Marak
"Misněm! oerang ěnggeusan bae kěkěbonan teh," tjeuk Roesdi.
"Naha, ěnggeusan, Roesdi?"
"Oerang marak anggoer, noeroetan Bapa! Toeh, soesoekan itoe oerang parak."
"Moal aja laoekan soesoekan itoe mah, měnding soesoekan noe deukeut leuit," tembal Misněm.
"Hajoe atoeh! Ambeh ioeh ongkoh! Pek sia njokot ajakanana, aing rek njokot patjoel. Toeh tjokot batoena Misněm, keur měndět," tjeuk Roesdi.
"Pek sia geura njair, kade bae bisi dipatil lele. Aing rek kokodok, soegan bae meunang laoek gěde, keur bapa." Si Misněm njair, si Roesdi kokodok.
Lila pisan barang alana teh, tapi tatjan meunang keujeup-keujeup atjan, da poegoeh soesoekan leutik djeung saat.
Si Misněm gěgěroan, pokna, "Roesdi! Roesdi! Ka dieu! Aing bantoean, ieu laoek gede, bisi leupas." Ajakanana dikeueumkeun bae, ngadagoan si Roesdi datang.
"Keun bae koe aing didjaitna, Misněm," Tjeuk Roesdi. Eta doea boedak soesoerakan, aratoheun.
Barang didjait, geuning gamparan potong djeung roentah.
"Ih ari boedak doesoen," omong Roesdi, "Gamparan-gamparan diseboet laoek."
"Hajoe, ah! Oerang baralik, da euweuh laoekan." Gamparanana těroes dibalangkeun.
Si Misněm njoehoen ajakan, si Roesdi manggoel patjoel, njalampeurkeun ka indoengna.
"Ti marana sia, djaredjeblogan," tjeuk indoengna.
"Si goreng patoet, euweuh deui gawe teh, ngan goejang djeung papanasan. Geura marandi kaditoe geus boerit." (*)