Minyak Mayit

Ti bubudak kuring resep kana botol atawa ples. Teuing kumaha mimitina. Kawasna, mun teu salah, keur umur genep taunan, ku nini dibere minyak "kolonyo". Sohorna harita mah "air mata duyung". Pedah di dinya aya gambar lauk duyung nu sirahna jelema, sukuna lauk. Mani atoh. Lantaran seungit. Jeung eta botolna alus. Herang ngagenclang.

Carita Misteri

Ti harita, asana, sok ngumpul-ngumpul botol teh. Botol naon bae. Nu gede nu leutik. Kaasup botol kecap "Cap Panggang Hayam" atawa "Cap Kingkong" nu aya tulisan "No. 1".

Bet nuluy nepi ka usum kuliah. Beuki lega gaul, beuki rea botol koleksi. Jeung beuki rupa-rupa, boh wangunna, boh warnana. Lain bae botol samodel minyak "kolonyo" jaman nini. Tapi deuih botolbotol minyak wangi, atawa parfum kamashur. Elizabeth Arden, Givenchi, Bulgari, Giorgio Armani, wah...teu kawilang. Kitu deui botol inuman keras. Nu lonyod, nu gepeng, nu buleud. Rea batur tukang dangdan, tukang make seuseungitan. Rea batur tukang mabok. Beuki rea koleksi botol nu kapibanda.

Dina euweuh nu mere, meuli. Atawa nukeuran ku barang naon bae, asal botol nu dipikaresep kapimilik. Puguh bae diurus. Ditatap diusap. Dipernahkeun dihade-hade. Dibelaan nyieun lomari husus. Batur mah lomari buku, kuring mah lomari botol. Dijadikeun bahan kaagulan ka nu sakur nu nganjang ka kontrakan.

Malah kungsi aya wartawan. Kuring diwawancara. Dimuat dina surat kabar. Digolongkeun ka jalma nu boga hobi aneh. Batur mah hobi ngoleksi batu ali, motor gede, mobil antik, kuring mah hobby ngoleksi botol.

Sok mindeng, atawa kungsi, ngalaman kajadian aneh lamun kuring boga koleksi botol anyar. Kawas basa karek mimiti boga botol parfum Nefertiti, sasiki. Nu wangunna jiga pyramid, warna biru leleb, ari aksara koneng emas. Najan geus kosong, barang dibuka tutupna, aya keneh selengseng seungit angin-anginna.

Tas nyeuseup eta parfum, langsung tunduh. Reup sare, ujug-ujug ngimpi aya di hiji tempat hara-haraeun. Kuring disered bari didengkek ku hiji lalaki jangkung badag. Dijagragkeun ka rohangan nu pinuh ku jalma rea. Tapi tartib. Hempak sarila nguriling di sisi-sisi tembok rohangan lega pisan. Di tengah-tengah, dina korsi jangkung tina emas ditaretes inten permata, anegleng hiji wanoja. Geulis kawanti-wanti. Dangdanan hurung-herang.

Lalaki nu nyered kuring ngagorowok, "Nyembah ka Dewi Nefertiti!"

Brek kabeh sarujud. Punduk kuring diteueulkeun tarik pisan. Nepi ka milu ngudupruk sujud. Kadenge sora saheng. Muji-muji Dewi Nefertiti.

"Dewi Maha Agung! Dewi nu ngabagi rejeki!"

Jep deui jempling. Kuring ditanggahkeun. Ngadangong handapeun korsina pisan. Ngong Dewi Nefertiti cacarita ditujulkeun ka kuring, "Sukur anjeun geus aub kumawula ka kaula! Pek tuluykeun. Urus seuseungitan tititnggal kula. Ayeuna anjeun geus diaku jadi balad kaula, nu ngawasa panonpoe. Kaula sembaheun manusa!"

Geus kitu mah, kuring dileupaskeun tina dengkekan lalaki jangkung badag. Malah ditangtungkeun. Dituyun sina nyium ramo dewi nu lalencop tur seungit parfum nu botolna kuring geus boga.

Barang lilir, kesang ngagarajag saluar awak. Rarasaan teu pararuguh. Kabur pangacian. Ret kana botol. Beuki mencrang birukonengna. Mancerkeun cahya endah kabina-bina.

Kungsi deuih basa anyaran meunang botol vodka merek Siberia. Keur dielapan, cocok kayu gabusna coplok. Hiek bau inuman keras. Nepi ka lenglengan. Kapiuhan. Bet terus ngimpi. Aya di tempat pesta rame pisan. Pabuis para tamu. Pasuliwer nu darangsa. Awewe lalaki patangkeup-tangkeup. Musik ngaguruh. Beuki tarik. Beuki motah.

Pakalangan nu pejejel ku rupa-rupa jalma jeung rupa-rupa dangdanan, ujug-ujug walihweuh. Aya nu mabok ngamuk. Mubak-mabuk make botol inuman keras nu geus dipeupeuskeun. Sirilik ka ditu. Sirilik ka dieu. Bru, bru, jalma-jalma nu keuna ku seuseukeut botol rarubuh. Getih ngalukrah. Nu perlaya balatak. Tapi musik teu eureun. Nu darangsa teu eureun.

Cakakak, cakakak, ti juru sora seuri tanding gelap saleser.

"Hah...hah...hah...! Aing geus hasil ngagubruskeun manusa. Teu pira ku inuman keras. Nepi ka tega maehan. Nepi ka tega migawe nirca."

"Haram jadah!" Kuring eling tina katuralengan. Awak ngadegdeg. Reuwas jeung sieun. Kuduna mah botol urut inuman keras kitu, dibabetkeun. Tapi henteu ieu mah. Malah tuluy dikeukeuweuk. Tur isukna gancang neangan deui. Sugan aya botol vodka merek sejen nu wangun jeung warnana beda.

Ngurus botol koleksi, sasat cul naon cul naon. Cul kana kawajiban agama. Cul kana gaul jeung jelema. Ti poe ka poe, detik, menit, jam, beak dipake ngoprek botol. Ditatap-diusap. Diteuteup warnana. Ditingetan wangunna. Diangseu urut bau jeung seungitna. Dirarasakeun fantasi nu datang marengan atawa nuturkeun sabot ngaraneh botol-botol nu geus ngaratus-ngarebu. Sugema hate, lantaran geus manggih kajinekan hirup pikeun satuhu satia kana koleksi botol.

Hiji poe, torojol kapiemang ti lembur, ngalongok bari ngirim botol. Cenah, bawa ti Mekah basa munggah haji sawatara taun ka tukang. Botol warna bodas haseup. Wangunna persis pocong. Labelna warna beureum getih, aksara diparungkal paringkel jiga haseup ngelun. Unina "Ruh ar Ruh".

"Emang ge resep kana ieu botol teh. Ngan keur nanahaon galutak-galituk. Ongkoh ibina jeung barudak di imah, sarieuneun. Pajah teh botol jurig. Rek dijual ka kokompong lebar. Ras meulina ti Mekah, mahal jeung estu kabeneran. Hihijina deui. Inget boga alo resep ngumpulkeun botol. Tah Emang milu andil. Sugan we kapake."

"Hatur nuhun, Mang, tangtos kaanggo pisan," kuring atoh.

Geus emang balik, saperti sasari, tutup botol dibuka. Diambeuan. Seleksek, hiek...enya we bau mayit. Bau sirara. Leng kuring katuralengan, kawas basa tas ngambeuan botol parfum Nefertiti jeung vodka Siberia tea.

Teuing ngimpi, teuing naon. Ngan kuring rarasaan teh maot. Terus digarugulung. Dimandian. Diboehan. Dikocrotan minyak "Ruh ar Ruh" tina botol pamere emang. Diasupkeun kana pasaran. Digarotong.

"Salatan entong?" Kadenge sora tinggerendeng tapi jentre.

"Salatan atuh. Moal enya henteu." Aya deui sora nembalan.

"Tapi pan keur hirupna tara salat."

"Peupeuriheun keur hirup atuh lapur, geus paeh atuh salatan. Kalumrahan mayit."

"Di masjid?"

"Heueuh di masjid. Na di mana deui?"

"Pan tara ka masjid ieu jalma teh. Batur rabul berjamaah, ieu mah nguyek nyoo botol."

Leng poek. Poho. Buntu. Inget-inget geus nyaring di hiji tempat anu rupek. Heurin. Hese usik-usik acan. Di sisi di gigir ngan botol jeung botol. Ngaheurinan. Nyedek-nyedek.

"Naon ieu? Naon ieu?" Kuring gogorowokan. Hayang ojah tapi teu bisa. Sabab kagenceet ku tumpukan botol. Leuheung lamun beresih kawas nu ku kuring dipiara didama-dama. Da ieu mah, rametek ku kokotor. Hideung lestreng, cepel. Bau liwat ti bau.

"Ieu amal pagawean silaing keur di alam dunya!" Hiji sora handaruan nembalan. Teuing ti mana. "Pan gawe ngagugulung botol. Nepi ka poho kana akidah, kana ibadah, kana ahlak, kana amal kahadean ka sasama manusa. Da hirup silaing beak dipake munjung-muja botol. Mikacinta jeung mikareueus botol. Nya wayahna silaing di alam kubur kudu daek dikekeyek ku botol nepi ka datang lebur kiamah teuing iraha! Teuing isuk pageto, teuing sataun dua taun deui, atawa sajuta dua juta taun deui. Wallohu’alam. Anging Allah Nu Maha Uninga."

Satengahing ripuh kabina-bina disered, ditindihan, ditinggangan ku botol, panon bet bisa nenjo ka beh peuntas. Ka lebah jelema nu keur ngahunang-ngahening di hiji patamanan lega kabina-bina. Diriung-riung ku para juruladen saromeah. Rupa-rupa dahareun jeung inumeun nu matak uruy, ngabarak.

"Tah deuleu!" Sora nu tadi handaruan deui. "Eta conto jalma iman ka Allah, jeung getol amal soleh ka sasama manusa. Barang asup ka alam kubur, sedong heureut ngadadak ngalegaan. Bray caang narawangan. Manehna culang-cileung. Molohok hookeun. Terus aya nu ngabejaan, teu kudu heran. Ieu teh ni'mat kubur pikeun jalma nu iman, nu taat ngalaksanakeun parentah Allah jeung Rosul-Na, sarta ngajauhan sagala nu dilarang ku Anjeunna. Dibarung ku getol nyieun kahadean ka sasama manusa. Pek sing tumaninah tengtrem dina kurnia anugrah Allah SWT. Sing betah nyicingan alam kubur nu pinuh berkah katut ganjaran tina iman jeung amal soleh andika. Tuh tingali, kaayaan jalma nu keur hirupna iman ka botol, ibadah ka botol, amal soleh ka botol. Alam kuburna ge dijejelan botol."

Leng, leng, leng, bet ngolebat kasadaran. Yen keur hirup teh Islam, najan saukur aakuanan. Keur hirup teh iman, sanajan teu kabuktian dina kanyataan. Bet diparengkeun letah ngucapkeun istigfar. Nyah beunta. Geuning hirup keneh. Cikeneh ngajoprak kapaehan. Bari leungeun ngeukeuweuk botol pamere emang. Botol minyak mayit nu nyababkeun kuring kapangpengkeun kana fantasi ka alam gaib. Jadi mayit.

Meneran di masjid deukeut imah kontrakan ngamimitan adan. Wanci magrib. Gura-giru kuring ka kamar mandi. Beberesih. Wudlu. Salin baju nu beresih, jeung samping weuteuh.

"Haturan, Cep...!" Ustadz Ahmad, sesepuh masjid ngabageakeun lebah lawang. "Ka mana bae tara katingal?"

"Nu mawi sibuk memeres skripsi, Pa Ustadz," kuring neangan alesan. Memang enya keur ngahangkeutkeun skripsi. Tapi hese anggeus, da teu kaur ku "bobogohan" jeung botol.

"Dupi koleksi botolna kumaha? Tos nambihan seueur?" Ustadz Ahmad nanya deui. Apaleun manehna lantaran kungsi maca tulisan ngeunaan hobi kuring kana botol dina surat kabar.

"Nu mawi,bade diical atanapi dihibahkeun ka nu peryogieun."

Obrolan teu kebat. Kapegat ku komat.

Sieun disebut bohong, pedah geus ngomong ka Ustadz Ahmad, isukna sakabeh botol nu aya diborongkeun ka tukang kokorompong. Lima welas karung padet metet. Ukur hiji nu disesakeun. Botol minyak mayit pamere emang. Itung-itung keur pangeling-ngeling.

Ayeuna mah, unggal jol ka masjid, tara dibageakeun ku kecap "haturan", boh ti Ustadz Ahmad, boh ti jamaah sejen. Sabab geus larbek. Tetela salat berjamaah leuwih hampang jeung babari, tinimbang ngurus botol nu mindeng mangpengkeun kuring ka alam pikasieuneun. Komo kapangpengkeun ka alam kubur nu batan sakitu kaayaanana. Untung saukur riwan, atawa gundam.

Ladang ngajual botol, ukur sapersapuluh atawa boa sapersaratus tina harga pameulian. Tapi teu nanaon. Malah ngarasa untung. Sabab barang tukang kokorompong mayar, meneran pisan aya nu datang mawa proposal ti panti asuhan yatim jeung pahatu. Digebrokeun ka dinya kabeh. Dipake sodaqoh infaq. Patugas nu narima, ngadu'a, "Barokallohu fi mali wal ahli. Berkah Alloh keur harta jeung kulawarga anu maparin sodaqoh infak.

"Alhamdulillah, abdi dipaparin keneh kasempetan hirup kangge ngomean sagala kalepatan nu atos-atos. Mugi janten buktos kaimanan sareng amal soleh abdi, ya Alloh, nu salami ieu sumembah kana karesep hawa napsu." Kuring sumegruk dina sajadah, sabada ngadekul wiridan ti tutas magrib nepi ka datang isa. (*)


Usep Romli H.M
Minyak Mayit Minyak Mayit Reviewed by Rupa Sundapura on 22.59 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.