Satria
Aya maung, keur ngalungsar bae handapeun kiara, geus teu bisa walakaya, tina kakolotan jeung gering ripuh deuih. Beurang peuting gawena nga humaregung, kahujanan kapanasan teh teu bisa ingkah. Atuh da sumawonna kaduga pindah, geus teu kuateun usik-usik acan. Ayeuna ngan empes-empes wae, sahoseun teh estu lain bobohongan.

Tadina mah sato-sato nu sejen teh mani gigis sarieuneun, euweuh nu wani deukeut-deukeut acan ngadenge gaur maung teh. Tapi barang geus kanyarahoan mah, yen eta maung keur sakarat, rob wae pada ngaronom, pada narempo, malah pada nalokeran sagala.
"Euleuh kutan kitu cucungik nu sok nekuk batur aing teh! Cik pek aing udag deuleu!" Omong peucang ditompokeun kana ceuli maung, bari keletrak tarang maung diteke.
"Hayoh siah, ari wani mah urang jogol jeung aing, montong make pepeleyean!" ceuk munding, bari jekuk wae digadil ku tandukna.
Rupa-rupa tingkahna sasatoan teh, pada-pada hayang mulangkeun kanyeri, hayang nembongkeun kaceuceub ka musuhna nu geus teu daya teu upaya. Ngan sakadang kuda anu ngahuleng bae teh. Teu lemek teu nyarek. Gawena ngan gogodeg bae ti kaanggangan.
"Na Sakadang Kuda ngan dikir wae, mun jeplak wae ka dinya, sepak tah lebah iga burungna! Na teu inget bareto anak sampean dikerekeb ku ieu mangkeluk?" ceuk peucang.
Kuda malengos bari cumalimba, "Kadongdora wani oge ka nu geus taya dayana. Muga aing mah jeung saturunan aing ulah dipaparin tekad hayang nganiaya ka nu lian. Sumawonna ka nu taya tangan pangawasa geusan ngalawan mah." (*)
Budi Rahayu Tamsyah
