Aki

Geus ampir dua bulan Aki gering. Ukur bisa ngajoprak di tengah imah, diriung-riung ku tatangga. Awakna begang, panon celong, renghapanana bangun eungap naker. Gawena haharurungan, geus rada hese diajak nyarita ge.

Aki

Kuring, incuna, mindeng nangenan panon Aki ngembeng. Kilang kitu, teu bisa ngabade, naha eta teh cipanon kaduhung, atawa awahing teu kawawa nahan kasakit. Disebut kaduhung, aya pantesna, da nepi ka kiwari ge hirup Aki teh teu bisa walagri. Katambah pamajikanana, anu umurna ganjor 40 taun jeung Aki, bangun henteu bela. Nini tere meureun kuring mah pibasaeunana teh. Malah lantaran ngora keneh, kuring mah geus henteu wasa nyebut nini, sok nyebut bibi bae.

Basa Aki kawin ka Bi Eni, kitu ngaranna, kuring mah leutik keneh. Berekah, nepi ka ayeuna Aki geus boga opat budak ti pamajikanana nu panganyarna teh. Budak laleutik keneh, keur meujeuhna uruseun. Boa eta sababna, pangna Aki nepi ka gering, pedah ripuh teuing usaha. Bari jeung hasilna mah seuseut keur dahar ge. Kituna mah, aya pantesna, da umur Aki teh geus ngagayuh ka 70 taun. Geus cueut ka hareup, mun panonpoe mah tereh tunggang gunung. Kuduna mah Aki teh geus hirup senang ngahenang-ngahening. Ngan nya kitu, napsu Aki nu ngabalukarkeun hirupna teu manggih kasenangan.

"Etah, kalah ngahuleng bae. Lain rek nelepon Emang?" Ema ngagebah. Kuring tangka ngarenjag. Bieu teh keur melong beungeut Aki. Nyidik-nyidik paromanna nu haropak.

"Isuk deui atuh, Ma!"

"Ih, puguh ngadadak. Aki geus nananyakeun bae. Hayang papanggih cenah."

Asa beurat naker rek ngaringkang teh. Palupuh ngareket basa kuring cengkat. Terus kaluar, ninggalkeun imah Aki nu mencil sisi kebon awi. Nepi ka jalan desa, ngadon ngajentul lebah tangkal caringin, ngadagoan ojeg. Ari keur rusuh mah, da mani euweuh motor hiji-hiji acan. Sakitu suku geus singsireumeun. Tungtungna mah diuk nangkeup tuur bari neuteup tangkal caringin nu daunna ngiuhan jalan. Tangkal caringin nu ceuk urang lembur mah loba jurigan. Malah Aki ge mindeng cacarita, lebah dinya teh aya nu ngageugeuhna.

Naha atuh, keur kitu teh bet kaimpleng beungeut Emang dina tangkal caringin. Dedeganana, sorana, persis pisan Aki. Sakuduna mah, Emang henteu panggih jeung Aki. Henteu panggih jeung bapa sorangan. Dalah indungna mah henteu satujueun Emang nepungan Aki, alatan hiji kaceuceub nu nepi ka ayeuna biheung geus lubar.

Ngan Emang geus ngareka carita sorangan. Lalampahanana neangan bapa, henteu kahalangan ku panyaram indung. Aya dongeng Ema anu napel keneh dina ingetan kuring. Dongeng ngeunaan Aki, Nini jeung Emang. Ceuk eta dongeng, baheula basa Nini kuring keur kakandungan, ku Aki kalah ditambelarkeun. Aki ingkah ka Bandung. Nini nu keur bureuyeung, diantep henteu diurus. Malah basa Ema lahir, Nini kalah dibahanan surat talak. Lir nyolok matak buncelik, Aki kalah kawin deui ka batur salembur. Diserahkeun deui. Kawin deui. Nyerahkeun deui. Kawin deui. Kitu jeung kitu pagaweanana, nepi ka kuring henteu bisa ngitung, sabaraha jumlah nini tere nu sabenerna. Ngan di antara pamajikan Aki, nini kuring nu pangkasiksana mah. Eukeur mah hirup sangsara, katurug-turug kudu ngurus budak sadua-dua. Nepi ka kiwari oge, Nini mah henteu kungsi kawin deui. Sakuduna mah Nini teh nyeri hate. Tapi naha atuh bet sabalikna. Hatena janglar pisan. Buktina basa Aki gering oge anu pangheulana ngalongok teh nini kuring, lain nini tere.

Lalakon Emang sejen deui. Tapi masih keneh dina lalampahan Aki enggoning ngumbar birahi. Dua puluh taun sabada nini kuring diserahkeun, aya lalaki nananyakeun ngaran Aki. Basa diparengkeun panggih, terus ngagabrug bari ngagukguk. Dua puluh taun ieuh henteu nyaho rupa bapa. Manahoreng, basa Aki ngereles ka Bandung teh, ninggalkeun awewe bureuyeung anu henteu kungsi dikawin. Tapi henteu matak kaget teuing. Urusan henteu tanggung jawab ka awewe mah, Aki teh beunang disebut pagaweanana. Lain ceuk batur, estuning kalapa bijil ti cunghak. Aki mindeng ngalalakon perkara eta hareupeun tatangga, atawa hareupeun saha bae, kaasup hareupeun kuring.

"Geus sabaraha hiji awewe nu ku Aki diasaan?"

"Ulah nyebut hiji, ratus kituh!"

"Ari nu dikawin?"

"Moal kurang ti 49 urang!"

Tah, ti harita kuring mimiti sebel ka nu ngaranna Aki teh. Sok ngadadak murel lamun ngabandungan obrolan kitu. Cacak upama lain ka kolot mah, mani hayang ngesek-ngesekkeun. Hartina, salila hirup teh, Aki ukur ngeberung napsu. Kuring geus henteu bisa ngitung, sabaraha jumlahna budak-budak Aki. Turta kabeh oge taya nu diurus bener-bener.

Ilaharna, lamun jelema nu dinyenyeri, sok terus malik teu ngeunah. Paling copel teu hayangeun wawuh deui. Tapi ka Aki mah beda deui. Ukur hiji dua nu kitu teh. Nini kuring anu salila hirupna dinyenyeri ku Aki, bangun ngahaja hayang mopohokeun lalakon lawas. Buktina basa Aki gering, anu pangheulana ngalongok teh Nini. Pon kitu deui pamajikan Aki sejenna, anu papada geus diserahkeun, jul-jol bari barang kirim.

Bapa kuring kawin ka Ema teh dina umur 16 taun. Kituna teh, lain hayang-hayang teuing boga pamajikan, bakating dijujurung ku kolot. Malah dina waktuna mah, kawinna bapa ka Ema teh, ukur hiji kanyaah pedah hirup Ema keur katalangsara. Ceuk cohagna mah, ngajait katunggara Ema. Jeung enyana, sanggeus kawin mah hirup Ema teh rada nyay-nyayan. Katambah Bapa meunang warisan anu kawilang lega.

Nepi ka umur 60 taun, kalakuan Aki taya euih-euihna. Bari jeung cruk-crek kawin teh henteu kajurung ku pakeun. Aki teh henteu kaasup jelema beunghar, malah leuwih merenah disebut taya kaboga. Pagawean henteu puguh, dalah keur dahar soranganeun oge bangun seuseut pisan. Anak-anakna, lain teu hayang nulungan. Ngan Aki siga nu teu hayang dipalire.

Teuing pamajikan nu ka sabaraha hiji, basa Aki kawin ka Bi Eni urang Cihanjuang teh. Bi Eni, randa ngora anu dinyenyeri ku salakina. Ema, Bapa, komo kuring mah, nyahona teh basa geus prukna bae. Da bororaah ngabejaan anak atuh, kawas nu ngahaja susulumputan.

Ti Bi Eni, Aki boga deui budak opat. Rek henteu kawalahan kumaha atuh, da puguh umur geus ngolotan, tanaga geus ngurangan. Tungtungna Bi Eni milu kadungsang-dungsang. Gawena nyaung-nyaung, ongkoh ti baheula oge Aki mah henteu kungsi boga imah. Nenjo kaayaan kitu mah, Ema karunyaeun. Aki disambat. Dipangnyieunkeun imah leutik sisi kebon awi.

"Geus cicing di dieu, Bapa, tong ingkah balilahan deui. Moal susah dahar di dieu mah!" ceuk Ema.

Di imah beunang mangnyieunkeun Ema, Aki ukur bisa ngajemprak. Minangka usahana teh, nungguan semah nu rek tatamba. Ceuk beja, Aki teh boga rupa-rupa elmu kadugalan. Kaasup pelet ka awewe meureun. Boh Ema boh kuring, henteu merean Aki usaha kawas kitu teh. Tapi da kitu kahayangna. Tur geus jadi sipatna, sok malik ngewa lamun digeunggeureuhkeun teh.

Ladang jadi pananyaan, boro-boro bisa nyukupan pagabutuh. Keur dahar oge seuseut. Sesana mah, nya namprak bae ka Ema. Ongkoh nu ngadon tatamba teh carang naker. Boa geus teu percayaeun, pedah kalakuan Aki kawas kitu. Katambah dina sual ngubaran, Aki teh make keneh cara baheula. Papalimpang pisan jeung pamadegan ketua DKM di lembur kuring. Unggal kasakit, teu weleh dipatalikeun jeung "nu ngageugeuhna".

"Ojeg, Jang?" teu kanyahoan geus aya motor eureun hareupeun. Nepi ka teu kadenge sorana oge, awahing anteng ngalamun. Wanci geus nyedek ka sore. Tonggeret mimiti reang disada.

"Enya, Mang. Nepi ka dinya bae, ka telepon umum!" ceuk kuring bari cengkat.

"Lila moal neleponna?"

"Paling oge dua menit."

"Ditungguan atuh balikna!"

Clak kana motor. Kakara maju lalaunan, da puguh jalanna taringgul. Kebon awi geus kaliwatan. Jog anjog ka pasawahan. Karasa jauhna hayang nepi ka kota teh. Da puguh lembur kuring kaasup mencil, jauh ka ditu ka dieu. Keur kitu, kuring ujug-ujug ras ka Emang, jelema anu ayeuna rek ditelepon.

Emang teh kaasup jelema jugala. Boga pausahaan badag di Bandung. Nu matak sakalieun nganjang ka lembur teh, teu weleh barangkirim. Emang siga nu nyaah naker ka Aki teh. Cacakan ku indungna dicaram panggih jeung Aki, pedah salila puluhan taun ditambelarkeun. Tapi Emang mah siga ngahaja hayang mopohokeun perkara eta. Ti heula basa Aki kungsi dirawat di rumah sakit, sakali nelepon oge langsung ngagurudag.

Aya kalakuan Aki anu nurun ka Emang. Anu matak murel. Abong ceuk paribasa, uyah mah tara tees ka luhur. Di Bandung, Emang tara lana boga pamajikan. Diitung jeung nu ayeuna teh, geus lima kali boga pamajikan. Lain alatan henteu manggih kacocogan, ngan ukur nganteur napsu. Anak-anakna, ti lima pamajikan, kabehna geus aya 13 urang. Ngan henteu ditambelarkeun. Lebah tanggung-jawab ngurus anak mah, Emang teh aya onjoyna ti Aki.

"Palias Sujang, montong nurun ka maneh mah!" ceuk Ema. Enya, da kuring teh apan kokocoran keneh Aki. Naha bisa kitu kalakuan Aki nurun ka kuring?

"Moal sugan," ceuk Ema. "Tapi apan ka Emang mah mani nyeples pisan!"

Sajeroning tumpak motor, kuring ngareka-reka carita, kumaha alusna ngomong ka Emang dina telepon. Naha bejakeun jeung "gorengna" atawa "alusna" wungkul. Da puguh Aki gering teh aya sababna. Lain kasakit-kasakit teuing. Boa bijilna kasakit teh tina pikiran nu baluweng.

Kuring inget keneh, geus welasan urang nu datang neangan Aki, bari lain rek ngadon tatamba. Maranehna ngakukeun budak-budak Aki. Aya nu ukur hayang tepung, tapi lolobana mah menta tanggung jawab Aki. Tong boro Ema atawa kuring, dalah Aki sorangan henteu apaleun ka budak-budakna. Da puguh kitu tea, sok ditinggalkeun waktu keur reuneuh, bari tara kungsi diteang deui. Tina kituna, Aki mah ukur bati ngahulengna. Kawas nu cangcaya kana kanyataan. Nu matak tadi basa kuring melong panon Aki, katembong aya nu ngembeng. Enya kitu eta teh cipanon kaduhung?

Samemeh Aki gering, ketua DKM kungsi ngawangkong jeung kuring.

"Kamari teh Emang kaanjangan Aki," pokna.

"Ngobrol awewe?"

"Lain. Ieu mah ukur laporan wungkul. Cenah, lamun hiji mangsa Aki ngulampreng ka masjid, solat jumaahaan atawa solat magrib berjamaah, tong disaha-saha. Aki teh rek sadar ayeuna mah. Rumasa salila hirup ngaberung napsu. Ari ceuk Emang teh, atoh nu aya, jajauheun make disaha-saha. Da ari masjid mah bumi Allah, saha bae bisa lebet asal boga niat ibadah. Ngan didagoan teh taya embol-embol. Henteu ngalanto ka buruan-buruanana acan Aki teh."

"Ceuk pangakuanana mah sok solat di imah, Mang!"

"Enya. Tapi ari jumahaan bisa di imah kitu?" kalah malik nanya.

Ah, bebeja ka Emang mah gering biasa bae. Bisi Emang henteu ngeunaheun. Bisi kasindiran deuih. Atuh basa kuring asup ka telepon umum, geus gilig anu rek dibejakeun teh, Aki gering parna, hayang tepung jeung Emang.

Tapi naha atuh, basa kuring rek ngangkat gagang telepon, ujug-ujug ngalangkang beungeut Aki. Teuing ku naon, bet ngadadak ceuceub leuwih ti misti. Leungeun ngadegdeg. Awak ngeleper. Bet rus-ras ka mangsa lawas. Lalakon anu narembongan unggal kuring inget kana lalakon Aki, kana lalakon Emang. Bet henteu wasa mencet nomer telepon. Kalah ngalangkang beungeut Rani, beungeut Idah, beungeut Tina, beungeut...

Boa hiji mangsa, budak-budak maranehna oge menta tanggung jawab ka kuring.

"Atos Jang neleponna? Naha lami-lami teuing?"

Kuring ngagebeg. (*)


Dadan Sutisna

Aki Aki Reviewed by Rupa Sundapura on 06.26 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.