Patepung Di Mumunggang

Beres sasalaman jeung panganten geuwat milu ngantri parasmanan. Lain hayang-hayang teuing milu dahar teh, da puguh cikeneh ti imah ge can lila, tapi ieu mah kajurung ku rasa kapanasaran, pedah nu hajat teh sasat dulurna Neneng, babaturan ulin mangsa keur budak, batur indit duaan ka sakola mapay-mapay kebon awi, batur digawe mun pareng ngerjakeun PR ti sakola dua puluh tahun katukang.

Carita Pondok

Enya asa sono kana imutna anu kareueut, amis budi, someah ka sasama, teu pilah pilih sobat jiga nu lianna, estu Neneng mah ngaku jeung sok perhatian ka sasaha wae oge. Loba pisan babaturan kuring harita nu kungsi neundeun hate, katarik jamparing asih ku manehna, kaasup kuring sorangan. Ngan harita mah teu kungsi wakca da puguh taya kawani, sok sieun ambon sorangan pikir teh, ceuk barudak kiwari mah "bertepuk sebelah tangan".

Sajeroning ngantri rek parasmanan, panon mah rurat reret susuganan nu dilamun teh panggih, asa piraku mun teu datang teh. Teuing ku naon ieu rasa kasono bet dumadakan datang dina mangsa panonpoe di mumunggang rek sareupna.

Weleh nu di arep-arep teh taya kalangkang-kalangkangna acan. Dahar ge asa teu mirasa, da hate ras inget bae ka manehna. Neneng nu jangkung lenjang, nu keureutan beungetna ngadaun seureuh, nu imutna matak nineung hese dipapalerkeunana. Neng dimana atuh salira kiwari. Ieu Engkang hoyong tepang.

Beres dahar ngadon diuk ngahuhuleng dina korsi pasamoan, teu puguh naon nu rek dipilampah. Rek terus balik, puguh hate panasaran wae. Pikir teh sugan panggih jeung babaturana rek ditanyakeun dimana ayana. Kungsi kuring meunang beja majar ceunah Neneng teh ayeuna geus lalagasan, ceuk sawareh mah naksi sabab salakina beger deui kapincut ku wanoja anyar datang ti kota. Ayeuna cenah aya di lembur Jeungjing, nempatan imah titinggal kolotna. Tapi basa kuring nyoba nanyakeun ka urang dinya, weleh taya nu apaleun.

Ret ka kenca katuhu jeung sabudeureunana, weleh nu di arep-arep teu embol-embol. Sora degung ngagalindeng goongna meh eundeur jiga ngahaja mupuas hate.

"Bongan siah baheula maneh taya kawani...!"

"Dina panggihna ge can puguh inyana mah sonoeun."

"Boa-boa kembang hate teh ges aya nu miboga."

"Kumaha mun datang jeung salakina nu anyar? Atawa teu jadi pepegatanana?"

Hate beuki tagiwur campur jeung sora recokna jelema nu ngabrul kana pasamoan, ngobrol ngaler-ngidul teu puguh dengekeuneunnana.

Ret kana arloji, wanci geus tabuh dua. Nu nyambungan geus meh suwung. Hate beuki hanjelu wireh nu dipikasono teu kapanggih wae. Kuring migprig kaluar gedong pasamoan, maksud teh rek balik. Kop kana konci motor dina saku, gerung dihurungkeun, seak motor dilumpatkeun. Inget ka budak nu ngan hiji-hijina ngadagoan sorangan di imah ti balik sakola da puguh geus teu bogaeun indung. Karunya teuing.

Sajajalan bet ras inget ka Nining, pamajikan nu geus taya dikieuna. Indung budak nu geus meh sataun tilar dunya, miheulaan alatan gering parna.

"Kang hapunten Nining nya, bilih Nining pondok umur. Abdi rumaos seueur kakirangan dina ngawulaan Akang, sareng deui kahade nitip si Aa, budak urang, sing geten dina mariksa kaperluanana!" pokna bari ngalimba. Nyaritana pegat-pegat jiga nu beurat, pelongna kosong, tuluy peureum, les taya dikieuna.

Harita hate kuring ancur, teu inget dikalalakian anu cenah lalaki mah leuwih kuat, tara epes meer dina narima musibah jeung rupa-rupa pasualan hirup. Tapi ari ditinggalkeun ku pamajikan mah leuleus taya tangan pangawasa, pipikiran poek mongkleng, teu inget nanaon. Inget soteh basa kuring digugulung ku bapa jeung ema nu ngupahan kuring sangkan sabar dina narima cocoba.

Sataun ti harita kuring hirup nyorangan kadua budak. Basa kolot nitah deui sangkan kuring geuwat rumah tanggaan deui, hate teh can merean. Pikir teh karunya ka budak sok sieun menangkeun pamajikan teu nyaaheun ka budak.

Kakara kapikir tadi basa indit ka ondangan, pipikiran bet asa nogencang, asa aya nu leungit. Inget ka si jenat baheula mangsa aya dikieuna, mun ka ondangan teh teu sirikna ngengentel, ngabring duaan katilu budak. Jigana eta anu ngalantaranken kuring inget bae ka Neneng, sono hayang tepung jeung manehna, duka pedah kuring duda cenah itu randa. Mun seug enya aya jodona, sugan jeung sugan ceuk paribasa batu turun keusik naek, itu purun kuring daek. Ah rek balaka nu saenyana, mun kuring rumasa katarik geter simpati kagembang kamelang, inggis ku bisi Neneng kaburu dikawin batur.

Meh sapasir deui lembur jugjugeun teh, motor nanjak karasa ngalaunan sanajan gasna digedean. Dioper ka gigi dua bisi teu kuateun. Di sela-sela tangkal pinus katembong pasawahan atra ka beh lebak, kaasup lembur Sukamanah tempat kuring jeung budak cicing. Langit ceudeum, ngagayot pihujaneun. Gas di tarikan deui sangkan gancang nepi. Sorana tangka beberebetan bareng jeung seahna angin nu ngagelebug mawa pihujaneun. Teu lila gebret hujan gede naker jiga nu ngahaja dibahekeun ti langit, maseuhan bumi nu meh garing kahalodoaan. Teu wudu awak jibreg balas kahujanan. Buuk anu meunang nyisiran, diminyak nepi ka leucir, rancucut jiga pelok buah nu meunang ngalamotan.

Rurat reret neangan tempat keur ngiuhan. Katembong aya warung leutik di sisi jalan. Gas dilaunan, reg eureun, konci motor di cabut. Lumpat muru warung, luha-loho rek sanduk-sanduk milu ngiuhan. Torojol nu boga warung, awewe geus aya umuran.

"Mangga Pa, calik!" pokna. Kuring diuk dina bangku tina awi nyanghareupan rupa-rupa kadaharan nu aya di warung nu ditutupan palastik ngarah teu kasaweran.

"Mulih ti manten geuning?" pokna darehdeh tumanya.

"Eta wangsul ti uleman, Bi."

Direret katembong nu boga warung keur nyokot gelas, tuluy nyicikeun cai tina termos ngebul keneh, song dibikeun ka hiji wanoja nu ngarendeng diuk gigireunana, jigana sarua ngadon ngiuhan kahujanan. Teu pati disidik-sidik da beungetna tungkul, ngeprukan cai hujan nu maseuhan pakeannana.

"Aya kopi, Bi?" ceuk kuring.

"Oh mangga aya, Pa. Kopi naon?" pokna

"Pami aya mah kopi susu we," tembal kuring.

"Mangga, ke diantos sakedap!"

Kuring tuluy diuk, kop kana sisir nu nyelip dina pesak, ngadon meresan buuk nu jibreg balas kahujanan.

"Hey, Jaka nya!" Aya nu nepak kana taktak. Gebeg hate rada reuwas da puguh apal keneh atuh kana sorana. Direret, nyeh manehna imut.

"Neee...neeeng?" Kuring kakara sadar manahoreng nu aya diharepeun teh Neneng. Neneng nu ku kuring ti tatadi didagoan di pasamoan. Neneng nu diarep-arep datang. Leungeuna satengah dirontok ku kuring. Manehna ngagugunying taktak kuring bari nanyakaen dimana ayeuna, timana, jeung kumaha kaayaan kuring. Kuring bungah, hate bungangang. Rasa kasono kaubaran ku seurina nu nyari mawa sumanget kana lalampahan hirup kuring. Nya kitu deui kuring talete nanyakeun kumaha kaayaan dirina kiwari. Nu boga warung bati colohok mata simeuteun kaget ningali polah kuring jeung Neneng. Nyangka mah mereun kuring teh dulurna atawa sobatna.

"Aeh geuning Enden uninga ka si Bapa," pokna

"Muhun Bi, ieu teh sobat ti bubudak. Tos dua puluh tahun teu tepang," ceuk kuring mangnembalankeun.

"Panginten atuh, kaleresan we nya tiasa patepang di warung Ibi. Mangga atuh dilaleueut! Ke Ibi mah bade kapengker heula," pokna jiga nu ngarti, mereun bisi kuring ngarasa karagokeun ku manehna.

"Neneng sami tas ti uleman?"

"Muhun! Puguh tadi abdi milarian Kang Jaka, tapi teu aya, ah teras wangsul we," pokna.

"Sami, Neng. Puguh Akang ge ngahaja milarian hoyong pendak, diantosan meh dugi ka bade bubaran, rupina pasalingsingan."

"Neng, sabaraha hiji bati?"

"Abdi mah hiji," pokna bari seuri. Seuri anu nyeblakkeun hate kuring. Seuri nu sarua jeung baheula mangsana keur budak mun pareng silih eledan di buruan.

"Sabaraha taun?"

"Tos kuliah. Ayeuna di Bandung," pokna.

"Ari Kang Jaka?"

"Sami hiji Akang ge. Ayeuna kelas hiji SMA," ceuk kuring.

"Ke...ka urang mana atuh Neneng teh?" Kuring panasaran ngeunaan kumaha kaayaan dirina.

"Abdi mah ka urang Kalimantan, Kang. Tebih tapi da tos atosan ayeuna mah," pokna teu didinding kelir, keur mah memang kitu sipatna, sok saujratna. Surak hate mah, aya kasempeten pikeun kuring mileuleuheungkeun dirina. Kahayang ti baheula sugan pareng ayeuna laksana. Hate dumadakan noroweco sorangan.

"Sami Neng, Akang oge bujangan ayeuna mah."

"Biasa pameget mah, upami payuneun istri sok ngaku bujangan," cenah bari ngeletan ku juru panonna nu cureuleuk, dipasieup ku halisna nu ngajeler paeh, bari tuluy ceuleukeutek seuri. Seuri nu angger sok ngegeterken jajantung kuring.

"Eh, Neneng mah teu percanten. Leres Neng, Akang mah teu bohong, pan tos sataun pun bojo ngantunkeun," kuring nyoba ngayakinkeun manehna.

"Ah, sing leres?" Neneng jiga hayang leuwih yakin.

"Ih sumuhun. Piraku teu percanten ka Akang," tembal teh.

"Baruk? Atuh hawatos Kang, jaba gaduh murangkalih uruseun." Nyaritana Neneng kendor jiga nu milu ngarasakeun kumaha kasedih hate kuring.

"Nya kumaha deui Neng, da panginten tos kitu nasib Akang," ceuk kuring.

Kadituna ngobrol ngaler ngidul, numplekkeun rasa kosono, nepi ka teu karasa waktu nyedek kasorenakeun. Hujan geus meh raat, langit cangra. Katembong katumbiri ti beulah wetan nyalingker ka satukangen gunung. Cahyana gumebyar matak endah nu ningali, ngagambarkeun kakawasaan Gusti Nu Agung dina ngayakeun jeung ngeuweuhken hiji perkara.

"Neng...!"

"Kah...!"

"Emut keneh kapungkur basa urang rarakitan di balong Mama Ajengan?"

Neneng seuri, kuring seuri. Kabayang keneh dina kongkolak panon basa harita Neneng ku kuring ditulungan, tikelebuh tina rakit nu dijieun tina tangkal cau. Tigejebur kana balong, rancucut. Sirahna pinuh ku leutak.

"Emut," pokna pondok

Manehna neuteup, kuring males neuteup. Tuluy manehna tungkul jiga nu kaeraan paadu teuteupan, pipina semu beureum. Disidik-sidik enya Neneng teh geulis, sarua jeung baheula, malah ayeuna mah beuki geulis. Hate kuring noroweco sorangan.

"Bade uih ayeuna? Urang jajap ku Akang!" Kuring nyoba nawarkeun jasa.

"Mangga!" pokna pondok.

Sabada babayar ka nu boga warung, kuring tuluy indit rek nganterkeun Neneng ka imahna. Memeh nganterkeun, nyimpang heula ka imah ningali budak bari pupulih rek aya perlu heula sakeudeng. Manahoreng teu jauh-jauh teuing jarak imahna ka imah kuring, kur kahalangan ku dua lembur. Imah leutik camperenik, sisi jalan. Pakaranganana lumayan lega, dipelakan rupa-rupa kekembangan nu seger tas katinggang hujan. Matak betah nu nyicingan.

Datang ka imahna geus meh reupreupan magrib. Kuring ngahaja milu salat magrib heula. Beres salat kuring ngageroan Neneng rek pamitan. Teu lila datang nyamperkeun bari mawa cikopi ngebul panas keneh. Bari nyerengeh seuri, tuluy disimpen dina meja hareupeun kuring. Atuh teu jadi rek pamitan teh da karunya ka Neneng nu nyuguhan, keur mah eukeur sora hujan di luar ngaririncik deui.

"Kang, tong waka mulih heula nya!" pokna. Kuring surti da sanyatana mah sarua kuring ge sono keneh. Mun kongang mah teu inget di umur nu geus meh tunggang gunung, mun teu inget ka budak nu cicing di imah sorangan, hayang teuing mondok sapeupeuting maturan Neneng.

"Neng sareng saha di bumi teh? Nyalira?"

"Duaan," pokna pondok.

"Sareng saha?"

"Pan sareng Akang ayeuna mah!" Ceuleuketeuk Neneng seuri bangun nu ngeunah. Kuring milu seuri asa kapukul mamaras, ras inget baheula mun heureuy silih eledan.

"Nyalira atuh Kang, kajabi mun si Teteh kaleresan uih ti Bandung. Kunaon kitu?"

"Muhun...ludeungan we, nyalira," tembal teh pondok.

Diteuteup anteb jinisna, Neneng malik neuteup. Paamprok silih teuteupan, terus tungkul. Jempe sakedapan jiga nu beak picaritaeun. Di luar sora gaang reang, patarema jeung sora keclakna cihujan nu ragrag tina kenteng ninggang kana dangdaunan. Aya nu sumarambah kana bayah. Geter asih jeung deudeuh nu lawas, kiwari meh datang deui.

Basa kuring pamitan rek balik, manehna jiga nu beurat rek ditinggalkeun teh. Bari imut manehna metot kana leungeun lila pisan.

"Kang wengi enjing kadieu deui?"

Kuring seuri, manehna seuri, duanana pada-pada seuri. Seuri nu ngandung harti. Seuri nu mawa harepan, mapag balebat nu nyaangan ka sajeroning hate kuring. Bray dunya asa caang, cangra taya mega nu ngahalangan. Parat kana hate. Parat kana lelembutan, kana jajantung. Kolebat si jenat kokolebatan nembongan bari imut, jiga nu milu nyatujuan. (*)


Tika Rustika
Patepung Di Mumunggang Patepung Di Mumunggang Reviewed by Rupa Sundapura on 18.05 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.