Sasakala Situ Cikuda

Di tutugan gunung Manglayang aya situ harieum jaba jauh ti lembur. Bareto mah matak langka pisan kasaba. Cinyusuna aya sababaraha liang. Caina herang ngagenyas, tara kungsi saat sanajan halodo oge. Tatangkalan anu aya di lebah tonggoh tara diganggu, sabab eta mah sumber cai.

Dongeng Buhun

Dina hiji poe aya nu rek ngamandian kuda. Kuda tunggangan alus pisan. Jigana mah nu nungtunna malaweung, kuda teh leupas. Bberengbeng lumpat ka kulon hihieuman. Tariking cilaka, eta kuda tikosewad di lebah lamping beulah kulon. Gebrus wae. Jelema daratang, tapi ari ancrub mah taya nu wanieun, sabab lebah dinyamah jero pisan. Tungtungna eta kuda teh paeh titeuleum.

Ti harita eta situ dingaranan Cikuda. Malah lembur nu euyeub aya disabudeureunana oge katelahna teh lembur Cikuda.


Tatang Sumarsono, Taufik Faturohman (Piwulang Basa 4C, Geger Sunten, Bandung, 1991)
Sasakala Situ Cikuda Sasakala Situ Cikuda Reviewed by Rupa Sundapura on 11.22 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.