Ngaran Rupa-rupa Omongan
Rupa-rupa omongan ieu teh mindeng dipake dina paguneman sapopoe. Aya nu ngaharewos, hohoak, kunyam-kunyem, jeung kukulutus. Kitu deui aya oge anu sosoak jeung hog-hag enggoning cumarita teh.
Kumaha kabeungharanana kecap-kecap dina Basa Sunda ieu teh? Tah, pikeun ngalarapkeunana tangtu urang perlu jentre tur merenah. Ieu rupa-rupa omongan anu biasa dipake dina paguneman sapopoe. Rupa-rupa omongan ieu oge ngebrehkeun ayana kabeungharan.
| Ancad laer | Ngomongna anca pisan |
| Baceo | Ngomong teu eureun-eureun tapi teu puguh leunjeuranana (biasana budak) |
| Cental; pacental-cental | Pasea; parea-rea omong |
| Coblak; ngocoblak | Ngomong terus-terusan anu taya perluna |
| Eur-eur; garap | Kabiasaan ngomong nu harese rek pok; ngomong arapap-eureupeup |
| Galantang; ngagalantang | Nyarita atawa pidato panjang tur tatag |
| Galecok; garecok | Nyarita (kalawan gumbira) teu eureun-eureun |
| Garihal | Omongan kasar nu matak nyentug kana ati |
| Gebah; ngagebah | Ngomong tarik (biasana nyumput heula) sangkan batur reuwaseun |
| Gebes; ngagebes | Nyentak; ngahuit |
| Gedebul | Rahul; gede omong; gede bohong |
| Gelendeng; ngagelendeng | Ngomongan jalma (nu boga kasalahan); mapatahan (biasana paduduaan) |
| Gelendut; ngagelendut | Nyarita panjang (lila) bari mapatahan ku lemah lembut |
| Gentem | Omongan semu agem |
| Gentra; ngagentraan | Nyalukan; ngageroan |
| Gerentes; ngagerentes | Ngomong di jero hate |
| Gereyem; ngagereyem | Ngomong laun ukur kadenge ku sorangan |
| Gero; ngagero | Nyorowok; nyalukan; ngaluarkeun sora tarik lantaran aya kareuwas atawa aya bahaya |
| Gonjak; ngagonjak | Ngaheureuyan ku omongan (biasana tina hal pikaseurieun) |
| Gorocok | Beuki ngomong; ngagorocok = ngomong rusuh |
| Gundam | Ngalindur; ngomong kalawan teu sadar (biasana keur sare) |
| Gunem catur | Ngawangkong, cacarita leuwih ti saurang |
| Guntreng | Cacarita lila duaan, sorana lalaunan |
| Harewos; ngaharewos | Nyarita laun pisan ditompokeun kana ceuli batur sangkan ulah kadenge ku nu lian |
| Harewos bojong | Caritaan nu diharewoskeun tapi kadenge ku batur |
| Hariweuseus | Haliwu; nyarita bari rada gugup (lantaran manggih kareuwas, jeung saterusna) |
| Haroshos | Omongan anu meh kadenge (sora jalma nu geus kurang napas) |
| Harung gampung | Sompral; ngomong sangeunahna |
| Handap lanyap | Omongan lemes tapi eusina ngahina |
| Hoghag | Parea-rea omong sarta patarik-tarik sorana (biasana nu pasea atawa nu parebut bebenaran) |
| Humandeuar | Ngomong (bari rumahuh), ngedalkeun kasusah, kahoream, jeung sajabana |
| Jejebris | Ngedalkeun kecap-kecap kateupanuju bari goreng budi, ambek, jeung sajabana |
| Kah | Jawaban awewe mun dicalukan |
| Kecewis; ngecewis | Ngecebrek; ngomong teu eureun-eureun |
| Koceak; ngoceak | Ngajerit; ngaluarkeun sora tarik lantaran manggih kasieun jeung sajabana |
| Kukulutus | Gegelendeng; ngomong sorangan (bari ambek) |
| Kulan | Jawaban lalaki mun dicalukan |
| Kunyam-kunyem | Ngomong laun pisan, biwir ukur nguntab |
| Sosoak | Ngomong tarik bari ambek (*) |
Ahmad Hadi, Spk (PEPERENAN; Kandaga, Unak-anik, Rusiah Basa Sunda)
Ngaran Rupa-rupa Omongan
Reviewed by Rupa Sundapura
on
00.00
Rating:




