Aing Djago
"Tah dada aing...!!!" Sorana mani handaruan. Kurang-kurangna teger mah nu ngadenge matak baseuh tjalana. Song dada rubakna nu buluan diasongkeun. Sorot panonna nu buringhas siga tembus kana hulu angen musuhna. Njaliara ka sakudjur awak nu keur disanghareupan. Unggal rindat, usik djeung kereteg musuhna geus kaukur. Moal kapiheulaan babar manehna mah.
"Hajoh dia ulah ngadjedog bae!"
Si Gomar anu geus kasohor djago di daerah Tjibaliung, hatena rada hemar-hemir. Asa kakara manggih lawan anu teuneung ludeung asup ka daerahna. Sanadjan manehna geus njaho kana ngaranna oge, ari adu hareupan mah kakara, da di dunja kadjawaraan di sakuliah Banten mah teu aja nu bireuk atuh ka si Djago teh. Djago-djago di Labuan, Menes, Rangkas, Cilegon, Pandeglang geus teter. Kabeh dipatjundang. Karek ku haok djeung polototna bae ge geus rea nu taluk. Komo ieu bari diparag ku Si Djago djeung baladna saperti ajeuna mah.
Kareret ku djuru panon Si Gomar, balad-balad manehna sorangan bangun nu leungit pangatjian. Renghap manehna narik napas pandjang, tajohna ngumpulkeun heula tanaga djeung pangatjian.
"Djadi, asal idjen!" djawab Si Gomar neger-negerkeun maneh. Hatena mah teu wudu dag-dig-dug. Srog madju ka hareup. Bedog Tjiomasna meh ngangsar kana taneuh. Geulang bahar meulit dina pigeulang duanana. Dua djago geus adu hareupan. Nu saurang awak badag sembada, nu saurang deui djangkung leutik.
Njeh Si Djago njerengeh semu nu ngahoa. Pikirna sageprak oge Si Gomar moal teu rubuh.
"Heeet...!" Si Djago ngagigila musuhna. Dina kalangan pentja di Banten mah sora ieu teh pikeun mere peringetan. Musuh kudu iatna sabab gorowok kieu teh biasana disusul ku panaradjang kilat nu bahja. Tapi da lain djawara sakatiga atuh Si Gomar oge. Nangtungna masing angger tagen. Teu seber ku geretak nu matak katorekan. Manehna tetep ngadago gerakna musuhna. Tapi nu didago lebeng.
Ana barakatak teh Si Djago ngagakgak. "Heuh...heuh...heuh...!" Matak muringkak bulu punduk. "Heuh...heuh...heuh...! Bener djago dia, njah! Deungeun-deungeun mah karek dihetkeun geh geus bidjil kokoneng."
Rej beungeut Si Gomar beureum. Hatena ngentab panas. Leungit sagala kagimir. Ajeuna paeh isuk paeh. Lahaula wala quwata, tjeuk hatena njambat. Teuing ka saha. Ngan nu dipeleng ku ingetna mah guruna, nu nurunkeun sagala elmu pentja djeung kawedukan.
"Hajoh dia madju...!" Ragamang Si Djago rek ngarawel beuheung Si Gomar. Ieu pisan nu diarep-arep ku Si Gomar ge. Antara sasenti deui ngagilek, leungeun musuh digiwarkeun kaluar. Tapi...! Meh wae manehna kaleungitan kasaimbangan badanna. Da leungeun Si Djago sakilat leungit. Sihoreng eta gerak tipu. Geuwat manehna menerkeun deui tangtunganana.
"Heuh...heuh...heuh...!" Si Djago tjeutjeuleukeuteukkan. Seuri nu karasana asa balati nurih angen Si Gomar. Saumur dumelah, karek ajeuna dipojok djeung digeuhgeujkeun dina kalang, mangkaning di lembur sorangan deuih. Renghap deui narik napas. Huntuna kekerot. Napsuna mimiti ngagudag-gudag. Gorowok manehna nantang.
"Hajoh dia djago, madju setan....!!!"
Djep nu njeungseurikeun djempe. Rej beungeut Si Djago beureum. Biwirna mani ngawet, dadana beuki didjeberkeun. Panonna molotot bangun anu rek ngalegleg.
"Disakalikeun dia ku aing ajeuna mah, moal diomberan," gerentesna. Sebrut peureup katuhuna nu sagede tjengkir ngahiuk. Djleng Si Gomar luntjat ka katuhueun musuhna, bari nepak siku Si Djago ku leungeun kentja, bareng djeung suku katuhuna nedjeh palangkakan. Mun nu sedjen mah dina tangtung kitu teh geus pasti beunang mamatihna.
Tapi Si Djago nu kakontjara maher pentjana, ngan ukur djero sasekon geus bisa ngomean tangtungna. Sret narik leungeunna nu milepas, disikukeun bari ngarengkogkeun awakna. Tulang siku diadu djeung tuur Si Gomar. Ngan sakilat duanana geus pada menerkeun deui tangtungna.
Sadjongdjongan papelong-pelong. Napasna ngaharegak. Sebrut deui Si Djago ngaheumbatkeun peureup katuhuna. Tapi harita keneh ditjentok deui bari ngagilirkeun awakna ka katuhu. Atuh Si Gomar nu rek ngadua kalian mitjeun panaradjang musuhna kawas tadi teh, ajeuna kapalingan tangtung. Karek ge djleng ka katuhu geus dipapag manten ku peureup Si Djago nu ditudjukeun kana beungeutna. Gerak replek Si Gomar teu kendor, lep manehna ngelok, brek pasang depok. Peureup kentja Si Djago ngahiuk mani bangbaraan milepas luhureun sirah musuhna. Kapaksa Si Djago ngalengkah ka hareup pikeun mere kasaimbangan tangtungna nu lontjer. Tapi karek ge tjlek sukuna kana taneuh, geprak suku Si Gomar ngagunting. Riek awak Si Djago njanggejeng. Arek dibeubeutkeun pisan, gewewek ngaranggeum buuk Si Gomar. Nu laladjo mengkek napas. Gurindjal, djleng Si Gomar luntjat heula. Geutih ngarej kana tarangna. Serepet bedogna dilugas. Gurilap-gurilap katodjo panon poe.
Si Djago, da beurat ku awak, teu kaburu nangtung. Kapaksa manehna ulin di handap, pikeun nahan panaradjang Si Gomar. Seak sora bedog ngahiuk njabet beuheungna. Gilek Si Djago ngagilek bari ngadepong, djekres sukuna ngagunting musuhna. Tapi Si Gomar rikat pisan ngadjleng.
Djleng ka kentja, ketjrek suku Si Djago dikadek, tapi poos digiwarkeun, bles bedogna nantjeb kana taneuh. Si Gomar dina sikep nu nguntungkeun, terus njehtjer musuhna. Djlung-djleng ka kentja ka katuhu bari njabet-njabetkeun bedogna. Si Djago napasna geus mimiti ngahegak. Manehna kapaksa ngalawan musuhna ku karikatan sukuna wungkul. Kaajaanana matak pikahariwangeun.
"Tah, Ka...!" Salah saurang balad Si Djago ngagorowok. Belewer aja nu ngalajang luhureun sirah Si Djago, manehna ngagilek bari njanggap bedog musuhna ku siku-siku.
Belentrang wadja pada wadja diadu, bareng djeung ngagoakna Si Gomar. Pluk bedogna murag tina leungeunna. Sadjongdjongan ngadjengdjen, bru nu rubuh bari sesegor, Si Gomar palastra, satria tengahing kalang. Aja nu djail ti luareun kalang.
Si Djago nu masih ngadepong bari ngahegak, olohok nendjo musuhna teu puguh-puguh rubuh. Djung manehna nangtung lalaunan. Breh katendjo aja peso nantjeb dina tonggong Si Gomar. Barakatak manehna seuri. Geus biasa da, samangsa-mangsa manehna kapeped dina tarung, geus tangtu aja pakarang rasiah nu digunakeun ku baladna. Bubuhan rea pembela-pembela njiliwuri djeung mopoek, maledog balati ka musuhna, ti luareun kalang. Tapi nu sohor mah tetep Si Djago bae.
"Heuh...heuh...heuh...!" Bari njampeurkeun musuhna. Djeprot disepak, ketjoh ditjiduhan, bari ngahaok, "Hajoh dak, randjah imah-imahna...!" Si Djago mere komando bari ludjag-ledjeg, siga nu heueuh unggul ku djalan beresih. "Tjalukan djarona ka dieu. Kumpulkeun djalma-djalma kabeh...!"
Teu kungsi saparapat djam, awewe-lalaki geus kumpul naragog hareupeun Si Djago, bangun miris.
"Mana djarona, dak?"
"Ieu jeuh, Ka!" Salah saurang baladna ngagorowok bari njuntrungkeun djaro (lurah).
"Saha ngaran dia, hah?"
"Badi!" djawabna bari ngadegdeg.
Sanadjan manehna urut djawara oge, ari njanghareupan Si Djago mah keder. Hatena ratug tutunggulan.
"Mimiti poe ieu dia dipotjot ku aing. Bagus keneh dia teu di podaran ge." Ret panonna nitenan wanita-wanita nu naragog.
"Tah nu ieu, nu ieu, tuh nu itu! Itu...!" Bari nundjukan awewe nu taregep.
"Djang aing eta mah. Ulah aja nu wani!"
Si Djago nu geus nalukkeun djawara-djawara di unggal kabupaten, katjamatan, djeung desa, ngaranna beuki sohor bae. Beuki gede pangaruhna djeung loba pakajana, beuki matjeuh sarakahna, ngagalaksak ka rajat.
Angen-angenna mah hajang bisa nalukkeun kabeh djago di sakuliah Banten, ti Udjung Kulon nepi ka Djampang Kulon. Ngaranna beuki dipikagimir bae, atuh beuki sombong, adatna mahiwal ti batur. Sagala kahajangna teu meunang dipungpang, utjapna hajang digugu bae. Lamun tjarekna, "Tjokot awewe itu!" Djeun teuing pamadjikan batur, hih kudu wae digugu. Dibantah saeutik ge make kolu ngadek.
Tapi ana geus njaah ka djelema, babakuna nu bisa ngadjilat, wah taja dunja kinasihan. Bro-broan ka awewe mah. Sakalina mahugi oge tara diitung deui, sok imahna, sawahna, kebonna, lengkep djeung ingon-ingonna. Tapi lamun seug kahajangna dihalang-halang. Beu, mani kawas nu ngadadak owah. Murang-maring, djubras-djebris hahaok djeung sesentak babanting bari meupeus keujang, tapi baladna geus teu helok deui.
Lamun gegedugna keur motah tjara nu kasurupan teh, osok song we diasongan awewe geulis, ngadadak lindeuk bari latam-letem tjara embe badot ngadeuleu si bikang. Pajus disebut kolot-kolot kokorobet teh, da umur Si Djago teh geus kawilang kolot. Kitu lah kira-kira 65 taun. Tapi kalakuanna ka wanita mah tara ieuh eleh ku nu ngarora, mun teu rek disebut leuwih gembul teh. Madjar teh, meungpeung aing kawasa, sagala lubak-libuk. Numatak Si Djago hirupna beuki kolot teh beuki mangprung. Tunggul dirarud tjatang dirumpak. Djadjauheun kana babalik pikir teh. Ari pamadjikan salawasna opat. Nu resmina kitu soteh. Ari ka saha-saha ngakuna mah Islam. Tapi Islamna ngan lebah njandung wungkul. Deugeulna (kepala batu) alahbatan budak halabhab. Rarasaanana, "Aing pangbenerna sorangan. Batur mah kabeh ge salah! Aing kudu digugu!"
-=oOo=-
Dina hidji poe sore-sore, Si Djago diriung-riung ku baladna nu raket pisan. Manehna ngabaheuhaj dina korsi males. Di kamar istimewa paranti leleson djeung sukan-sukan. Gigireunana dua modjang nu barahenol tarapak deku bari mareuseulan bitisna. Saurang deui modjang keur njiaran njabutan huisna, da hajang tetep siga ngora madjar teh.
"Daaak...! Daak...! Sora Si Djago ngagerem. Panonna peureum beunta. "Kumaha Si Deugeul, djaro Mandalawangi tea geus dipotjot?"
Djempling taja nu ngadjawab.
"Pan euweuh nu njoara? Hajeh ngomong dararia!"
"Ehm...! Ehm...!" Si Patrik anak emasna Si Djago ngadehem.
"Teu atjan, Ka!"
"Hah...! Ku naon?"
"Eta...eh...dihalang-halang ku anakna."
"Anakna? Djawara kitu?"
"Sanes. Da budak keneh, malah bedjana mah sakola keneh."
"Bating! Kapan ku budak bae bisa dihalangan. Naon daria geus djaradi bikang kitu?"
Kuniang Si Djago hudang. Bari molotot, manehna ngagorowok, "Mana Si Gada nu diparentah ku aing ngaganti Si Deugeul?"
"Tatjan dongkap Ka, di Mandalawangi keneh."
"Hajoh teang kaditu. Heran aing mah, boga balad ketjing kitu."
"Pan aing nu ngagadjih daria unggal poe. Aing nu maraban daria isuk-sore. Aing nu mere pipamadjikaneun ka daria. Tjoba hajang njaho, saha nu adil djeung bageur tjara aing? Moal aja sadunja geh. Aing nu pangdjagona, aing nu pangbageurna...!"
Sabot kitu di luar aja sora ribut-ribut. Djelema tinggorowok, tingdjarerit mani ajeuh-ajeuhan.
"Naon tah?" Si Djago tjuringhak. "Saha nu wani ribut-ribut di imah aing? Kurang adjar...!"
Tjan oge anggeus ngomongna, ana berejek teh djelema-djelema ti luar arasup. Panto didjedjek, parabot diubrak-abrik. Bru-bro barang petjah-belah kawas dibanting-bantingkeun. Blak panto kamar Si Djago muka, aja nu nedjeh. Sampojong-sampojong aja djelema asup. Badjuna ruwak-rawek, beungeutna pinuh ku getih. Bru rubuh hareupeun Si Djago. Blus tilu djadjaka arasup. Narangtung adjeg, tapi sikepna sajaga. Pasemonna leber wawanen.
"Tah Djago...! Balad andika Si Gada nu rek ngaganti Djaro Deugeul!" tjeuk salah saurang djadjaka. Ngomongna ajem teu aja sari-sari kasima, komo gimir mah. Bangun jakin ka diri pribadi.
"Haram djadah...!" Si Djago ngagorowok. Ambekanana ngahegak, panonna buntjelik. "Saha dia, hah? Deuk ngadjagoan hareupeun aing! Budak olol leho, hajoh ngomong, bisi hajang dipekprek hulu dia ku aing. Saha ngaran dia?"
"Kula!" djawab pamingpin djadjaka-djadjaka tea. "Ti Mandalawangi. Katelah mah Pakih."
"Pakih? Tjan ngadenge ngaran kitu mah. Anak saha dia, hah?"
"Kula anak Djaro Deugeul nu ku andika deuk dipotjot. Kula sabatur-batur ngahadja datang ka dieu deuk mere peringetan ka andika...!"
"Peringetan? Aing deuk diingetan ku pantaran kitu? Budak bau djaringao? Heuh...heuh...heuh...!!!"
Belewer aja nu ngalajang luhureun sirah Si Djago. Tjleb peso balati nantjeb kana panto tukangeunana. Manehna ngarendjag tuluj malik. Sabot malik serepet aja nu ngagaris kana leungeun badjuna. Rikat manehna njingtjet. Tjleb deui peso balati nu kadua nantjeb dina kosen panto.
"Bangsat dia, nangtang gelut ka aing?" Bari nepakan dadana. Si Djago sosoak. "Jeuh aing Djago. Aing nu kawasa, aing nu ngereh sakuliah Banten. Dararia mah tjatjing tjau! Budak olol leho, tjan njaho di nu djagoan. Aing nu geus loba pangalaman, aing nu geus seubeuh mandi geutih, aing..."
"Ngadjedog ulah loba pidato andika...!" tjeuk Pakih tetep ajem. "Geus bosen kami mah. Tembongkeun ajeuna kadjagoan andika. Geus datang mangsana andika ngeureunan sagala kadjahatan, kadoliman, djeung kasarakahan. Rajat laleutik geus teu sabar deui digarong pakajana, dirampas anak-pamadjikanana ku andika djeung balad andika. Meudjeuhna ajeuna andika tobat ka Pangeran djeung sumpah hareupeun batur-batur kami, jen moal deui-deui ngaruksak kaum wanita."
"Heuh...heuh...heuh...! Deuk njingsieunan dia ka aing? Heuh...heuh...heuh...! Dak, dak! Deleh ku daria ieu tjatjing-tjatjing tjau, deuk maraksa ka aing kudu taluk? Heuh...heuh...heuh...!
Borobot djandela aja nu naradjang. Putjunghul sirah barudak narolol. Belewer-belewer batu sagede-gede kaletji merekpek sirah djeung beungeut Si Djago. Manehna pakupis nakis, hut-het, djlung-djleng, tapi atuda murubut datangna, sanadjan maher pentja, teu burung baluntjunur tarang djeung sirahna.
Ambek njedek tanaga midek. Tungtungna mah ngadjengdjen weh.
"Eureun...!" Pakih mere komando ka anak buahna. "Hajoh Djago kumaha karep andika ajeuna? Sanggup sumpah? Sanggup ngeureunan sagala kadjahatan djeung kadoliman? Atawa hajang digorok andika ku anak buah kami?"
"Eh...eh... eh...! Nanaonan ieu kasep. Kapan Mamang ti baheula geh tukang ngurus djelema leutik. Njaah, deudeuh ka pakir miskin. Teu rumasa Mamang mah. Demi Allah daek paeh kasarad, tilok ngabinasa ka sasama manusa. Hiih haram geh hukumna."
"Ari eta andika sok ngarusak kaom wanita. Tjruk-tjrek kawin ka ditu ka dieu, djaba ngundeur. Pakaja batur dirampas, njawana dipegatkeun."
"Masja Allah, pitenah eta mah. Pitenah kasep, ulah sok dipertjaja. Mamang nu ngarondjatkeun harkat kaom wanita mah. Mamang nu geus korban melaan rakjat djembel. Sing pertjaja ka Mamang. Ulah kaosol ku batur, Sep. Maranehna mah sirikeun ka urang," djawabna neger-negerkeun maneh. Tapi dina hatena mah njeungseurikeun. Lah pilakadar bebenjit kamari ieu. Njaho ge moal urusan kolot.
"Ari eta, pamadjikan andika nu ngarora, kapan pantesna mah djadi intju. Kabeh meunang papaksa. Lain ngaruksak wanita ari kitu?"
"Aih, aih kasep. Eta mah amal soleh. Mamang mah sosial ka saha-saha oge."
Tajohna mah batur-batur Pakih geus teu sabar, djlung-djleng laluntjatan tina djandela. Rob ngalingkung Si Djago bari tinggorowok djeung mesat bedog.
"Gebruskeun bae ka Tjiliman! Tarandjangan, urang arak ka kota. Bui, bui! Asupkeun ka pangbuian. Gebugan heula!"
"Stop, dak!" Pakih mere komando.
Djep djempling. Sanadjan ngarora keneh oge, ari kana disiplin mah njaraho. Nurut ka pamingpin.
Srog Pakih madju bari ngomong, "Ieuh, Djago, bisi teu njaho batur-batur andika kabeh geus ditewakan ku anak buah kami djeung ku rajat. Digarebugan patingdjaropak. Kari andika ulon-ulonna. Bisi panasaran hajang ngalawan, pek andika kari meta. Arek silih kadek ku bedog, arek silih tewek ku peso, kami teu sieun. Harta banda maneh nu asal meunang ngarampas sarta diaraku ku nu bogana, ku kami dipulang-pulangkeun ka nu boga milik. Boh nu aja di andika, di pamadjikan andika, di anak, di baraja, anu tetela meunang teu halal mah, kabeh dipulangkeun ka nu bogana. Bisi teu njaho, rajat Tjibaliung ajeuna geus beunta, geus hudang, geus samiuk, kabeh idjideun, ambekeun ka andika. Lamun ajeuna ku kami dihutjuhkeun, moal kungsi lima menit andika djadi bangke! Ngarti?"
"Lamun andika hajang salamet pandjang umur, ajeuna keneh talak pamadjikan andika opatanana, sina mulang ka salaki-salakina nu bareto. Andika pribadi memeh surup mata poe kudu geus indit ninggalkeun Banten. Hade tetep matuh di Banten, tapi kudu tarima hulu andika misah tina awak."
Gorowok ti luar rame. "Peuntjit bae ajeuna! Peuntjiiiit...!"
Si Djago anu sok susumbar gumagah teh, harita mani peot bawaning ku sieun. Ngolesed tina korsi males bari njembah atjong-atjongan, menta hirup.
"Haju urang tinggalkeun!" tjeuk Pakih. "Kateuteuari ngalajanan nu burung." (*)
S.A Hikmat (Ieu Carpon dimuat dina buku kumpulan opat carpon pilihan dijudulan Aing Djago, diterbitkeun ku penerbit Mandalawangi, Bandung, taun 1967)