tembalna pondok. Lucu ku timpuhna. Teu weleh tungkul. Boroboro neuteup beungeut. Ari nilik lampahna mah tetela awewe timpuh. Tapi maenya awewe lungguh make wani-wani lalajo wayang ti peuting sosoranganan deuih. Boa-boa awewe bangor. Tapi kapan cenah tadi ge manehna teh lalajo jeung bapana, ngan ditinggalkeun. Leungiteun bapana meureun. Pantesna teh sieuneun, matak muntangan ka kuring ge. Sieuneun aya nu ngaheureuyan. Karunya ku kituna mah. Hartina manehna lain awewe bangor. Kudu ditangtayungan anggur. Lengeunna angger camewek, sakitu ku kuring hantem diramesan.

Gamelan eureun ngadadak. Si Udawala dicabut tina gebog, terus kawas nu pidato, mere bewara.

"Ka sadayana para pamiarsa. Ku margi niatna ge nu kagungan hajat teh bade ngaruat, ku kituna sim kuring bada ngawartoskeun kapamalian. Upami bade mulih-mulih, upami bade teras-teras. Margi ayeuna parantos tabuh dua belas wengi. Larangan nu ngaruat, mulih kapameng. Bilih mendak bancang pakewuh di jalan."

Anggeus Udawala biantara, saheng ku sora jelema. Aya nu obyag rek baralik. Aya nu kalah memener tempat diuk. Ari kuring? Tadina mah rek balik memeh jam dua welas. Tapi piraku ucing ninggalkeun paisan lauk kitu wae. Lebar temen, mojang sakieu lenjangna ditinggalkeun nyorangan di panglalajoan. Mangka mani sakitu geugeutna. Sakitu tipepereketna muntangan. Kawas nu sieun ditinggalkeun.

"Bade mulih?" cek kuring.

Kalah gideug, bari angger tungkul. Enyaan budak lungguh. Henteu wani nenjo beungeut-beungeut acan. Bangunna mah ieu parawan teh teu meunang pisan lunta. Kawasna lalajona ge kabur sieuneun henteu meunang ku indung bapana.

"Nonton wae teras?" ceuk kuring. Manehna unggeuk.

Leungeun beuki rosa silih rames. Tapi leungeunna angger tiis. Padahal kuring mah geus samar koleseh. Hayang kedewek, mun kana dahareun mah.

Rada ngarandeg nyekel leungeunna basa lengeun kuring karasa baseuh. Direret, lenyap hate ngalenyap, tetenjoan teh getih. Leungeun kuring aya getihan. Teu karasa, geuwat dibetot. Tapi teusing, geuning leungeun kuring teh garing. Gap deui hideng nyekel leungeun mojang lenjang, nu beuki tungkul wae.

Geus peuting mah jelema loba nu nundutan. Ayeuna mah leungeun teh wani nyampay dina taktakna. Tungtung ramo hideng nyorosod kana dadana. Nu dicekel nyikikik. Atoheun. Irung antel kana cindung bulao, hayang nyium pipina. Seleksek bau teu ngeunah. Moal salah budak nu diharudum sarung, tah nu hitut teh. Tina sarungna ge geus katara, jolna ti dinya ambeuan teu ngeunah teh.

Galura rasa meh teu kabendung basa leungeun mimiti nyekel cangkengna. Hideng "beroperasi", ka sakuriling tatanggana cangkeng. Manehna cicing wae, henteu obah.

Budak nu dihareupeun mimiti tinggaloler dina korsi. Bray we tetenjoan rada caang. Da petromak henteu kahalangan ku sirah maranehna. Kuring ngagebeg. Cindung bulao teh bet asa semu beureum. Kawas aya getih nu maseuhan ka dinya. Tapi kuring geuwat ngiceup sababaraha kali. Euweuh geuning. Tetenjoan kuring wae meureun nu mimiti lieur. Rieut ku dua ku tilu. Rieut dumeh biasana wayah kieu teh geus ngimpi dua iangan, ieu bolotot keneh. Rieut ku galurana rasa anu beuki naek, nyedek ka luhur. Ditelek-telek. Teu singna getihan, cindung teh angger bulao.

"Uih, yu, ah!" cek kuring mimiti sesek.

"Ngga..." cenah ngaharewos.

Manehna cengkat. Kuring ngaleng. Cindungna dicekel. Nuruban beungeutna. Ah, Si Lucu, Si Lungguh.

Leumpang antare. Ongkoh ku kuring diajak lalaunan. Basa diajak muter ngaliwatan masjid, manehna gideung.

"Naha?" ceuk kuring.

"Sieun," tembalna alon.

"Sieun ku saha?"

"Sieun pependak sareng Apa, sok netepan di dinya," pokna.

Bener cek sangkaan, pasti manehna teh budak parawan anu dipingit pisan, henteu meunang liar. Lantaran manehna embung diajak jalan ka dinya kapaksa dibawa lempeng.

"Di mana bumi teh?"

"Caket jambatan," tembalna.

Caket jambatan. Naha da deukeut jambatan mah taya imah. Moal kitu anu beh dieueunana. Da piraku deukeuteun jambatan pisan mah.

Henteu panjang tatanya. Paduli rek dimamana imahna ge. Moal papanjangan wawuh ieuh. Sieun ku indung barudak. Nu penting mah peuting ieu kuring bisa reureujeungan jeung manehna.

Hareupeun hiji imah, jegog anjing ngagogog. Terus ngagogogan. Sakitu geus diusir teh, keukeuh wae ngagogogan. Bet tatalepa ka anjing-anjing nu sejen. Babaung matak keueung. Tapi Si Lenjang henteu bangun sieuneun. Antare wae leumpang gigireun kuring. Wanian Si Geulis teh.

Tapi anjing beuki rageg. Babaung pikakeueungeun. Hate ratug tutunggulan. Hayang geura gep, hayang geura gep.

"Tebih keneh bumi teh?" ceuk kuring.

"Nyaket, nyakedik deui," cenah. Sidik ngirung. Boa cindungna ditutup wae teh, irungna songhek. Atawa suing kitu. Panasaran. Kerewek dicekel taktakna. Beungeutna didangheuakkeun. Panon nelek-nelek. Gaok wae kuring ngagoak. Becir lumpat notog-notogkeun maneh. Beungeut renghat. Panonna bolong duanana. Tina sela-sela nu rengat teh ngucur getih. Jurig! Kuring lumpat. Ti kajauhan kadenge hawar-hawar sora manehna.

"Akang...! Akang...!" cenah. Kuring teu wani ngalieuk. Beungeutna ngalangkang deui. Rorongkong rengat, pinuh ku getih. Ayat-ayat Qur'an ngadadak paroho deui. Ayat Qursi anu biasana apal ngagolontang, ngadadak poho mimitina-mimitina acan. Basa katenjo aya nu tumpak kareta mesin teu antaparah gajleng wae kuring asup kana boncengan.

"Kang, tulungan kuring! Diudag-udag jurig," cek kuring haruhah-harehoh. Hadena bageur, manehna ngaboseh tarik. Geus jauh kakara kuring wani ngalieuk. Nu akang-akangan kadenge hawar-hawar. Tapi basa dilieuk, taya sasaha. Bulu punduk carengkat. Teu wani beunta. Peureum, bari nyuuh kana tonggong nu ngaboseh.

"Dimana aya jurig?" cek manehna.

"Awewe, Kang, bareng lalajo wayang."

"Awewe lenjang, kulitna bodas?"

"Enya...!" cek kuring.

"Eta mah atuh, Neng Parini. Nu maot maehan maneh alatan bogoh ka salaki batur. Ngaragragkeun maneh ti loteng imahna. Karunya teuing..."

"Geuning Akang uninga?"

"Puguh we, da urut kabogoh Akang," tembalna.

Bari can nyaho ge kolot budakna, kuring hideng ngaakangkeun. Keun wae panghormat ieuh, nyebut Akang soteh.

"Semet dieu we, nya. Rek mengkol."

Rey bulu punduk cengkat. Atuda dieureunkeun teh deukeut dapuran awi pisan. Sieun Neng Parini ngudag deui.

"Ari Akang bade ka mana?" cek kuring.

"Nyampeur Parini," cenah. Ret ngalieuk. Goak deui kuring ngagoak. Beungeutna rata taya nanaonan. Les kuring kapaehan. Inget-inget geus aya di imah. Pada nyeuceuhan. Indung budak ceurik gigireun. Alhamdulillah, kuring salamet.

Unggal malem Juma’ah, di RT kuring rereongan nahlilkeun Neng Parini. Muga-muga sing sampurna, arwahna di tampi ku Gusti Nu Maha Suci. Ulah marakayangan deui. Horeng cenah Neng Parini teh bobogohan jeung guruna nu geus boga pamajikan. Maranehna milih paeh babarengan batan henteu laksana. Abong dunya. (*)


Solihin
Nu Dicindung Beureum Nu Dicindung Beureum Reviewed by Rupa Sundapura on 17.33 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.