Si Kabayan Nyusul Bangsat
Aya hiji bangsat maling munding nu mitoha Si Kabayan. Si Kabayan nyusul, make sendal da panas ti luhur ti handap. Ti kajauhan keneh geus katembong bangsat teh keur nungtun munding. Si Kabayan bingungeun, kumaha piakaleunana sangkan eta munding kapimilik deui. Ari rek dipaksa direbut, teu wani. Turug-turug teu aya batur saurang-urang acan.
Teu lila Si Kabayan manggih akal. Geuwat manehna leumpang gancang, motong jalan jajahan megat pijalaneun bangsat. Sok manehna neundeun sendal sabeulah di pijajalaneun bangsat tea. Ti dinya, manehna nyumput. Barang bangsat ngaliwat ka dinya, eta sendal teh dicokot ku si bangsat teh, tapi dilesotkeun deui.
Ti dinya Si Kabayan lumpat maju deui ka hareup, sok neundeun sendal nu sabeulah deui di tengah jalan. Manehna nyumput deui di nu bala.
Barang bangsat nepi ka dinya, tuluy dongko nyokot sendal bari semu mikir. Tuluy mundingna dicangcangkeun kana tangkal kai, ari bangsatna balik deui ka tukang rek nyokot sendal nu tadi dilesotkeun deui tea. Sabot bangsat keur nyokot eta sendal, Si Kabayan gancang nyokot mundingna dibawa balik, salamet nepi ka imah mitohana. (*)