Pegat
Nu keur ayun-ayunan dipelong. Cicirihilan jeung baturna. Buukna dipita beureum. Teu karasa cipanon murubut. Kasono meh minuhan dada. Kahayang mah tuluy nyampeurkeun bari ngagalentoran. Namplokeun rasa deudeuh nu moal bisa disisilihan ku naon bae oge. Duh..., eta pitana teu nyurup jeung sapatuna. Padahal dipahing pisan lamun manehna nu mapantesna. Nyeuit deui hate teh mun inget kumaha lucuna budak waktu didangdanan memeh indit ka sakolana. Ngahuapan sarapanana, nyolendangkeun tas sakolana, nu sawarna jeung kaos kaki, pita buukna, atawa jeung sapatuna.
Hal anu teu bisa deui dipigawe deui ayeuna. Jimat awaking leupas dina rungruman. Beulahan hate nu lesot tina aisan. Najan kuat kayakinan kanyaah indung moal kahalangan ku gunung, kahulag ku sagara, kiwari tetep neundeun raheut, nunda lara.
Hareugeueun basa guruna nitah asup ka kelas. Narik napas, karasa eungap dina jero dada. Putusan pangadilan, mertelakeun hak asuh aya di bapana.
Endang Rochimat