Apes

Geus lila teu mulang ka lembur. Lain teu sono ka nu jadi kolot, tapi teu boga keur ongkosna. Tong boro keur ongkos balik, dalah keur dahar sapopoe ge nganjuk heula ka warung Bi Otih, da geus biasa ieuh, engke di mana aya kiriman kakara dibayar. Ongkoh mahasiswa anu indekos di dinya mah kabeh ge taya nu tara nganjuk.

Carita Pondok

Diitung-itung geus telat dua minggu teu narima kiriman. Hilapeun kitu Ema teh? Ah, piraku, da biasa ge unggal Apa tas narima pangsiun tanggal opat ti kantor pos, sok langsung ngirim wesel. Weleh teu kapikir, naon sababna.

Era ku Bi Otih pangpangna mah. Hutang tacan kabayar. Henteu ari nagih mah, ngan era we atuh. Jaba Yusi geus pok deui pok deui ngajak lalajo jeung menta dianteur krimbat ka salon. Ari rek nyebut teu boga duit, rada gengsi puguh ge. Ongkoh kakara bubulanan jadi beubeureuhna teh.

Meh-mehan kawiwirangan basa Yusi ngajak jajan stik di kafetaria. Asa-asa rek pesen teh da rumasa dompet kosong ukur dieusi ku kartu mahasiswa jeung katepe. Bebeja ka Yusi mah warareg. Tapi manehna maksa. Hate ratug ge, kapaksa pesen. Jero pikir, kumaha engke mayarna mah. Ngahaja milih nu pangmurahna, sosis jeung kentang goreng. Tapi ku Yusi dinaha-naha, majar teu pantes lalaki mah dahar saeutik.

"Stik dua piring. Sakantenan jus alpuketna sareng puding dua gelas," cenah.

Seblak hate teh. Nya reuwas, nya baluas. "Mani royal, Yus, da Akang mah teu lapar teu sing," cekeng dumareuda.

"Wios atuh, Kang. Pan abdi kamari kenging kintunan. Keun we abdi nu mayar ayeuna mah. Ulah ti Akang wae," pokna. Plong we, alam caang narawangan.

"Nuhun atuh," cekeng bungah pisan. Nuhun. Gusti. Emh, nyaho kitu mah, pesen stik teh meureun dua piring we, da kapan ti isuk mula can sasarap.

Mulang ti kafetaria nu geulis menta dianteur ka toko buku. Gusti Nu Agung! Paling copelna ge, ongkos-ongkos bae mah piraku ti manehna. Ari rek balaka, nyeta teu kaduga. Palias kalah ngolembar, pajar boga beubeureuh teh kere atawa cap jahe. Teu bisa majar kumaha, ngahaminan we bari teu loba nyarita. Barang ampir tepi ka nu dituju, rumpu-rampa kana pesak calana. Kenca-katuhu.

"Ku naon, Kang?" cek Yusi bari kerung.

"Aduh, Yus, dompet Akang kakantun," cekeng api-api.

"Kakantun di mana? Kade bilih di kafe. Seueur artosan?"

"Sigana mah kakantun di rorompok, da tadi rurusuhan sieun kasiangan kuliah."

"Mudah-mudahan atuh, Kang, aya di bumi," pokna bari ngodok duit tina saku bajuna. Creng dibayarkeun ka kenek. Plong deui. Tapi hate nu pangjerona mah nyeri. Kutan kieu ari tuna harta. Bapa ukur pangsiunan guru, gajihna teu sabaraha. Kitu ge kudu dijejewet keur kaperluan kuring jeung adi awewe nu sakola di SMP, tacan keur risiko sapopoe.

Batan kieu mah, asa leuwih hade terus neangan gawe we basa lulus ti SMA teh, cara nu geus diniatan. Orokaya Apa keukeuh ngajujurung kuliah. Sanajan bari ripuh ge, Apa teu weleh ngahatean sangkan kuring neruskeun sakola. Paribasa, bisa keneh nginjeum, tur mun geus lunas cicilannana bisa ngeclok deui. Kitu jeung kitu we.

Ari ayeuna, kumaha atuh. Piraku kudu balik deui ka kamari. Ongkoh ka Yusi geus kapalang bogoh deuih. Wawanohan geus aya opat bulanna. Leuwih saminggu, persisna mah. Natrat kalenderna ge, dibuleudan ku mangsi beureum. Yusi teh adina Si Ahmad, sobat jaman ospek. Ah, kitu we ari paamprokna mah, sasat dijalanan ku lanceukna basa kuring ulin ka tempat indekosna. Nu sidik, bebene nu munggaran pisan, nu minuhan hate ku pirang-pirang kabagjaan, najan bari jeung remen seseblakan kareureuwasan.

Awahing ku kesel nungguan duit kiriman, ngumaha ka Heri batur sakontrakan. Nginjeum saongkoseun keur balik. Kabeneran, manehna mah kakara meunang kiriman. Teu hararese. Biasa ongkoh kuring ge ari keur boga mah sok diinjeuman ku manehna. Ti dinya, terus bae amitan ka Yusi.

"Tong lami teuing nya, Kang," pokna bari mumuntang pageuh pisan.

"Piraku we atuh," cekeng bari ngusapan buukna. "Tilu dinten wios nya?"

"Ih, mani lami-lami teuing. Sawengi kituh," cenah bari jamedud. Geuwat leungeunna dijewang, terus ditangkeup deudeuh.

"Tapi jangji nya urang pesen heula komputer tea. Cing karunya atuh ka abdi, ngadeluk wae ngetik di rental dugi ka wengi. Akang pan tos jangji, sasih ieu bade mangmeserkeun komputer," cenah malik nangkeup.

"Muhun, mangga," cekeng bari nyumputkeun kareuwas. Rarasaan mah asa teu jangji rek mangmeulikeun komputer. Ari mangkarunyakeun ngetik tepi ka peuting di rental mah enya. Tapi dalah dikumaha, nya ngaheugkeun deui we. Palias gering nangtung ngalanglayung ditinggalkeun ku nu kapirangrung.

Untung we wawuh ka Si Andri, nu sok ngajual komputer rakitan. Pek badami rerencepan, sangkan dibere nganjuk heula. Dibere tempo tilu poe jang ngalunasanana, bari jeung teu kudu make uang muka. Komputer rek dianteurkeun isukna ka tempat indekos Yusi. Plong deui.

Basa rek amitan pisan, Yusi ngajak ngabaso heula. Najan geus maju ka sore, kapaksa nyimpang heula ka tukang baso. Reres ngabaso, ditema ku nyuruput jus alpuket. Mesenna sadua-dua. Hideng ti dituna mah. Enya, dina dompet teh ukur aya duit keur ongkos. Tapi kuring rada tenang harita mah, da geus yakin Yusi boga duit lantaran kamari menta dianteur ka ATM. Na atuh dina waktuna mayar, manehna bet jongjon mukaan majalah.

"Yus, nyandak artos?" cekeng asa-asa. Tapi manehna gogodeg. Cenah mah ngan mawa saongkoseun balik.

"Manawi teh Akang nyandak artos," cenah bari teu riuk-riuk reuwas. Teng mikir rada uleng. Geus pakojot deui bae. Wiwirang di kolong catang ieu mah. Lamun duit dibayarkeun ka tukang baso geus pasti moal tulus balik ka lembur. Kapaksa nyandiwara deui, akon-akon tinggaleun dompet ka tukang baso, bari Yusina mah teu nyahoeun. Kartu mahasiswa ditandonkeun, kalawan jangji rek nepungan deui.

"Insya Allah, pami teu cape enjing Akang uih deui," cek kuring bari celengok nyium tarangna basa papisah di terminal. Manehna nganteur ku paneuteup.

Nepi ka lembur can peuting teuing. Ojeg oge aya keneh. Jog ka imah geuwat munjungan ka Ema sareng ka Apa anu nuju caralik nongton tipi. Karasa aya kasono anu gede. Tapi Ema jeung Apa katingalina semu alum. Kuring teu wani tunyu-tanya harita mah.

Isuk-isuk basa Ema keur mirun seuneu, kuring lahaola nanya ka Ema, "Ku naon Ma siga anu sararedih?" cek kuring asa-asa.

"Hampura Ujang Ema can bisa ngirim duit ka maneh. Puguh ge duit pangsiun Apa kabeh leungit aya nu nyopet. Bapa maneh meh-mehan kapiuhan awahing kareureuwasan," pokna dareuda.

Seak awak ngadadak panas nahan amarah ka si copet anu geus wani-wani ngagunasika duit Apa. Hajat meleg siah, sok siah lebok duit bapa aing, didu'akeun maneh sing bareuh beuteung, bisul ati, terus kageleng setum. Bray narembongan piligenti beungeut si Andri, si Heri, jeung tukang baso. Kuring gulinggasahan di jero kamar. Wirang...wirang siah. Era geus jangji ka maranehna isukan rek mayar hutang. Kuring adug lajer. Teu nyaho kudu kumaha nya peta.

Ari sabenerna mah ti anggalna geus direncanakeun rek ngabohong ka Ema yen kudu mawa duit gede ka kota lantaran geus waktuna mayar kuliah. Eta duit rek dipake mayaran hutang jeung ngogo Yusi. Ari ieu, boro-boro duit gede, bet saongkoseun balik ka kota ge teu aya.

Hate marojengja. Pikiran acak-acakan jiga runtah diawut-awut ku anjing. Breh Yusi na kongkolak panon, mencrong semu nganaha-naha. Hate ngadadak peurih asa diturihan ku hinis anu seukeut kabina-bina. (*)


Atres
Apes Apes Reviewed by Rupa Sundapura on 21.59 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.