Kuda Anu Ngedul

Jaman baheula aya hiji kuda nu kacida ngedulna. Eta kuda teh dikukut ku jalma beunghar anu ngaranna Abdul. Unggal poe Abdul ka kota ngajual barang dagangan anu loba diperlukeun ku urang kota. Kusabab ngarasa hoream kudu indit mawa barang dagangan, kuda ngedul teh boga rencana nipu ka dununganana.

Dongeng Buhun

Dina hiji poe si kuda teh dibawa ka kota ku Abdul, rek dagang uyah dua karung. Eta karung teh ditalian dina tonggong kuda. Di satengahing jalan si kuda ngedul teh ngagejeburkeun maneh kana walungan. Barang hanjat si kuda ngarasa hampang, sabab uyah nu dina tonggongna beak kabawa ku cai sarta teu bisa kapuluk saeutik-eutik acan. Atuh sodagar teh kacida ambekeunana ka eta kuda teh. Tapi Abdul teu bisa kukumaha da uyahna geus ngahiji jeung cai.

Isukna Si Abdul ka kota deui mawa tarigu dua karung. Eta karung teh ditalian deui kana kuda. Jiga kamari deui wae kuda teh ngagejeburkeun maneh ka walungan, atuh puguh wae tarigu teh beak kabawa palid. Bari jeung ambek Abdul balik deui ka imahna, teu jadi ngajual barang daganganana.

Isukna, Abdul neangan akal sangkan kuda nu ngedul teh teu ngalakukeun deui pagawean jiga kamari. Abdul neangan kapas, tuluy dikarungan sarta ditalian kana tonggong kuda. Di tengah jalan jiga kamari deui wae kuda teh ngagejeburkeun maneh kana walungan, tapi basa manehna hanjat kacida beuratna karung nu dieusi ku kapas teh. Manehna ngarasa kaduhung ngalakukeun pamolah model kitu, sabab manehna kudu terus ka kota mamawa kapas anu sakitu beuratna. (*)


Teu kapaluruh saha nu nulis ieu dongeng
Kuda Anu Ngedul Kuda Anu Ngedul Reviewed by Rupa Sundapura on 21.21 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.