Dihukum Pati

Manehna nyangsaya bari neuteup lalangit.

Sanajan ukur kacaangan ku lampu sapuluh watt, tetela beungeutna sepa. Panonna surem henteu hurung cara sasarina. Kakeueung nyaliara ngarungkup lelembutanana. Ceuk keretegna, boa-boa peuting ieu aing bakal paeh teh. Bari teu kasawang ku manehna, rek ditelasan ku cara kumaha dirina ku nu ngaeksekusi teh. Naha digantung, ditembak, atawa beuheungna dipangkek sakaligus. Biheung hukuman naon anu bakal disorang ku manehna. Nu puguh muringkak bae bulu pundukna ari teg inget ka dinya, bari dirina teu walakaya. Teu bisa nyiar pamuntangan jeung moal aya nu bisa nulungan. Awakna leuleus barang tadi beurang di rohang sidang Hakim ketua mutuskeun perkarana, "...ku kituna, saderek terdakwa Jaid Jahidin ditibanan hukum pati!"

Korejat manehna cengkat.

Dihukum pati
p>Luak-lieuk. Malakalmaot asa geus ngajega hareupeunana. Awakna ngabrigbrig nahan kasieun. Teuteupna muter ka sakuriling kamar. Naha aing bet sieun paeh? Teu, aing teu kudu rentag sanajan kudu nemahan pati. Geus panceg ti anggalna, niat rek jihad di jalan Alloh. Enya aing kudu teteg, teu galideur. Lebah kiwari kudu nemahan pati, muga-muga aing sing gugur jadi suhada. Puncak kasugemaan hirup anu jadi udagan jeung angen-angen para sohabat Rosul.

Tepi kadinya manehna teu kebat, tikorona nyelek. Panonna lamur kakeueum cipanon.

Brek ngalangkang deui kaayaan tadi beurang di rohang sidang. Sidang anu katilu, sidang pamungkas anu mutuskeun yen dirina kudu dihukum pati. Asa nongtoreng keneh omongan jaksa anu nungtut dirina. Tudingan anu dijieun-jien sarta mengpar tina bebeneran ceuk rarasaanana.

"Saderek Jaid geus saengko jeung Az, NMT, dina ngararancang ngabeledugkeun bom di hareupeun gedong Kedubes Australia dina tanggal 9 September 2004. Saderek oge kabuktian geus mantuan kelompok teroris ku cara nyumputkeun Az jeung NMT tepi ka henteu kasusud ku pulisi. Eta tindakan teh masing-masing geus ngalanggar pasal..."

Jaksa oge netelakeun kumaha ketak Jaid dina mantuan rarancang ngabeledugkeun bom. Pertela pisan jaba panjang katerangan anu dibacakeun ku jaksa teh. Kalimah anu manehna inget nyaeta:

"Teu aya hal anu bisa ngahampangkeun hukuman ka Saderek Jaid, lantaran teu katembong boga rasa kaduhung, jawabanana pabeulit teu kaharti, sarta kalakuanana geus ngaganggu kana stabilitas ekonomi jeung kaamanan nasional. Ku kituna teu aya hukuman nu leuwih pantes iwal ti saderek terdakwa Jaid Jahidin kudu ditibanan hukum pati!"

Teu, manehna teu rumasa pipilueun nyieun bom, sumawonna tepi ka milu ngararancang ngabeledugkeun mah.

"Abdi mah tukang ngawuruk ngaji di pasantren, Pa. Pimanaeun tepi ka bisa nyieun bom," pokna hiji waktu ka kuasa hukumna. "Lamun tea osok cacampuran jeung maranehna, lain maksud rek nyieun huru-hara. Abdi mah niat da’wah nanjeurkeun syiar Islam."

-=oOo=-

Dina peuting nu katilu manehna asa beda rarasaan.

Teu ingkah tina sajadah ti barang solat isa teh. Ngeluk tungkul wiridan. Kilang kitu upama nyidik-nyidik riukna mah moal kapalingan, sepana beungeut jeung geterna biwir, tetela nandakeun hatena keur marudah dikepung kakeueung. Asa ngembat pisan peuting teh karasana.

Ret manehna kana arloji, kakara pukul sabelas. Rahuh manehna ngarahuh, dadana eungap asa diheumpik ku naon boa. Di luar simpe pisan teu kadenge naon-naon. Di kamar-kamar sel nu sejen pangeusina tangtu geus gemprah talibra. Iwal manehna nu ngeueung cunggelik sorangan. Kalan-kalan kadenge kedepruk sora sapatu ti kajauhan. Sipir nu keur ngaroris tahanan ka unggal sel.

Kira wanci janari, aya nu ngulutrak muka konci kamar selna. Manehna curinghak. Teg bae, moal salah nu rek neang, gerentesna. Enya bae patugas duaan. Kejem pisan riukna bari jarempling teu lemek naon-naon. Barang bus ka kamar oge, nu saurang tuluy ngalurkeun bangkol jeung lamak hideung. Nu saurang deui mere isarah sangkan manehna nangtung.

Bari ngadegdeg manehna cengkat. Tapi henteu ngasongkeun leungeun, kalah pok nanya, "Bisa kaula menta waktu lima menit?" Patugas silih pelong, tuluy nu saurang unggeuk.

Manehna salin heula. Rap make sarung bodas. Bisi layon aing teu diboehan, gerentesna. Geus kitu, cong solat sunat heula. Husu naker. Manteng, muntang ka Nu Kawasa. Asa lain keur nangtung di dinya, tapi keur ngadeg tumungkul payuneun Gusti Nu Maha Agung. Bari sadrah yen dirina ngan sukur mahluk laip, lir sakeprul kekebul dina jagat nu ngampar. Sakujur awakna ngadegdeg. Sadaya puji mung kagungan Gusti nu murbeng alam, anu Maha Welas Asih..., teu kuat manehna ceurik ngagukguk. Jempling pisan, iwal ti sora manehna nu ngagero sumambat ka Gusti. Keur kitu kadenge sora adan awal ngalanglaung ti kajauhan, lir panggero nu turun ti langit. Tembus nyaliara kana mamaras rasana. Manehna sujud, nyuuh bari nginghak. Sarohang kamar, lalangit jeung tembokna kawas ngageter milu ceurik balilihan. Nenjo kaayaan kitu, patugas nu duaan kawas nu milu leyur batinna. Maranehna anu tadi katembong kejem teh, ngareluk tungkul bangun teu kuat nenjona. Aheng bae deuih karasana ku maranehna. Rohang kamar sel asa ngadak-ngadak cahayaan.

Rengse solat, manehna tuluy ngasongkeun leungeun duanana. Prak leungunna dibangkol. Tuluy panonna ditutupan, dibeungkeut ku lamak hideung. Reup tetenjoanana poek. "Innalilahi wa inna ilaihi roji’un", manehna ngagerendeng. Karasa beuki gentingna. Asa aya nu nyaksrak nyaliara ka saban uratna. Beungeutna beuki sepa, dadana ngaguruh. Peupeuteuyanana tuluy dicekel ku patugas, dituyun dibawa kaluar. Tepi ka buruan, cat kana mobil tahanan nu geus ngajugrug. Biur indit, nyemprung biheung ka mana.

Kira meunang saparapat jam, mobil ngalaunan, tuluy mengkol. Reg eureun. Manehna dicekel diajak turun. Da puguh panon ditutup, teu kacipta dibawa ka tempat naon manehna teh. Ngan barang karasa sukuna nincak jujukutan, teg bae, keur aya di hiji lapang aing teh, gerentesna. Teu nyahoeun manehna mah yen beulah ditu, kacaangan ku lampu nu ngebrak, geus ngajejer regu tembak nu sayaga nyarekel bedil. Puguh bae keur nu nenjo mah matak keueung kabina-bina. Aya tujuhan "jagal" anu rek nembak teh, sanajan bedil nu dieusi pelorna mah ngan ukur hiji, bari dirusiahkeun bedil saha saenyana anu dipeloran. Teu, teu katenjoeun ku manehna mah eta regu tembak teh. Kilang kitu pangingetna kawas nu ngingetan yen dirina bakal dihukum tembak. Komo barang karasa manehna terus digondeng ku patugas anu tadi, diajak leumpang. Moal salah, cek pikirna, aing keur dibawa ka hiji titik, di mana aing kudu nangtung.

Lain, lain regu tembak atawa jelegurna bedil nu kacipta ku manehna teh. Anu breh ngalangkang teh beungeut anakna nu tiluan. Asa keur muntangan leungeun manehna kenca-katuhu, careurik ngahalang-halang lengkahna. Inget ka dinya, manehna asa peurih kabina-bina. Jajantungna asa kaduruk ku rasa kangen, nyaah jeung melang nu taya hinggana ka anak-anakna.

Breh beungeut pamajikanana nu kamari ceurik ngagukguk basa tepung panungtungan. Manehna tangtu ripuh maraban anak ti barang aing asup ka pangberokan, gerentesna. Moal teu ngalanglayung ditinggalkeun ku salaki. Ari ayeuna ditinggalkeun teh keur salalawasna. Kacipta kumaha ngoceakna lamun ayeuna manehna nenjo aing keur digondeng ka hiji tempat, rek nyorang hukuman pati.

Kolebat beungeut indungna. Kasedihna beuki anteb, ngagerihan kana jajantungna. Ti barang manehna dibui teu kungsi tepung jeung indungna teh. Padahal manehna anak nunggal anu pohara dipikanyaahna. Moal teu kaleleban papisah jeung anak teh. Moal teu kapiuhan lamun nenjo kaayan manehna ayeuna. Inget ka dinya dirina asa dirungkup ku rasa dosa anu pohara. Tikorona nyelek. Cipanonna juuh maseuhan lamak hideung anu meulit kana sirahna. Teu nyahoeun nu ngagondeng mah kumaha bangetna rarasaan manehna salila leumpang teh.

Reg ngarandeg di hiji tempat.

Lebah dinya aya lombang ukuran sameter pasagi. Di dinya dina biwir lombang manehna sina nangtung teh. Awakna dibalikkeun tapi leungeunna anger keneh dibangkol. Tuluy karasa aya lamak nu diterapkeun kana dadana. Lamak bodas anu make tanda beureum di tengah-tengahna. Manehna ngarenghap lalaunan, ngumpulkeun sakur pangacianana, mantengkeun ingetanana ka Gusti Nu Maha Agung.

"Bisi aya pamenta, pok caritakeun!" cek patugas.

"Aya!" tembalna tandes. "Mun bisa bangkol hayang dibuka."

Patugas tuluy muka bangkolna.

"Aya deui pamenta sejen?"

"Tembak kaula, lamun geus ngagorowok."

Angin janari ngagilisir ngendagkeun ciibun dina dangdaunan. Tuluy ngahiliwir lalaunan bangun niupan embun-embunanaan, ngusapan kana awakna. Tiis nyecep nyaliara kana tulang-tulangna. Manehna geus panceg sumerah. Dina saat-saat panungtungan ambekan, nalika tujuh kucubung bedil geus lempeng ngincer dadana, manehna peureum museurkeun ingetan. Bari tanggah ka langit, leungeun katuhuna diacungkeun.

"Allohu Akbar...!!!" Pokna ngagorowok.

Jelegur sora tembakan. Handaruan nembus simpena peuting. Manehna rubuh, ngerejet sababaraha detik, tuluy nyawana ngabiur ka langit. Jeroeun lamak hideung panonna beunta kawas keur neuteup ka luhur, nuturkeun rohna nu ditanggeuy ku malaikat. Aya kesang nu renung dina tarangna, jeung cimata nu rembes kana lamak hideung lebah juru panonna. Ngajungkel kana lombang awakna teh. Nyungseb bari dadana jeung tonggongna pinuh ku getih. Mandi getih bae katenjona. Hebat pisan pangaruh pelor teh. Lebah dadana mah teu sabaraha liang urut pelor teh, tapi lebah tonggongna mah tepi ka soeh bolongor, tapak pelor anu lumpat nembus kaluar.

Basa layonna diangkat tina lombang, bet kaangseu seungit kembang meleber biheung ti mana. Aheng karasana ku nu nyaksian. Tuluy tina pesakna kapanggih aya kertas sacewir. Breh tulisan, "Pasrahkeun layon kaula ka kulawarga. Tembongkeun beungeut kaula ka barudak, sugan maranehna nyarahoeun yen bapana jihad teh wungkul ngan karana Alloh."

Patugas anu maca eta tulisan ujug-ujug nyelek tikorona. Bari mencrong dada layon nu baloboran ku getih, teu kaampeuh cimatana ngembeng dina juru panonna. (*)


Hadi A.K.S

Dihukum Pati Dihukum Pati Reviewed by Rupa Sundapura on 21.21 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.