Si Kabayan Udud Bulan Puasa
Dina hiji poe, pabeubeurang wanci rek salat lohor dina bulan puasa Si Kabayan dibere surutu sagede jempol ku babaturanana meunang mawa di kota.
"Kabayan, tah jang engke lamun buka puasa," ceuk babaturanana.
"Nuhun euy!" tembal Si Kabayan.
Sanggeus babaturanana indit, Si Kabayan ngalung-ngalung surutu anu sagede jempol jeung seungit tea. Jorojoy napsuna hayang ngudud eta surutu harita keneh. Tapi sieun kanyahoan ku batur. Tuluy manehna indit ka saung tengah sawah.
Keur jongjon ngelepus udud surutu, torojol mitohana gegeroan.
"Kabayan...! Kabayan...!!!"
Na ari gebeg teh Si Kabayan reuwaseun bari rampang-reumpeung. Teu talangke deui buru-buru surutu nu keur hurung teh diselapkeun dina kopeahna anu keur dipake. Tibatan dipiceun ka sawah lebar.
Mitohana reuwaseun, ningali haseup anu kaluar dina sirah minantuna.
"Kabayan naon eta anu hurung dina kopeah maneh?"
Si Kabayan tambah gugup jeung era, tapi buru-buru nembalan, "Eheh, Eheh, ieu Bah, surutu, urut saur tadi subuh. Poho teu dipareuman."
"Cing kami ngasaan ngeunah teu surutu teh," ceuk mitohana saruana. (*)