Lembaga Basa jeung Sastra Sunda (LBBS)
Udagan LBBS
Udagan utama LBBS nyaeta milu ngamumule ngaraksa-ngariksa, miara jeung mekarkeun basa jeung sastra Sunda katut pangajaranana luyu jeung katangtuan UUD 1945: Penjelasan pasal 36 Bab XV. Ari nu jadi udagan hususna nyaeta milu ngalaksanakeun kawijakan pangwangunan nasional anu luyu jeung aspirasi lokal Jawa Barat, sangkan basa jeung sastra Sunda tetap mampuh bisa ngigelan jaman jadi ebrehan budaya masyarakat Sunda bari ngarojong kabinekaan budaya anu jadi unsur kamotekaran jeung sumber kakuatan bangsa.
Eta dua udagan di luhur teh tinangtu bae moal bisa kahantol dina waktu anu singget, sarta pamohalan bisa kahontal ku gawe LBBS sosorangan. Aya harepan pikahontaleun lamun aya gawe bareng paheuyeuk heuyeuk leungeun jeung aya silahturami komunikasi katut koordinasi antara pihak mana bae jeung saha bae anu miboga kasadaran, kareueus, sikep, motivasi, kadaek jeung kamampuh ngahirup-huripkeun basa jeung satra sunda, boh individu, boh masyarakat, boh pamarentah.
Bahan Garapan LBBS
Naon-naon nu jadi garapan LBBS, tangtu bae kudu dikomunikasikeun jeung diinformasikeun ka balarea, sangkan bisa kabandungan naon rupa hanca garapan jeung hasil pagaweanana. Bahan garapan LBBS anu penting-penting diantarana:
- Basa Sunda anu unsur-unsurna tumuwuh tur mekar, ku jalan narima jeung nyiptakeun boh wangun boh harti anyar. Anu dipalar sangkan para panyatur basa Sunda tumaninah makena, boh keur ngebrehkeun kahuripan tradisional, boh keur ngebrehkeun kahuripan budaya kahuripan tradisional, boh keur ngebrehkeun kahuripan budaya moderen. Lamun teu kitu, basa Sunda tinggaleun atawa di tinggalkeun ku para panuturna.
- Sastra Sunda anu visi jeung misina henteu kasengker ku "langit lembur" wungkul, tapi anu ngabelesat parat ka jabaning langit, ambeh anu marancana kaupahan ku wawasan jeung gagasan anyar. Lamun teu kitu sastra Sunda, kukulibekan bae di tempat, balukarna matak baroseneun anu marca.
- Pangajaran basa jeung sastra Sunda anu professional, henteu amatiran sahayuna, ulah puraga tamba kadengda. Lamun pangajaran henteu professional, siswa bisa nganggap eta para guru kalah embel-embel lain perkara penting, brasna ti eta para guru kaleungitan motivasi, para siswa "hoream" diajar basa Sunda.
- Panalungtikan basa jeung sastra Sunda anu miboga mangfaat strategis. Contona: naon sabab barudak Sunda generasi anyar arembung make basa Sunda? Kumaha bisana ngomean sikep basa sangkan jadi positif daraek make basa Sunda luyu jeung fungsi katut kalungguhanana?
- Sistem komunikasi, dokumentasi, jeung informasi ngagunakeun basa jeung sastra Sunda anu ngagunakeun teknologi moderen, saperti komputer jeung internet, ngarah babari dipikanyaho ku dunya luar.
- Sarana pangdeudeul anu lengkep tur canggih, sangkan bisa digawe efektif tur efesien, ulah cukup kungandelkeunka leukleuk: antukna teu bisa babalapan, eleh gancang, jeung eleh jajaten.
- Perwakilan pangurus LBSS diunggal kabupaten jeung kotamadya sa-Jawa Barat, anudipalar sangkan ngurangan "gap" antara kiprah jeung karep pangurus puseur jeung para panyatur anggota masarakat. Silahturami antara pangurus LBSS di kabupaten/kotamadya sa-Jawa Barat "relatif" bisa leuwih raket jeung para panyatur basa sunda anu unggal waktu patepung jeung masalah dinamika kahirupan basa sunda di tengah-tengah para panyatur. (*)
Diropea ti sundanet.com