Sasakala Rawa Bening

Di Jakarta Kidul aya hiji tempat, anu ayeuna katelah Rawa Bening. Anu matak dingaranan kitu, lantaran baheulana rawa atawa ranca. Eta ranca teh caina canembrang herang, anu ku urang Batawi mah disebut "bening". Nya nelah bae ngaranna Rawa Bening. Nurutkeun sasakala mah, dongengna kieu.

Sasakala Rawa Bening

Baheula, baheula ge baheula pisan, di dinya teh mangrupa pakampungan. Imahna loba, jelemana oge gegek deuih. Ari pacabakan sapopoena, umumna kana ngolah tatanen. Jelemana masih keneh palercaya kana sabangsaning lelembut jeung karuhun, masih keneh ngagem kapercayaan buhun.

Unggal taun jelema di eta lembur, sok ngayakeun sidekah bumi. Maksudna minangka rasa sukur yen maranehna geus dibere kasalametan. Lamun henteu ngayakeun sidekah bumi, cenah sok aya matakna keur urang lembur. Sok aya bae mamalana keur sarerea, saperti caah atawa datang rupa-rupa kasakit.

Kacarita dina waktu sidekah bumi, sakumaha kabiasaan urang dinya, sakur lalaki anu jagjag indit ka leuweung, moro sato gede ngarah dagingna, da sangu mah moal kakurangan, lantaran taun eta panenna mucekil. Eta daging rupa-rupa sasatoan teh, dijieun kadaharan keur sidekah bumi tea.

Bring atuh kabeh lalaki indit ka leuweung, mawa rupa-rupa pakarang keur moro. Aya anu mawa tumbak jeung kuli. Aya anu mawa gobang panjang. Aya anu ngan ukur mawa awi sateukteuk, congona diseukeutan saperti bambu runcing. Geus puguh ari bedog mah, kabeh oge mawa disoren na cangkengna. Ti subuh nepi ka tengah poe, maranehna aya di leuweung, henteu manggihan sato hiji-hiji acan. Henteu banteng, henteu uncal, henteu manggih mencek-mencek acan. Padahal biasana mah di dinya teh kawilang loba sasatoanana. Malah banteng oge tingdarangong.

Bari kacida hareraneunana, maranehna ngariuhan handapeun kiara, lantaran geus ngarasa cape jeung panas. Aya anu nyarande kana canir, aya oge anu dariuk dina akar. Sawareh deui gogoleran dina jukut, malah aya anu nepi ka nundutan sagala. Bawaning ku lungse jeung hareudang.

Aya salah saurang nu hayangeun nyeupah, da baheula mah biasa lalaki nyeupah teh. Pek meulah jambe ku bedog dina akar. Jambena beulah ngajadi dua, ari bedogna tea keuna akar, cer bae tina akar teh bijil getih. Lain geutah anu bijil tina akar teh, tapi ieu mah getih tur rupana oge beureum. Ari ku manehna disidik-sidik, horeng akar teh bet sisitan. Sarta teu kungsi lila nguliat lalaunan. Ari dilieuk ka tebeh luhur, sihoreng oray sanca gede pisan, aya meureun sagede catang kalapa mah. Sungutna calangap, huntuna ranggeteng, letahna anu nyagak elel-elelan.

Gancang bae atuh jelema teh pahibut. Aya anu ngadek, aya anu numbak, aya anu ngagebugan ku paneunggeul. Atuh henteu kungsi lila oge, oray teh geus ngalonjor dina taneuh. Dagingna pada ngarecah ku sarerea, tuluy dibarawa balik ka imahna. Baralikna bari saruka bungah.

Ari daratang ka lemburna, jelema-jelema teh pak-pik-pek, ngolahkeun daging oray tea. Sawareh diangeun, sawareh ditumpeng, sawareh deui dipanggang ditiiran. Maksudna keur sidekah bumi tea. Keun bae ku daging oray oge cenah, da sarua ieuh daging-daging keneh.

Kacarita oray sanca anu tadi, sihoreng lain oray sanca samanea, tapi oray sanca anu keur tapa. Barang jasadna geus paeh, sukmana salin jinis jadi budak buncir, tapi saurang oge taya nu nyahoeun. Eta budak buncir teh awakna hideung, beuteungna bureuteu kawas nu cacingeun.

Sup budak buncir teh ka jero lembur, tuluy ngadatangan ka jelema-jelema, anu harita keur popolah daging oray. Budak buncir menta dahar, tapi saurang oge euweuh anu mere, lantaran urang dinya mah maredit, tara daek tutulung ka nu keur butuh, tara daek tatalang ka nu keur susah.

Tina banget peurih beuteung, eta budak buncir leumpangna jajarigjeugan. Tepi bae ka hiji imah anu nenggang, ari anu boga imah teh nini-nini. Nenjo kaayaan budak buncir kitu, nini-nini teh karunyaeun pisan. Tuluy bae budak buncir teh dibere dahar. Dahar saaya-saaya bae, kawantu nini-nini teh lain jalma aya.

Sanggeus reres daharna, budak buncir teh hayang mulang tarima, pok bae ngomong ka nini-nini tea, "Nini, ingetkeun omongan kuring nya. Lamun engke aya bancang pakewuh, Nini kudu buru-buru mawa pangarih, ti dinya indit ka saung lisung, sangkan Nini bisa salamet."

Ti dinya budak buncir teh indit, balik deui ka lembur anu rek sidekah bumi. Manehna nyampeurkeun ka barudak, anu keur arulin bari ngambeng kadaharan, rupa-rupa kadaharan tina daging oray tea. Aya anu ngambeng panggangna, aya anu ngambeng gorengna atawa paisna, aya oge anu ngambeng cobekna. Pok budak buncir teh ngomong, "Ka darieu barudak, tarenjokeun uing. Uing rek nancebkeun nyere dina taneuh. Uing hayang nyaho saha anu bedas, nyaeta anu bisa nyabut ieu nyere." Budak buncir ngomong kituna teh, bari terus nancebkeun nyere dina taneuh.

Barudak anu keur arulin saleuseurian, sabab maranehna nyaraho, yen nyabut nyere teh pagawean enteng. Henteu kudu make tanaga gede. Salah saurang budak ngomong kieu, "Ku uing eta nyere rek dicabut, ngan lamun eta nyere geus kacabut, manek rek dicabok ku uing."

Ngadenge omongan kitu, budak buncir nembal semu nangtang, "Pek tah lamun nyere kacabut, uing cabokan ku sarerea. Ngan lamun henteu kacabut, kadaharan anu aya di maraneh, kudu dibikeun kabeh ka uing."

Ngadenge omongan budak buncir kitu, barudak teh kabeh oge saleuseurian. Aya hiji budak anu peupeuleukeuk, awakna oge panggedena di antara nu sejen. Manehna ngajago pisan, nyabut nyere ku leungeun kenca. Nyere henteu kacabut. Ku dua leungeun, henteu kacabut. Nepi ka dugang-duging luut-leet kesang, malah nepi ka prat-pret-prot hitut sagala, nyere teh henteu ongget-ongget acan.

Ahirna eta budak teh nyerah, gancang eureun nyabut nyerena, bari balaham-belehem semu era. Dagingna dipenta ku budak buncir, henteu bisa ngoretkeun.

"Pek tah bisi aya anu rek nyabut deui, pilakadar oge nyere piraku hese. Perjangjianana mah saperti tadi bae," ceuk budak buncir ka barudak sejenna.

Budak anu sejen baganti, nyoba-nyoba nyabut nyere, tapi kabeh oge taya nu bisaeun. Malah henteu ongget-ongget acan. Barudak teh kadaruhungeun, jaba ngarasa era ku budak buncir, lantaran tadi geus nyacampah, jaba kadaharan lapur deuih, kabeh dipenta ku budak buncir.

Budak buncir kacida bungahna, henteu kungsi aya nu nyabok, malah meunang pirang-pirang kadaharan, tangka ranggeum kenca katuhu. Ras budak buncir inget ka nini-nini, anu tadi mere dahar ka manehna. Kadaharan teh dibikeun sawareh ka nini-nini, sawareh deui didahar ku sorangan, bari diuk andekak hareupeun nyere tea.

Barudak baralik ka saimahna-saimahna, aya anu nyarita ka kolotna, aya oge anu nyarita ka lanceukna, aya oge anu ngarita ka tatanggana. Nyaritakeun kaanehan nyere, anu ditancebkeun ku budak buncir. Sanajan ngan saukur nyere biasa, tapi hese pisan dicabutna, malah henteu bisa ongget-ongget acan.

Beja pabeja-beja, beja dibejakeun deui. Antukna sapangeusi lembur nyaho. Kabeh ngarasa panasaran, bring bae atuh nyampeurkeun budak buncir, teu sirikna kabeh pangeusi lembur tamplok. Geus puguh lalaki anu jagjag waringkas mah, salian ti panasaran teh bari aya karep sejen, nyaeta hayang ngawarah budak buncir, anu geus ngarebut kadaharan barudakna.

Datang ka tempat anu dijugjug, kasampak budak buncir keur diuk, nyarande kana tangkal kalapa, bari ngusapan beuteungna anu bucitreuk. Diukna nyanghareupan nyere anu aheng tea. Budak buncir henteu kaget henteu reuwas kadatangan jalma anu sakitu lobana, lantaran geus disangka ti samemehna.

Teu lila, torojol lalaki tengah tuwuh, anu dianggap kokolot di eta lembur. Pok eta kokolot teh ngomong, "He, Budak Buncir, mana nyere, anu majar ceuk barudak aneh teh?"

"Tah, eta aya di hareupeun maneh," ceuk budak buncir bari angger diuk, ngomongna siga ka sasamana bae.

Mireungeuh paripolah budak buncir kitu, kokolot lembur rada nyeuneu oge, beungeutna tangka euceuy lantaran ambek.

"Ieu ku aing nyere rek dicabut!" cenah.

"Heg bae ari maneh bisa mah!"

"Lamun ieu nyere kacabut sia dicabok ku aing!"

"Heg bae ari bisa kacabut mah!"

"Dicabok ku sarerea, ku jelema salembur!"

"Heg bae, uing mah henteu sieun!" Budak buncir ngomongna angger teugeug. Pok budak buncir ngomong deui, "Ngan lamun henteu bisa kacabut, kabeh daging jeung kadaharan sejenna, anu aya di maneh kudu dibikeun ka uing!"

Ngarasa ditangtang jeung dihina basa, kokolot lembur buru-buru nyabut nyere. Tangka dugang-duging jeung boborot kesang. Boro-boro kacabut, teu ongget-ongget acan. Ahirna mah kokolot lembur boboleh. Kabeh anu narenjokeun ngarasa panasaran, pangpangna mah lalaki anu jagjag waringkas. Saurang-saurang maju rek nyabut nyere. Hasilna sarua jeung nu enggeus-enggeus, euweuh anu bisaeun nyabut nyere, malah loba anu kawiwirangan. Aya anu nepi ka dut-dut hitut, aya anu nepi ka wer-wer kiih. Teu saeutik anu ngajengkang beak tanaga.

Kabeh sapangeusi lembur tingharuleng. Kumaha carana nyabut eta nyere, sabab lamun euweuh nu bisa nyabut, kabeh bakal karurugian. Daging jeung sakabeh kadaharan, anu diajangkeun keur sidekah bumi, kudu dipasrahkeun ka budak buncir. Atuh meureun moal jadi sidekah bumi teh. Keur tingharuleng kitu, torojol aya jajaka jangkung badag, kawentar tukang gelut tukang jogol. Tong boronong jogol jeung jelema, dalah jogol jeung banteng oge, can kabejakeun kungsi kawiwirangan. Dagal-digil jeung bedegul, peupeuteuyanana oge beberihalan, bitisna deuih babalingbingan. Nenjo jajaka anu anyar datang, kabeh sapangeusi lembur surak, surak bakating ku bungah. Pangrasana bakal aya anu bisa ngajait tina karurugian jeung wiwirang. Piraku cenah jelema salembur, bisa kadeseh ku budak buncir hiji.

Eta jajaka anu anyar datang teh, anu keur meujeuhna buta tulang buta daging, terus singkil bari rada gumasep. Boga rasa pangbedasna pangrongkahna. Pek nyabut nyere hareupeun budak buncir. Sakali, dua kali, nepi ka puluhan kalina, nyere angger henteu bisa kacabut. Tungtungna waleh bae teu sanggup, tanagana geus meh beak.

Kabeh jelema tingharuleng deui. Tuluy tingharewos jeung padabaturna. Neangan akal satekah polah, sangkan henteu kudu nedunan jangji, wantuning kabeh pangeusi lembur teh, jelema koret jeung kawentar tukang licik. Maranehna embung karoroncodan, daging jeung sakabeh kadaharanana, kapimilik ku batur nyaeta ku budak buncir.

Pok we kokolot lembur teh ngomong, "Ayeuna mah kieu bae, sarerea kudu sapuk jeung uing. Eta nyere ditancebkeun ku budak buncir, jadi kudu dicabut deui ku budak buncir. Lamun eta nyere henteu kacabut, urang sarerea henteu kudu masrahkeun daging jeung kadaharan ka budak buncir." Kabeh sapuk kana omongan kokolot lembur.

Ngadenge caritaan kokolot lembur kitu, budak buncir ngahuleng sajongjongan. Ku manehna kahartieun, eta teh siasat. Sanajan eta nyere kacabut oge ku manehna, urang lembur can tangtu nohonan jangjina. Sarta lamun geus bisa kacabut, tangtu bakal aya pamentana anu sejen. Bisa jadi pamenta anu pamohalan pisan.

Sanggeus mikir kitu, budak buncir ngomong, pokna, "Heug, ieu nyere ku uing rek dicabut. Uing nyaho maraneh kabeh bakal jalir jangji, lantaran boga sipat hawek jeung licik. Ngan lamun ieu nyere geus kacabut, maraneh kabeh bakal musna, minangka hukuman jelema-jelema, anu hawek jeung sok ngalicikan ka batur. Ngan saurang di lembur ieu nu bakal salamet."

Barang eta nyere dicabut ku budak buncir, cer bae cai mancer tina urutna, beuki lila beuki ngagedean, sarta tuluy leb-leban minuhan lembur. Antukna eta lembur teh jadi situ. Jelema katut imah-imahna kabeh kakelem. Ari budak buncir tea mah, les bae ngaleungit lir anu diteureuy lemah. Ngan nini-nini saurang anu salamet teh, anu diingetan ku budak buncir tea. Barang ngadenge nu tinggorowok, nini-nini mawa pangarih ti dapur, terus lumpat ka saung lisung. Manehna tumpak lisung dina cai, ngaboseh ku pangarih, salamet henteu kakelem ku cai.

Saurang oge taya nu nyaho, geus sabaraha lilana eta kajadian teh, tangtuna oge mangratus-ratus taun. Eta situ teh lila-lila jadi deet, anu disebut ranca atawa rawa. Ku lantaran caina kacida herangna, anu ku urang Batawi mah disebut "bening", nya katelah bae ngaranna Rawa Bening.

Kiwari mah Rawa Bening teh, geus jadi deui lembur anu kacida gegekna. Malah geus jadi dayeuh anu kawilang rame. Imahna oge geus lain imah panggung deui, teu saeutik gedong-gedong anu jarangkung. Sanajan kitu, meh unggal taun sok jadi situ, lantaran kakelem ku cai cacaahan ti girang, komo lamun usum ngijih anu pohara mah.


Budi Rahayu Tamsyah

Sasakala Rawa Bening Sasakala Rawa Bening Reviewed by Rupa Sundapura on 09.44 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.