Si Kabayan jeung Anakna

Dongeng Si Kabayan

Anak Si Kabayan balik sakola, ditanya ku Si Kabayan.

"Naha maneh geus telat deui bae datang teh? Disetrap deui meureun nya, da teu bisa ngitung."

"Ah tadi mah rada mending kuring teh, Pa. Jeung Si Atang-Atang bae mah pinter uing," jawab anakna.

"Na kumaha...? Si Kabayan panasaran.

"Tadi basa di sakola Pa Guru nanya ka kuring jeung ka Si Atang, sabaraha ari 2 x 5, Si Atang ngajawab 7, kuring ngajawab 8. Ari saur Pa Guru 10. Jadi pinter uing, ngan kurang dua," ceuk anakna teu kireum-kireum.

"Nurun ti aing," tembal Si Kebayan bari nepak sirah anakna. (*)

Si Kabayan jeung Anakna Si Kabayan jeung Anakna Reviewed by Rupa Sundapura on 23.17 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.