Adina

Roesdi djeung Misnem

Maraneh meureun geus warawoeh djeung adina, noe ngaran Nji Misněm mah, nja? Lamoen paroho deui, tah geuning ieu gambarna.

Roesdi djeung Misnem

Awakna Nji Misněm henteu kawas lantjeukna. Ieu mah rada koeroe meueusan. Barang daharna teu pati gemboel kawas oedjang Gěmbroe.

"Dina sapoe, ngan oekoer beak kedjo saboboko." Tjeuk indoengna mah. Tjapek rahemna taja oesoemna. Lain boedak gěmboel eta mah, nja?

Oemoer Misněm ngan beda doea taoen djeung oedjang Roesdi. Oedjang Roesdi toedjoeh taoen, ari Nji Misněm lima taoen. Sore isoek saroea bae karěsěpna ngan aroelin.

Misněm sok dibabawa koe lantjeukna ka kěbon atawa dadagangan djeung batoer tatanggana. Papakeanana tjara Roesdi bae, kalotor djeung saroeh. Di mana digaranti badjoena atawa sampingna, ari baralik geus rarawing. Koe sabab eta indoengna sok keuheuleun nakěr ka eta doea boedak teh.

Na aja boedak balageur teuing, nja euj! (*)

Adina Adina Reviewed by Rupa Sundapura on 23.28 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.