Pamulang Tarima

Jaman baheula, di sisi walungan aya hiji buhaya keur moyan bari ngalaleur. Teu jauh ti dinya aya tangkal dangdeur. Eta kai teh geus kacida kolotna sarta tangkalna geus koropok.

Pamulang Tarima

Keur ngeunah-ngeunah buhaya moyan, kai teh katebak angina gede. Harita keneh ngadorokdok, gebrug runtuh ninggang tonggong buhaya. Atuh manehna teh kapaehan. Eling-eling bati cacalawakan sabab nyeri kacida. Ongkoh deuih teu bisa walakaya pisan.

Teu jauh ti dinya aya sapi keur nyatuan. Barang ngadenge nu ngaborobot, ku manehna disampeurkeun. Ari breh teh kasampak buhaya keur gegerungan katindihan tangkal kai.

"Ki Silah, cing kuring tulungan," ceuk buhaya ka sapi.

"Ah embung, da sampean mah sok ngabinasa," ceuk sapi.

"Ih moal, lamun anjeun nulungan tangtu aya panarimana," ceuk buhaya.

Sapi teu panjang mikir, terus we tangkal nu nindihan buhaya teh digadil sapi nepi ka buhaya bisa ingkah.

"Nuhun, sapi ngan kumaha da kula teu bisa leumpang, sakalian we kula anteurkeun nepi ka sisi cai walungan," ceuk buhaya deui, sorana mani ngalengis pikarunyaeun.

Ningali kitu, sapi teh eleh deet, terus buhaya teh digandong, dibawa ka cai nu rada jero. Geus diecagkeun, bet teu disangka ku sapi, buhaya teh jalir jangji.

"Wayahna geus nepi ka dieu mah, kuring teh lapar geus sababraha poe teu manggih kadaharan, ayeuna mah wayahna ku kuring dihakan," ceuk buhaya bari gep ngegel suku sapi. Sapi teu suka, nepi ka parea-rea omong.

Barang keur kitu, kabeneran aya peucang keur nginum. Manehna sabenerna mah geus rada lila ngadengekeun nu parea-rea omong teh.

"Keur naon baraya, ngan guntreng bae didengekeun teh," ceuk peucang.

Sapi asa dibere kasempetan. Galantang we nyaritakeun kajadian ti mimiti buhaya katinggang kai bari dipungkas ku panuhun sugan we cenah peucang bisa mere kaputusan.

"Kuring moal bisa mere kaputusan mun can nyaho kumaha prak-prakanana tadi, ku kituna kudu dibalikan deui kumaha kajadianana," ceuk peucang ka nu duaan.

Bral nu tiluan teh nuju ka sisi walungan urut buhaya katinggang kai tea.

"Tah di dieu tadi teh," ceuk sapi ka peucang.

"Euh, ari kaina di mana ngagoleerna? Kudu ditembongkeun heula kumaha tadina?" ceuk peucang.

Harita keneeh kai teh dipindakeun deui kana tonggong buhaya, nepi ka teu bisa usik malik cara ti heula.

"Ari geus kitu kumaha?" Peucang nanya deui.

"Buaya teh, lengas-lengis meenta ditulungan," tembal sapi.

"Ngarti jeung tetela ayeuna mah," ceuk peucang. "Tah ayeuna mah hayu urang tinggalkeun. Keun bae si jurig mah sina paeh di dinya," ceuk peucang.

Bral duanana arindit, sajajalan sapi kacida narimakeunana ka peucang nu geus ngajait tina balai. Ari buhaya nu teu boga rumasa, ahirna paeh di lebah dinya. (*)


Andika Naradipa (Galura)

Pamulang Tarima Pamulang Tarima Reviewed by Rupa Sundapura on 22.02 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.