Tjarita Pa Roesdi
Barang datang ka imah, Roesdi nanja ka bapana, "Bapa! Rĕmĕn tjaah kawas kitoe teh?"
Jawab bapana, "Poegoeh eta mah, Oedjang, atoeh lain tjaah gĕde. Baheula, keur waktoe sia leutik keneh, imah teh kapan lain di dieu, di ditoe, deukeut pisan ka waloengan. Ieu, noe ieu mah anjar, da noe heubeul mah kapan beak, kabawa tjai."
"Harita, waktoe tjaah gĕde tea lantaran goenoeng Papandajan bitoe, euleuh, aja riboet! Bapa ngagandong sia, Ĕmang ngagandong si Misnĕm, loempat ti imah satakĕr tanaga. Hadena bae, barang geus nĕpi ka Pasirmoentjang, tjaina kakara lĕb ka imah. Teu lila imah roentoeh, djeung kabawa palid. Kandang-kandang moending kabeh kabawa, sasatoan teu hidji-hidji atjan noe kapoeloek. Bapa, ĕma, sia, djeung si Misnĕm meunang doea poe doea peuting tjitjing di pasir, ngarĕrĕb di saoeng leutik."
"Barang tjaah geus saat, kakara toeroen deui ka lĕmboer. Ari njampak, geus teu imah, teu naon teu naon, da kabeh kabawa tjaah. Balong kabeh barĕdah, papakean teu satjiwit-tjiwit atjan, baranghakan sakapanggihna, hees saloengkar-salingkĕr di saoeng batoer. Waktoe tjaah harita, lain imah oerang bae noe palid teh, nadjan teu kabeh, imah batoer oge paralid. Saboelan ti sanggeus tjaah, rame ngaradĕgkeun deui imah, rada beh pasir noe djauh ti sisi waloengan."
"Tah imah ieu noe anjar diadegkeun teh, meunang koekoempoel djoedjoealan pare djeung barang noe d pihapekeun di Aki sia, di goenoeng. Hadena bae tjaah ayeuna mah teu gĕde tjara baheula. Lamoen tjaah gĕde, sia rek kamana nja loempat?"
Tembal Roesdi, "Ah, rek menta digandong bae koe bapa, da bapa mah djangkoeng, moal ĕnja katjaahan. Bapa kabawa palid kadjeun, da koering mah digandong. Si Misnĕm meureun diais koe ĕma, imah oerang moal ĕnja kabawa palid, da gĕde. Tapi ari hadena mah oelah tjaah deui da koering sok reuwas." (*)