Langgir jeung Kuya

"Si Ujang parasea jeung Si Asep, Abah!" ceuk Didi, ngadu ka Abah Odo.

"Parasea ku naon cenah, Di?"

"Duka atuh, Bah."

"Cik calukan sina ka darieu!"

Dongeng Buhun

Didi nyalukan baturna, Ujang jeung Asep. Sanggeus ngariung, Abah Odo mariksa nu duaan. Enya bae Ujang jeung Asep teh keur pagetreng. Anapon pasualanana, cenah Si Asep cidra jangji ka Si Ujang.

"Ka abdi nyarios rek mayar hutang poe ieu, ari pek ngabohong. Hanas abdi teu mekel artos ti rorompok," ceuk Ujang. Ceuk Asep, manehna lain teu rek mayar ngan duitna can dibere ku kolotna.

"Enya, geus nu enggeus mah. Ke deui mah omat ulah gampang jangji lamun sakirana rek cidra. Sabab bisi cilaka. Lain bae nu cidra jangjina, tapi duanana, siga dongeng langgir jeung kuya!" saur Abah Odo.

"Aya dongengna nya, Abah?" tanya Didi.

"Puguh we!"

"Mangga atuh dongengkeun!" Barudak sumanget ngabandungan dongeng Abah Odo.

-=oOo=-

Sakali mangsa sakadang langgir keur aprak-aprakan balangsiar neangan kahakanan. Sorangan bae inditna teh, taya nu maturan da batur-baturna mah arembungeun maturan. Pangna kitu, si langgir mah pada mikagimir, ceuk pangrasana manehna mah sakti mandraguna da boga ajian matih nyatana peurah anu lamun diseureudkeun ka awak batur matih kabina-bina, bisa mateni.

Nu matak si langgir mah euweuh kasieun, rek nyanghareupan saha bae, sato gede atawa leutik ku manehna mah kauntup. Unggal aya nu ngahalangan, manehna ngalawan, mun jelema mah sahaok kadua gaplok. Tong boro enyaan ngalawan, dalah karek rentang-rentang nenjo nu ngahalangan, buntutna ngacung ka hareup, nyingsieunan. Puguh we nu disingsieunan teh sawan.

"Preman panginten nya Bah?" tanya barudak.

"Enya mun jelema mah," saur Abah Odo nyelang heula ngajawab pananya barudak.

Najan kitu, saur Abah Odo saterusna, sajago-jagona mahluk tetep aya kakurangan. Siga si langgir, najan manehna boga ajian matih tur nguntup ngayonan sato garalak, angger we nyanghareupan gulidagna cai walungan mah muringis da teu bisaeun ngojay.

Siga harita, sanggeus aprak-aprakan teu beubeunangan teh manehna kudu ngaraas wahangan. Manehna tiba cinutrung na gawir wahangan bari mikir kumaha carana sangkan bisa meuntas. Nenjo sisi walungan aya langgir bangun bingung, sato-sato sejenna lain nyalampeurkeun, kalah nyarumput. Si langgir ge nyahoeun. Manehna bati kingkin.

Keur kitu, di wahangan aya nu ampul-ampulan. Horeng sakadang kuya keur ngojay. Barang nenjo aya si langgir, kuya gancang teuleum, sieuneun, tapi pecenghul deui siga ngabibita si langgir.

"Ya, kadieu euy tulungan uing!" si langgir nyalukan.

"Embung ah!" tembal kuya.

"Tulungan uing, pangmeuntaskeun. Ke diburuhan!"

"Embung ah, maneh mah sok nyeureud!"

"Moal, piraku nyeureud ka nu nulungan?"

"Heug, tapi jangji nya ulah nyeureud!" ceuk si kuya. Antukna mah manehna daek nulungan si langgir da puguh karunyaeun. Si langgir mah teu bisaeun ngojay.

Geus kitu mah si kuya ka sisi wahangan, nyodorkeun tonggongna sina ditumpakan si langgir. Bari surak atoh si langgir tumpak tonggong si kuya. Geuleuyeung we si kuya ngojay, ngawelah cai ku sukuna. Puguh we si langgir tumaninah, genah tumpak tonggong si kuya.

Dasar si langgir teu tigin kana jangji jeung boga rasa jagoan, di tengah-tengah wahangan, manehna kabitaeun nenjo beuheung si kuya anu hipu, bangun mirasa lamun diseureud teh. Teu ngengkekeun deui, ngan jeletot bae beuheung si kuya diseureud, terus disebrot ku peurahna nu matih tea. Puguh we si kuya ngajerit, kapiuhan, antukna les wae paeh. Kerelep ka jero cai. Si langgir ge teu walakaya, gogoakan menta tulung, taya nu ngawaro. Kerelep ti teuleum ka jero cai, palastra.

"Tah kitu barudak buah tina ingkar jangji teh matak cilaka," saur Abah Odo mungkas dongengna. (*)


Fendy Sy. Citrawarga
Langgir jeung Kuya Langgir jeung Kuya Reviewed by Rupa Sundapura on 17.38 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.