Nu Males Budi

Aya Sakadang Beurit nu panasaran hayang ningali singa. Manehna indit ka leuweung. Lebah handapeun tangkal anu ngaroyom dahanna, katingal aya hiji sato, gagah, jeung simaan deuih. Buukna jabrig ririaban. Kuku-kukuna tembong sareukeut. Huntuna ranggeteng.

Dongeng Buhun

"Leuh kawasna ieu sato anu disebut singa teh," ceuk Sakadang Beurit dina jero hatena.

Eta singa jalu teh nundutan, tuluy bae hees. Sakadang Beurit nyampeurkeun Sakadang Singa nu keur tibra. Awahing ku panasaran, Sakadang Beurit teh make jeung ngarampaan kumis Sakadang Singa. Mireungeuh sato anu katelah Si Raja Tega kalah cicing bae, Sakadang Beurit beuki wani. Kalacat naek kana sirah Si Raja Leuweung. Buuk Sakadang Singa teh dirampaan terus diilikan liang irungna. Biwir nu keur sare teh disuaykeun.

Sakadang Singa ngarasa aya nu uyup-ayap kana beungeutna. Tuluy bae matana meletet.

"Hah...?! Si Kunyang geuning. Bangkawarah! Keun siah!" ceuk Sakadang Singa dina hatena.

"Haciiiih...!" Sakadang Singa pura-pura bersin. Sakadang Beurit ngarenjag, nepi ka awakna tijengkang, nangkarak bengkang dina jukut. Tembong kuku-kuku singa geus ngurung awakna. Ret tanggah, katingal Sakadang Singa teh nyanggereng, nembongkeun sihung-sihungna.

"Duh Gamparan, kuring ulah dikerekeb!" ceuk Sakadang Beurit. Awakna ngadegdeg.

"Ari ilaing atuh wani-wani culangung ka ngaing teh, hah!" Dihakan siah ku ngaing!" ceuk Sakadang Singa.

Sakadang Beurit ceurik balilihan, bari menta dihampura. Sakadang Singa ngarakacak hatena.

"Heug sakali ieu mah ilaling ku ngaing dihampura," pokna.

Aya kana dua taunna Sakadang Beurit teu papanggih deui jeung Sakadang Singa. Dina hiji mangsa di sisi leuweung, manehna ngadenge sora sato nu keur inghak-inghakan. Barang diteang ka deukuet tangkal, breh bae katingali Sakadang Singa nu bareto ampir rek ngerekeb manehna teu walakaya karungkup ku jaring.

"Sakadang Beurit, cing tulungan!" ceuk Sakadang Singa.

Sakadang Beurit tuluy nyegetan tali jaring tepi ka paregat. Sakadang Singa bisa lolos tina eta jaring.

"Eh Sakadang Beurit, nuhun pisan, kuring geus ditulungan," ceuk Sakadang Singa bungaheun pisan. (*)


Uwa Agah (Galura)
Nu Males Budi Nu Males Budi Reviewed by Rupa Sundapura on 13.40 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.