CCTV

Beres ti swalayan tas meuli kueh, mobil tuluy ngageuleuyeung muru ka toko elektronik. Kueh mah keur boro-boroeun Mang Anta jeung Bi Anta di lembur. Ari ka toko elektronik butuh kamera CCTV sababaraha hiji keur imah di lembur.

Carita Sunda Misteri

Mang Anta jeung Bi Anta geus pok deui-pok deui nitah nuar tangkal balingbing nu aya di hareupeun imah. Salian ti ngahieuman teh mawa geueuman deuih, eukeur mah euweuh nu nyicingan, katambah-tambah remen nu kawenehan cenah.

Percaya teu percaya. Baheula ti leutik nepi ka gede cicing mangtaun-taun di eta imah, betah wae nu aya, teu kungsi papanggihan atawa ngalaman nu aneh-aneh.

"Bumi mah Den, kangaranan tara dicalikan sok sering kawartoskeun teras dilindih ku nu lembut, komo ieu bumi Aden nu sakitu ublugablagna," ceuk Mang Anta basa kabeneran kuring jeung pamajiikan lolongok ka lembur.

"Atuh Emang jeung Bi Anta tos ngalih ka dieu," pok teh dihaminan ku pamajikan.

"Sanes nampik pangasih Den, di rorompok mah sok sanaos imah reyod oge, Emang jeung Ibi mah teu weleh betah," pokna deui.

Mang Anta jeung Bi Anta teh dulur jauh. Dipercaya pikeun ngurus imah. Imah warisan ti indung jeung bapa. Dulur-dulur teges kabeh sapuk imah teh dipasrahkeun ka kuring. Bagean si bungsu cenah imah mah. Kuring sorangan asa teu ngaboga-boga, imah kolot mah imah sarerea anak-anakna.

Dulur-dulur teges kabeh dumuk di kota siga kuring. Aya nu di Jakarta, Bogor, jeung di luar Jawa. Balik ka lembur teh taun kali. Kulantaran sok dipake kumpul najan taun kali, imah teh ku kuring ngahaja dibebetah dibangun deui, digedean jeung ditingkatkeun ngarah lalega.

Ayeuna balik ka lembur teh sorangan. Pamajikan hayangeun ngilu ngan teu bisa cenah lantaran geus kagok jangji jeung ibu-ibu pangajianana. Dibibita rek murak dewegan jeung pais lauk emas karesepna, keukeuh mugen. Era geus jangji pajarkeun teh cenah, kalah tuluy pesen wae naratay.

Nepi ka lembur teh pasosore, kituna mah kaharti da ti Bandung oge kuring indit pabeubeurang. Saperti biasa wae kuring mah tuluy ka imah Mang Anta. Asa geus ka kolot sorangan ka anjeunna teh. Mobil diparkir di buruanana, leungeun ranggeum mawa oleh-oleh.

"Geuning meuni sonten sumping teh, Den?" Mang Anta ngabageakeun.

"Enya puguh, beurang angkatna jeung nyalse di jalanna," pok teh.

"Nyalira wae ning? Si Eteh ka mana?" pokna deui, maksudna nanyakeun pamajikan kuring.

"Aya urusan di bumi, kawitna mah hoyongeun ngiring, pesen pais lauk emas puguh," cekeng teh.

"Keun engke mun uih dibekelan," pokna teh bari pak-pik-pek beberes di tengah imah.

Teu lila Bi Anta ngurunyung bari nyuguh-nyuguhkeun lalawuh.

"Duh, jadi ngaririweuh kieu," cekeng teh.

"Ngaririweuh naon, puguh Ibi nu nyuhunkeun dihapunten teu tiasa nyampakkeun. Da kieu geuning Den adatna di kampung mah," ceuk Bi Anta. Baheula kuring diasuh ku Bi Anta, matak asa miindung pisan ka anjeunna teh.

"Ari Si Sarip kamana?" cekeng teh nanyakeun budak bungsu Mang Anta nu keur meumeujeuhna pamuda.

"Ah, biasa wae si eta mah ngador. Paling keur ulin jeung babaturanan," ceuk Mang Anta.

"Engke hayang dibaturan masangkeun CCTV di imah jeung Emang sakalian," cekeng teh.

Ti dinya mah tuluy uplek ngobrol. Beres ngobrol kuring jeung Mang Anta tuluy muru ka imah kuring. Bi Anta mah cenah rek tuluy neang Si Sarip.

Ti luar imah katembong raresik. Mang Anta jeung Bi Anta mah teu weleh kapake baranggawena teh. Najan tembong rada geueuman da euweuh nu nyicingan, tapi ari kaurus mah tembong nyari wae imah teh. Di jerona laleucir balas rutin diurus.

Kuring tuluy pak-pik-pek masangkeun CCTV dibaturan ku Mang Anta. Teu lila jol Si Sarip datang jeung babaturanana duaan. Loba nu mantuan mah masang kamera tereh beresna.

"Mang, engke peuting hayang dibaturan mondok di dieu," cekeng teh. "Jeung si Bi Anta wae di dieu." Beuki burit mah asa ngarasa keueung. Biasana mah sok jeung pamajikan, ari ieu sorangan.

"Duh, Emang teh bagean ngaronda peuting ieu mah, Den."

"Usum keneh nya ngaronda di dieu mah? Lain nyewa satpam atuh?"

"Galibna kieu da di lembur mah, Den," walon Mang Anta. "Sarip daek ngendong di dieu ngabaturan?" pokna ka si Sarip nu masang-masangkeun kabel.

Nu ditanya sakedapan mah kalah murungkut siga aya nu dipikasieun, tapi tungtungna mah unggeuk.

Mang Anta jeung barudak pamit mulang. Si Sarip mah engke kadarieu deui cenah. Imahna teu pati anggang aya kana sababaraha ratus meter. Ngan imah kuring mah rada nenggang wungkul nyokot ka tungtung lembur.

Kuring tuluy ngaroris CCTV tina komputer, ngahaja disambungkeun langsung kana laptop meh peuting ieu bisa di cek. Terus terang wae kaidean ku film Hollywood "Paranormal Activity" nu populer di Amerika, masang CCTV sangkan muguhkeun aya henteuna lelembutan di imah jeung sabudeureunana. Komo ieu kasebutna imah kosong, hayang ngabuktikeun bener jeung henteuna jalma-jalma nu kawenehan teh.

Beres masang CCTV terus ka imah Mang Anta, rek ngadon dahar. Ti dinya tuluy uplek deui ngobrol. Obrolan teh geus lain obrolan sono, tapi geus ngeser kana obrolan mindeng kawenehanana urang lembur mun pareng ngaliwat ka imah peuting-peuting.

"Nu mindeng maranggihan teh cenah lolobana rupa awewe ngora nu make papakean sing sarwa bodas, tembong sok gagalacangan dina tangkal balingbing," ceuk Mang Anta. "Amang mah can kungsi ngawenehan rek beurang rek peuting oge, ngan Si Ibi mah kungsi dua kali nangenan teh," ceuk Mang Anta deui. Bi Anta ngahaminan ku eunggeuk. Incuna nu meujeuhna bangor oge ngadadak ngahep-hep ari ngobrolkeun nu kitu mah.

"Harita teh lampu teu acan diharurungkeun da tos nyaba ti dulur, manehna embungeun ngahurungkeun da carape." Bi Anta nyaritakeun papangihanana bari ngadilak ka Mang Anta. "Atuh kapaksa ku Ibi. Nuju aya di bumi bet kapireng sada nu ceurik bangun nu kanyenyerian. Dipilarian ka unggal rohangan weleh suwung. Tapi waktos ka luar bet atra kakuping ti lebah tangkal balingbing. Teu ngemut deui nanaon, ngan beretek wae lumpat. Ti harita Ibi kapok tara wani deui ngahurungkeun lampu ari liwat Magrib mah."

"Ngompod wae ketang Den, si Ibi mah, biasa da jalma ngompod mah sok didoja," ceuk Mang Anta ngagonjak pamajikanana. Nu digonjak tembong jamedud. "Emang mah numatak asa teu manggihan nanaon. Kungsi sababaraha kali mondok, ah tibra-tibra wae. Ngarepkeun puguh dibaturan ku nu geulis mah," pokna deui ditungtungan ku ngaheheh.

Teu lila babaturan si Sarip datang, ngan saurang.

"Mana Si Juned?" ceuk Mang Anta.

"Sieuneun Si Juned mah," tembalna bari tuluy diuk gigireun Si Sarip nu tatadi ngadedengekeun.

"Babakuna mah, Den..." Bi Anta nuluykeun deui caritaanana. "Mimiti remen kabejakeun teh ti saprak aya nu maot keur kakandungan. Maotna sasatna ngagantung maneh di kamarna lantaran euweuh nu daek tanggung jawab. Nu boga dosana mah ayeuna geus di bui."

"Kutan di ieu lembur aya kajadian sarupa kitu?" cekeng teh asa teu percaya.

"Jaman ayeuna mah teu di mana teu di mendi, Den. Matak Mamang mah melang ka Si Sarip. Sok mindeng eta oge digelendeng ngomat-ngomat ulah nepi ka kalajuran napsu, kudu salawasna eling," Mang Anta mairan. "Atuh mun geus hayang kawin kari balaka, moal burung dikawinkeun ku Mamang mah," pokna deui bari ngareret Si Sarip. Nu direretna tungkul.

"Cenah ceuk nu kungsi manggihan mah," Bi Anta nuluykeun deui obrolananana. "Budak balangor eta teh kungsi nguliwed di pipir imah Aden, da sakapeung mah pagerna teh sok tara dikonci ku Ibi. Angkeuhan teh engke sore rek ngahurungkeun listrik. Ngan ti saprak remen kabejakeun sok didatangan ku nu rek ngadon barobogohan mah, teu weleh di konci. Tayohna ngarasa tumaninah da sepi jeung euweuh sasaha si gararejul teh."

Niat masang CCTV hayang nitenan aktivitas nu araraneh oge ngadadak ngarempod ari ngadenge beja pikasieuneun kitu mah. Asa ngadadak tingpuringkak saawak-awak.

Mobil nu diparkirkeun di buruan Mang Anta dipindahkeun parkirna ka imah kuring. Si Sarip katut babaturanana mah engke bada Isa rek datangna cenah, aya tugas ngawurukan ngaji heula bada Magrib. Kuring mah tuluy wae ka imah.

Tangkal balingbing nu aya di buruan beuki dieu asa beuki gede wae. Luhurna geus ampir rek mapakan imah. Kuring sare teh di loteng nu kamarna nyinghareup pisan kana tangkal balingbing. Sanggeus ngadenge obrolan ti bi Anta mah asa rada muringkak melong tangkal balingbing teh.

Inget tangkal balingbing teh keur melakna jeung Apa. Harita teh melak bungbuahan tilu tangkal; arumanis, balingbing, jeung rambutan. Tiluanana jaradi, ngan arumanis jeung rambutan mah dituar. Nu sainget mah tangkal rambutan dituar lantaran dijadikeun jalan keur parkir mobil jeung garasi.

Bada Isa kuring ngecekan rohangan nu disorot ku CCTV. Teu lila bel disada, pasti Si Sarip cekeng teh bari tuluy ningali CCTV nu nyorot panto hareup. Horeng lain da geuning pangawakanana wanoja, tapi saha nya asa teu wawuh? Kuring tuluy tuturubun muru panto hareup. Barang dibuka rada ngajenghok, horeng pamajikan sorangan nu datang teh.

"Mamah, jeung saha ka dieu? Naha teu wartos wartos? Kana naon ka dieu?"

"Hayang wae ka dieu. Jeung supir tapi tuluy balik deui supir mah," pokna pondok, capeeun tayohna mah da semu hah-heh-hoh.

"Apan tadi basa Bapa angkat diajak. Karunya atuh supir dititah balik deui mah. Lain dititah ngendong sakieu buritna."

"Aya perlu deui cenah."

Kuring jeung pamajikan tuluy muru kamar. Pamajikan mah langsung ngagoledag, kuring tuluy manco deui kana laptop, nitenan unggal rohangan nu dipasangan CCTV. Teu lila bel imah disada deui, moal jauh pasti Si Sarip jeung baturna. Barang dibuka teu nyalahan.

"Bisi keueung mah bae teu mondok oge, Bapa mah da aya rencang, bojo nembe dongkap," cekeng teh. Karunya da Si Sarip jeung baturna teh siga nu kapaksa daek mondokna oge.

Si Sarip jeung baturna sakedapan mah ukur silih pelong, tapi teu lila paromanna katembong marahmay. Sanggeus kokonci mah kuring tuluy muru ka kamar. Pamajikan teu pati loba ngobrol, bangunna teh kawas nu carape. Disedek ku panannya naha make nyusulan, keukeuh wae jawabanana teh da hayang, bari semu baeud.

Biasana adat pamajikan teh lamun keur baeud kitu mah aya kakeuheul nu dikemu. Isuk oge beurang sok balaka, moal jauh pasti aya masalah jeung ibu-ibu pangajianana. Matak teu pati tetelepek ditanya, diantep wae sina istirahat. Kuring mah tuluy ningalian CCTV.

Dicekan unggal rohangan, kaasup kamera kamar sorangan, asa keueung ari ditingali tina CCTV peuting-peuting mah, komo waktu ningali kamera nu nyorot kana tangkal balingbing. Ras inget kana obrolan awewe reuneuh nu ngagantung maneh, awak ngadadak tingsariak.

Kuring tuluy ngoloyong muru ka pamajikan na kasur. Hudang-hudang teh kagebah ku Mang Anta nu ngagugudrag kamar. Awak karasa balideg, lieur jeung paranas tiris. Pamajikan geus teu nyampak. Kuring tuluy hudang nepungan Mang Anta.

"Saurna aya Eteh, Den?" ceuk Mang Anta siga nu hayang muguhkeun.

"Enya aya, lain barang datang teh ka imah Amang heula cenah, pan dahar heula lin?" kuring aneh ku pananya Mang Anta.

Mang Anta jeung Bi Anta kalah papelong-pelong, paromanna katembong pias.

"Nu matak teu aya sasaha, teu aya nu datang. Ibi ge kawartosan teh tadi wae ti Si Sarip," walon Bi Anta.

Giliran kuring nu ngarasa reuwas. Terus nyalukan pamajikan jeung neang ka unggal rohangan imah, weleh taya nu nembalan. Mang Anta jeung Bi Anta ngaroris barang-barang di imah bisi aya nu leungit, euweuh nu cecel nu bocel. Jajantung ratug, awak karasa tingsariak inget ka nu maturan peuting sare.

Beurangna, CCTV nu karek meunang masang kamari teh dibukaan deui. Muruhkeun ka urang lembur. Kuring mah tuluy wae mulang, nyewa supir nu bisa di lembur. Teu kuat mawa mobil ku sorangan mah, awak ngagibrig paranas tiris.

Nepi di imah, pamajikan muru-muru pais lauk emas, bari teu eureun-eureun nalengteng kumaha-kumahana kaayaan di lembur. Teu papanjangan dijawab teh, masih keneh reuwas ku kajadian nu karandapan.

Sababaraha poe ti harita, sanggeus rada nyalse jeung teu pati teuing reuwas, kuring muka file rekaman CCTV. Tina CCTV nu nyorot tangkal balingbing bet aya awewe nu papakeanana sing sarwa bodas turun, terus asup muru imah. Kasampak panto dibuka ku kuring. Teu dituluykeun lalajona, kaburu ngadegdeg jeung paranas tiris deui awak. (*)


Taufik Rahayu
CCTV CCTV Reviewed by Rupa Sundapura on 22.59 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.