Kukupu Kayas
Wanci balebat nguliat. Leumpang antare ngangais simpe. Lengkahna gejed. Kandeg hanadapeun tangkal jambe. Nyangkere ngareureuhkeun cape.
Kerenyed. Ter..., ter...! Ngeleter! Beungeut si wewelek ngoconan. Hayang teuing mupus ringkang durjana. Hese! Pudigdig!
"Aing ijid, ka sia! Kageuleuhan kakeumeuhan! Setan alas. Dasar Duruwiksa!" Ceuceuleuweungan. Nu nyesek jeroeun dada, longsong saharita.
"Tos geulis, tong epes meer. Geura usik!" Kareungeu sora tanpa rupa. Luak-lieuk. Breh. Si Rama-rama meberkeun jangjangna.
"Yap, ka dieu!" Ngagupayan, laju ngalolohkeun madu.
Bru! Sabubuhan kukupu warna-warni tingkalayang. Tingserepet tingsiriwik merul ti suku langit. Ngalingkupan awakna. Museur lir ulekan. Bray nyingray. Janggelek. Kukupu kayas jangjangna. Endah kacida.
"Hatur sembah, kaulanun! Hurip Gusti waras abdi! Hurip Sri Ratu...!" Breng. Rabeng tinggeleber ngawang-ngawang. Celak-celak katojo panonpoe. Silih-udag. Seot, koleang. Sup. Kaheurap!
"Enden Rara aya di dieu, dokter!" Dua perawat ngaraponan nu babadug, tetenjrag, tetejeh. Gejos-gejos, jarum suntik nembus leungeunna. Leuseuh teu mangga pulia.
Pluk. Kukupu kayas rawek jangjangna. Ngalemah diranjah wayah. (*)
Nena Cunara