Lele Pamatilan
Jaman baheula mah lauk nu pangranggetengna teh mujaer. Eukeur mah awakna gede, turug-turug boga pakarang, gerakanana rancingeus. Dina tonggongna aya nu rangseb tur boga pamatil. Tong boro bangsa lauk keneh, dalah jelema oge ngarasa sieun ari dipatil mah.
Harita teh mujaer, lele, katut lauk-lauk nu sejenna, caricingna teh di hiji balong nu pernahna sisi walungan, anu dihalangan ku tambakan taneuh nu teu sakumaha gedena.
Keur harirup tumaninah di dinya, hiji waktu maranehna ngadarenge nu boga balong ngomong ka anakna, "Geus galede geuning lauk teh, Jang. Pageto mah urang bedahkeun wae balong teh, laukna ala kabeh."
Barang ngadarenge kitu, lauk-lauk teh kacida rareuwaseunana. Kabeh lauk pada ngaheruk, ras kana nasib anu moal lila deui baris palastra.
Harita keneh ngayakeun riungan, nyawalakeun kumaha carana sangkan salamet tina bahaya.
Lauk emas anu panggedena, nanya ka sakadang keuyeup, "Kumaha Sakadang Keuyeup, sanggup nyieun liang pikeun nobros tambakan ka walungan? Kapan andika mah biasa nyieun liang."
"Teu sanggup, da kandel teuing tambakanana keur kuring mah."
Ceuk bogo, "Kawasna mah Sakadang Lele anu baris bisaeun mah, sabab geus tuman nyieun gorowong."
Pok lele nyarita, "Hade kuring nyieun gorowong, tapi kudu dibantuan ku sarerea."
Kabeh panuju. Harita keneh der bae digarawe nyieun gorowong tea, nobros ti balong ka walungan. Beuki lila beuki jero, beuki jero beuki teuas. Atuh digarawe teh teu bisa gancang.
Sakadang Lele beuki lila beuki leuseuh. Manehna nyarita, "Mun aya geusan muntang mah, meureun moal hese teuing."
"Atuh ieu pake nu kuring!" ceuk mujaer bari nembongkeun pamatilna.
"Nya ari anjeun rido mah nginjeumkeun, sok ka dieu!" tembal lele. Sanggeus aya pamuntangan mah, nyieun gorowongna lele teh bias gancang. Teu lila, geus tobros sarta geus bias dipake maloncor ku sarerea ka walungan.
Nu boga balong dating teh ngan ukur bias olohok, nenjo balong geus saat sarta laukna taya nu nyesa.
Di leuwi lele mulangkeun pamatil ka mujaer, tapi mujaer teu daek narima. Pokna, "Kop bae keur anjeun. Ku ditulungan oge geus pirang-pirang nuhun." (*)
Ki Umbara (Dongeng-Dongeng Sasakala; Penerbit: CV Geger Sunten, Bandung)