Sasakala Toke
Aya budak miskin, ngaranna Si Teka. Manehna hayang boga elmu, tuluy guguru. Tapi ku pandita dijieun juru betek, henteu diangken murid cara anu sejen. Unggal poe, ti isuk-isuk nepi ka peuting, digawekeun taya reureuhna. Meunang sababaraha taun di patapaan teh teu nyaho di alip bingkeng-bingkeng acan - cek babasan tea mah - da tara diwuruk.
Dina hiji poe Si Teka dipiwarang meuleum beton ku pandita. Prak beton teh dibubuy. Ari geus asak, terus dijait, bet euweuh sasiki. Beton sapuluh kari salapan.
Si Teka haturan ka pandita. "Ieu beuleum beton sapuluh kari salapan."
Cek pandita, "Tah ajian maneh sakitu bae, apalkeun beurang peuting!"
Eta elmu ku Si Teka beurang peuting diapalkeun, "beuleum beton sapuluh kari salapan."
Kacaritakeun pandita angkat jarah ka tempat luluhurna, tumpak kapal cai, diiring ku murid-murid aya welasna.
Si Teka ayeuna jaba ti digawe di luar, kudu beberesih di jero bumi deuih, sasapu kekebut. Tapi tina ajrih-ajrihna ka pandita, upama sasapu jeung kekebut, pangcalikan pandita mah ku Si Teka sok diliwat, atuh kekebul mani ngadagleg. Barang kapanggih ku eusi bumi, Si Teka dicarekan. Barang pangcalikan dijungjungkeun, kapanggih aya tasbe pandita.
"Deuleu etah!" cek Si Teka. "Kumaha nya, Nyimas, urang susulkeun bae?"
Eusi bumi seuri, omongna, "Ari maneh kawas nu burung, kumaha nyusulkeunana?"
"Kumaha kuring bae!" cek Si Teka. Tasbe dikeupeul, reup peureum, sok ngawatek ajianana, "beuleum beton sapuluh kari salapan." Seot...jleg Si Teka geus di basisir. Luak-lieuk manggih upih, clak ditumpakan. Pok deui ngawatek ajianana, "beuleum beton sapuluh kari salapan." Soloyong upih maju sorangan, nyemprung tarik alabatan paser.
Teu sabaraha lilana kapal nu ditumpakan ku pandita teh kasusul. Si Teka unggah ka kapal. Gok jeung pandita, tuluy deku munjungan. Manehna beuki ajrih wae ka pandita. Cek pikirna, "Aing nu ngan boga sakalimah, geus bisa sakieu, komo teuing murid-murid nu sejen, nu di wuruk unggal poe. Ari pandita mah geus teu kudu dicatur, da puguh gudangna elmu."
"Aeh-aeh Si Teka, rek naon nyusul ka aing?" pandita nanya bakating ku hemeng.
Jawab Si Teka, "Ieu tasbe kapendak tina handapeun pangcalikan."
Tasbe ditampanan ku pandita. Geus kitu Si Teka rek balik, da keur kapalang sasapu, omongna. Reup peureum pok mapatkeun ajianana, "beuleum beton...". Barang beunta geus aya di patapaan deui.
"Parantos disanggakeun tasbe teh, Nyimas!" omongna. Eusi bumi teu percayaeun, nya kitu deui nu sejen.
Ari pandita geus sumping deui tas jarah, ngagorah nyaritakeun lalakonna, diantarana nyaritakeun Si Teka nyusulkeun tasbe, tapi henteu kanyahoan balikna.
Supaya kanyahoan sarta kasaksian kasaktenna ku sarerea, tuluy Si Teka disaur dipiwarang nyokot parukuyan, anu tinggaleun di pajaratan.
Reup Si Teka peureum, mapatkeun ajianana. Les ti hareupeun nu ngariung. Clok di pajaratan neangan parukuyan kagungan pandita. Weleh teu kapanggih. Tina tuhuna ka guru, manehna teu niat balik lamun parukuyan tacan kapanggih.
Geus mulan-malen Si Teka tacan datang keneh bae. Pandita brek gering. Sasambatna taya deui ngan ka Si Teka. "Tek...ka! Tek...ka! Tek...ka!"
Ahirna pandita nepi ka ajal. Kari-kari pandita pupus, di patapaan aya sato siga cakcak tapi gede, disadana ngageroan Si Teka. Atuh ceuk itu ceuk ieu, pandita teh jadi toke, da kadengena disadana, "Tok...ke! Tok...ke!" (*)
Ki Umbara (Dongeng-dongeng Sasakala, CV Geger Sunten, Bandung)