Pacici-cici Putri
Bada Isa Mang Sa'i diuk di tengah imah bari ngabaheuhay, sukuna nyanghunjar lambar, ngareureuhkeun cape tas baranggawe. Pamajikanana keur ngecos, ngerodan baju barudak na deukeut cempor.
"Cing Inah aya keneh bubuy sampeu teh?" Mang Sa'i ka anakna nu cikal, anu umurna nincak 8 taun jalan.
Inah ngaleos ka dapur, hideng mangnyokotkeun bubuy sampeu tina catang hawu, citeh haneut dina teko jeung gula beureum meunang ngurud, dipiringan. Golosor dikahareupeunkeun bapana.
Indungna jongjon kekecos, bapana jongjon ngopi cacamuilan. Bubuy sampeu dicocolkeun kana kurud gula, disurung ku citeh haneut. Sakeudeung-sakeudeung diselang ku imut ngagelenyu, ngadenge barudakna sadulur-dulur, Inah, Titi, jeung Didi ngariung di juru imah, anteng pacici-cici putri. Pikaseurieun ku kekecapan Inah, anu jadi luluguna.
Inah jeung Titi diukna emok, Didi sila andekak.
Dampal leungeun Titi jeung Didi disodorkeun duanana kenca-katuhu, ditangkubkeun sina antel kana palupuh, tuluy ditunjukan, ditetel-tetel ku curuk Inah bari ngawih.
Pacici-cici putri,
terelek kembang celempung,
ada nona ada tuan,
kalau mau kembang apa...?
"Hayang kembang naon?" cek Inah nanya ka Titi bari nyekel kana leungeun katuhu Titi.
"Hayang kembang sebe........!" tembal Titi.
"Heeh...kabogohna ka anak Mang Lebe...!" ceuk Inah bari tuluy nyekel leungeun katuhu Titi tea sina nyangsang kana taktak.
"He...he...heh...!" Didi seuri. "Aduuuh...kabogohna anak Mang Lebe cenah...! He...he...heh...!"
"Keun bae atuh, naha...!" cek Titi anu boga rasa dijangjaruhkeun, bari seuri merong ka Didi.
"Sok urang tuluykeun...!" cek Inah bari ngawih deui.
Pacici-cici putri,
terelek kembang celempung,
ada nona ada tuan,
kalau mau kembang apa...?
"Hayang kembang naon...?" bari nyekel leungeun Titi nu kenca.
"Hayang kembang bakung...!" cek Inah bari menerkeun leungeunna sina nyekelan taktak anu sabeulah deui.
"Heeh..., kabogohna Tua Kampung."
"Sing rekep nya, ulah lesot! Ayeuna kari Didi."
Pek deui Inah ngawih saperti tadi ditungtungan ku nanya, "Hayang kembang naon...?"
"Hayang...hayang...hayang...kembang herbras!" Didi ngajawabna rada agag-agagan.
"Heeh...alus, kabogohna urang Cibodas!"
Didi jigrah, bari reureundeukan, tuluy nyangsangkeun leungeun kencana kana taktak katuhuna, miheulaan parentah lanceukna nu ngaluluguan.
"Sok hiji deui, leungeun Didi nu kenca, encan...," cek Inah bari ngong ngawih deui. Tamat ngawih, pok nanya deui, "Hayang kembang naon?"
"Eu...eu...hayang kembang jalantir...!"
"Tah, kabogohna anu musapir!" tembal Inah.
"Ah embung nu musapir mah, da urang mah hayang beunghar!" cek Didi bari nyentak ka lanceukna.
"Heeh, heug, ganti atuh....jaga bakal jadi supir...!" cek Inah.
Didi seuri atoh, indung bapana patingbelenyeh, kayungyun.
Sanggeus Titi jeung Didi pada-pada nyarangsangkeun leungeunna kana taktak masing-masing, tuluy Inah nanya deui ka Titi bari nyampaan siku, sirah, irung, panon, halis, jeung buuk Titi.
"Ieu naon?" cek Inah kana siku Titi.
"Congcot!" tembal Titi.
"Ieu?" kana sirah.
"Gunung!"
"Ieu?" kana irung.
"Hawu!"
"Ieu?" kana panon.
"Lampu!"
"Ieu?" kana halis.
"Hileud!"
"Ieu?" kana buuk.
"Sapu!"
Geus kitu Titi teh sina meungpeun ku dua leungeun tuluy ditanya deui ku Inah, "Nini! Nini! Aya Mas Giman bieu ngaliwat?"
"Aya!" tembal Titi.
"Mawa naon?"
"Mawa nangka!"
"Nangka...raaaak...!" cek Inah bari ngajengkangkeun Titi sina nangkarak.
Barudak saleuseurian tingbarakatak. Tuluy deui Inah nanya ka Titi anu geus meungpeun sakali deui, "Nini! Nini! Aya Mbok Ayu bieu ngaliwat?"
"Aya!"
"Ngagandong naon?"
"Ngagandong jajamu!"
"Jamu...rauuuulll!" cek Inah.
Tuluy Titi disurakan ku Didi, "Euleuh jamuraul! Euleuh teu boga kaera!"
"Keun bae da bobodoan barina oge, naha...!" ceuk Titi.
"Ayeuna Didi," cek Didi bari nangkeupkeun leungeun keneh kana taktakna, sina ditataan ditanyakeun naon-naonna, tina siku dipapay nepi kana buuk ku Inah, saperti basa ka Titi. Tamat eta, Didi tuluy meungpeun, terus ditanya ku Inah, "Aki! Aki! Aya Mang Usa bieu ka dinya?"
"Aya...!"
"Nanggung naon?"
"Nanggung gula!"
"Gu...la...wing...!" Inah nyekelan leungeun Didi duanana, tuluy digulawingkeun, dijangjang-dijungjungkeun, bari nangtung.
"Aduh! Aduh! Nyeri, mani ngaderekdek...! Luhur teuing ngajungjungkeunana Si Euceu, siah...!" cek Didi bari lewa-lewe.
"Sugan teh teu nyeri. Maap nya, kalepasan!" cek Inah. "Ganti bae ku tatarucingan, saha nu pinter neguhna, cing...!"
Inah ngabangbalerkeun Didi anu rek ceurik tea. (*)
Akub Sumarna