Jurig Cupang
Tengah peuting, meneran pisan malem Jumaah Kaliwon. Hawa karasana bayeungyang. Awak gedebag-gedebug gulinggasahan. Panon dipeureumkeun teu daekeun reup. Pipikiran kumalayang ngacacang mapay-mapay waktu nu geus kasorang. Hate sumeblak ti sore keneh, tetepokan kekerenyedan jiga-jiga rek lumampah jauh. Toke, cakcak, manuk titiran pipilueun disarada. Anjing babaung di tungtung lembur.
Beda rarasaan, jiga-jiga aya pibalaieun. Jung ka kamar mandi ngadon wudhu, terus solat. Geus beres tuluy sila menekung ngahijikeun pikir jeung pangrasa. Hate madep gumulung kana pangersa Gusti Alloh. Sagala kabisa, sagala elmu panemu diamalkeun, didawamkeun. Pikiran manteng, muntang tulung ka Dzat Nu Maha Murba Wisesa.
Sanggeus sagala dibaca, hate jadi tenang, pipikiran pinuh ku kayakinan kana kamampuan diri, yakin kana pangersa Pangeran. Teu salah tina panyangka, kira-kira satengah jam sila wiridan, ti kajauhan sada aya aleutan kuda. Sora talapokna ting kotoplak kacida ramena. Anjing babaung beuki ngalanglaung, suit uncuing jumerit meulah kasimpe peuting. Sora talapok kuda beuki rame ngadeukeutan. Angin ngagelebug, jandela jeung panto ting jareblug, padahal meunang nutupkeun, meunang ngoncian.
"Bissmillah, lahaulla walla quwatta illa billah, moal aya kajadian nanaon ka diri, salian ti nu tos digariskeun ku Gusti Alloh, sareng ari Gusti Alloh teh tempat nyalindungna jalma-jalma mukmin." Hate jumerit neda pitulung kanu ngagaduhan kawasa kana sagala perkara, neda panangtayungan jiwa sareng raga. Bisi kudu adu jajaten jeung jurig cupang, sabab anu datang make kuda mah, teu aya deui iwal ti jurig cupang.
Sora kuda nu rame sada eureun hareupeun imah, teu pati lila aya anu gegeroan, pamajikan hariweusweus bari lulungu kahudangkeun kunu gegeroan, tapi buru-buru ditungkup supaya ulah nyoara.
"Andang..., Andang...., Andang...!" tiluar aya deui nu ngageroan ngaran meunang tilu kali, tapi teu ditembalan.
"Kang, saha anu ngageroan, jurig atawa jalma?" pamjikan tatanya bari awakna ngeleper reuwaseun.
"Jurig Cupang anu kitumah, ingkeun tong ditembalan, ke lamun hayoh bae maksa ngageroan ku Akang rek disampeurkeun!"
"Ulah disampeurkeun bisi kumaha onam, ke kumaha mun Akang dirogahala?"
"Cicing kumaha Akang, ulah melang."
Pamajikan kacida hariwangeunnana, sabab geus jadi kacapangan, ari diteang jurig cupang eta tandana aya anu nyulurkeun.
Anu diluar ngageroan deui, sasakali kadenge sora kuda hihiem. Sanggeus buleud kayakinan, panto dibuka. Jrut turun tina lawang kana teras. Dina jalan hareupeun imah atra katembong rombongan jalma-jalma marake baju pangsi hideung, disolendang sarung rereng, diiket barangbang semplak. Aya anu anjeucleu dina kuda, aya anu keur nangtung gigireun kuda. Beulah tukangna aya kareta ditarik ku dua kuda.
"Hey, aranjeun anu timana jeung rek naon datang ka tempat kula?"
"Kula sarombongan datang ti gunung Koromong, seja ngajemput anjeun!" Anu keur nyekelan kuda ngajawab kana pananya, jigana ketua rombongan meureun.
"Naha aya naon pangna kumawani neang kula lain mangsa?"
"Kula darma utusan, anjeun kaasup jalma anu kudu di bawa ka karajaan ayeuna pisan, sabab anjeun geus disebakeun ka raja kula!"
"Kumaha mun kula nolak?"
"Anjeun bakal dipaksa, kukituna leuwih hade anjeun nurut. Tuh kareta geus disiapkeun," si ketua rombongan nuduhkeun kareta, bari panonna molotot beureum, jiga-jiga arek maksa.
"Aranjeun lain pilawaneun kula, tapi kula rek milu ka aranjeun, ngan lain patalukan, tapi kula hayang tepung jeung raja aranjeun."
Sanggeus ngomong kitu ceg kana hiji kuda, terus ditaekan, jurig cupang anu jadi ketua ambekeun nitah kana kareta, tapi manehna teu wanieun kateterusan, apaleun manehna moal mampu ngalawan.
Ngan sajorelat geus nepi deui kanu dituju, padahal mun disorang make mobil atawa motor moal nepi ku lima jam, tapi da ngaranna oge jin siluman, jauh deukeut lir taya bedana.
Sanggeus ngaliwatan gapura karajaan, sapanjang jajalaneun bet pinuh ku tetempoan matak miris, matak muringkak bulu punduk. Aya manusa anu keur elekesekeng nanggeuy tihang saung, aya manusa anu huluna dipake ganjel, aya deui manusa anu keur dipecutan pedah manggul batu teu kadugaeun.
Anjog ka tempat anu lega, tempat datar diantara jungkiringna gedong sigrong. Reg kuda eureun, buru-buru luncat turun tina kuda. Karek oge ajeg, ujug-ujug aya anu datang duaan, jigana raja jeung ratu ieu nagara, sabab marake sekar suhun tina emas ditaretes berlian anu tinggurilap.
"Ke, asa wawuh ka hidep teh, mun teu salah hidep teh turunan Puradisastra nya?" Eta raja teh bet tumanya ku basa anu adab, jeung bet make apaleun ka turunan sagala.
"Geuning apal ka kaula, saha ari anjeun, jeung ari ieu teh nagara naon?"
"Salah cokot ieu mah. Hampura eyang, eyang salah parentah. Lain hidep anu kudu di cokot peuting ieu teh." Raja jin teh teu ngajawab pananya, tapi kalah sasadu, cenah salah nyokot jalma.
"Hey para prajurit, anjeun salah nyokot manusa, untung teu ngamuk oge. Pulangkeun deui kaditu ka tempatna!" Eta raja marentahkeun para ponggawana sangkan nganteurkeun deui ka tempat asal.
"Ke lanan Raja, aya anu rek ditanyakeun."
"Rek nanyakeun nu nyebakeun anjeun?"
"Lain eta, tapi kuring panasaran ku tetempoan tadi di sabudeureun karajaan, bet loba jalma anu disiksa, naha bisa kitu?"
"Eta jalma mangrupa seba tinu ngawadalkeun, maranehna digawekeun di dieu nepi ka waktu ajalna datang."
"Kapan geus maot lain?"
"Maranehna ngalaman hirup dua kali maot dua kali."
"Naha anjeun make nyiksa nu teu tuah teu dosa?"
"Di ieu karajaan maranehna geus dibeuli ku mangpirang-pirang harta banda anu loba. Anu nyiksa mah manusa anu nyebakeunnana. Kula salaku raja di dieu boga hak pikeun ngagawekeun eta manusa. Can sabaraha siksa anu karasa ku maranehna, tapi anu leuwih rongkah siksaannana engke ka jalma-jalma anu ngawadalkeunnana." Raja siluman ngabejer beaskeun sagala kajadian anu aya patalina jeung jalma-jalma anu katempona keur di siksa.
"Kumaha mun dibebaskeun ku kula?" Aya rasa tunggara ningali jalmajalma keur nandangan siksa, boga niat hayang ngabebaskeun maranehna.
"Najan anjeun sakti, najan anjeun mampu ngalawan, tapi jalma-jalma anu aya di dieu geus beda alam jeung anjeun. Beda jeung anjeun waktu nulungan jalma anu diwadalkeun, eta mah diperjalanan keneh, sedeng anu aya di dieumah geus bagian tina tatanan hirup bangsa siluman. Engke oge bakal bebas mun waktu ajalna geus datang."
Sabil pipikiran. Sagala caritaan raja siluman taya anu salah. Emang percuma amuk asor di ieu tempat, sabab kabeh manusa anu aya di dieu geus beda alam beda lalakon hirup, moal bisa dibebaskeun deui. Ngan bet asa kabina-bina ku manusa sarakah, leungit kamanusaannana, leungit akalna, karungkup ku napsu anu ngaberung, hayang beunghar, hayang loba harta banda, tega ngajual kaimanan, tega ngagebruskeun jiwa batur kana siksaan anu matak peurih, padahal hiji waktu siksa anu leuwih rongkah bakal karandapan ku dirina.
"Raja siluman, heug kula ayeuna mulang, tapi hiji waktu mun aya dulur kula dibawa kadieu, kula baris datang deui ngajorag nagara anjeun." Memeh mulang mere heula ancaman ka raja siluman.
"Eyang moal kumawani ganggu ka kulawarga anjeun, tapi anjeun teu kudu pipilueun kana urusan kahirupan bangsa siluman, sabab Eyang teu butuh ku manusa, tapi manusa anu butuheun ku Eyang. Maranehna ngabelaan sumujud sumembah ka bangsa Eyang ngarah dipikarunya, ngarah pamentana ditedunan." Eta raja siluman cumarita panjang lebar bari nga-Eyangkeun, terus eta raja siluman teh nitah nganteurkeun deui ka para ponggawana, numpak kuda deui.
Nepi ka imah teh wanci janari leutik, ibun tingkareclak tiis, hayam geus aya anu kongkorongok. Srog kana panto bari gegeroan ka pamajikan, teu hese da puguh pamajikan nyaring titadi keneh.
"Kang, ngareureuwas, sugan teh moal mulang deui, kumaha teu aya nanaon di dituna?"
"Aya sagala, ngan cenah bangsa siluman teh salah nyokot jalma. Lain akang cenah anu kudu dicokotna. Alesan jurig cupang eta mah, pedah anu dibawana pibalaieun pikeun maranehna, jadi api-api balageur, malah rajana eta siluman make nga-Eyangkeun sagala."
"Kang, naha saha anu kumawani nyebakeun akang?"
"Ah, duka teuing Mah, maklum akang mah tukang ka ditu-ka dieu. Teu kahaja meureun ngadahar dahareun anu geus direkeskeun ka jurig cupang. Keun bae teu kudu kapapanjangan, da tos salamet ieuh, jeungna deui akang mah moal bisa dicilakakeun ku bangsa jurig."
"Bari ngantosan sholat subuh mending ngopi nya, kaleresan caina parantos ngagolak."
Aya ku ni'mat janari leutik nyuruput kopi panas, lalawuhna beuleum ulen ketan meunang kamari. Pamajikan teh geuning banget satia. Asa barodo lalaki nu sok lurjeun ka pamajikan, neangan kani'matan sajorelat, nepi ka pamajikan dipopohokeun, padahal hirup pinanggih bagja mun laki-rabi langgeng dina silih asih. (*)
Andang S. Argayuda