Punten, Cunihin
Ngarumas pisan dipindahkeun ka Departemen Manajemen Informasi teh. Karyawanna lalaki wungkul, awewena kuring sosoranganan, mani asa cuang-cieung. Keur di Maintenance mah leuheung keneh, awewena aya tiluan.
Nu ngalantarankeun kuring saparakanca dipindahkeun ka bagian ieu teh, bagian Maintenance ngahaja dileungitkeun, cenah mah dina raraga restrukturisasi pausahaan. Sawareh dipencar, aya nu dioperkeun ka bagian Pabrikasi, aya oge nu ka Enginering.
Teu bisa majar kumaha, kuring kudu siap ditempatkeun di bagian mana wae. Geus untung teu kaasup karyawan anu di-PHK oge. Mun nepi ka kitu teh, duka teuing kumaha, mangkaning budak bangkoreak maju ka garede, keur mareujeuhna biayaaneun. Nu cikal asup ka SMU taun ieu teh, nu ka dua ka SMP, dikersakeunana teh mani mareng deuih.
Salaki ukur supir angkot jurusan Cimahi-Leuwipanjang. Ka dieunakeun manehna sok mindeng luh-lah. Cenah jaman kiwari mah mobil hayang pinuh ku muatan teh estuning hese beleke. Paling dina sapoe teh pinuhna ukur dua balikan, isuk-isuk jeung sore, waktuna arindit atawa barudalan barudak sakola jeung nu digarawe. Mimindengna mah cenah supir teh "angkleung-angkleungan" mawa mobil kosong mapay-mapay ruteu angkot Bandung-Cimahi. Atuda loba saingan, loba angkot anyar. Rajeun aya muatan, kudu bari muruhan calo nu teu weleh rajeg di unggal pengkolan. Acan kapegat ku macet anu sakapeung mah nepi ka jam-jaman. Acan kapegat ku petugas TPR di unggal parapatan. Sedengkeun setor duit ka dunungan mah kudu pol-pol wae sapoe-sapoena teh. Antukna pangala kuring dijadikeun andelan keur nutupan pangabutuh sapopoe, najan sok mindeng tekorna da loba potongan. Tapi ahir-ahir ieu kuring teh aya niat kaluar ti eta pabrik, jeung kawasna kudu gancang kaluar atawa pindah, lantaran teu betah.
Saenyana mun dibandingkeun jeung samemehna, pagawean kuring nu ayeuna mah kaitung enteng. Pira diuk hareupeun komputer sapoe jeput, ngolah data anu asup tuluy dijieun dokumen. Cangkeul tonggong mah jamak we. Sabulan sakali nyieun skedul sarta laporan kagiatan Manajemen Informasi dina per mingguna, sakapeung ngecek email jeung nga-download sakur informasi anu aya patalina jeung widang garapan pausahaan tina internet. Atuh waktuna balik gawe prah jeung pagawe kantoran di instansi pamarentah, paling elat tabuh opat sore. Euweuh sistim shif, kajaba karyawan di bagian produksi. Jaba rohangan tempat gawe ayeuna mah raresik sarta ditata apik, da puguh rohangan supervisor. Ngan nya eta, puguh di dieu, di rohangan ieu pisan sumberna masalah nu ngalantarankeun kuring teu betah teh.
"Teu kenging seueur ngahuleng, bilih aya nu lepat deui sapertos kamari!" Ceuk Supervisor, anu teu kanyahoan geus aya hareupeun. Tah jelema ieu pisan biang masalah teh, atasan kuring pisan, nu sok pangangguran mindeng ngaheureuyan. Sakapeung sok kaleuwihan heureuyna teh. Mimitina mah sok diladenan, panyana teh heureuy biasa we, guyon jeung ocon dunungan ka anak buah. Lila-lila karasana ku hate asa beda, asa lain saheureuy-heureuyna. Rindat katut kekecapanana ceuk pangrasa kuring mah mere sinyal jeung isarah anu ngandung bahaya. Disebut bahaya, lantaran kuring teh jelema, pareng keur hengker iman mah aya bahan kawisaya ku pitapakna. Kudu kumaha nyanghareupanana? Estuning piheseeun ngagiwarna. Hiji-hijina cara saheulaanan, ti mimiti poe ieu moal pati deuheus najan ka atasan, kudu dipiheulaan nyieun jarak sorangan.
"Panginten nuju seueur emutan nya?" Cenah. Saperti biasa gek manehna diuk gigireun. Kuring api-api jongjon mencrong layar monitor, leungeun katuhu anteng nyekel mouse, mindah-mindahkeun kursor mukaan email nu katarima poe ieu. Selengseng seungit parfum anu has, anu ngalantarankeun ieu jajantung degdeganana mimiti ngerepan.
"Ku naon tara kersa diajak tuang di luar?" Tanya manehna. Teu direret ge geus kajudi, pasti manehna keur neuteup beungeut kuring ngadagoan jawaban. Teuing geus sabaraha puluh kali manehna ngajak istirahat di luar teh, ngan hate teu merean. Jeung kawasna mah nepi ka iraha ge hate teh moal merean. Kajaba lamun indit ka luarna ngabring jeung sobat-sobat kuring, Mochtar Abdillah jeung Ridwansyah. Ari indit paduduaan mah, ah...paur aya buntutna, tur bakal gede resikona.
"Dinten ieu mah rupina kersa nya?"
"Hapunten, dinten ieu ge moal tiasa, nuju seueur pidameleun," cekeng, teu hayang ngareret, bisi kaparengan paadu teuteup, sieun matak nyeblak. Sieun siga kamari jeung mangkukna, nepi ka tingsariak saawak-awak.
Keur kitu teh ku hayang aya nu asup ka rohangan, ngarah manehna kagareuwahkeun, ngarah kuring bisa ngarenghap heula neangan pijawabeun anu pas, sangkan manehna teu maksa wae. Ih ku naon atuh Mochtar, maneh teh bet hare-hare. Ridwan atuh tulungan, nyampeurkeun ka dieu atuh sakeudeung mah. Heug bari mawa map ka dieu teh, api-api aya tanyakeuneun ka kuring. Ka marana atuh, bet naragen wae dina korsi masing-masing. Kapan kungsi maraneh duaan teh ku kuring dikumahaan sangkan mindeng lar sup ka ieu rohangan. Ka marana deuih semah-semah anu biasana rajol ngadareuheus ka supervisor teh? Poe ieu mah "raat" can aya anu datang saurang-urang acan. Aneh, telepon ge anu biasana sok kadenge disada krang-kring teh ayeuna mah jempe wae.
"Unggal dinten teu weleh teu tiasa. Iraha atuh salira bade leah manah?" Cenah. Geura eta babasaanana, make nyebut salira sagala ka kuring teh, kawas ka saha wae. Ditilik tina lentongna, nyarita kituna teh ayeuna mah sidik lain heureuy. Antep ah!
"Mending refreshing heula yu! Meungpeung nuju teu aya tamu. Keun we atuh pidameleun mah da moal aya rengsena, dongkap deui dongkap deui, jabi ku bapa ge moal dibebereg. Sarengsena bae. Kapan laporan mingguan mah tos beres dinten kamari, sanes?" Nyarita kituna teh bari angger keneh nanceb diuk gigireun. Pikiran jadi teu konsentrasi kana pigaweeun. Mangkaning unggal poe kieuna teh. Antukna jadi pusing ka kuringna ge. Ari rek rada diheurasan, naon balukarna lamun anak buah kumawani wangkelang ka dunungan?
Basa kuring teu nyieun reaksi nanaon, manehna nyarita deui, "Nya upami nuju teu purun mah, wios atuh iraha deui, seueur keneh waktos. Nu mawi teu kenging serius teuing damelna geura, salse we lah, disarengan ieuh," cenah, bari mantuan ngaberesan berkas nu pabalatak gigireun komputer hareupeun printer, tuluy ku manehna keneh keretas nu geus numpuk rapih teh diasupkeun kana laci meja kuring. Ari sugan teh geus kitu mah rek cengkat balik deui kana korsina, henteu. Kalah der nuluykeun cacarita nyambung caritaan nu tadi. Cenah ti saprak kuring pindah ka rohangan manehna, hirupna asa loba robahna, asa ngadak-ngadak cangra, asa aya nu ngahibur. Teuing naon sababna cenah kaayeunakeun mah lamun manehna balik ka imah teh teu weleh asa aya nu tinggaleun, tuluy hayang geura isuk, kumejot hayang geura pajonghok deui jeung kuring. Geus lila cenah manehna micangcam batur pakumaha teh, tangtuna jalma nu surti tur ngarti kana kabutuh batinna, utamana kabutuh silih hargaan, da pamajikanana di imah mah hare-hare, tara pati mirosea, tapi dina sagala hal ngadominasi.
Respon kuring ukur unggeuk-unggeukan. Ceuk hate teh, ngadeukeutan kuring mah salah atuh! Kapan jelas-jelas kuring mah geus buntutan, bari reuay deuih. Ari salaki di imah rek di ka manakeun? Dina niat manehna saheureuyeun oge naha bet teu sakalian neangan parawan jekekan? Teu burung ngantri nu daekkeun dijieun keur saheureuyeun ge meureun. Naha teu sakalian neangan wanoja nu matak kaharti ku manehna? Kuring mah naon araheunana!
Ceuk Si Ridwan tea mah kuring teh awewe bodo cenah, teu bisa ngamangpaatkeun situasi. Kuduna mah nenjo galagat kitu teh buru-buru nyieun strategi, pura-pura daek, tuluy eret duitna. Karyawan sejen mah sakalieun hayang ngadeuheus ge kudu ngaliwatan prosedur nu geus ditangtukeun, kudu nyieun jangji heula. Iraha deui diparengkeun dipikaresep ku jelema pantar Pa Dirman, atuh umurna teu pati geseh jeung salaki kuring, pokna teh. Ah dasar Si Eta, sok ngababarikeun, tara mikirkeun kumaha balukarna.
Ari pamanggih Mochtar mah beda deui. Manehna mah kaciri bangun nu kacida melangna ka kuring teh, pokna ge, "Kade Lis, sing kuat iman. Da pagilinggisik unggal poe teuing mah, sageuy teu robah pamadegan," cenah. Puguh caritaan Mochtar nu ieu pisan nu matak ngarentagkeun hate kuring teh. Heueuh, kumaha lamun kuring teh teu kuat nyekel pamadegan, tuluy nyata-nyata robah tangtungan, tulus kabengbat ku nu gandang? Mending milih eureun digawe wae kitu, anu hartina kaleungitan pakasaban?
Ari rek menta bongbolongan ka bapana barudak, sieun jadi matak deuih. Asa pamohalan ngarti kana masalah kuring nu sabenerna. Kumaha mun manehna suudon, nyangka kuring geus saruana, pangangguran ngalayanan atasan? Nepi ka danget ieu, can kapanggih solusina. Sedengkeun gogoda tea beuki dieu beuki rosa napukna.
Keur uleng mikir kitu, teu kanyahoan jeung teu nyangka ti tadina leungeun Pa Dirman ngarangkul awak kuring ti tukangeun. Ku rikat atuh gerakanana teh, nepi ka kuring teu sempet ngagiwar basa manehna dongko ngantelkeun pipina kana pipi kuring.
"Astagfirullah...!!!" Cekeng. Sanggeus sadar kana naon anu keur tumiba kana diri, awak teh ngajengkat satarikna. Bari nangtung teh karasa napas kuring ngahegak kareureuwasan, teu nyangka bakal aya adegan saperti kitu. Tapi kaciri manehna ge tuluy reuwaseun, bari rampang-reumpeung teh geuwat nyampeurkeun kuring nu tuluy diuk murungkut dina korsi tamu.
"Aduh Lis, ulah kirang-kirang ngahapunten. Bapa teh...teu kiat bakat ku...sono," cenah. Kareret beungeutna semu beureum, sorana semu ngageter. Teu dijawab. Keuheul! Jaba reuwas kareureuhnakeun. Kumaha lamun tadi keur kitu teh aya karyawan nu asup ka rohangan? Aya bahan geunjleung sadepartemen atuh. Geus tangtu kabeh bakal nyarangka yen tetela salila ieu kuring teh aya affair jeung salah saurang supervisor nu ngaranna Tubagus Sudirman.
Waktuna istirahat, kuring ngagabung jeung sobat nu duaan. Di kantin teh teu loba omong, ngadak-ngadak dahar ge teu mirasa, padahal tadi mah beuteung teh sakitu laparna. Basa Mochtar nanyakeun ku naon ku naonna, cekeng teh keur teu ngareunah awak.
Sanggeus istirahat, di rohangan kuring jeung Tb. Sudirman ngadon pabetem-betem kawas nu keur mumusuhan. Ayeuna mah manehna teu wani nyampeurkeun, tayohna eraeun. Parat nepi ka waktuna bubaran karyawan kituna teh. Kuring langsung ngaleos, teu hayang pamitan acan. Hate mentegeg keneh. Naha ku naon atuh nepi ka kumawani kitu? Rarasaan mah salila ieu kuring ka manehna teh teu weleh hormat, teu weleh sopan, tur teu hayang teusing minculak ka dunungan. Kutan kitu ari lalaki, komo mun dihatean.
Sajajalan pikiran diganggu ku bayangan adegan nu cikeneh kaalaman. Kaya kieu mah kudu gancang nyieun kaputusan, kudu kaluar ti pagawean. Asa mending keneh kaleungitan pakasaban batan rumah tangga kudu ancur burakrakan mah.
Barang datang ka imah, kasampak bapana barudak keur ngahuapan Si Bungsu. Cenah poe ieu mah teu nambangan, mobilna mogok, can bisa dibawa ka bengkel deuih da nungguan dunungannana balik ti Jakarta. Ari rek ditalangan heula, keur teu boga duit, cenah. Budak nu dua deui raeng laporan yen aya bayareun buku di sakola, sakitu ratus rebu. Ras inget deuih duit nu aya dina dompet teh kari lima puluh rebu deui, mangkaning lalampahan ka gajihan teh tangeh keneh. Hate anu geus gilig rek kaluar ti pagawean teh teu burung rada ngarengkog deui. Kapikir deuih, can tangtu bisa gancang meunang gawe deui mun jadi kaluar ti dinya teh.
Peutingna ngawani-wani maneh ngumaha ka bapana barudak, susuganan manehna bisa mere bongbolongan.
"Pa, mamah mah rek liren we ah didamel teh," cekeng, basa suasana peuting maju ka simpe, basa kamar geus dipoekan.
"Naha ku naon?" Tanya manehna bari ngeukeupan. "Meeni ngadadak deuih, kamari-kamari mah mamah teh asa teu gaduh emutan kitu."
"Naha ku naon?" Manehna nanya deui.
Teu ditembalan, sabab pikiran mimiti kumalayang ka jaman ka tukang-tukang. Breh kabela manehna ka kuring narembongan. Welas-welas taun babarengan, ngambah sagara kahirupan nu teu weleh pinuh ku halangan harungan. Asa can kungsi kadenge jeung kabejakeun manehna midua hate, jajauheun ngabohongan, jeung kacirina asa euweuh cupat rayungan. Kituna teh meureun pedah we teu bogaeun modal keur heureuyna. Da heureuy ka awewe teh atuh kudu bari jeung modalna.
"Naha ku naon bet hoyong liren damel? Lebar atuh Mah."
Deui-deui kuring teu bisa mere alesan. Jeung duka ku naon, teu pupuguh asa sararedih. Beuki lila na tikoro beuki nyelek piceurikeun. Mun kongang mah hayang ceurik ditarikkeun. Cipanon mah geus murubut miheulaan. Pasti manehna teu nyahoeun kuring keur cirambay, da kamar teh poek meredong.
"Rumasa bapa teh can bisa nyenangkeun anak pamajikan. Kumaha geuning da kieu buktina. Wayahna we salila ieu teu weleh diririweuh. Tapi mun mamah cape mah, nya liren we atuh," cenah.
Harita keneh budal kasedih teh, bari nyuuh kana bantal kuring sumegruk, teu nolih bapana barudak nu pasti keur hareugeueun heraneun. (*)
Popon Saadah