Pesenan Ema
Wanci tunggang gunung. Keur jongjon nguseup, aya SMS ti si bungsu. "Aa, enggal uih! Ema repot. Tong hilap pesenan Ema, tea!"
Gesat-gesut ngasupkeun baju salin, teu poho meuli heula katuangeun kasedepna jeung pesenanana. Najan ridu ge tapi da kitu amanatna. Sajajalan kapikiran wae Ema, nu keur teu walakaya. Ah...hayang ngapung ari kieu teh. Ngajalankeun motor geus siga Valentino Rossi we.
Opat puluh menit ti Soreang ka Rajamandala. Hah-heh-hoh, nepi kaburuan. Kasampak Ema sareng Abah nuju ngadaraweung.
"Assalamualaikum, Ema teh teu damang kunaon?" kuring nanya hariweusweus bari nyolongkrong nyium pananganana.
Ema sura-seuri. "Ah...teu kunanaon, ngan sono atuh hayang panggih jeung Ujang we, mana pesenan teh mawa teu?" pokna bari namprak.
"Ieu, Ma!" bari ngasongkeun bungkusan. Dibuka diulak-ilik.
"Nyai, yeuh! Geura urus meungpeung harirup keneh. Nuhun, Jang!" Bari ngaleos ka dapur ninggalkeun kuring jeung Abah nu ngembang kadu. (*)
Rifa Umun Nisa