Si Pelung

Sanajan geus kolot, liwat ti kolot nurutkeun ukuran kalumrahan umur hayam, Si Pelung masih keneh jagjag waringkas. Masih keneh mampuh nembongkeun tagog dangong jago pinilih. Masih keneh mampuh ngelewungkeun sora ari kongkorongok janari.

Carita Pondok

Sakapeung Si Pelung sok ngarasa reueus lamun aya nu nyarita, "Kuatan tah hayam. Nepi ka kahot kitu. Pantaranana mah geus ka marana boa." Tapi sok nalangsa lamun nu nyarita cikeneh aya nu ngengklokan, "Padahal lain turunan Bangkok, nya?!"

Mun bisa, hayang Si Pelung nambalang. "Memangna hayam pinunjul teh kudu turunan Bangkok bae? Ari turunan asli lemah cai kudu meledre bae kitu? Geuning ieu aing!"

Sarta mun bisa, hayang Si Pelung ngadadarkeun riwayatna ti asal mula. Ti barang dipegarkeun, terus dikukut diistimewakeun ku Haji Basari. Nepi ka mangsa jajangkar, dijadikeun pangbela basa anak bungsu Ki Haji, Encep Umar disunatan dina umur lima taun. Ayeuna Encep Umar geus tereh lulus SMA. Sababaraha kali ampir unggal lebaran atawa usum hahajatan, Ambu Haji ngusulkeun sangkan Si Pelung dipeuncit. Ki Haji teu weleh ngahalangan.

"Butuh ku gawena, tukang ngageuingkeun janari," cenah. "Neangan deui bae hayam sejen. Keun Si Pelung mah, ulah diharu-biru. Kadahar sukur, atuh henteu teu nanaon, ari teu kapuluk mah."

Opat taun ka tukang, Haji Basari tilar dunya. Matak kagagas ku kasolehan jeung kahadeanana. Geten tulaten, boh ka ingon-ingon boh ka pepelakan. Bari tara tinggal ti adab kasopanan. Handap asor, lain bae ka papada jelema. Ka sato jeung ka tutuwuhan oge sarua. Ku Si Pelung mindeng kadenge. Ki Haji ngawurukan putra atawa rencang, sangkan ulah wani-wani nyarekan komo bari laklak dasar ka sato ingon-ingon.

"Ulah kawas kamari, hidep nyebut bangkawarah ka hayam anu bangor asup ka dapur. Malah ditambahan ku nyupata, lebokeun tetelo, tekukeun kerud, jeung sajabana. Teu meunang etah. Diharamkeun ku agama," cek Haji Basari ka salah saurang putrana nu istri, nu mindeng pusing ari manggihan hayam riab ka dapur. Teu kalis ku digebah sakali, brul deui brul deui. Ma'lum hayam.

Tukang ibadah Ki Haji teh. Najan lubak-libuk luhur kuta gede dunya, teu katongklokkeun ngurus harta, kawas karereanana nu baleunghar sejen. Ngurus sawah cukup ngandelkeun panyawah atawa anakna nu geus bisa dipacikeuhkeun. Tempo panen, ukur ngaroris geus dikaluarkeun zakatna atawa acan. Ka dituna mah kumaha Ambu Haji saparaputra bae.

Ngan kana pepelakan salian ti pare, kayaning bungbuahan, palawija, sampeu, jagong, telik pisan ngimeutan teh. Bisi pindah teu kanyahoan kana pangawasa leungeun bandar tukang kemplang, memeh kapetik hasilna kaala buahna ku sorangan.

"Tara ngandung barokah ladang tatanen anu dijual kemplangan mah!" Kadengeeun pisan ku Si Pelung ti pipir, Ki Haji cacarita ka anak bojona di tengah imah. "Moal samata-mata agama ngaharamkeun lamun teu matak mudarat jeung mamala, boh ka diri pribadi, boh ka balarea."

Barabat Ki Haji medar pamanggih, yen ngajual barang ku cara kemplang, ngaleungitkeun sumber amal kahadean. Tempo diala, nu boga hadas melak ukur lalajo. Meunang tekal-tekil dipupul batur. Ka tatangga, ka baraya, ka batur salembur teu bisa mere ngasaan, lantaran barang geus dibayar ti heula ku bandar. Teu saeutik kajadian nu boga pelak malik buburuh ngala ka bandar. Anu sakuduna jadi dunungan bet jadi kuli.

"Baroraah kana mere maweh. Manehanana sorangan apan elah-elih namprak upah ti batur. Padahal nu macul di dinya, nu melak di dinya, manehanana sorangan. Naha eta lain mamala? Coba lamun dipertahankeun nepi ka usum ngala, tong karooh ku pangolo, meureun diala ku sorangan. Kaburu keneh mere ngasaan ka batur. Hartina amal hade. Sodakoh. Atuh tempo ngajual, harga bisa rebut tawar tur barangna nyata ngagelar hareupeun. Lain rebut tawar pucuk atawa kembang karek nengtet, diwangwang dilelebah, bari hargana kurang merenah. Bener, karereaanana jual beuli jaman ayeuna make cara kemplang. Ambeh babari, ambeh henteu renced. Tapi tetela eta teh henteu nimbulkeun kauntungan. Malah wungkul karugian. Nu matak, teu aneh, kiwari rea patani kari daki, rea padagang tinggal hutang, sabab ladang gawe beak sakaligus ti heula. Komo jual beuli kemplang mah, geuning langka ku duit, tapi ku barang. Radio, televisi, motor, mobil, jadi hese ngeureut neundeun keur pimodaleun usum hareup teh. Tempo butuh unjam-injeum ka bank, hese lain dagoaneun. Kapaksa lumpat ka tukang renten atawa ka bandar kemplang bareto. Sasat nandonkeun hasil pepelakan anu karek rek ceb dipelak. Kitu jeung kitu terus, unggal usum migawe. Kahade urang mah, Ujang, Nyai ulah kabawakeun. Sing tuhu kana tetekon agama nu geus dicontokeun turun-tumurun, tur karasa hasilna ngandung barokah. Saeutik mahi, loba nyesa. Moal samata-mata Abah lega sawah lega kebon, anu asalna tina hasil nyawah jeung ngebon satapak peucang atawa nengah mertelu, lamun prak-prakanana mengpar tina aturan hukum. Tegesna hukum agama. Ngajauhan riba, boh dina modal, boh dina ngajual pisan. Sabalikna mereketkeun maneh sangkan tuman balabah. Daek ngaluarkeun sodakoh, infak, nepi ka zakat pisan, upama geus nisab. Peupeujeuh, lamun Abah geus euweuh, kabiasaan kieu teh kudu terus dipilampah. Insya Allah, lamun gugon-tuhon, anak incu turunan Abah, baris tinemu kahirupan mulya. Bagja dunya aherat. Moal kurang sandang kurang pangan, bari aya dina karidoan Allah Subhanahuwata’ala."

Si Pelung nyakseni, keur Haji Basari jumeneng keneh mah, eta papatah teh teurak. Atuh sataun dua taun ti sabada Ki Haji tilar dunya, aya keneh tapakna.

Ngan pajamanan barobah teuing ku cepet. Jalma-jalma nu ngajamananana oge gancang pisan kakeunaan ku owah gingsir. Pangaruh kaayaan, pangaruh campur gaul jeung sajabana dina kagiatan pakumbuhan, mere warna katut rupa kana sikep pasipatan jeung paripolah masing-masing. Kaasup anak-anak Haji Basari, anu ti bubudak tara petot dijejelan papatah, sakalian ditembongan conto prak-prakanana ngeunaan hade goreng, halal haram, salah bener, dibarung ku atikan ti sakola jeung pangajian.

Karasaeun pisan ku Si Pelung. Lamun pareng manehna disada kekerukan bari semu ngahayeyeng nandakeun manggih tetenjoan aheng di alam anu teu katembus ku panon manusa, sok dibuburak. Di antarana ku Encep Umar anu bareto dibelaan tea.

"Si, sieuh, sieuh! Babatok hayam goblog. Baku ari geus kekerukan kitu teh!" cenah bari mubat-mabit ku naon bae nu karawel.

Hiji hal anu can kungsi kaalaman jaman Haji Basari jumeneng keneh. Ki Haji mah, mun ngadangueun Si Pelung nyoara kitu, sok rambasbas, malah mindeng sesegruk, terus dzikir jeung istigfar. Ka Si Pelung sok nyarita rintih, "Meunggeus Pelung, kami ge ngarti. Maneh keur nyaksian pangeusi alam kubur nandangan ujian anu pohara. Emh, kami oge Pelung, isuk pageto baris ngalaman. Malah boa leuwih rosa ti batan anu kasaksen ku maneh ayeuna."

Atuh lamun Si Pelung kongkorongok salah mangsa, pangpangna tengah peuting tangeh keneh ka janari, Haji Basari sok gancang ngorejat. Cacarita ka Ambu Haji. "Kadenge tah, Si Pelung kongkorongok lain wayah? Kahade anak urang, Si Ujang, Si Nyai bisi boga lampah nirca. Jeung kahade deui, anu baroga anak parawan atawa randa, bejaan. Sing tariten kituh, ngaping ngajaring anak!"

"Lah, Kang Haji, sok nu lain-lain. Barina ge openan teuing ka batur. Mani kudu walihweuh, teu pira Si Pelung kongkorongok. Gundam meureun," walon Ambu Haji.

"His, lain teu pira. Hayam kongkorongok lain mangsa, komo tengah peuting ngaweng-ngaweng kieu, cek kolot, pertanda aya nu reuneuh jadah. Lain openan nitah ngelingan teh. Kawajiban dina raraga amar ma'ruf nahyi munkar. Ngajak kana kahadean, nyegah tina kagorengan. Bisi urang, dulur, baraya urang, tatangga urang caliweura, teu dielingan mah urang kababawa dosa engke. Baruk kumaha akibatna lamun urang cul amar ma'ruf nahyi munkar? Bari jeung urang mampuh migawena? Dila'nat ku Allah, ku mangrupa siksa jeung moal dikobul du'a, Nyi Haji. Lain lalawora!"

Sok panjang cacarita Ki Haji teh. Kadangkala parat nepi ka waktu salat tahajud. Isukna, prak migawe anu geus diomongkeun ka Ambu Haji. Silaturahmi ka saban tatangga, bari ngipat-ngipatan, kudu silih riksa, silih talingakeun, boh bisi aya nu mengpar kausap setan, ngarempak aturan hukum dina urusan sahwat birahi.

Tara aya nu wani nambalang sabab sarerea nyaho saha Haji Basari. Jalma jegud, lubak-libuk, berehan, hade budi hade basa, taat kana ibadah, balabah ka sasaha, teu pandang harkat teu pandang darajat. Istuning taya cawadeunana anu bisa dipake ngahualkeun atawa malikkeun.

Anak-anak Hají Basari, henteu bisa neruskeun tapak lacak bapana kitu. Ukur bisa neruskeun kajegudanana wungkul, sabada buka waris ngarecah sawah, kebon, katut pakaya sejenna.

"Lain teu hayang nurutan Bapa mere papagah ka batur, ngan kumaha atuh, da urang sorangan papagahaneun keneh batur. Kuriak bae dianggap tukang ngelmu ajug." Kawas nu badami, anak-anak Hají Basari sapuk sapamadegan.

Jadi, Si Pelung kongkorongok lain magsa tara diperhatikeun enya-enya. Malah mindeng disaleungseurikeun disebut hayam pikun. Kajaba mun geus aya kajadian, aya awewe melendung teu karana boga salaki, karek ribut nyaritakeun kongkorongok Si Pelung. Saminggu dua minggu, lat deui poho. Atuh nu bureuyeung ukur era saliwat. Ka dituna mah damang bae. Teu aneh lamun terus ngarekahan. Kamari si itu, pageto si eta, minggu hareup geus aya cadangna. Sisindiran 'piring pisin diragaji, colenak dikalapaan, abdi isin ku paraji, boga anak teu bapaan', geus henteu laku.

Si Pelung ge rumasa, saenyana manehna disada salah mangsa teh lain nyaho-nyaho teuing kana aya atawa bakal aya nu reuneuh jadah. Ukur kabeneran bae, katindih ku kari-kari, katinggang ku kanyatan. Da maksud kongkorongok teh, taya lian ngageuing manusa, sangkan ulah kajongjonan teuing ngaguher. Ngageuing sangkan manusa nyaring, ngamangpaatkeun wanci mustari, saat mustajab, anu disayagikeun ku Allah SWT pikeun munajat tur bakal dikobul.

Tina sakitu taun sakitu ratus kali kongkorongok tengah peuting jeung janari, ukur sababaraha urang anu surti. Haji Basari almarhum di antarana. Karereaanana mah nyawang tina jihat nu lain-lain bae, kagugu ku tahayul. Haji Basari onaman, dina enyana kabawakeun kitu, henteu ngan sakadar ngareka prasangka. Tapi dituturkeun ku sikep nu leuwih teleb, didasaran ku kasadaran ngajalankeun parentah agama. Silih wasiatan dina jalan haq jeung kasabaran.

Antukan Si Pelung prustasi. Beuki dieu beuki kedul kongkorongok. Da kapikireun, kapeuyeuh-peuyeuh, didarenge tara. Tong boro sora hayam kolot, panggero manusa nu ngalanglaung dispekeran ge, geus tara pati aya nu malire. Komo sanggeus mahabu adu-aduan, manusa mabok ku bangsaning kode jeung ilapat, tur hiji mangsa sora kongkorongok Si Pelung dijarieun kode ku Encep Umar sabatur-batur, timbul niat dina hate eta hayam kolot, pikeun kemba sakuatna.

"Dianggap nguyung, teu nanaon. Ambeh dipeuncit. Geura-geura paeh, susuganan di aherat tepung jeung Haji Basari. Rek dicaritakeun, yen anak-anakna lain salukuran kana ni'mat meunang warisan loba, tapi anggur ngalancrud," cek pamikir Si Pelung.

Ongkoh kaayaan lingkungan imah, kiwari mah teu matak betah deui. Kandang nambahan. Lain kandang hayam jago atawa bikang, ieu mah kandang anjing. Padahal Haji Basari bareto omat-omatan, sakumaha hayang jeung resep oge, ulah ngukut anjing.

"Kajaba keur kaperluan moro atawa ngajaga pakaya, ngukut anjing diharamkeun. Komo ukur keur kaagulan jeung cocooan nu matak nonglokeun mah." Kitu kasauran Haji Basari basa Encep Umar mawa kicik. "Di imah mah teu pantes diaayaan anjing. Matak disingkahan malaikat Rohmat. Ngajaga bisi aya bangsat, ku ronda ge cukup."

Harita Encep Umar ngagugu. Kicik disingkahkeun deui. Tapi ayeuna mah taya nu ngagetrik. Bebas merdika. Nu dibawa lain kicik jeung henteu hiji. Opat sakaligus. Anjing teureuh nagri wungkul. Keur meulina, ceuk beja ngagadekeun sawah sababaladon.

Si Pelung ngangluh. Keur mah geus pada mopohokeun, turug-turug aya saingan. Pangeusi imah tamplok perhatianana kana anjing kukutan Encep Umar, anu sagala rupana dipupujuhkeun. Ngeusian beuteung ge, Si Pelung mindeng sakasampeurna. Mindeng nyaba rada jauh sakaparan-paran. Sakapeung sok ngarep-ngarep aya lasun atawa ganggarangan nyasab, heg nekuk. Sadrah pasrah tibatan hirup pakokolot kalunta-lunta.

Ti isuk nepi ka beurang, hiji poe Si Pelung aprak-aprakan. Pucak-pacok sakapanggih-panggih. Ti lebah buruan maju ka sisi sawah, bras ka tegalan. Mengkol ka lebah nu linduk ku tatangkalan. Dina jujumplukan kirinyuh aya simeut dage nalokom. Gancang ku Si Pelung diboro. Simeut luncat kana tangkal bakasem. Terus diobrot. Geleber ka tukangeun rungkun saliara, handapeun tangkal juar sapasang. Si Pelung meber jangjang sieun kaleungitan udagan. Garapak, guprak ka beh ditu. Ninggang tonggong dua jalma anu keur papuket, luhureun jukut. Lalaki jeung awewe ditataranjang.

Si Pelung reuwas kabina-bina. Gancang lumpat bari ngabarakataktak kokotak. Poho kana simeut dage, bakating ku silo ku tetenjoan. Jeung apal ka salasaurang di antarana, Encep Umar. Jeung Si Pelung apal bakal kumaha balukarna. Encep Umar, bari ulad-alid nyarekan bebeakan, terus ngabeledig. Mabuk hulu Si pelung ku dahan garing nepi ka remuk.

Pasosore di buruan imahna, Encep Umar ngagero marentah bujangna.

"Di kebon tonggoh, deukeut tegalan, handapeun jaar, Si pelung modar. Cokot bangkena, geuwat. Keur parab anjing!" (*)


Usep Romli HM
Si Pelung Si Pelung Reviewed by Rupa Sundapura on 22.42 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.