Sasakala Embe Janggotan
Jaman baheula mah sasatoan teh hirupna sauyunan, kamamana sok babarengan, malah dina mandi oge sok babarengan.
Kacaritakeun dina hiji waktu, maranehna mandi babarengan. Biasana marandina teh di Walungan Cisangkuy, da leuwina rada lega. Najan kabeh sasatoan marandi, tapi kudu aya nu cicing di darat pikeun nalingakeun. Mun kira-kira aya nu matak nyilakakeun, nu di darat wajib ngabejaan nu keur di cai.
Harita, nu kapapancenan piket teh nyaeta sakadang monyet. Manehna cicing dina batu gede, sangkan awas ka ditu ka dieu. Orokaya, harita monyet teh nundutan, sabab peutingna lila teuing latihan ngadoger, pedah aya nu rek ngondang.
Monyet teu awaseun di belah wetan aya paninggaran. Kanyahoan-kanyahoan soteh geus deukeut pisan, kitu oge lain monyet anu nangenan, tapi gajah pedah kabeneran ngareret ka darat. Atuh sarerea ribut haranjat ka darat bari tup-top kana baju nu ngabarak luhureun batu. Teu nolih nu saha-sahana. Pokona asal dibaju we da era meureun ari ditataranjang mah.
Nya ti harita kajadianana, baju munding pahili jeung baju sapi, nepi ka sapi mah gobrah bajuna. Ari munding sabalikna, mani sereg pisan. Najan kitu, ari pangsuena mah embe. Henteu ari pahili tea mah, tapi lantaran rusuh, makena tibalik. Kerepus dipake dina bujur, nu ayeuna jadi buntut. Ari buntut aya dina gado, nu ayeuna jadi janggot. Nu matak ti harita embe mah teu weleh kukulutus, "Sueeee...sueee...! cenah. Kadengena ku jelama mah, "Embeee...embeee...!"
Nya ti kajadian harita embe teh jadi janggotan, nu sabenerna buntutna tea. Kulantaran ngalaman suena dina waktu mandi, embe teh turun cadu moal mandi-mandi deui. Kaayeunakeun, cacaduan embe sok dilarapkeun ka jelema nu jarang mandi. Disebutna teh kawas embe.
Tah kitu sasakalana matak embe janggotan jeung cadu mandi teh. (*)
Diropea ti ika-sunda2002.blogspot.com