Jadi Ririwa
Nepi ka cetuk huis kieu, asa can pernah ningali atawa ngadenge aya jelema nu paeh hirup deui. Asana teh ari nu geus diruang dina jero taneuh mah nya kitu wae, buruk tuluy jadi tulang. Atawa meureun mun hirup oge nya nu kabayang teh, nunggelis sorangan di jero kubur, da tangtu geus beda alam jeung nu di dunya mah. Nu paeh mah cicing di alam kubur nepi ka waktuna nu ditangtukeun ku Pangeran, moal bisa ilubiung jeung jalma nu hirup.
Osok ketang ari ngadenge beja mah. Aya nu balik deui lantaran mati suri, nu keur dimandian hudang deui, nu dilengkahan ucing hudang deui, nu maotna teu sampurna tuluy jadi ririwa. Malah aya cenah nu rek diasupkeun kana liang kubur ujug-ujug ngorejat. Tapi da eta mah ukur beja.
Ari di lembur mah sok gujrud ku ririwa, jalma nu paeh teu sampurna tuluy ngaririwaan ka unggal jalma nu teu nyampurnakeun manehna atawa nu aya kabeungbeurat di dunyana. Cenah eta oge, da nya eta kuring mah can pernah nyaksian. Nu ningali kunti, pocong, kelong, buta, jeung sajabana, eta kabeh ukur beja nu pabeja-beja.
Tapi da enya ari kituna mah, basa Juragan Haji Karta maot, lantaran keuna ku kakolotan. Eta mah peuting kahiji, lembur nu sakitu gedena teh ngadadak rehe combrek. Barudak pamuda nu biasa gigitaran di pos ronda atawa di buruan oge ngadadak ngarampih di imahna sewang-sewangan.
Ari kuring mah najan imah almarhum Haji Karta anggang oge, teu burung dijugjug. Bubuhan Haji Karta teh babaturan sapangulinan kuring baheula. Ngan ari kadieunakeun beda milikna. Karta mah usahana hasil, atuh ayeuna oge hartana lubak-libuk bro di juru bro di panto teh lain bohong. Ari kuring mah nya siger tengah, najan henteu kakurangan oge tapi alhamdulillah nyukupan.
Ari di lembur, sok aya wae pisirikeunana teh. Lain wae di lembur ketang, di mana-mana oge jalma sirik mah sok aya. Haji Karta nu hartana lubak-libuk digarosipkeun munjung, muja ka dedemit, jeung sajabana. Ari kana beja teu bener, bangun babari narekabna teh. Ti keur jumeneng keneh geus digosipkeunana teh. Tapi Haji Karta mah teu pati marile. Ngan kulawargana wae nu rada sarewot teh.
Haji Karta tina berehan jadi medit, kitu cenah nu basana teh. Da enya cenah nu munjung mah sok koret kana barangbere. Dina sakalieun barangberena oge ulah ditampa, da saha-saha nu ngadahar rijki jalma munjung bari teu kaluar kesang, engkena bakal jadi wadal. Padahal kuring mah nyaho, ti saprak digosipkeun munjung, Haji Karta teh tara aya nu narima mun sedekahna. Kulantaran kitu, tungtungna sedekahna susulumputan bro-broan ka masjid atawa osok oge ka lembur sejen.
Basa dikaruat mah, waktu ngali kuburan. Geus cus-ces beja di ditudi dieu yen percuma cenah ngali kuburan oge, da ari nu munjung mah layonna oge moal ditarima ku bumi, moal ditarima ku langit. Bakal jadi ririwa. Mayitna kudu dipalidkeun ka wahangan jeung hartahartana.
Haji Karta di karuatna biasa-biasa, euweuh kajadian nanaon. Kumaha wae ilaharna nu maot. Waktu keur nguburna euweuh hal-hal nu ganjil, estu lungsur-langsar. Beres ngaruat, tuluy wae Ustad Basir ngawawarkeun yen engke peuting baris aya tahlilan di imah nu kapapaitan. Geus ilahar peuting, da lamun tahlilan beurang mah urang lembur jarang di imah, keur barang gawe, boh di sawah boh di kebon.
Bada magrib, samemeh indit tahlilan teh geus ngajakan heula Si Adung jeung Si Tatang, tapi cenah moal bisa ngilu tahlilan, keur teu ngareunah awak. Padahal tadi sore basa panggih jagjag waringkas nu duaan teh. Teu mikir dua kali, indit wae sorangan. Mopoek, da senter poho teu dibatuan. Eukeur mah caraang da di tengah lembur.
Palebah pipir imah Satibi, ana goak teh Nyi Satibi nu pas kuring ngaliwat, pas manehna mukakeun panto dapur.
"Alah tobattt...! Juriggg...Haji Karta...! Tulung Apana! Tulung...!" cenah bari balik deui lumpat muru tengah imah.
Sakedapan mah kuring ukur ngembang kadu ngadenge Nyi Satibi ngoceak kitu teh. Luak-lieuk, sidik ngan kuring sorangan. Tungtungna kaharti yen kuring disangka ririwa Haji Karta. Daripada barabe, geus wae kuring nuluykeun leumpang bari rada dirurusuh. Teu ku henteu deuih, di jalan pasanggrok deui jeung jelema, teu pati awas saha-sahana da poek. Ngan geus rada deukeut jol-jol koceak deui manehna ngoceak sarua jeung Nyi Satibi. Balik deui ka tukang bari lumpat tipaparetot tulung-tulungan.
Kuring ngan seuri sorangan. Abong jalma borangan, sidik jelema disebut jurig. Kitu balukarna jalma ngompod teh. Lain taliti jeung sidik-sidik heula saha-sahana. Can nanaon geus miheulaan sieun. Nya meureun polah nu kitu nu sok mawa cilaka teh. Cilaka ku pamolah sorangan eta mah.
Nepi di imah Haji Karta geus nyampak nu rek tahlilan. Teu pati rempeg, sigana teh nu dareuheus pisan ka almarhum wae nu daratang oge. Ajengan Basir nu sok mimpin doa ge geus nyampak. Heuleut sabaraha menit, tuluy ger wae tahlilan.
Balik tahlilan teh rada mandeurikeun maneh. Ngadon uplek ngobrol jeung kulawarga nu kapapaitan. Utamana mah ngobrolkeun papanggihan tadi di jalan. Ustad Basir nu aya keneh bari milu ngabandungan carita kuring, oge seuri ngadenge lalakon Nyi Satibi mah. Da moal teu ngayekyek ngiihan maneh. Kitu oge nu di jalan, moal teu sukuna garetihan balas titatarajong.
"Atuh da Bah Dirma mah persis pisan jeung jenatna, eukeur mah saumur deuih," ceuk Nyi Karta ka kuring.
"Komo eta make papakeanana kampret bodas, di peci haji bodas, jaba jenggot jeung kumis nu panjang. Persis pisan jenatna." Ajengan Basir milu mairan.
Kuring seuri sorangan, da rumasa dangdanan teh siga Haji Karta. Tapi da ilaharna aki-aki mah make nu kieu, piraku kudu dikakaos, asa teu parantes.
Geus beres mah tuluy kuring mulang. Nyorangan mulang teh siga waktu indit, da nu lain mah lolobana imahna dareukeut. Ari nu jauh nya eta sigana teh ngompod mun kudu ka luar imah pas aya nu maotna mah. Nepi ka 7 peuting mah sok tara warani ngulampreng ka luar sorangan eta teh.
Sajajalan aya kereteg goreng. Hayang nyingsieunan nu barorangan. Utamana rek nyingsieunan Lurah Atno. Bongan pamingpin teh euweuh guam pisan. Sakitu ku nu kapapaitan diondang tahlilan teh, euweuh basa euweuh carita. Peupeuriheun beurangna basa mulasara layon euweuh, cing atuh ari tahlilan mah maksakeun, da moal meakeun waktu mangjam-jam pira tahlilan mah. Teu pantes kasebutna ari pingpinan desa kitu peta mah. Ceuk paribasana saelol atuh keur sarat wae mah.
Nguliwed ka pipir imahna, ngahaja muru ka lebah kamar nu disarean ku Lurah Atmo. Geus kitu kuring tuluy ngautan bilikna. Bari tuluy pok ngomong dingirungkeun.
"Siaaa...nega ka ngaing! Meni taya ngelolna ka tahlilan ngaing. Dikerekeb siah ku ngaing...heaahhh...heahhh...!"
Beres ngomong kitu teh bari tuluy kakaut kana balikna, meh disangka ririwa. Bari teu kuat mangkek hayang seuri. Komo barang ngadenge nu ngagurubug tuluy tibabaraduk mah, sada nu luncat tina lisbang.
Teu lila kadengen Lurah Atmo jeung pamajikanana babacaan. Geus beres nyingsieunan mah tuluy wae gura-giru balik. Kop siah, moal bisa sare sapeuting ieu mah. Bongan teu siga pamingpin kalakuan teh. Kuring tuluy balik rurusuhan da geus peuting teuing. Melang ka pamajikan jeung incu.
Isukna bener wae jeung nu disangka. Gujrud salelembur, Haji Karta ngaririwaan. Rariweuh sok komo nu manggihanana lain hiji lain dua, tapi loba. Katambah-tambah aya beja ti Lurah Atmo, pajar ririwana ngontrog ka manehna, nitah ngilu tahlilan. Kuring mah nu boga dosana nyenghel wae, teu loba carita. Keun weh, ngarah teu loba jalma nu liar ti peuting, barina peuting mah lain waktuna aya di luar imah, tapi waktuna cicing di jero imah jeung anak pamajikan.
Bener wae peuting kadua mah, Lurah Atmo geus aya sila gigireun Ajengan Basir. Tatangga deukeutna Lurah Atmo oge tembong sababaraha urang. Tahlilan jadi rempeg. Kitu oge si Adung jeung si Tatang, tatangga kuring geus aya keur ngagemos boled jeung kicimpring.
Sanggeus beres, lurah jeung nu lain mah tuluy tuturubun balik. Kitu oge si Adung jeung si Tatang. Heuelut sabara menit, Ajengan Basir oge pamit.
Samemeh balik, Ajengan Basir ngaharewos, "Kacida eta Si Abah ka lurah, meuni kuat ka disingsieunan kitu. Eta tadi mah nyaritakeun kajadianana meuni nepi ka pias. Bari tuluy keukeuh menta doa panyinglar ririwa, bisi engke peuting datang deui cenah." Kuring ukur ngaheheh.
Balikna teu nyingsieunan deui ayeuna mah, da tangtu lampah kitu teh teu hade. Kamari mah ukur ngawarah wae. Palebah imah Lurah Atmo nu tadi balik tuturubun pangheulana, kuring ukur ngarawu taneuh garing, geus kitu disewurkeun kana suhunanan. Kadenge hawar-hawar ti jero imah, Lurah Atmo nu gegelendangan babacaan.
"Bongan balik ti heula, lain bareng jeung ajengan!" cekeng teh bari seuri leutik. (*)
Taufik Rahayu