Pileuleujan
Geus meunang doea minggu Moerdiam ngandjang di kolot Roesdi. Oenggal-oenggal poe njaba nendjoan kěbon-kěbon djeung palawidja oerang lemboer. Di dinja manehna meulian sampeu djeung soeoek, djoealeun deui di dajeuh. Malah Pa Roesdi oge ngadjoeal ti kěbonna. Tapi boeboejeun Roesdi djeung Misnĕm mah teu koerang, aja keneh doea tiloe baoe deui mah.
Sakali mangsa, barang Roesdi djeung Misnĕm haroedang isoek-isoek, di boeroean geus aja koeda meunang njelaan, toempakaneun pamanna sabab rek moelang.
"Mang, naha bĕt geus rek balik?" tjek Roesdi. "Kapan kakara oge sakeudeung di dieu teh. Meureun nineung tĕmĕn Mang, koering engke, djeung moal aja noe mangdongengkeun ka koering."
"Hih, Oedi, moal lila oge ĕmang balik deui. Doakeun bae sing salamet, ambeh oerang bisa oelin deui kawas bareto. Ajeuna ĕmang kapan geus opat welas poe di dieu teh, koemaha da mĕlang koe embina di lemboer."
Misnĕm gawena tjitjing bae, teu lemek teu njarek, diuk gigireun pamanna, sĕmoe ngoejoeng.
"Ah, oelah dipake ngoejoeng, Inĕm," tjek pamanna. "Engke moen ĕmang balik deui, rek barang kirim. Tjing hajang dikirim naon?"
"Mang, koering mah hajang roti koekoedaan, sisir pinti, djeung saboen seungit," tjek Misnĕm.
"Heug, engke koe ĕmang dikirim. Ĕmang ajeuna rek beberes heula."
Teu lila geus beres, toeloej dalahar. Sabot dahar, Roesdi mah teu miloe njarita, ngan ngahantĕm nĕtĕg beuteung bae, da bisi beakeun koe si Misnĕm.
Sanggeus rengse daladaharanana, toeloej taroeroen. Roesdi djeung Misnĕm maroentang kana leungeun pamanna, sabeulah sewang. Tjlak paman Roesdi mantjal koeda. Koedana nereleng.
"Wah, mamang mah moal ragrag, da geus toeman," tjek Roesdi.
Toeloej indit.
"Pileuleujan bae Mang," tjek Roesdi. "Djeung roti keur Misnĕm tea, oelah poho, nja!" (*)